Powered By Blogger

Jumat, 08 April 2011

Du’a Bade Kulem


Du’a Bade Kulem
أَللَّهُمَّ أَسْلَمْتُ نَفْسِي إِلَيْكَ وَ فَوَّضْتُ أَمْرِيْ إِلَيْكَ وَ أَلْجَأْتُ ظَهْرِيْ إِلَيْكَ رَغْبَةً وَ رَهْبَةً إِلَيْكَ، لاَ مَلْجَاءَ وَ لاَ مَنْجَا مِنْكَ إِلاَّ إِلَيْكَ، أَمَنْتُ بِكِتَابِكَ الَّذِيْ أَنْزَلْتَ وَ نَبِيِّكَ الَّذِيْ أَرْسَلْتَ. ﴿البُخَارِيُّ 4 : 99، مُسْلِمٌ : 1896، أَبُوْ دَاوُدَ : 5046 عَنِ البَراَءِ بْنِ عَازِبٍ

Alloohumma aslamtu nafsii ilaika, wa fawwadltu amrii ilaika wa alja-tu dhohrii ilaika rogbatan wa rohbatan ilaika, laa maljaa-a wa laa manjaa minka illaa ilaika, aamantu bi kitaabikal-ladzii arsalta.

Ya Allah, sim abdi masrahkeun diri abdi ka Anjeun, sarta sim abdi masrahkeun urusan abdi ka Anjeun, sarta sim abdi masrahkeun kakuatan diri abdi ka Anjeun alatan harepan miwa rasa kasieun mung wungkul ka Anjeun, teu aya tempat panyalindungan sarta tempat panglumpatan iwalti ka Anjeun. Sim abdi iman kana kitab Anjeun anu parantos ku Anjeun diturunkeun sarta sim abdi iman ka Nabi Anjeun anu parantos ku anjeun diutus. al-Bukhori 4 : 99, Muslim : 1896, Abu Daud : 5046 ti al-Baro’ bin ‘Aazim﴿

Dina dua kitab soheh (Bukhori sareng Muslim) kalawan lafadz : “Upama anjeun bade kulem prak wudu saperti wudu anjeun kangge sholat teras prak nyangkere ku gedeng anjeun nu palih tengen sarta ucapkeun : Alloohumma innii aslamtu nafsii ilaika . . . . sareng saterasna. Dina ahir eta hadis : “upama anjeun maot dina wengi anjeun eta mangka anjeun aya dina fitroh.” (Nailul Autor IV : 47)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar