Powered By Blogger

Jumat, 08 April 2011

‘A Q I Q A H


Tema: ‘Ibadah
‘A Q I Q A H
Ibnu Muharram al ‘Âmilu Muzārii

 1. Naon Aqiqah těh?
اَلْعَقِيْقَةُ هِيَ الذَّبِيْحَةُ الَّتِيْ تُذْبَحُ عَنِ الْمَوْلُوْدِ.
“Aqiqah nyaěta peupeuncitan (meuncit domba) dina mangsa orok lahir.” (Fiqhus Sunnah: 3: 200)

 2. Naha Rosululloh Shollallohu ‘alaihi wa sallam kantos aqiqah?
أَنَّ رَسُوْلَ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ عَقَّ عَنِ الحَسَنِ وَالحُسَيْنِ.
     Sayaktosna Rosululloh Shollallohu ‘alaihi wa sallam kantos ‘aqiqah tina (lahirna) al Hasan kalih al Husain. (HR. an-Nasaiy: Kitab al ‘Aqiqah)

 3. Kumaha kaifiyah ngalaksanakeun aqiqah?

a. Upami aya: pameget dua domba, istri hiji domba
سُئِلَ رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ عَنِ العَقِيْقَةِ فَقَالَ: (عَنِ الغُلَامِ شَاتَانِ وَعَنِ الجَارِيَةِ وَاحِدَةٌ لَا يَضُرُّكُمْ ذُكْرَانًا كُنَّ أَمْ إِنَاثًا) . قَالَ التِّرْمِذِيُّ: هذَا حَدِيْثٌ صَحِيْحٌ.
Rosululloh Shollallohu ‘alaihi wa sallam dipariksa ngeunaan ‘aqiqah, anjeunna ngandika: “Tina orok pameget dua domba sarta tina orok istri hiji domba, teu halangan pikeun aranjeun ‘aqiqah ku jalu atanapi ku bikang.” Saur at-Tirmidzi: “Hadits ieu shohih.”

b. ‘Aqiqah tiasa ku domba jalu tiasa ogě ku domba bikang
لَا يَضُرُّكُمْ ذُكْرَانًا كُنَّ أَمْ إِنَاثًا.
“...teu halangan pikeun aranjeun ‘aqiqah ku jalu atanapi ku bikang.” (HR. At-Tirmidzi: Kitab al Adhohiy: Bab Ma ja-a fi al ‘Aqiqah: 1550)

c. Dipeuncitna dina dinten katujuh
كُلُّ غُلَامٍ رَهِيْنٌ بِعَقِيْقَتِهِ تُذْبَحُ عَنْهُ يَوْمَ سَابِعِهِ وَيُحْلَقُ رَأْسَهُ وَيُسَمَّى.
     “Sakaběh budak jadi gaděan kana ‘aqiqahna, anu kedah dipeuncit dina dintenan katujuh, sarta dicukuran mastakana, sarta dinamian.” (HR. an-Nasaiy: Kitab al ‘Aqiqah)

d. Upami tos langkung ti dinten katujuh mah sawios teu kedah
اَلْعَقِيْقَةُ تُذْبَحُ لِسَبْعٍ وَ لِأَرْبَعَ عَشْرَةَ وَ لِإِحْدَى وَ عِشْرِيْنَ.
“Ari ‘aqiqah těh dipeuncitna dina dintenan katujuh, dintenan kaopatwelas atanapi dintenan kaduapuluh hiji.” (HR. al-Baihaqiy)

saur Imam as-Suyuti ieu HADITS těh DHO’IF. (Muh. Sjarief Sukandy: FIQIH ISLAM: 164)

 4. Kumaha hukum ngalaksanakeun aqiqah?
وَ العَقِيْقَةُ سُنَّةٌ مُؤَكِّدَةٌ.
“ari ‘aqiqah těh (hukumna) sunnat muakkad.” (Fiqhus Sunnah: 3: 200)

 5. Nyukuran mastaka orok
a. Kedah dugika beresih kokotorna
وَ أَطِيْعُوْا عَنْهُ الأَذَى
     “Sarta aranjeun kedah nyukuran mastaka orok těh dugika beresih kokotorna.” (HR. Bukhori)

b. kedah sidekah sabeurat ěta buuk ku pěrak (emas)
. . . أَحْلِقِيْ رَأْسَهُ وَ تَصَدَّقِيْ بِوَزْنِ شَعْرِهِ فِضَّةً
     “Cukuran mastaka ěta orok těh, sarta kedah sidekah sabeurat ěta buuk ku pěrak (emas).” (HR. Ahmad).

Wallōhu A’lam bish-showab.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar