Powered By Blogger

Rabu, 30 Maret 2011

Risalah Janazah


 

NGALAYAD NU TEU DAMANG

A. Kautamaan Ngalayad
عَنْ ثَوْبَانَ، مَوْلَى رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ قَالَ: قَالَ رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ "مَنْ عَادَ مَرِيْضًا، لَمْ يَزَلْ فِيْ خُرْفَةِ الجَنَّةِ حَتَّى يَرْجِعَ".
Katampi ti Tsauban, maula Rosululloh Shollallohu ‘alaihi wa sallam, anjeunna sasauran: Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh: “Sing saha nu ngalayad nu teu damang, eta jalma tumetep di taman sawarga nepi ka eta jalma mulih.”  (H.R. Muslim: 2568, Ahmad, At-Tirmidzi)

B. Istri Ngalayad Pameget sareng Sawangsulna
عَادَتْ أُمُّ الدَّرْدَاءِ رَجُلاً مِنْ أَهْل المَسْجِدِ مِنَ الأَنْصَارِ.
Ummu Darda kantos ngalayad hiji pameget ahli masjid ti Anshor (HR. Bukhori, Fathul Bari XI: 257)
1
عَنْ أُمُّ العَلاَءِ قَالَتْ: عَادَنِيْ رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ وَ أَنَا مَرِيْضَةٌ.
Katampi  ti Ummul ‘Ala, anjeunna sasauran: Rosululloh Shollallohu ‘alaihi wa sallam kantos ngalayad sim kuring waktos simkuring keur gering (HR. Abu Dawud)

C. Ngalayad jalma kafir
Katampi ti Anas: satemenna hiji budak urang Yahudi kha-dam Nabi Shollallohu ‘alaihi Wa sallam gering, Nabi Shollallohu ‘alaihi wa sallam sumping ngalayad ka manehna. Nabi ngadawuh: “Anjeun kudu asup Islam,” tuluy manehna asup Islam. (HR. Bukhori: 5657)
Ibnu Bathol sasauran: Taya lian disyare’atkeunana ngalayad jalma kafir teh upama diharepkeun manehna narima ajakan asup Islam. Anapon upama teu diharepkeun mah, henteu (Fathul Bari XI: 260)



2
D. Adab ngalayad
عَنْ عَائِشَةَ بِنْتِ سَعْدٍ، أَنَّ أَبَاهَا قَالَ: اِشْتَكَيْتُ بِمَكَّةَ، فَجَاءَنِيْ رَسُوْلَ اللّهِ صَلَّى اللّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ يَعُوْدُنِيْ، وَوَضَعَ يَدَهُ عَلَى جَبْهَتِيْ، ثُمَّ مَسَحَ صَدْرِيْ وَبَطْنِيْ، ثُمَّ قَالَ: "اَللّهُمَّ اشْفِ سَعْداً، وَأَتْمِمْ لَهُ هِجْرَتَهُ".
Katampi ti Aisyah binti Sa’ad, satemenna rama-na sasauran: Ama kantos gering parna di Mekah lajeng Rosululloh Shollallohu ‘alaihi wa sallam sumping ngalayad ka ama, lajeng anjeunna nyimpen pananganana dina tarang ama, lajeng ngusapkeun pananganana kana dada jeung beuteung ama, teras ngucapkeun: “Ya Alloh damangkeun Sa’ad, sareng sampurnakeun hijrahna.” (HR. Abu Dawud: 3104, Bukhori)

Katampi ti Ibnu Abbas: Satemenna Nabi Shollallohu ‘alaihi wa sallam kabuktosan upami lebet ngalayad nu teu damang sok ngucapkeun ka eta nu teu damang: “Teu nanaon, mudah-mudahan nyucikeun (dosa) Insya Alloh.” (HR. Bukhori: 5656)



3
عَنْ أَنَسٍ قَالَ: أُرْقِيْكَ بِرُقْيَةِ رَسُوْلِ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ. قَالَ: اَللّهُمَّ رَبَّ النَّاسِ مُذْهِبَ الْبَاْسِ إِشْفِ أَنْتَ الشَّافِيْ لَا شَافِيَ إِلَّا أَنْتَ شِفَاءَ لَا يُغَادِرُ سَقَمًا".
Katampi ti Anas, anjeunna sasauran: Sim kuring bade macakeun ruqyahna (du’ana) Rosululloh Shollallohu ‘alaihi wa sallam, nyaeta: “Ya Alloh Pangeran sakabeh manusa, nu ngicalkeun panyawat. Mugi Gusti ngadamangkeun. Salira anu ngadamangkeun, teu aya nu tiasa ngadamangkeun lintang ti Salira, damang anu teu ngantunkeun panyawat.” (HR. Bukhori, Abu Dawud, Tirmidzi)

E. Kěnging ngalayad sateuacan tilu dinten
Katampi ti Anas, anjeunna sasauran: Kabuktosan Nabi Shollallohu ‘alaihi wa sallam tara ngalayad nu teu damang, kajaba saparantos tilu  dinten. (HR. Ibnu Majah)
Katampi ti Abu Hurairoh, anjeunna sasauran: Rosululloh Shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh: aya tilu jalma anu teu kedah dilayad, nyaeta: nu nyeri soca, nu bisul sareng nu nyeri waos. (HR. Al-Baehaqi, At-Thobroni dina Al-Ausath I: 133) 
4
Dina sanad dua hadits kasebat aya rowi nu kakasihna Maslamah bin Ali Al-Khusyaniy. Para ulama ngarantunkeun (haditsna). Imam Bukhori sasauran: Munkarul hadits, An-Nasaiy sasauran: Matruk. (Mizanul I’tidal IV: 109, Ad-Du’afa wal Matrukin no. 570, Al-Kasyif III: 126, Al-Maudu’at III: 208, Fathul Bari XI: 252, Faidul Qodir V: 228 sareng III: 380)
Katampi ti Anas, anjeunna sasauran: Rosululloh Shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh: “Sing saha anu wudu kalawan sae teras ngalayad papada muslim kalayan miharep ganjaran, eta jalma bakal ditebihkeun tina naraka Jahannam satebih perjalanan 70 taun.” (HR. Abu Dawud)
Dina sanadna aya rowi nu kakasihna Al-Fadl bin Dahlam al-Wasithiy. Saur Ibnu Ma’in: do’iful hadits. Abu Dawud kalih nu sanesna sasauran: Teu kiat, saur Ibnu Hibban: Eta rowi sok lepat, teu tiasa dijantenkeun hujjah upama infirod dina haditsna. (‘Aunul Ma’bud VIII: 251, Mizanul I’tidal III: 351, Al-Kasyif II: 368)


5
F. Kěnging ngaleueut di bumi anu teu damang
Katampi ti Abu Umamah: Rosululloh Shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh: “Upama salah saurang ti antara aranjeun ngalayad nu teu damang, eta jalma teu kenging barang tuang di tempat eta nu teu damang, margi barang tuang eta ngarupikeun bagianana tina ngalayad.” (HR. Ad-Daelami I: 373)
Dina sanadna aya rowi nu kakasihna Musa bin Wardan. Eta rowi teu kiat. Ibnu Ma’in ngadlo’ifkeunana, saur Ibnu Hiban: Seueur lepatna dugika sok ngariwayatkeun hadits-hadits munkar ti rowi-rowi nu masyhur. (Faidul Qodir I: 503, Tahdzibut Tahdzib VIII: 432, Mizanul I’tidal IV: 226)

Katampi ti Salman, anjeunna sasauran: Rosululloh Shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh: “Sing saha anu masihan ka nu teu damang tuangeun nu dipikapalayna, Alloh bakal masihan tuangeun ka eta jalma ti antara bungbuahan sawarga.” (HR. At-Tobroni dina Mu’jam Kabir VI: 241)

6
Dina sanadna aya rowi nu kakasihna: Abdurrahman bin Hammad, saur Abu Hatim: Eta rowi Munkarul Hadits. Oge aya Abu Kholid, Amr bin Kholid. Eta rowi teh tukang bohong, matruk. Waki’ sasauran: sok malsu hadits. Imam Yahya, Imam Ahmad kalih Daroqutni sasauran: Eta rowi tehtukang bohong. (Faidul Qodir VI: 87, Mizanul I’tidal III: 257, Tahdzibut Tahdzib VI: 139)












7

NALQINAN NU NUJU SAKARAT

A. Talqin ku kalimah Tauhid
عَنْ مُعَاذِ بْنِ جَبَلٍ قَالَ: قَالَ رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ: "مَنْ كَانَ آخِرُ كَلَامِهِ لَا إِلَهَ إِلَّا اللّهُ دَخَلَ الجَنَّةَ".
Katampi ti Mu’adz bin Jabal, anjeunna sasauran: Rosululloh Shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh: “Sing saha anu ahir ucapanana ‘laa ilaaha illallooh’ bakal lebet surga.”  (HR. Ahmad, Abu Dawud, Al-Hakim)
عَنْ أَبِيْ سَعِيْدٍ اَلْخُدْرِيِّ يَقُوْلُ: قَالَ رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمََقِّنُوْا مَوْتَاكُمْ: لَا إِلهَ إِلَّا اللهُ".
Katampi ti Abu Sa’id Al-Khudriy, anjeunna sasauran: Rosululloh Shollallohu ‘alaihi wa sallamngadawuh: “Talqinan ku aranjeun mautaa ti aranjeun kalimat ‘laa ilaaha illallooh.” (HR. Ahmad, Muslim, Abu Dawud, Tirmidzi, An-Nasaiy, Ibnu Majah, Al-Baehaqi dina Sunan As-Shogir: 1034)
8
Maksadna, emutan ku aranjeun jalma nu nuju sakarat kalimat “laa ilaaha illallooh,” supados eta kalimat teh janten ahir ucapan eta jalma. (Syarah Muslim An-Nawawi  VI: 219)
Satemenna nu dimaksad mautaa dina hadits kasebat nyaeta jalmi nu nuju sakarat, sanes mayit saleresna. (Tuhfatul Ahwadzi IV: 53)
Nu dimaksad nu nuju sakarat ti antara aranjeun teh nyaeta nu nuju sakarat ti kaom muslimin. Anapon nu sakarat ti kaom nu sanes, disodorkeun ka maranehna agama Islam sapertos Rosululloh Shollallohu ‘alaihi wa sallam nyodorkeun agama Islam ka paman anjeunna. (Subulus Salam II: 90)
Katampi ti Sa’id bin Al-Musayyab, ti ramana, anjeunna sasauran: Nalika Abu Tholib bade pupus, Rosululloh Shollallohu ‘alaihi wa sallam nyumpingan anjeunna, Rosul mendakkan Abu Jahal sareng Abdullah bin Abi Umayyah bin Al-Mughiroh di tempat Abu Tholib, lajeng Rosul ngadawuh: “Nun mamang! Ucapkeun ku salira laa ilaaha illallooh, kalimat anu tiasa dijantenkeun hujjah ku abdi kangge salira payuneun Alloh.”

9
Lajeng Abu Jahal sareng Abdullah bin Abi Umayyah nyararita: ‘Naha anjeun teu suka kana agama Abdul Mutholib?.’ Teras-terasan Rosululloh Shollallohu ‘alaihi wa sallam nyodorkeun eta kalimat ka Abu Tholib. Maranehna duaan oge malikan deui ucapan maranehna ka Abu Tholib dugi ka Abu Tholib sasauran dina ahir ucapanana ka maranehna: (yen anjeunna) tetep ngagem agama Abdul Mutholib, nolak ngucapkeun laa ilaaha illallooh.’ (HR. Bukhori, Muslim, An-Nasaiy)

B. Rasululloh shallallohu ‘alaihi wa sallam teu acan kantos macakeun Surat Yaa Siin ka anu nuju sakarat atanapi ka anu parantos ngantunkeun mangka urang teu kedah ngalaksanakeunana
عَنْ مَعْقِلِ بْنِ يَسَارٍ أَنَّ النَّبِيَّ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ قَالَ: إِقْرَءُوْا عَلَى مَوْتَاكُمْ يس.
Katampi ti Ma’qil bin Yasar, satemenna Nabi shallallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh: “Bacakeun ku aranjeun ka mautaa (jalma anu nuju sakarat) ti antara aranjeun surat yaasiin.” HR. Abu Dawud, Ibnu Hibban, Ahmad, Ibnu Majah, Al-Hakim, Al-Baehaqi dina Sunan Shogir: 1035﴿



10
Imam Ibnu Hibban sasauran: Maksadna, nyaeta jalma nu nuju sakarat, sanes ka mayit dibacakeun.
Imam Ibnul Qothon mandang mu’allal (diantawis sabab dlaif-na hadits) kana eta hadits, jalaran idtirob, mauquf sareng majhul-na Abu Utsman sareng rama-na anu kasebat dina sanad eta hadits. Imam ad-Daraqutni sasauran: Ieu hadits teh mudtorib sanadna bari majhul matan-na sareng teu aya nu soheh leresan eta bab sahadis oge. Nailul Author IV: 48, Subulus Salam II: 90, Faidul Qodir II: 85﴿






























11
 

SABAR
KANA TAKDIR ALLOH

مَا أَصَابَ مِنْ مُّصِيْبَةٍ إِلَّا بِإِذْنِ اللهِ وَمَنْ يُّؤْمِنْ بِاللهِ يَهْدِ قَلْبَهُ وَاللهُ بِكُلِّ شَيْءٍ عَلِيْمٌ. ﴿التغابن: 11
Musibah teh moal tumiba salian ti kalawan widi Alloh; jeung sing saha anu iman ka Alloh, tanwande anjeunna maparin pituduh kana hatena, karana Alloh teh Maha Uninga kana sagala perkara. at-Taghobun [64]: 11﴿  

‘Alqomah sasauran: Nyaeta jalmi anu katibanan musibah, eta jalmi sadar yen eta musibah teh ti Alloh. Eta jalmi rido sareng sumerah diri. Riwayat Ibnu Jarir sareng Ibnu Abi Hatim, Tafsir Ibnu Katsir IV: 375﴿ 
عَنْ أَنَسٍ عَنِ النَّبِيِّ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ قَالَ: إِنَّمَا الصَّبْرُ عِنْدَ الصَّدْمَةِ الأُوْلَى. ﴿البخاري، الترمذي، إبن ماجه﴾
Ti Anas, ti Nabi shallallohu ‘alaihi wa sallam anjeunna ngadawuh: “Tayalian sabar mah nalika mimiti kajadian.” Hadits riwayat Bukhari, Tirmidzi, Ibnu Majah﴿




12
عَنْ عَبْدِ اللهِ قَالَ: قَالَ النَّبِيُّ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ: لَيْسَ مِنَّا مَنْ لَطَمَ الخُدُوْدَ وَ شَقَّ الجُيُوْبَ وَ دَعَا بِدَعْوَةِ الجَاهِلِيَّةِ.

عَنْ أَبِيْ مُوْسَى قَالَ: أَنَا بَرِيْئٌ مِمَّنْ بَرِيْئٌ مِنْهُ رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ، أَنَّ رَسُوْلَ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ بَرِئَ مِنَ الصَّالِقَةِ وَ الحَالِقَةِ وَ الشَّاقَّةِ.
Katampi ti Abdullah anjeunna sasauran: Nabi shallallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh: “Lain golongan kami jalma nu nyabokan pipi, nu nyoehan baju sareng nu sasambat kawas sasambatna urang Jahiliyah.” Hadits riwayat Ahmad, Bukhari, Muslim, Tirmidzi, Nasai, Ibnu Majah﴿

Katampi ti abu Musa, anjeunna ngadawuh: Sim kuring lulubaran ti jalma anu Rosululloh shallallohu ‘alaihi wa sallam lulubaran ti manehna. Saestuna Rosululloh shallallohu ‘alaihi wa sallam lulubaran ti sholiqoh (nu nangis kalawan tarik), haliqoh (nu neukteuk rambut nalika katibanan musibah), syaaqoh (nu nyoeh-nyoeh raksukan). Hadits riwayat Bukhari ﴿

Dua hadits kasebat nuduhkeun haramna eta padamelan, margi eta padamelan teh nuduhkeun teu rido kana qodlo (katetepan Alloh). Nailul Author IV: 144 ﴿ 


13
 

NUTUPKEUN SOCA
KALIH NGARURUB MAYIT

عَنْ شَدَّادِ بْنِ أَوْسٍ؛ قَالَ: قَالَ رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ ((إِذَا حَضَرْتُم مَوْتَاكُمْ، فَأَغْمِضُوْا البَصَرَ. فَإِنَّ البَصَرَ يَتْبَعُ الرُّوْحَ.
katampi ti Syaddad bin Aos, anjeunna sasauran: Rosululloh Shollallohu ‘alahi wa sallam, ngadawuh: “Upama aranjeun ngahadiran anu maot prak tutupkeun paningal ěta nu maot, sabab ěta paningal nuturkeun kana roh.” (HR. Ahmad, Ibnu Majah: 1455, al-Hakim)
            عَنْ عَائِشَةَ: أَنَّ أَبَا بَكْرٍ دَخَلَ فَبَصَرَ بِرَسُوْلِ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ وَ هُوَ مُجَسًّى بِبُرْدِهِ فَكَشَفَ عَنْ وَجْهِهِ وَ أَكَبَّ عَلَيْهِ وَ قَبَّلَهُ وَ بَكَى.
Katampi ti Aisyah: Sayaktosna Abu Bakar ngalayad Rosululloh Shollallohu ‘alaihi wa sallam nuju dirurub ku kampuhna. Abu Bakar mukakeun tutup rarayna, anjeunna nyaluuh ngambung Rosul bari nangis. (HR. Ahmad, Bukhori, Nasaiy)


14  
 

NGAGOLÉRKEUN JANAZAH

عَنْ عُرْوَةَ: أَنَّ عَائِشَةَ أَخْبَرَتْهُ أَنَّ رَسُوْلَ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ كَانَ يُصَلِّيْ وَ هِيَ بَيْنَهُ وَ بَيْنَ القِبْلَةِ عَلَى فِرَاشِ أَهْلِهِ إِعْتِرَاضَ الجَنَازَةِ.
Katampi ti Urwah : Sayaktosna Aisah Nguningakeun ka anjeuna rehna Rosululloh  SAW shalat (wengi), sedengken anjeunna nyangkěrě antara Rasululloh SAW sareng kiblat dina kasur ahlina sapertos nyangkěrěna janazah. H.R Ahmad, Bukhori, Muslim﴿
Anu dimaksad, Aisyah kulem payuneun Rosululloh SAW (manjangan) ti palih tengeneun Rosul ka palih kiwaeun Rosul sapertos digolerkeunana janazah payuneun nu nyalatanana. (Fathul Bari II : 48)
عَنْ أَبِيْ قَتَادَةَ : أَنَّ البَرَاءَ بْنَ مَعْرُوْرٍ أَوْصَى أَنَّ يُوَجَّهَ لِلْقِبْلَةِ لَمَّا احْتَضَرَ، فَقَالَ رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ : أَصَابَ الفِطْرَةَ.
Katampi ti Abu Qotadah, sayaktosna Al-Baro bin Ma’rur wasiat supados dipayunkeun ka kiblat upami anjeuna parantos pupus. Rosululloh shallallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh : “Kitu teh hoyong sareng fitroh. (H.R Al-Hakim : 1336, Al-Baehaqi : 1037)

15

Dina dua kitab soheh (Bukhori sareng Muslim) kalawan lafadz : “Upama anjeun bade kulem prak wudu saperti wudu anjeun kangge shalat teras parak nyangkere ku gedeng anjeun nu palih tengen sarta ucapkeun : Alloohumma innii aslamtu nafsii ilaika sareng saterasna. Dina ahir eta hadis : “upama anjeun maot dina wengi anjeun eta mangka anjeun aya dina fitroh.” (Nailul Autor IV : 47)

Du’a Bade Kulem
أَللَّهُمَّ أَسْلَمْتُ نَفْسِي إِلَيْكَ وَ فَوَّضْتُ أَمْرِيْ إِلَيْكَ وَ أَلْجَأْتُ ظَهْرِيْ إِلَيْكَ رَغْبَةً وَ رَهْبَةً إِلَيْكَ، لاَ مَلْجَاءَ وَ لاَ مَنْجَا مِنْكَ إِلاَّ إِلَيْكَ، أَمَنْتُ بِكِتَابِكَ الَّذِيْ أَنْزَلْتَ وَ نَبِيِّكَ الَّذِيْ أَرْسَلْتَ.
Alloohumma aslamtu nafsii ilaika, wa fawwadltu amrii ilaika wa alja-tu dhohrii ilaika rogbatan wa rohbatan ilaika, laa maljaa-a wa laa manjaa minka illaa ilaika, aamantu bi kitaabikal-ladzii arsalta.
Ya Allah, sim abdi masrahkeun diri abdi ka Anjeun, sarta sim abdi masrahkeun urusan abdi ka Anjeun, sarta sim abdi masrahkeun kakuatan diri abdi ka Anjeun alatan harepan miwa rasa kasieun mung wungkul ka Anjeun, teu aya tempat panyalindungan sarta tempat panglumpatan iwalti ka Anjeun. Sim abdi iman kana kitab Anjeun anu parantos ku Anjeun diturunkeun sarta sim abdi iman ka Nabi Anjeun anu parantos ku anjeun diutus.
16
Katampi ti Salma ibuna Abu Rofi’, sayaktosna Fatimah putrina Rasulullah shallallohu ‘alaihi wa sallam nalika tos pupusna dipayunkeun ka kiblat lajeng di ganjel ku bantal gedeng palih tengenna. (H.R Ahmad, Nailul Author IV: 47)
 
Katampi ti Ubed bin Umer, ti ramana, rehna hiji pameget naroskeun : Nun Rasululloh, naon wae dosa-dosa nu ageung teh? Rasululloh shallallohu ‘alaihi wa sallam ngawaler : Dosa ageung aya tujuh. Lajeng anjeunna nyebatkeun ti antawisna : Nganggap halal milampah palanggaran di Masjidil Harom kiblat aranjeun nalika anjeun hirup ogě saparantos aranjeun maot. (H.R Abu Dawud, Nasaiy, Al-Hakim)

Dumasar katerangan-katerangan diluhur, mayit digolěrkeun ka gedeng palih tengenna kalawan rarayna ngiblat ku cara diganjel ku bantal, nunjang ngidul nyirah ngalěr. (Ust. Hamdan: Mulasara Janazah: 24)












17
 

NGEBAKAN MAYIT

A. Anu hak ngebakan
عَنْ عَائِشَةَ قَالَتْ : قَالَ رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ: مَنْ غَسَّلَ مَيِّتًا فَأَدَّى فِيْهِ الأَمَانَةَ وَ لَمْ يُفْشِ عَلَيْهِ مَا يَكُوْنُ مِنْهُ عِنْدَ ذَالِكَ خَرَجَ مِنْ ذُنُوْبِهِ كَيَوْمِ وَلَدَتْهُ أُمُّهُ. قَالَ : لَيْلِهِ أَقْرَبُكُمْ مِنْهُ إِنْ كَانَ يَعْلَمُ، فَإِنْ كَانَ لَا يَعْلَمُ فَمَنْ تَرَوْنَ أَنَّ عِنْدَهُ حَظًّا مِنْ وَرَعٍ وَ أَمَانَةٍ.
Katampi ti ‘Aisyah anjeunna sasauran: Rasululloh shallallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh : “Sing saha anu ngebakan mayit ngalaksanakeun amanat, teu nyaritakeun ‘aebna nalika ngebakanana, eta jalma kaluar tina dosana saperti poean manehna dijurukeun ku indungna. Saur anjeunna : Kacida saena (anu ngebakan teh) karabatna upama bisaeun, upama manehna teu bisaeun nya saha bae anu sakira bisa kalawan taliti tur bisa ngajaga amanat”. (H.R Ahmad)
Dina sanadna aya rowi anu kakasihna Jabir bin Yazid Al- Ju’fiy anjeunna salah sawios ulama Syi’ah. Ibnu Ma’in, Ayyub, Laets bin Abi Sulem, Zaidah kalih Al-Juzajani sasauran : Eta rowi tukang bohong, iman kana roj’ah, An-Nasaiy sasauran : Matrukul hadits. (Mizanul I’tidal I: 397, Tahdzibut Tahdzib II: 14)

18
     Janten anu hak ngebakan mah saha waě anu siap ělmu sareng sagala rupina. Namung ogě kedah pisan merhatoskeun aturan dina perkawis mahrom/muhrim ěta mayit.

B. Rintih dina ngebakan
عَنْ عَائِشَةَ أَنَّ رَسُوْلَ اللهِ صَلَّى اللهِ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ قَالَ : كَسْرُ عَظْمِ الْمَيِّتِ كَكَسْرِهِ حَيًّا.
Katampi ti Aisyah, satamenna Rasululloh shallallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh : Motongkeun tulang mayit  (dosana) sapertos motongkeun tulang nu hirup. (H.R Ahmad, Abu Dawud, Ibnu Majah)

Dina hadits kasebat dalil kana wajib rintih ka mayit dina ngebakan, ngapanan, mangku sareng dina nu sanesna. (Nailul Author IV: 53)

C. Ngajaga aéb sareng aurat
عَنِ ابْنِ عُمَرَ : أَنَّ النَّبِيَّ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ قَالَ : مَنْ سَتَرَ مُسْلِمًا سَتَرَهُ اللهُ فِي الدُّنْيَا وَ الآخِرَةِ. ﴿مسلم﴾     
Katampi ti Ibnu Umar, satemenna Nabi shallallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh : “Sing saha anu nutup ‘aeb jalma muslim, tanwande Alloh bakal nutup ‘aeb eta jalma di dunya sareng di aherat.” (H.R Muslim)




19
Dina hadis kasebat anjuran kangge nutup aurat jalma muslim. Dohirna teu bénten antara ‘aeb nu hirup sareng ‘aeb mayit, kalebet kana kaumumanana nutup ‘aeb nu katinggal ku anu ngebakan oge nu sanesna ti eta mayit sareng teu dipisuka nyebarkeun sareng nyarioskeunana. (Nailul Author: 53)
Katampi ti ‘Ali , anjeunna sasauran: Rosululloh shallallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh ka sim kuring : “Anjeun teu kenging nembongkeun paha anjeun sarta anjeun teu kenging ninggal kana paha nu hirup sareng kana paha mayit.” (H.R Ahmad, Abu Dawud, Ibnu Majah)

D. Carogé ngebakan mayit garwa sareng sawangsulna
عَنْ عَائِشَةَ قَالَتْ : قَالَ رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ: لَوْ مُتِّ قَبْلِيْ فَغَسَّلْتُكِ وَ كَفَّنْتُكِ ثُمَّ صَلَّيْتُ عَلَيْكَ وَ دَفَنْتُكِ.
Katampi ti Aisyah, anjeunna sasauran: Rosululloh shallallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh : “Upama hidep pupus tipayun, kami nu bakal ngamandian, ngapanan nyalatan sarta nguburkeunana.” (H.R Ahmad, Nailul Author IV: 54, Ibnu Majah, Ad-Daroqutni)
Katampi ti Asma binti Umes, satemenna Fatimah putrina Rosululloh shallallohu ‘alaihi wa sallam wasiat supados upami pupus, anjeunna diibakan ku Asma kalih ku Ali, nya Asma kalih Ali nu ngebakan anjeunna (nalika pupus). (H.R As-Syafi’i: 571)

20
Satemenna Abu Bakar As-Siddiq wasiat ka Asma nyaeta garwana supados ngebakan anjeunna (upami pupus). (H.R Al-Baehaqi dina Sunan Shogir: 1055)

E. Kaifiyah ngebakan
عَنْ أُمِّ عَطِيَّةَ قَالَتْ : دَخَلَ عَلَيْنَا رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ وَ نَحْنُ نَغْتَسِلُ اِبْنَتَهُ فَقَالَ إِغْسِلْنَهَا ثَلَاثًا أَوْ خَمْسًا أَوْ أَكْثَرَ مِنْ ذَالِكَ إِنْ رَأَيْتُنَّ ذَالِكَ بِمَاءٍ وَسِدْرٍ وَاجْعَلْنَ فِي الآخِرَةِ كَافُوْرًا أَوْ شَيْئًا مِنْ كَافُوْرٍ. فَإِذَا فَرَغْتُنَّ فَآذِنَّنِيْ. فَلَمَّا فَرَغْنَا آذَنَّاهُ. فَأَلْقَى إِلَيْنَا حِقْوَهُ فَقَالَ أَشْعِرْنَهَا إِيَّاهُ.
Katampi ti Ummu ‘Athiyyah, anjeunna nyarios : Rosululloh shallallohu ‘alaihi wa sallam lebet katempat abdi sadaya, nalika  abdi sadaya nuju ngamandian (janazah) putrana (Zainab). Lajeng anjeunna ngadawuh : “Mandian (sing nepi ka beresih) tilu atawa lima kali, atawa leuwih ti eta saupama aranjeun mandang perlu kana hal eta, ku cai anu meunang nyampuran daun sidr, sarta pamungkasna make kamper. Upama tos rengse, kami bejaan.” Nya saba’dana rengse, abdi sadaya ngawartosan anjeunna. Anjeunna masihkeun sinjangna ka abdi sadaya, sarta ngadawuh : “Prak bulen eta janazah teh ku samping.” (H.R Malik, Ahmad, Bukhori, Muslim, Abu Dawud, Tirmidzi, Nasaiy, Ibnu Majah)

21
Imam Malik nyarios: Nurutkeun kuring sarerea, ngebakan mayit teu aya wates katangtuanana, nyakitu deui carana nu tangtu. Anu jadi tujuan mah beresihna. (Sunan Tirmidzi, Tuhfatul Ahwadzi IV: 67, Al-Muwattho kaca 143, Tanwirul Hawalik I: 223)

عَنْ أُمِّ عَطِيَّةَ، أَنَّ رَسُوْلَ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ حَيْثُ أَمَرَهَا أَنْ تَغْتَسِلَ إِبْنَتَهُ قَالَ لَهَا : (اِبْدَأْنَ بِمَيَامِنِهَا وَمَوَاضِعِ الوُضُوْءِ مِنْهَا).
Katampi ti Ummu ‘Athiyyah, dina waktos Rosululloh shallallohu ‘alaihi wa sallam miwarang Ummu ‘Athiyyah ngebakan janazah putra-na (Zaenab), anjeunna ngadawuh : “Mimitian ti palih te-ngenna sarta anggota wudluna.” (H.R Bukhori, Muslim, Abu Dawud, Tirmidzi, Nasaiy, Ibnu Majah)

Katampi ti Aisyah, anjeunna sasauran: .......... Para sahabat ngebakan (janazah) Rosululloh shallallohu ‘alaihi wa sallam dina kaayaan nganggo gamisna. Aranjeunna ngucurkeun cai kana salaureun gamisna sarta ngosokanana ku gamisna, teu langsung ku panangan aranjeunna (anu keuna kana salira Rosul). (H.R Abu Dawud, Aunul Ma’bud VIII: 288)




22
Ummu Sulem sasauran: Rosululloh shallallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh: “Saupama hiji istri maot, tuluy aranjeun rek ngamandianana, prak mimitian tina patuanganana, prak usap kalawan rintih, upama teu keur kakandungan. Saupama keur kakandungan omat ulah dioyag-oyag.” (H.R Al-Khollal, Al-Mugni II : 265)

عَنْ أُمِّ عَطِيَّةَ قَالَتْ : وَ مَشَطْنَاهَا ثَلَاثَةَ قُرُوْنٍ.
Katampi ti Ummu ‘Athiyyah, anjeunna sasauran : Abdi sadaya ngajadikeun tilu bagian (kana rambut putra Rosul) ku sisir. (H.R. Ahmad, Muslim, Abu Dawud, An-Nasaiy, Ibnu Majah)

Sarta dina riwayat nu sanes : Abdi sadaya nguntun kana rambutna tilu untunan sarta merenahkeunana di bagian pengkerna. (H.R Al-Bukhori, Abu Dawud, An-Nasaiy)

            Dumasar kana katerangan diluhur sareng sababaraha katerangan anu sanesna mangka kaifiyah ngebakan mayit těh nyaěta:
 1.   Diomběhan heula sing beresih.
 2.   Lajeng wasuh anggota-anggota wudhu dikawitan ti palih tengen
 3.   Lajeng anggota-anggota wudhu palih kiwa. Urutanana henteu ditangtoskeun, bade panangan heula mangga, bade sampean heula mangga, bade mastaka heula mangga. Namung omat mayit saněs diwudhuan.

23
 4.   Lajeng wasuh ti kawit anggota wudhu kalih salira palih tengen.
 5.   Lajeng wasuh anggota wudhu kalih salira palih kiwa.
 6.   Ngebakan janazah těh tilu kali, atanapi lima kali, atanapi tujuh kali, atanapi tiasa dilangkungan deui upami diraos peryogi.
 7.   Sarta dina unggal ngebakan kahiji, nganggo dadaunan widara atanapi anu sanesna kayaning sabun kalih shampoo kanggo mersihan. Kitu oge nalika ngebakan anu kadua kalina sareng nalika ngebakan anu katilu kalina sareng saterasna sami nganggo  sabun sareng shampoo.
 8.   Saatos mayit leres-leres beresih anu dicirian ku seuseutna salira mayit, lajeng balur mayit ku kamper/kapur barus kenging ngagerus.
 9.   Lajeng mayit dipayunkeun heula dianggokeun cawet (cangcut), maksadna supados oratna henteu katawis nalika mayit dikapanan.   










24
F. Teu kedah siram saparantos ngebakan mayit

عَنْ أَبِيْ هُرَيْرَةَ أَنَّ رَسُوْلَ اللّهِ صَلَّى اللّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ قَالَ: "مَنْ غَسَّلَ الْمَيِّتَ فَلْيَغْتَسِلْ، وَمَنْ حَمَلَهُ فَلْيَتَوَضَّأْ".
Katampi ti Abu Hurairoh, Rosululloh shallallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh : “Sing saha anu ngebakan mayit, kedah siram. Sarta anu nyandakna kedah wudlu.” (H.R Abu Dawud, At-Tirmidzi, Ibnu Majah)

Dina riwayat Abu Dawud aya ‘Amr bin Umer, anjeunna rowi nu teu dikenal, dina riwayat At-Tirmidzi sareng nu sanesna ma’lul, jalaran Abu Solih teu ngadangu eta hadits ti Abu Hurairoh, sarta dina riwayat Ahmad sareng Al-Baihaqi aya Solih maula Tawamah, rowi nu do’if. (tingal Fathul Bari III : 465 sareng Aunul Ma’bud VIII : 306)

Para ulama ikhtilaf dina leresan nyarandekeun ieu hadits ka Nabi shallallohu ‘alaihi wa sallam. Imam Ahmad kalih ‘Aliy bin al-Madiniy nyarios : Leresan bab ieu, teu aya hiji oge hadits anu sah (ti Nabi shallallohu ‘alaihi wa sallam). Imam Ar-Rofi’iy nyarios : Leresan bab ieu, para ulama hadits teu aya anu mandang sah hiji hadits oge anu marfu’ (ti Nabi shallallohu ‘alaihi wa sallam). (Aunul Ma’bud VIII : 307)



25
عَنِ بْنِ عَبَّاسٍ قَالَ : قَالَ رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ : لَيْسَ عَلَيْكُمْ فِيْ غُسْلِ مَيِّتِكُمْ غُسْلٌ إِذَا غَسَلْتُمُوْهُ فَإِنَّ مَيِّتَكُمْ لَيْسَ بِنَجَسٍ فَحَسْبُكُمْ أَنْ تَغْسِلُوْا أَيْدِيَكُمْ.
Katampi ti Ibnu Abbas, anjeunna sasauran : Rosululloh shallallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh : “Aranjeun teu diwajibkeun mandi lantaran ngebakan mayit saparantos ngebakan eta mayit, sabab mayit aranjeun eta teu najis. Cukup pikeun aranjeun ngawasuh panangan aranjeun.” (H.R Hakim, Daroquthniy)
































26

G. Mayit teu tiasa ditayamuman

عَنْ مَكْحُوْلٍ قَالَ : قَالَ رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ : إِذَا مَاتَتِ الْمَرْأَةُ مَعَ الرِّجَالِ لَيْسَ مَعَهُمُ امْرَأَةٌ غَيْرُهَا، وَ الرَّجُلُ مَعَ النِّسَاءِ لَيْسَ مَعَهُنَّ رَجُلٌ غَيْرُهُ، فَإِنَّهُمَا يُيَمَّمَانِ، وَ هُمَا بِمَنْزِلَةِ مَنْ لَا يَجِدُ الْمَاءَ.
Katampi ti Makhul, anjeunna sasauran: Rosululloh shallallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh : “Saupama hiji istri maot sareng sababaraha pameget kalayan teu aya mayit istri nu sanesna, atanapi hiji pameget maot sareng sababaraha istri kalayan teu aya pameget nu sanesna, eta mayit istri sareng pameget teh ditayamuman lajeng dikurebkeun. Dua mayit eta sami sareng jalmi nu teu mendak cai.” (H.R Abu Dawud dina Al-Marasil)


Hadits kasebat teu tiasa diamalkeun jalaran mursal, margi anu nguningekeun kasauran Rosululloh shallallohu ‘alaihi wa sallam eta rowi anu kakasihna Makhul. Sedengkeun Makhul hiji Tabi’in, sakumaha diuningakeun ku Imam Ibnu Sa’ad kalih ku Al-‘Ijliy. (tingal Tahdzibut Tahdzib VIII: 332-333).


27
 

NGAPANAN MAYIT

A. Ngapanan kedah ku lawon bodas
عَنِ ابْنِ عَبَّاسٍ قَالَ: قَالَ رَسُوْلُ اللّهِ صَلَّى اللّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ: "اِلْبَسُوْا مِنْ ثِيَابِكُمُ البَيَاضَ فَإِنَّهَا مِنْ خَيْرِ ثِيَابِكُمْ، وَكَفِّنُوْا فِيْهَا مَوْتَاكُمْ".
Katampi ti Ibnu ‘Abbas Sayaktosna Nabi SAW parantos ngadawuh: “Prak angge ku aranjeun anggoan anu bodas, margi eta anu  langkung sae kanggo aranjeun. Sarta prak  kapanan mayit aranjeun  ku (kapan) anu bodas.” (H.R. Ahmad, Abu Dawud, Tirmidzi, Ibnu Majah, Hakim, Syafi’ie)

B. Lawon mayit pameget tilu lambar
عَنْ عَائِشَةَ قَالَتْ : كُفِّنَ رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ فِيْ ثَلَاثَةِ أَثْوَابٍ بِيْضٍ سَحُوْلِيَّةٍ مِنْ كُرْسُفٍ لَيْسَ فِيْهَا قَمِيْصٌ وَلَا عِمَامَةٌ.
Katampi ti ‘Aisyah, anjeunna nyarios : Rosululloh SAW dikapanan ku tilu (lambar) lawan bodas tina katun. Teu nganggo gamis, nyakitu deui sorban. (H.R. Malik, Ahmad, Al-Bukhori, Muslim, Abu Dawud, Tirmidzi, An-Nasiy, Al-Baehaqi)

28
C. Lawon mayit istri tilu lambar
Sakumaha mungkus mayit pameget atanapi dua lambar ditambih kudung, sarung sareng baju kurung

عَنْ لَيْلَى ابْنَةِ قَانِفٍ الثَّقَفِيَّةِ قَالَتْ: كُنْتُ فِيْمَنْ غَسَّلَ أُمُّ كُلْثُوْمٍ بِنْتَ رَسُوْلِ اللّهِ صَلَّى اللّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ عِنْدَ وَفَاتِهَا، وَ كَانَ أَوَّلُ مَا أَعْطَانَا رَسُوْلُ اللّهِ صَلَّى اللّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ الحِقَاءَ، ثُمَّ الدَّرْعَ، ثُمَّ الخِمَارَ، ثُمَّ الْمِلْحَفَةَ، ثُمَّ أَدْرِجَتْ بَعْدُ فِي الثَّوْبِ الآخِرِ، قَالَتْ: وَرَسُوْلُ اللّهِ صَلَّى اللّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ جَالِسٌ عِنْدَ البَابِ مَعَهُ كَفَنُهَا يُنَاوِلُنَاهَا ثَوْباً ثَوْباً.
Katampi ti Laela binti Qonif Ats-Tsaqofiyyah, anjeunna nyarios : Simkuring ti antara anu ngamandian (janazah) Ummu Kultsum binti Rosululloh SAW. Anu pangapayunna dipasihkeun ku Rosululloh SAW ka abdi sadaya sinjang, lajeng raksukan bagian luhur. Saparantos kitu lajeng dibungkus ku lawon sanesna. Laela nyarios : Wangkid harita Rosululloh SAW ngadeg dina panto bari nyepeng kapan, anjeunna masihkeun eta kapan ka abdi sadaya hiji-hiji. (H.R. Ahmad, Abu Dawud, Al-Baehaqi)





29
 

NYEUNGITAN (SALIRA SARENG KAPAN) MAYIT

عَنْ جَابِرٍ قَالَ : قَالَ رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ إِذَا أَجْمَرْتُمُ الْمَيِّتَ فَأَجْمِرُوْهُ ثَلَاثًا.
وَ فِيْ رِوَايَةٍ لِلْبَيْهَقِيِّ : جَمِّرُوْا كَفَنَ الْمَيِّتِ ثَلَاثًا.
Katampi ti Jabir, anjeunna nyarios: Rosululloh SAW ngadawuh: “Upami aranjeun nyeungitan mayit, prak seungitan tilu kali.(H.R. Ahmad)

Sarta dina riwayat Al-Baihaqiy: Prak seungitan kapan mayit tilu kali. (Bulughul ‘Amaniy VIII: 188)

Katerangan :
Sawaktos-waktos mah mayit teh heuras, upami kaayaan eta mayit teh kitu, sateuacan eta mayit diibakan saena mah dilesu heula (dilesukeun heula). Ngawitan dilesu leresan pananganana, nyaeta : pigeulangna, rema-remana, sikuna terus ingkabna. Lajeng leresan sampeanana, nyaeta: engkelna, dekuna sareng palangkakanana.



30
 

CARA NGEBAKAN, NGAPANAN, NGADAMEL KAPAN KALIH MUNGKUS

A. Cara ngibakan

Sateuacan dikawitan, sayogikeun heula:
1. Bangku, měja atanapi gebog cau, utamina měja khusus pikeun ngagolěrkeun mayit
2. Ember atanapi selang, cai, panyiuk atanapi gayung, shampoo
3. Kapas kanggo mersihan pangambung kalih cepil mayit, korěk kuping umpamana
4. Anduk, paling sakedik tilu atanapi opat (ku sinjang kebat oge teu sawios)
5. Kangge cangcutna hiji
6. Sarung tangan tilu; kangge ngoměhan
7. Sabun (lifeboy upamina); teu langsung sabunna, ku panangan sina ngahiji sareng cai dina wadah
8. Kamper (direnos sing dugi ka lemes).

Saparantos sadayana sayogi, supados babari dina ngibakanana, eta mayit diantawisna ku cara dicalikkeun (waktu dicalikkeun, tonggong eta mayit ditahan ku tuur ti pengkeureunana bari eta mayit dicepengan),
 31
 1.   Diomběhan heula sing beresih.
 2.   Samentawis mah liang pangamung kalih liang cepilna ditutupan ku kapas.
 3.   Kucuran kalawan ngucurna eta cai diatur ku sabeulah panangan supados rata (ulah saraosna). Teras eta cai diratakeun. Waktos dicalikkeun sareng saterasna, rarangan eta mayit ditutupan ku anduk.
 4.   Lajeng wasuh anggota-anggota wudhu dikawitan ti palih tengen heula (panangan, sampean kalih mastaka) kalawan urutanana teu ditangtoskeun. Namung omat, mayit saněs diwudhuan.
 5.   Lajeng anggota-anggota wudhu palih kiwa.
 6.   Lajeng wasuh ti kawit anggota wudhu kalih salira palih tengen.
 7.   Lajeng wasuh anggota wudhu kalih salira palih kiwa.
 8.   Ngebakan janazah těh tilu kali, atanapi lima kali, atanapi tujuh kali, atanapi tiasa dilangkungan deui upami diraos peryogi.
 9.   Sarta dina unggal ngebakan kahiji, nganggo dadaunan widara atanapi anu sanesna kayaning sabun kalih shampoo kanggo mersihan. Kitu oge nalika ngebakan anu kadua kalina sareng nalika ngebakan anu katilu kalina sareng saterasna sami nganggo  sabun sareng shampoo.
10.   Saatos mayit leres-leres beresih anu dicirian ku seuseutna salira mayit, lajeng balur mayit ku kamper/kapur barus kenging ngagerus.
32
11.   Lajeng mayit dipayunkeun heula dianggokeun cawet (cangcut), maksadna supados oratna henteu katawis nalika mayit dikapanan.
12.   Lajeng ěta mayit dialihkeun.


B. Cara ngapanan

1.    Upami sanes aturan agama mah, kapan teh teu aya mangfaatna pikeun mayit.
2.    Upami kapan heureut, leresan mastakana nu kedah ditutupan.
3.    Kangge kapan kelirna tos ditangtoskeun, nyaeta nu bodas.
4.    Upami nyekapan 3 lambar (kaěn dadasar), upami werit mah salambar oge teu sawios.


C. Ngadamel kapan

C.1. Kapan mayit pameget

1.    Ukur panjang awak mayit langkungan sajengkal ti mastaka, sajengkal ti sampean (rema-rema sampeanana lempengkeun sareng awakna, sanes dikagigirkeun).
2.    Teuk-teuk kalawan rata janten 3 lambar, teras ngadamel Kanggo tali-tali (opat talieun), cangcut kalih sarung tangan kanggo ngomběhan misah deui ngadamel.



33


 












Kanggo tali-tali (opat talieun), cangcut kalih sarung tangan kanggo ngomběhan misah deui ngadamel.

3.    Atanapi teuk-teuk kalawan rata janten 3 lambar, teras ngadamel kanggě tali-tali (opat talieun), sarung tangan kanggě ngomběhan, henteu ngadamel (henteu nganggě) cawet (cangcut).














34
Kanggo tali-tali (opat talieun)kalih sarung tangan kanggo ngomběhan misah deui ngadamel.
4.    Atanapi teuk-teuk kalawan rata janten 3 lambar, teras dijantenkeun 2 lambar (tiap salambarna teh salambar satengah tina 3 lambar nu tadi, maksadna sangkan leuwih rubak) sarta ngadamel kanggě tali-tali (opat talieun).

















Kanggo tali-tali (opat talieun), cangcut kalih sarung tangan kanggo ngomběhan misah deui ngadamel.
5.    Atanapi teuk-teuk kalawan rata janten 5 lambar, teras dijantenkeun 3 lambar (tiap salambarna teh salambar satengah tina 5 lambar nu tadi, maksadna sangkan leuwih rubak) sarta sěsana satengah lambar mah kanggě tali-tali (opat talieun).
35

















Kanggě cangcutna kalih sarung tangan kanggě ngomběhan misah deui ngadamel.

6.    Sayogikeun kapas. Dina meser kapas kedah atos-atos, sok aya kapas kanggě kosmětik sareng dina muka eta kapas diusahakeun ulah dugi ka bubuk. Dina nyimpen eta kapas diantawisna tiasa dihalangan ku daun cau, maksadna kangge ngahalangan rapetna antawis kapas sareng kapas deui.

Mayit teu kedah nganggo sarung tangan, ěta mah kanggě ngomběhan, upami aya nu langkung raoseun ti sarung tangan anu didamel tina lawon, upamana loslip mangka tiasa digentos ku ěta loslip kanggo ngomběhan.


36
C.2. Kapan mayit istri

1.    Ukur panjang awak mayit langkungan sajengkal ti mastaka, sajengkal ti sampean (rema-rema sampeanana lempengkeun sareng awakna, sanes dikagigirkeun).

2.    Teuk-teuk kalawan rata janten 3 lambar, teras 2 lambar janten kaěn dadasar sarta sesana 1 lambar mah kanggě tali-tali (opat talieun), cawet (cangcut), kudung, baju, samping sareng sarung tangan (kanggo ngomběhan). Upami lawon kirang, tiasa neukteu deui nu ěnggal.

















Tambih cawet (cangcut),  kudung, baju, samping sareng sarung tangan (kanggo ngomběhan). Upami lawon kirang, tiasa neukteu deui nu ěnggal.
37
3.    Atanapi teuk-teuk kalawan rata janten 3 lambar, teras dijantenkeun 2 lambar (tiap salambarna teh salambar satengah tina 3 lambar nu tadi, maksadna sangkan leuwih rubak).



















kanggě tali-tali (opat talieun), cawet (cangcut), kudung, baju, samping sareng sarung tangan (kanggo ngomběhan) misah deui ngadamel.

4.    Atanapi teuk-teuk kalawan rata janten 3 lambar, teras ngadamel kanggě tali-tali (opat talieun), sarung tangan kanggě ngomběhan, henteu ngadamel (henteu nganggě) cawet (cangcut).




38
















Kanggo tali-tali (opat talieun)kalih sarung tangan kanggo ngomběhan misah deui ngadamel. Cara anu ieu mah henteu běda sareng mayit pameget.dalilna nyaěta dalil anu lumaku ka mayit pameget.

Mayit teu kedah nganggo sarung tangan, ěta mah kanggě ngomběhan, upami aya nu langkung raoseun ti sarung tangan anu didamel tina lawon, upamana loslip mangka tiasa digentos ku ěta loslip kanggo ngomběhan.













39
D. Cara mungkus

C  Simpen tali-tali anu tadi handapeun kapan (kelebet tali kangge tungtung oge)
C  Kapas diratakeun dina amparan saukuran tonggong mayit
C  Nyimpen mayit dina kapan nyabeulah
C  Liang cepil, liang pangamung sareng socana tutupan gumantung  seueurna kapas, kalebet anu paantel antara awak oge kapasan. Upami seueur mah kapasna bunian we eta mayit teh.
C  Dina mungkus, cepeng tung-tung kapan sina mantreng (ulah kendor), tengahna mah teu sawios.
C  Nu dipayunkeun dibungkus teh palih katuhuna heula
C  Waktos bade mungkus ku nu kadua, tungtung kahiji tadi ulah waka dilesotkeun bilih lesot.
C  Dina meungkeut, cangreudkeun disisi (digigir), sanes di tengah.
C  Balur ku minyak seungit
C  Simpen kalawan raray eta mayit ngiblat bari diganjel ku bantal kawas kulem nu nyunnah. Jenten, mastaka eta mayit tengeneun nu nyalatan, sampean eta mayit kiwaeun nu nyalatan.







40
 

NYALATAN MAYIT

A. Langkung Seueur Langkung Saě
عَنِ ابْنِ عَبَّاسٍ قَالَ : سَمِعْتُ رَسُوْلَ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ يَقُوْلُ "مَا مِنْ رَجُلٍ مُسْلِمٍ يَمُوْتُ فَيَقُوْمُ عَلَى جَنَازَتِهِ أَرْبَعُوْنَ رَجُلًا، لَا يُشْرِكُوْنَ بِاللهِ شَيْئًا إِلَّا شَفَّعَهُمُ اللهُ فِيْهِ".
Katampi ti Ibnu Abbas, anjeunna nyarios : Simkuring nguping Rosululloh SAW ngadawuh : “Teu aya hiji muslim anu maot lajeung dishalatan ku opat puluh jalmi anu teu musyrik, anging pasti Alloh bakal ngabulkeun du’a aranjeunna kanggo eta mayit”.  (H.R. Muslim : 948, Ahmad : 2509, Abu Dawud : 3170, Ibnu Majah : 1489)


B. Kaifiyyah (Tata Cara) Nyalatan

 1.   Sholat janazah opat kali takbir
عَنْ جَابِرٍ أَنَّ النَّبِيَّ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ صَلَّى عَلَى أَصْحَمَةَ النَّجَاشِيِّ فَكَبَّرَ أَرْبَعًا.
Katampi ti Jabir, sayaktosna Nabi SAW nyalatan Ashhamah An-Najasyiy, anjeunna takbir opat kali. (H.R. Bukhori)


41
 2.   Ngangkat panangan dina unggal takbir
وَ رَوَى البُخَارِيُّ فِيْ جُزْءِ رَفْعِ اليَدَيْنِ : أَنَّهُ كَانَ يَرْفَعُ يَدَيْهِ فِيْ جَمِيْعِ تَكْبِيْرَاتِ الجَنَازَةِ. وَ قَدْ صَحَّ عَنِ ابْنِ عَبَّاسٍ أَنَّهُ كَانَ يَرْفَعُ يَدَيْهِ فِيْ تَكْبِيْرَاتِ الجَنَازَةِ. رواه سعيد بن منصور. ﴿نيل الأوطار 4 : 95
Al-Bukhoriy ngariwayatkeun dina Juz Rof’il Yadaen : Sayaktosna Ibnu Umar ngangkat dua panangan dina sadayana takbir shalat janazah. Sarta dina riwayat anu shohih ti Ibnu Abbas diterangkeun : Sayaktosna Ibnu Abbas ngangkat dua panangan dina sadayana takbir shalat janazah. Riwayat Sa’id bin Mansur. (Nailul Author 4: 95)

 3.   Takbir kahiji maoskeun ta’awwudz, fatihah, surat sareng sholawat
عَنْ طَلْحَةَ بْنِ عَبْدِ اللهِ بْنِ عَوْفٍ قَالَ : صَلَّيْتُ خَلْفَ ابْنِ عَبَّاسٍ عَلَى جَنَازَةٍ فَقَرَأَ بِفَاتِحَةِ الكِتَابِ وَ سُوْرَةٍ جَهَرَ حَتَّى أَسْمَعَنَا. فَلَمَّا فَرَغَ أَخَذْتُ بِيَدِهِ فَسَأَلْتُهُ. فَقَالَ : سُنَّةٌ وَ حَقٌّ.
Katampi ti Tolhah bin ‘Abdillah bin ‘Auf, anjeunna nyarios: Simkuring shalat janazah (ngamum) pengkereun Ibnu Abbas, anjeunna maos Fatihatul Kitab sareng surat kalawan jahar kakuping ku abdi sadaya (ma’mum). Rěngsě anjeunna sholat simkuring nyepeng pananganana lajeng naros ka anjeunna (perkawis aosan fatihah kalih surat), sarta walerna: ěta těh sunnah sareng haq. (H.R Abu Dawud :3119, Ibnu Majah)

42
عَنِ الزُّهْرِيِّ أَخْبَرَنَا أَبُوْ أُمَامَةَ بْنِ سَهْلٍ أَنَّهُ أَخْبَرَهُ رَجُلٌ مِنْ أَصْحَابِ النَّبِيِّ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ أَنَّ السُّنَّةِ فِيْ الصَّلَاةِ عَلَى الجَنَازَةِ أَنْ يُكَبِّرَ الإِمَامُ ثُمَّ يَقْرَأُ بِفَاتِحَةِ الكِتَابِ بَعْدَ تَكْبِيْرَةِ الأُوْلَى يَقْرَأُ سِرًّا فِيْ نَفْسِهِ ثُمَّ يُصَلِّيْ عَلَى النَّبِيِّ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ وَ يُخْلِصُ الدُّعَاءَ لِلْجَنَازَةِ فِيْ التَّكْبِيْرَاتِ لَا يَقْرَأُ فِيْ شَيْءٍ مِنْهُنَّ ثُمَّ يُسَلِّمُ سِرًّا فِيْ نَفْسِهِ. ﴿الشافعي : 581، البيهقي في الصغير : 1103  
Katampi ti Az-Zuhriy, anjeunna nyarios: parantos nerangkeun ka simkuing Abu Umamah bin Sahal; saurang pameget ti antawis sahbat Nabi SAW nerangkeun ka anjeunna : Sunnah dina shalat janazah; Imam takbir lajeng maos Fatihul Kitab saba’da takbir kahiji kalawan laun aosnana, teras shalawat ka Nabi SAW sarta maos du’a kalawan ikhlas dina takbir-takbir anu sanesna, dina takbir-takbir anu eta mah teu maos Fatihah, salajengna salam kalawan laun aosanana. (Riwayat Asy-Syafi’iy: 581, Al-Baehaqi dina Sunan Shaghir: 1103)








43

C. Du’a-Du’a dina Shalat Mayit

عَنْ عَلِيِّ بْنِ شِمَاخٍ قَالَ: شَهِدْتُ مَرْوَانَ سَأَلَ أَبَا هُرَيْرَةَ: كَيْفَ سَمِعْتُ رَسُوْلَ اللّهِ صَلَّى اللّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ يُصَلِّيْ عَلَى الجَنَازَةِ؟ قَالَ أَبُوْ هُرَيْرَةَ: "اَللّهُمَّ أَنْتَ رَبُّهَا، وَأَنْتَ خَلَقْتَهَا، وَأَنْتَ هَدَيْتَهَا لِلْإِسْلَامِ، وَأَنْتَ قَبَضْتَ رُوْحَهَا، وَأَنْتَ أَعْلَمُ سِرَّهَا وَعَلَانِيَّتَهَا، جِئْنَا شُفَعَاءَ فَاغْفِرْ لَهَا".

Alloohumma Anta robbuhaa, wa Anta kholaqtahaa, wa Anta hadaitahaa lil Islaami, wa Anta Qobadta ruuhahaa, wa Anta a’lamu sirrohaa wa ‘alaaniyyatahaa, ji-naa syufa’aa-a fagfirlahaa.

Katampi ti Aliy bin syimakh, anjeunna nyaios : simkuring nyaksikan waktos Marwan mariksa Abu Hurairah : Kumaha salira kantos ngadangu (du’a anu diaos) Rosululloh SAW nalika anjeunna nyalatan janzah? Abu Hurairoh moasakeun du’a : Allohmma Anta Robbuha ... (Ya Alloh !, Salira pangeran ieu janazah, Salira ngayugakenana, salira anu maparin pituduhna kana Islam, Salira anu nyepeng ruhna, Salira anu uninga nyumput kalih nembrakna, Abdi sadaya meredih supados salira ngahapunten (dosa-dosa) ieu janazah). (H.R. Abu Dawud:3200, An-Nasiy dina Al-Kubro VI: 266 No.10917)

44
عَنْ أَبِيْ هُرَيْرَةَ قَالَ: صَلَّى رَسُوْلُ اللّهِ صَلَّى اللّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ عَلَى جَنَازَةٍ فَقَالَ: " اَللّهُمَّ اغْفِرْ لِحَيِّنَا وَمَيِّتِنَا، وَصَغِيْرِنَا وَكَبِيْرِنَا، وَذَكَرِنَا وَأُنْثَانَا، وَشَاهِدِنَا وَغَائِبِنَا، اَللّهُمَّ مَنْ أَحْيَيْتَهُ مِنَّا فَأَحْيِهِ عَلَى الِإِيْمَانِ، وَمَنْ تَوَفَّيْتَهُ مِنَّا فَتَوَفَّهُ عَلَى الِإِسْلَامِ، اَللّهُمَّ لَا تَحْرِمْنَا أَجْرَهُ، وَلَا تُضِلَّنَا بَعْدَهُ".
Alloohummagfir li hayyinaa wa mayyitinaa, wa shogiirinaa wa kabiirinaa, wa dzakarinaa wa untsaanaa, wa syaahidinaa wa ghooibinaa. Alloohumma man ahyaitahuu minnaa fa-ahyiihi ‘alal-iimaan, wa man tawaffaitahu minnaa fa tawaffahu ‘alal-islaam. Alloohumma laa tahrimnaa ajrohu, wa laa tudillanaa ba’dahu.

Katampi ti Abu Hurairoh, anjeunna nyarios: Rosululloh SAW nyalatan janazah, anjenna maos du’a : Allohumma magfhr lihayyina ... (Ya Alloh !, Mugi gusti ngahapunten (dosa-dosa) anu hirup kalih anu maot ti antawis abdi sadaya, anu leutik kalih anu ageung, pameget kalih istri, sarta anu aya kalih anu henteu aya diantawis abdi sadaya. Ya Alloh !, Mugi Gusti netepkeun abdi sadaya anu masih keneh hirup dina kaimanan, sarta anu ku salira dimaotkeun aya dina islam, Ya Alloh Mugi Gusti hentue ngaharamkeun kangge abdi sadaya ganjaran jalaran maotna sarta ulah ngajantenkeun abdi sadaya sasar saba’da maotna).
45
Tiasa ogě du’ana sapertos kieu:
Alloohummagfir li hayyinaa wa mayyitinaa, wa shogiirinaa wa kabiirinaa, wa dzakarinaa wa untsaanaa, wa syaahidinaa wa ghooibinaa.
Namung langkung utami upami lengkep.

عَنْ عَوْفِ بْنِ مَالِكٍ يَقُوْلُ: صَلَّى رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ عَلَى جَنَازَةٍ. فَحَفِظْتُ مِنْ دُعَائِهِ وَهُوَ يَقُوْلُ "اَللّهُمَّ اغْفِرْ لَهُ وَارْحَمْهُ وَعَافِهِ وَاعْفُ عَنْهُ. وَأَكْرِمْ نُزُلَهُ. وَوَسِّعْ مَدْخَلَهُ وَاغْسِلْهُ بِالْمَاءِ وَالثَّلْجِ وَالبَرَدِ. وَنَقِّهِ مِنْ خَطَايَا كَمَا نَقَّيْتَ الثَّوْبَ الأَبْيَضَ مِنَ الدَّنَسِ. وَأَبْدِلْهُ دَارًا خَيْرًا مِنْ دَارِهِ. وَأَهْلًا خَيْرًا مِنْ أَهْلِهِ وَزَوْجًا خَيْرًا مِنْ زَوْجِهِ. وَأَدْخِلْهُ الجَنَّةَ وَأَعِذْهُ مِنْ عَذَابِ النَّارِ". قال: حتى تمنيت أن أكون أنا ذلك الميت.
Alloohummagfirlahu warhamhu wa ‘aafihi wa’fu ‘anhu wa akrim nuzuulahu wawassi’ madkholahu wagsilhu bil-maa-i was-salji wal-barodi. Wa naqqihi min khotooyaaya kamaa naqqoitas-saubul-abyadu minad-danasi. Wa abdilhu daaron khairon min daarihi. Wa ahlan khoiron min ahlihi. Wa zaujan khairon min zaujihi. Wa adkhilhul-jannata wa a’idzhu min ‘adzaabin-naar.



46

Katampi ti Aof bin Malik, anjeunna nyarios : Rosululloh SAW nyalatan janzah, ti antawis du’a anjeunna anu simkuring apal, nyaeta : Alohummagfir lahu ... (Ya Alloh!, Mugi Gusti ngahapunteun kalih mika welas ka anjeunna. Mugi gusti nyalametkeun anjeunna, sarta mugi Gusti ngamaaf tina kalepatanana sarta ngamulyakeun padumakanana sarata ngalegakeun tempatna di kubur. Sarta mugi Gusti ngabersihan ana ku cai, ku es kalih ku ibun, Sarta Mugi Gusti nyucikeun tina dosa sapertos beresihna pakean bodas tina leutak. Sarta mugi Gusti ngagentos tempatna ku tempat anu langkung sae nyakitu deui kulawargana kalih bojona langkung sae. Sarta Mugi Gusti ngalebetkeunana ka surga sarta nangtayunganana tina siksa neraka). Aof bin Malik nyarios : (ku ngupingna eta du’a) simkuring mikarep yen eta mayit anu didu’akeun teh diri simkuring. (H.R. Muslim, An-Nasiy, Ahmad, At-Toyalisi: 999, Al-Baehaqi dina As-Shogir: 1110)
Atanapi du’ana tiasa kieu: Alloohummagfirlahu warhamhu wa ‘aafihi wa’fu ‘anhu wa akrim nuzuulahu wawassi’ madkholahu wagsilhu bil-maa-i was-salji wal-barodi. Namung langkung utami upami lengkep.    
     Henteu aya katangtosan du’a mana anu kedah diaos dina takbir kadua, katilu kalih kaopat. Bade du’a anu mana heula wae oge henteu sawios kumargi Rosululloh Shollallohu ‘alahi wa sallam henteu nangtoskeun tartibna.
47
D.  Domir (kata ganti) dina du’a-du’a mayit henteu kedah dirobih
وَ الظَّاهِرُ أَنَّهُ يَدْعُوْ بِهذِهِ الأَلْفَاظِ الوَارِدَةِ فِيْ هذِهِ الأَحَادِيْثِ، سَوَاءٌ كَانَ الْمَيِّتُ ذَكَرًا أَوْ أُنْثَى، وَ لَا يُحَوِّلُ الضَّمَائِرَ الْمَذْكُوْرَةِ إِلَى صِيْغَةِ التَّأْنِيْثِ إِذَا كَانَ الْمَيِّتُ اُنْثَى لِأَنَّ مَرْجِعَهَا الْمَيِّتُ، وَ هُوَ يُقَالُ عَلَى الذَّكَرِ وَ الأُنْثَى.
Sacara dohir, ngadu’a ku du’a-du’a nu diuningakeun dina hadis-hadis kasebat, sami wae naha kaayaan eta mayit teh pameget atanapi istri. Domir-domir (dina du’a-du’a) kasebat teu kedah dirobih kana sigoh muannats upami eta mayit teh istri, margi mulihna eta domir-domir teh kana kalimat “mayyit”, sedengkeung eta kalimat tiasa dilarapkeun kangge pameget sareng kangge istri. (Nailul Author IV: 98, Aumul Ma’bud VII: 358)

E. Du’a tambihan dina nyolatan orok sarta anu maot di lebet kandungan
قَالَ الحَسَنُ يَقْرَأُ عَلَى الطِّفْلِ بِفَاتِحَةِ الكِتَابِ وَ يَقُوْلُ اَللّهُمَّ اجْعَلْهُ لَنَا فَرَطًا وَ سَلَفًا وَ أَجْرًا.
Al Hasan cumarios, ‘Maos alfatihah (nalika nyolatan) janazah budak alit sarta ngucapkeun; Ya Alloh jantenkeun (orok) ieu pikeun abdi sadaya, anu kalangkung, anu baris karandapan sarta pahala.’ (Hr. al-Bukhori, Fathul Bari, III: 261)
48
F. Nyolatan mayit kalih ngurusna kedah ikhlas
عَنْ أَبِيْ هُرَيْرَةَ قَالَ: سَمِعْتُ رَسُوْلَ اللهِ صَلَّى اللّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ قَالَ: إِذَا صَلَّيْتُمْ عَلَى الْمَيِّتِ فَأَخْلِصُوْا لَهُ الدُّعَاءَ.
 Katampi ti Abu Hurairoh, anjeunna nyarios: simkuring nguping Rosululloh Shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh: “Upama aranjeun nyalatan mayit, aranjeun kudu ikhlas (khusyu. Tanpa pamrih) dina ngadu’akeun eta mayit.” (HR. Abu Dawud, An-Nasaiy dina al-Kubro VI: 266 No.10917)
48
G. Tempat Ngadeg Imam
عَنْ سَمُرَةَ بْنِ جُنْدَبٍ قَالَ: صَلَّيْتُ وَرَاءَ رَسُوْلِ اللهِ صَلَّى اللّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ عَلَى امْرَأَةٍ مَاتَتْ فِيْ نِفَاسِهَا، فَقَامَ عَلَيْهَا رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ وَسَطَهَا.
Katampi ti Samuroh bin Jundab anjeunna nyarios : simkuring shalat pengkereun Rosululloh SAW (ngamamum) Nyalatan istri anu pupus dina kaayaan nifas, Rosululloh SAW nalika nyalatanana ngadeg leresan tengah-tengahna. (H.R. Ahmad, Al-Bukori: 1331, Muslim: 964, Abu Dawud,At-Tirmidzi, An-Nasiy, Ibnu Majah)



49
عَنْ أَبِيْ غَالِبٍ قَالَ: شَهِدْتُ أَنَسَ بْنَ مَالِكٍ صَلَّى عَلَى جَنَازَةٍ رَجُلٍ. فَقَامَ عِنْدَ رَأْسِهِ. فَلَمَّا رُفِعَتْ أُتِيَ بِجَنَازَةِ امْرَأَةٍ. فَصَلَّى عَلَيْهَا فَقَامَ وَسْطَهَا. وَ فِيْنَا العَلَاءُ بْنُ زِيَادٍ العَلَوِيُّ. فَلَمَّا رَأَى إِخْتِلَافَ قِيَامِهِ عَلَى الرَّجُلِ وَ الْمَرْأَةِ قَالَ : يَا أَبَا حَمْزَةَ هكَذَا كَانَ رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ يَقُوْمُ مِنَ الرَّجُلِ حَيْثُ قُمْتَ، وَ مِنَ الْمَرْأَةِ حَيْثُ قُمْتَ؟ قَالَ: نَعَمْ.
وَ فِيْ لَفْظٍ أَبِيْ دَاوُدَ: فَقَالَ العَلَاءُ بْنُ زِيَادٍ: هكَذَا كَانَ رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ يُصَلِّيْ عَلَى الجَنَازَةِ كَصَلَاتِكَ يُكَبِّرُ عَلَيْهَا أَرْبَعًا وَ يَقُوْمُ عِنْدَ رَأْسِ الرَّجُلِ وَ عَجِيْزَةِ الْمَرْأَةِ؟ قَالَ: نَعَمْ.















50
Katampi ti Abi Galib anjeunna nyarios: Simkuring merhatoskeun Anas bin Malik, anjeunna nyalatan janazah pameget, Anas ngadeg leresan mastakana, saparantos eta janazah diangkat, lajeung disumpingkeun janazah istri lajeung Anas Nyalatanana sarta anjeunna ngadeg leresan tengah-tengahna, sarta diantawis abdi sadaya aya Al-‘Ala bin ziyad Al-‘Alawiy. Saparantos Al-‘Ala merhatoskeun ayana perbentenan ngadegna Anas nalika nyalatan janazah pameget sareng istri, anjeunna mariksa: He Abu Hamzah!, naha kitu Rosululloh SAW ngadegna upami nyalatan janazah pameget, sapertos ngadegna anjeun, atUh kitu deuih upami nyalatan janazah istri?. Anas ngalawer: Leres kitu (H.R. Ahmad, Abu Dawud, Tirmidzi, Ibnu Majah)

Dina lafadz Abu Dawud: Al-Ala bin Ziyad tumaros: Naha kitu, Rosululloh SAW upami nyalatan janazah sapertos shalat salira nembe, anjeunna takbir opat kali, ngadeg leresan mastaka janazah pameget sarta tengah-tengahna upami janazah istri?, Anas ngawaler: Leres kitu pisan. (Aunul Ma’bud VIII: 339)
أَنَّ الإِمَامَ يَقُوْمُ حِذَاءَ رَأْسِ الرَّجُلِ وَ حِذَاءَ عَجِيْزَةِ الْمَرْأَةِ.
Satetemenna imam ngadeg leresan mastaka janazah pameget sarta leresan tengah-tegahna istri (Tuhfatul Ahwadzi IV: 124).


51
H. Nyalatan Mayit Istri Direnengkeun sareng Mayit Pameget
        عَنْ نَافِعٍ عَنِ ابْنِ عُمَرَ أَنَّهُ صَلَّى عَلَى سَبْعِ جَنَازَةٍ رِجَالٍ وَ نِسَاءٍ، فَجَعَلَ الرِّجَالَ مِمَّا يَلِيْهِ، وَ النِّسَاءَ مِمَّا يَلِيْ القِبْلَةَ.
            Katampi ti Nafi’, ti Ibnu ‘Umar: Sayaktosna Ibnu ‘Umar nyalatan tujuh janazah pameget sareng istri. Anjeunna merenahkeun sadayana janazah pameget caket anjeunna (imam) sarta janazah istri caket ka qiblat. -Hadits Riwayat Daroqutni, Nasaiy, Malik dina Muwattho,
     Dina eta katerangan dalil kana yen janazah murangkalih pameget upami disholatan sareng janazah hiji istri, janazah eta murangkalih diperenahkeun caket imam sedengkeun janazah istri caket ka qiblat. Kitu deui upami mokprok janazah hiji pameget sareng janazah hiji istri atanapi langkung ti eta. -’Aunul Ma’bud VIII: 336,

I. Nyalatan Mayit di Masjid
        عَنْ عَائِشَةَ أَنَّهَا قَالَتْ لَمَّا تُوُفِّيَ سَعْدُ بْنُ أَبِيْ وَقَّاصٍ: أُدْخُلُوْا بِهِ الْمَسْجِدَ حَتَّى أُصَلِّيَ عَلَيْهِ، فَأَنْكَرَ ذَالِكَ عَلَيْهَا، فَقَالَتْ: وَ اللهُ لَقَدْ صَلَّى رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ عَلَى ابْنَيْ بَيْضَاءَ فِيْ الْمَسْجِدِ، سُهَيْلٍ وَ أَخِيْهِ.

52
     Katampi ti ‘Aisyah. Nalika Sa’ad bin Abi Waqqos pupus, ‘Aisyah nyarios: Lebetkeun ka masjid eta janazah, ibu bade nyalatan. jalmi-jalmi teu kersaeun nurut ka ‘Aisyah. Ku kituna ‘Aisyah nyarios: Demi Alloh, Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam kantos nyalatan janazah dua putra Baidlo di masjid, nyaeta Suhael kalih rayina. -HR. Muslim, Abu Dawud, Al-Baihaqi,

J. Nyalatan Mayit di Musholla
     عَنْ أَبِيْ هُرَيْرَةَ أَنَّ النَّبِيَّ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ نَعَى النَّجَاشِيَّ فِيْ اليَوْمِ الَّذِيْ مَاتَ فِيْهِ وَ خَرَجَ بِهِمْ إِلَى الْمُصَلَّى فَصَفَّ بِهِمْ وَ كَبَّرَ عَلَيْهِ أَرْبَعَ تَكْبِيْرَاتٍ.
    Katampi ti Abu Hurairoh, dintenan pupus Najasyi, ku Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam diuningakeun, lajeng anjeunna angkat kalih para sahabat ka musholla, anjeunna nyusun shaf para sahabat, lajeng sholat, anjeunna takbir opat kali takbir. -Hadits Riwayat Ahmad, Al-Bukhory, Muslim, Abu Dawud, At-Tirmidzi, An-Nasaiy, Ibnu Majah, Al-Baehaqi,






53
K. Nyalatan Mayit di Kuburan
عَنِ ابْنِ عَبَّاسٍ أَنَّ رَسُوْلَ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ مَرَّ بِقَبْرِ قَدْ دُفِنَ لَيْلًا، فَقَالَ: مَتَى دُفِنَ هذَا؟ قَالُوْا: اَلْبَارِحَةَ. قَالَ: أَفَلَا آذَنْتُمُوْنِيْ؟ قَالُوْا: دَفَنَّاهُ فِيْ ظُلُمَةِ اللَّيْلِ فَكَرِهْنَا أَنْ نُوْقِظَكَ. فَقَامَ فَصَفَفْنَا خَلْفَهُ. قَالَ ابْنُ عَبَّاسٍ: وَ أَنَا فِيْهِمْ فَصَلَّى عَلَيْهِ.
Katampi ti Ibnu ‘Abbas, Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngalangkung ka hiji kuburan anu janazahna di kurebkeun waktos wengi. Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam mariksa: “Iraha ieu teh dikurebkeunana?” waler para sahabat: ‘Tadi wengi’ Rosul ngadawuh: “Naha aranjeun teu ngabejaan kaula?” waler sahabat: ‘Abdi sadaya ngurebkeunana tengah wengi, kukituna teu wanton ngagugahkeun salira.’ Salajengna Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadeg, sarta abdi sadaya nyusun shaf pengkereun anjeunna. Ibnu ‘Abbas nyarios: ‘Simkuring kaasup anu aya diantawis aranjeunna. Salajengna Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam nyalatanana. -Hadits Riwayat Ahmad, Al-Bukhory, Muslim, Abu Dawud, At-Tirmidzi, Ibnu Majah, Ad-Daroquthniy,






54
 

MENDEM MAYIT

A.        Kautamaan nu Mendem
عَنْ أَبِيْ هُرَيْرَةَ قَالَ قَالَ رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ: مَنْ شَهِدَ الجَنَازَةَ حَتَّى يُصَلِّيَ عَلَيْهَا فَلَهُ قِيْرَاطٌ وَ مَنْ شَهِدَ حَتَّى تُدْفَنَ فَلَهُ قِيْرَاطَانِ. قِيْلَ: وَ مَا القِيْرَاطَانِ؟ قَالَ: مِثْلُ الجَبَلَيْنِ العَظِيْمَيْنِ.
Katampi ti Abu Hurairoh, anjeunna nyarios: Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam parantos ngadawuh: “Sing saha anu nyumpingan janazah lajeng nyalatanana, ganjaranana saqirot, sarta sing saha anu nyumpingan janazah dygika dipendemna, ganjaranana dua qirot.” Rosul dipariksa: ‘Sakumaha dua qirot teh?’ waler anjeunna: “Sami sareng dua gunung anu galede.” -Hadits Riwayat Ahmad, Al-Bukhory, Muslim, An-Nasaiy, Ibnu Majah, Al-Baehaqi,
  







55
B.        Kedah Énggal-Énggal
عَنْ أَبِيْ هُرَيْرَةَ عَنِ النَّبِيِّ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ قَالَ: أَسْرِعُوْا بِالجَنَازَةِ، فَإِنْ تَكُ صَالِحَةً فَخَيْرٌ تُقَدِّمُوْنَهَا، وَ إِنْ تَكُ سِوَى ذَالِكَ فَشَرٌّ تَضَعُوْنَهُ عَنْ رِقَابِكُمْ.
Katampi ti Abu Hurairoh, ti Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam anjeunna ngadawuh: “Enggalkeun nyandak janazah teh, margi upami eta janazah teh sae (jalmi sholeh), aranjeun ngaenggalkeun eta janazah kangge nampi ganjaranana, atuh upami henteu kitu (sanes jalmi sholeh), nya kaawonan nu ku aranjeun diecagkeun tina taktak.” -HR. Al-Bukhory, Muslim, Abu Dawud, Tirmidzi, Ibnu Majah,  

C.        Jajap Janazah
عَنْ سَالِمٍ عَنْ أَبِيْهِ رَضِيَ اللهُ عَنْهُمَا، أَنَّهُ رَأَى النَّبِيَّ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ وَ أَبَا بَكْرٍ وَ عُمَرَ، وَ هُمْ يَمْشُوْنَ أَمَامَ الجَنَازَةِ.
Katampi ti Salim, ti ramana (Ibnu ‘Umar): Anjeunna (Ibnu ‘Umar) ningal Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam, Abu Bakar sareng ‘Umar, aranjeunna badarat payuneun janazah. -HR. Ahmad, Abu Dawud, At-Tirmidzi, Nasaiy, Ibnu Majah, Daroquthniy, Asy-Syafi’i,
Dumasar hadits diluhur, henteu nanaon mapah payuneun pasaran (mayit).

56
عَنْ جَابِرِ بْنِ سَمُرَةَ قَالَ: أُتِيَ النَّبِيُّ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ بِفَرَسٍ مَعْرُوْرًى فَرَكِبَهُ حِيْنَ انْصَرَفَ مِنْ جَنَازَةِ ابْنِ الدَّحْدَاحِ. وَ نَحْنُ نَمْشِيْ حَوْلَهُ.
Katampi ti Jabir bin Samuroh, anjeunna nyarios: Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam dipaparin kuda teu diselaan* lajeng anjeunna tunggang eta kuda, harita teh sarengsena mendem janazah Ibnu Dahdah sarta abdi sadaya badarat nyarengan anjeunna. -HR. Muslim, Abu Dawud, An-Nasaiy,

*sela: sabangsa tilam jeung sajabana dina tonggong kuda nu badě ditumpakan.

D. Ngadeg Nalika Ninggal Janazah
عَنِ أَبِيْ سَعِيْدٍ أَنَّ رَسُوْلَ اللّهِ صَلَّى اللّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ: "إِذَا رَأَيْتُمُ الجَنَازَةَ فَقُوْمُوْا، فَمَنْ تَبِعَهَا فَلَا تَجْلِسْ حَتَّى تُوْضَعَ".
Katampi ti Abu Sa’id, sayaktosna Rosululloh SAW parantos ngadawuh: Upami aranjeun ningal janazah prak ngaradeg. Sarta singsaha anu nuturkeunnana (jajap) ulah waka calik salami eta janazah teu acan disimpen (dina lahad). (HR. Al-Bukhori, Muslim, Abu Dawud, at-Tirmidzi, an-Nasaiy, al-Hakim)


57
عَنِ عَامِرِ بْن رَبِيْعَةَ عَنِ النَّبِيِّ صَلَّى اللّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ: "إِذَا رَأَى أَحَدُكُمُ الجَنَازَةَ فَإِنْ لَمْ يَكُنْ مَاشِيًا مَعَهَا فَلْيَقُمْ حَتَّى تُخَلِّفَهُ".
Katampi ti ‘amir bin Robi’ah, ti Nabi SAW anjeunna ngadawuh : Upami salah sawios ti antara  aranjeun ninggal janazah, kituna teh sanes anu ngajajapkeun, anjeunna kedah ngadeg (ngarandeg) dugi ka eta janazah ngalangkung. (H.R. Ahmad, Al-Bukhori, Muslim, Abu Dawud, At-Tirmidzi, Ibnu Majah, As-Syafi’ie)
عَنْ جَابِرِ بْنِ عَبْدِاللهِ ؛ قَالَ: مَرَّتْ جَنَازَةٌ. فَقَامَ لَهَا رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ. وَقُمْنَا مَعَهُ. فَقُلْنَا: يَا رَسُوْلَ اللهِ ! إِنَّهَا يَهُوْدِيَّةٌ. فَقَالَ: "إِنَّ الْمَوْتَ فَزَعٌ. فَإِذَا رَأَيْتُمُ الجَنَازَةَ فَقُوْمُوْا".
Katampi ti jabir bin ‘Abdullah, anjeunna nyarios: nalika aya janazah naglangkung payunen Rosululloh SAW, anjeunna ngadeg sarta abdi sadya nangtung nyarengan anjeunna. Abdi sadaya nyarita: Nun Rosululloh !, Da eta mah janazah Yahudi, Anjeunna ngadawuh: maot teh pikasieunen, kukituna, upami aranjeun ninggal janzah ngalangkung, aranjeun kedah ngaradeg, (H.R. Al-Bukhari, Muslim: 960, Abu Dawud)

58
E. Istri Ngiring Jajap
عَنْ أُمِّ عَطِيَّةَ. قَالَتْ:  نُهِيْنَا عَنِ اتِّبَاعِ الجَنَائِزِ وَلَمْ يُعْزَمْ عَلَيْنَا.
Katampi ti Ummu Attiyyah, Anjeuna nyarios; Abdi sadaya istri-istri diwagel jajap janazah. Wagelan kasebat teu ngaabotkeun ka abdi sadaya. (HR. Bukhari, Muslim: 938, Abu Dawud, Ibnu majah)
Numutkeun jumhur ahli ushul kalih ahli hadits,cariosan sahabat ; “abdi sadaya diwageL” atanapi “abdi sadaya diparentah” bari teu disebatkeun saha-sahana (nu ngawagel atanapi nu marentahna) hukuman marfu, margi sacara dohir tina hal eta satemenna nu marentah sareng nu ngawagel teh Nabi SAW. Kasauran Ummu  ‘Athiyyah “Wagelan  kasebat teu ngaabotkeun ka abdi sadaya” jelas rehna eta wagelan nuduhkeun kana makruh, sanes nuduhkeun kana haram. (Subulus Salam II: 223)

F. Ngadamel Lahad
عَنْ عَامِرِ بْنِ سَعْدِ بْنِ أَبِيْ وَقَّاصٍ؛ أَنَّ سَعْدَ بْنَ أَبِيْ وَقَّاصٍ قَالَ فِيْ مَرَضِهِ الَّذِيْ هَلَكَ فِيْهِ: اَلْحِدُوْا لِيْ لَحْدًا. وَاَنْصِبُوْا عَلَيَّ اللَّبِنَ نَصْبًا. كَمَا صُنِعَ بِرَسُوْلِ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ.


59
Katampi ti ‘Amir bin Sa’ad bin Abi Waqqos: Dina waktos Sa`aad bin Abi Waqqos Teu damang wales, anjeuna nyarios: damel ku aranjeun lahad (dina kuburan) keur kaula, terus pasangkeun padung. Kitu teh sapertos kapungkur kantos dipidamel kangge Rasulullah SAW. (H.R Ahmad, Muslim: 966, An-Nasaiy, Ibnu Majah,Al-Baehaqi)

Katampi ti ibnu `Abbas,anjeuna nyarios: Rasulullah SAW ngadawuh: Lahad mah kangge urang sadya (muslim), anapon rohrap kangge anu sanes. (H.R Abu Dawud: 3208, At-tirmidzi, An-Nasaiy, Ibnu Majah)

G. Mayit dina lahad sina nyangkěrě mayun ka kiblat
عَنْ سَلْمَى أُمِّ أَبِيْ رَافِعٍ: أَنَّ فَاطِمَةَ بِنْتَ رَسُوْلِ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ عِنْدَ مَوْتِهَا اِسْتَقْبَلَتِ القِبْلَةَ ثُمَّ تُوُسِّدَتْ يَمِيْنُهَا.
Katampi ti Salma ibuna Abu Rofi’, sayaktosna Fatimah putrina Rasulullah shallallohu ‘alaihi wa sallam nalika tos pupusna dipayunkeun ka kiblat lajeng di ganjel ku bantal gedeng palih tengenna. (HR. Ahmad, Nailul Author IV: 47)










60
H. Ngalebetkeun Mayyit Kana Kuburan

H.1. Du’a ngalebetkeun mayit kana kuburan
عَنِ ابْنِ عُمَرَ قَالَ: قَالَ رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ: إِذَا وَضَعْتُمْ مَوْتَاكُمْ فِيْ قُبُوْرِهِمْ فَقُوْلُوْا: بِسْمِ اللهِ وَ عَلَى مِلَّةِ رَسُوْلِ اللهِ.
Katampi ti Ibnu Umar,anjeuna nyarios: Rasulullah SAW parantos ngadawuh; Upama aranjeun ngalebetkeun mayit kana kuburan, prak aos: bismillaahi wa ‘alaa millati rosuulillaah (kalawan nyebat asma Allah,sarta aturan Rasulullah SAW). (H.R Al-Hakim, Al-Mustadrok: 1384, Ahmad)

H.2. Ngalebetkeun mayit kana kuburan disodorkeun leresan perenahna sampěan mayit dina kuburan
عَنْ أَبِيْ إِسْحَاقَ، قَالَ: أَوْصَى الحَارِثُ أَنْ يُصَلِّيَ عَلَيْهِ عَبْدُ اللّهِ بْنُ يَزِيْدَ فَصَلَّى عَلَيْهِ، ثُمَّ أَدْخَلَهُ القَبْرِ مِنْ قِبَلِ رِجْلَيْ القَبْرِ وَقَالَ: هذًا مِنَ السُّنَّةِ.
Katampi ti Abi Ishaq, anjeuna nyarios: Al-Harits wasiyat (upami anjeuna maot) supados Abdullah bin Yazid nyalatan anjeuna. Ku kituna, Abdullah bin Yazid nyalatan anjeuna sarta ngalebetkeunana ka kuburan tina leresan perenahna sampean (mayit dina) kuburan. Sarta anjeuna nyarios : “ieu teh sunnah Rasul”.(H.R Abu Dawud, Al-Baehaqi)

61
H.3.  Anu ngalebetkeun mayit kana kuburan diutamikeun anu teu nyampuran istri dina wengina
عَنْ أَنَسٍ قَالَ: شَهِدْنَا بِنْتًا لِرَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ قَالَ: وَ رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ جَالِسٌ عَلَى القَبْرِ، فَرَأَيْتُ عَيْنَيْهِ تَدْمَعَانِ، قَالَ: فَقَالَ: هَلْ مِنْكُمْ رَجُلٌ لَمْ يُقَارِفِ اللَّيْلَةَ؟ فَقَالَ أَبُوْ طَلْحَةَ: أَنَا. قَالَ: فَأَنْزِلْ. قَالَ: فَنَزَلَ فِيْ قَبْرِهَا.
Katampi ti Anas, anjeunna nyarios: Abdi sadayana nyaksian dikureubkeunna putra istri Rosululloh SAW. Saur anjeunna: Wangkid harita Rosululloh SAW nuju calik caket kuburan, Saur anjeunna: Simkuring ningal dua socana juuh. Saur anjeunna: Lajeng Rosululloh SAW ngadawuh: “Saha di antara aranjeun anu teu nyampuran istri dina wengi tadi?”. Abu Tolhah ngawaler: “Abdi.” Saur Rosul: “Sok anjeun turun!.” saur anjeunna: Lajeng Abu Tolhah lungsur kana eta kuburan. (H.R. Ahmad, Al-Bukhari)











62
I. Tilu waktos diwagel ngurebkeun
عَنْ عُقْبَةَ بْنِ عَامِرٍ يَقُوْلُ: ثَلَاثُ سَاعَاتٍ كَانَ رَسُوْلُ اللّهِ صَلَّى اللّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ يَنْهَانَا أَنْ نُصَلِّيَ فِيْهِنَّ، وَ أَنْ نَقْبُرَ فِيْهِنَّ مَوْتَانَا: حِيْنَ تَطْلُعُ الشَّمْسُ بَازِغَةً حَتَّى تَرْتَفِعَ، وَحِيْنَ يَقُوْمُ قَائِمُ الظَّهِيْرَةِ حَتَّى تَزُوْلَ الشَّمْسُ، وَحِيْنَ تَتَضَيَّفُ الشَّمْسُ لِلْغُرُوْبِ.

Katampi ti Uqbah bi Amir, anjeunna sasauran : Aya tilu waktos nu diwagel ku Rosululloh SAW shalat dina eta waktos nyakitu deui ngureubkeun mayit dina eta waktos, nyaeta: Nalika panon poě bijil dugika rada luhur, nalika panon poe manceran dugika mengk ngulon, sareng nalika panon poe meh surup (H.R. Ahmad, Muslim, Abu Dawud: 3192, At-Tirmidzi, An-Nasaiy, Ibnu Majah, Ad-Darimiy)
















63
 

BA’DA MENDEM MAYIT

A. Nyuhunkeun pangampura
عَنْ عُثْمَانَ بْنِ عَفَّانَ قَالَ: كَانَ النَّبِيُّ صَلَّى اللّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ إِذَا فَرَغَ مِنْ دَفْنِ الْمَيِّتِ وَقَفَ عَلَيْهِ فَقَالَ: "اِسْتَغْفِرُوْا لِأَخِيْكُمْ وَسَلُوْا لَهُ بِالتَّثْبِيْتِ؛ فَإِنَّهُ الآنَ يُسْأَلُ".
Katampi ti Utsman bin ‘Affan, anjeunna nyarios: Saparantos rengse ngurebkeun, Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadeg caket eta kuburan, lajeng anjeuna ngadawuh: “Aranjeun kedah mangnyuhunkeun pangapunten kanggo wargi aranjeun ieu, sarta suhunkeun ka Alloh kanggo kapancegan manah-na, margi ayeuna anjeunna bakal ditakonan.” -H.R. Abu Dawud: 3221, Al-Baehaqi, Al-Hakim,

B. Ngawur (maledog) ku taneuh

Leresan hal eta dumasar hadits nu diriwayatkeun ku:
 1.   Ibnu Majah no. 1584, namung dina sanad eta hadits aya rowi nu kakasihna Al-Auza’iy nampi ti Yahya bin Abi Katsir kalayan aranjeunna duaan ngagunakeun sighotul ada an’anah (عن). Al-Auza’iy upami nampi ti Yahya bin Katsir, mudtlorib. -Siyaru A’laamin Nubala VII: 112,

64
Yahya bin Abi Katsir kasebatkeun rowi anu sok tadlis. -Tahdzibul Kamal fi Asmair Rijal XXXI: 509, Tahdzibut Tahdzib IX: 286,
Numawi kitu leresan hadits kasebat, Abu Hatim nyarios: Ieu hadits teh batil. -Nailul Author IV: 116,
 2.   Ad-Daroquthniy ti Amir bin Robi’ah no.1818. dina sanadna aya rowi nu kakasihna Al-Qosim Abu Abdillaah nu nampi ti ‘Ashim bin Ubaidillah, duanana rowi anu dlo’if. -Takhrijul Ahaditsid Dli’af: 202,
 3.   Asy-Syafi’ie dina Musnad Asy-Syafi’ie no. 601 kalawan sanad anu mursal.
 4.   Abu Dawud dina Al-Marasil no. 441 kalwan mursal kalih majhul.

Sadayana hadits kasebat teu aya anu shohih (Ust.Hamdan AF: Mulasara Janazah: 71-72)

C. Talqin di Kuburan
Anu dimaksad talqin di kuburan, nyaeta ngabingbing (mapatahan) ucapaan nu bakal diucapkeun ku mayit nalika ngajawab patakonan kubur. Anapon lafadna:
لَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ مُحَمَّدَ رَّسُوْلُ اللهِ، رَضِيْتُ بِاللهِ رَبًّا، وَ بِالإِسْلَامِ دِيْنًا، وَ بِمُحَمَّدٍ نَبِيًّا، وَ بِالقُرْآنِ إِمَامًا.
Leresan hal eta, haditsna diriwayatkeun ku Imam ath-Thobroni ti Abu Umamah dina Al-Mu’jamul Kabir VI: 249-250 no.7979. Leresan hadits kasebat:

65
Ibnul Qoyyim nyarios: Ieu hadits ittifaq leresan dlo’ifna. (Zadul Ma’ad I:145)
Ibnul ‘Alan nyarios: Haditsna ghorib sarta sanadna dllo’if pisan (Al-Futuhatur Robbaniyah IV: 196)
Al-Haetsamiy nyarios: Dina sanad eta hadits aya sababaraha rowi anu sim kuring teu kenal. (Majma’uz Zawaid wa Manba’ul Fawaid III: 45). (Ust.Hamdan: Mulasara Janazah: 72-73).

D. Upacara Kapapatenan
Satemenna dina Islam teu aya upacara kapapatenan 1-3-7-9-15-40-100(natus)-1000(newu) dinten, teu aya haol, teu aya mieling dinten kapapatenan sareng teu aya sidkah arwah. Upacara eta ngarupikeun sesa ti agama Yang. (Parasit Aqidah: 47)
        عَنْ جَرِيْرِ بْنِ عَبْدِ اللهِ اَلْبَجَلِيِّ قَالَ: كُنَّا نَعُدُّ الإِجْتِمَاعَ إِلَى أَهْلِ الْمَيِّتِ وَ صُنْعَةِ الطَّعَامِ بَعْدَ دَفْنِهِ مِنَ النِّيَاحَةِ.
Katampi ti Jarir bin Abdulloh Al-Bajaliy, anjeunna sasauran: Abdi sadaya mandang ngariung di bumina kulawarga mayit sareng dipangdamelkeun tuangeun saparantos mayit dikurebkeun eta kalebet kana niyahah. (H.R. Ahmad, Nailul Author IV: 136, Ibnu Majah: 1612)

*niyahah: padamelan anu diaya-aya ayeuna-ayeuna (tebih saatos Nabi Shollallohu ‘alaihi wa sallam ngantunkeun)

66
E. Ngawur kembang saněs ti Islam

Kawitna kabiasaan ngawur kembang kana luhureun kuburan saatos rěngsě mendem mayit dilaksanakeun ku agama batur. Kayaning agama Hiang, Agama Nasrani sarta agama-agama anu saněsna anu tangtos ngalaksanakeun hal ěta těh ngagaduhan kapercantenan sěwang-sěwangan ngeunaan hal ghaib. (Ust.Wawan Shofwan: Risalah AL-JANAIZ: 207)


F. Nyěborkeun cai ogě saněs ti Islam

Ngeunaan nyěborkeun cai kana luhureun kuburan henteu aya hiji hadits ogě anu shohih. Boh amalan Nabi boh amalan shahabatna. Kulantaran hal kitu, ěta amalan baris ditolak ku Alloh Ta’ala. (Ust.Wawan Shofwan: Risalah AL-JANAIZ: 209-210)


G. Henteu aya khutbah saba’da mendem mayit

Khutbah di kuburan saba’da mendem mayit saněs conto ti Nabi Shollallohu ‘alaihi wa sallam. (Ust.Wawan Shofwan: Risalah AL-JANAIZ: 218)





67
H. Kulawargi anu dikantunkeun kedah dibeberah manahna
عَنْ عَبْدِ اللّهِ بْنِ جَعْفَرٍ، قَالَ: قَالَ رَسُوْلُ اللّهِ صَلَّى اللّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ: "اِصْنَعُوْا لِآلِ جَعْفَرٍ طَعَاماً فَقَدْ أَتَاهُمْ مَا يَشْغَلُهُمْ".
Katampi ti Abdulloh bin Ja’far, anjeunna sasauran: Nalika sumping wartos ngeunaan pupusna Ja’par, nalika anjeunna gugur, Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh: Jieun tuangeun ku aranjeun pikeun kulawarga Ja’far, sabab geus datang urusan nu ngariweuhkeun maranehna (H.R. Ahmad, Abu Dawud: 3132, At-Tirmidzi, Ibnu Majah)

I. Nembok Kuburan
عَنْ جَابِرٍ قَالَ: نَهَى رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ أَنْ تُجَصَّصَ القُبُوْرُ وَ أَنْ يَكْتُبَ عَلَيْهَا وَ أَنْ يُبْنَى عَلَيْهَا وَ أَنْ توطأ.
Katampi ti Jabir, anjeunna sasauran: Rosulullloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngawagel nembok kuburan, nyeratanana, ngadamel wangunan luhureunana sareng nincakna. (H.R. At-Tirmidzi, An-Nasaiy: 1562, Ibnu Majah, Al-Hakim)

Rěngsě ku izin ti Alloh, Alhamdulillah.