KAUTAMAAN JALMA ANU NGAPIMILIK ELMU
SARTA NGAMALKEUNANA
Ibnu Muharram al-Amilu Muzarii
Rasulullah shallallahu ‘alaihi wa sallam ngadawuh,
مثل ما بعثني الله من الهدى و العلم كمثل الغيث الكثير أصاب أرضا فكان منها نقيّة قبلة الماء فأنبتت الكلاء و العشب الكثير و كانت منها أجادب أمسكت الماء فنفع الله بها الناّس فشربوا و سقوا و زرعوا و أصابت منها طائفة أخرى إنّما هي قيعان لا تمسك ماء ولا تنبت كلأ فذلك مثل من فقه في دين الله و نفعه ما بعثني الله به فعلم و علّم و مثل من لم يرفع بذلك رأسا و لم يقبل هدى الله الذي أرسلت به.
Saumpama Allah ngutus kaula bari mawa pituduh tur elmu
lir ibarat hujan ngagebret anu keuna kana luhureun taneuh,
mangka diantara eta taneuh aya jinis taneuh subur, manehna
narima kana cai mangka tumuwuh di luhureunana tatangkalan
sarta tutuwuhan anu loba. Sarta diantara jinis taneuh eta aya
taneuh anu nyadas anu bisa nahan kana cai mangka Allah
ngajadikeun manehna mangfaat pikeun manusa mangka
maranehna nginum, ngala cai pikeun cucukulanana. Sarta eta
hujan cai keuna kana jinis taneuh anu lian nyaeta taneuh garing, anu teu bisa nahan cai sarta teu bisa numbuhkeun tutuwuhan. Mangka sadaya eta mangrupakeun saumpama jalma anu faham dina masalah agama Allah sarta manehna ngamangfaatkeun naon anu ku hal eta kaula diutus ku Allah, mangka manehna jadi jalma anu ngapimilik elmu sarta ngamalkeunana. Sarta saumpama pikeun jalma anu teu boga perhatian kana elmu. Sarta saumpama jalma anu teu narima kana hidayah Allah anu kuring diutus ku hal eta. (HR. Ahmad, Bukhary, Muslim).
Al Qurthubi sareng ulama anu sanesna nguningakeun, “Rasulullah shallallahu ‘alaihi wa sallam masihan misil ngeunaan datangna agama lir ibarat hujan anu ngagebret, anu mana eta hujan teh mangrupa kabutuhan sakumna manusa, mangka sakumaha hujan bisa ngahirupkeun taneuh anu paeh (garing), kitu oge elmu agama anu bisa ngahirupkeun hate anu garing….” (Fath’l Bari/CD).
Jalma dina narima elmu kabagi tilu. Kahiji, jalma anu narima elmu ku hate anu bersih, tuluy diapalkeun, dilenyepan, tur diamalkeun tepikeun ka wujud jadi mangrupa-rupa amal shaleh kayaning shalat, zakat, shaum, hajji, akhlaq nu pinuji, jeung amal shaleh anu lianna.
Kadua, jalma anu narima elmu ngan teu wujud jadi amal, elmuna loba, pangartina rohaka, tapi dina paripolah cigah jalma anu teu boga elmu.
Katilu, jalma anu euweuh perhatian pisan kana elmu
إنّما بعثت لأتمّم صالح الأخلاق
“Mung wungkul kaula diutus pikeun nyampurnakeun kahadean akhlaq”
Jadi, pangajaran naon bae kudu mucuk kana pembinaan akhlaq. Kiwari widang ieu ku urang karasa pisan lemahna, elmu nambahan, tapi teu nambahan akhlaq. akhlaq naon bae, kajujuran, katangguhan, kashabaran, kasantunan, kapadulian sosial, jeung kauletan. Alloh mikacinta ka jalma-jalma nu ulet, tulaten, tekun, jeung ikhlas, oge kawilang penting narekahan sangkan saban jalma bisa jadi manusa nu loba mere mangpaat pikeun jalma sejen. jalaran kitu, pendidikan eta kudu bisa nganteurkeun atawa ngalahirkeun manusa sangkan jadi hade “khoirunnas atawa panghade-hadena manusa”.
Guru kudu ngadidik barudak sangkan mandiri, bisa mere mangpaat ka batur, lamun can bisa mere mangpaat atuh ulah jadi diri nu tetep gumantung kana pitulung batur. kudu bisa ngahampangkeun beban batur, lamun teu bisa keneh, nya ulah hirup jadi beban batur. kitu tujuan tina pangajaran dina agama Islam.
Urang oge daria dina merhatikeun ngenaan pentingna elmu, padahal Rosululloh SAW nepikeun tawanan perang bae bisa dibebaskeun lamun bisa ngajar para sahabat nu buta hurup.
Kacida pisan gede pangajen nu dilandikeun ku Rosululloh ka jalma nu bisa ngatik atawa ngadidik. Nu boga karep pikeun ancrub dina dunya pendidikan oge di urang mah kurang, demi taya pangajen jeung kurang mibanda harepan kahareupna. Baheula guru mibanda ajen jeung komara katut wiwaha nu pohara gede, kiwari guru kadang jadi pilihan saba’da gagal gawe di tempat nu diharepkeun. pokna teh, “batan nganggur mending ngajar”. Padahal ngajar eta ngarupakeun tugas suci jeung mulya. Ku jadi guru, urang geus investasi keur hirup urang dina mangsa nu bakal datang, demi elmu nu diajarkeun eta baris ngadatangkeun pahala jeung kahadean nu gede pikeun urang.
Dawuhan Nabi,
كن عالما أو متعلّما أو مستمعا أو محبّا و لا تكن الخامسة فتهلك
“Anjeun kudu jadi nu miboga elmu, atawa nu diajar (elmu), atawa nu ngadangukeun (elmu), atawa nu micinta (elmu), sarta anjeun ulah jadi nu kalima, anjeun bakal cilaka.” (HR. ).
Anjeun kudu jadi guru jeung jadi murid sakaligus, ummat Islam mah kudu jadi golongan manusa nu resep ngajar jeung resep diajar.
Salah sahiji kelemahan pendidikan nu karasa ku urang kiwari eta alatan lengitna katuladanan di kalangan guru, baheula pasantren-pasantren nu diasuh ku para kiyai sok sanajan metodologina kurang hade, tapi ku sabab mimbanda tuladan jeung komara antukna sagala titah jeung wejangan teh ditarumut. Kiwari metadologina geus maju, elmuna jembar naha bet kurang ditarurut, naha? Teu mimbanda katuladanan utamina dina ngalaksanakeun naon nu diajarkeunana.
Atikan akhlaq kudu dinomer hijikeun ku lembaga-lembaga pendidikan pikeun ngajaga bangsa nu badag ieu sangkan teu ancur ku pamolah sorangan. Ahli sya’ir nguningakeun,
و إنّما الأمم الأخلاق ما بقيت, فإن همّوا ذهبت أخلاقهم ذهبوا
“Taya lian pancegna hiji bangsa gumantung kana akhlaqna, nalika akhlaqna ruksak, mangka eta bangsa baris ancur.”
Nalika atikan akhlaq dimomorekeun, mangka bakal ting pucunghul generasi-generasi Islam nu garoreng patut, wani ninggalkeun shalat sarta hirupna kumaha pangajak syahwat. Dawuhan Allah,
فخلف من بعدهم خلف أضاعوا الصلاة واتبعوا الشهوات فسوف يلقون غيا
“Tidinya datang sabada maranehna gagantina, jalma-jalma anu naringgalkeun shalat, jeung anu narurut kana hawa napsuna, ku kituna maranehna bakal digebruskeun ka naraka jahannam.” (QS. Maryam [19] : 59).
Wallahu a’lam bish-shawab.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar