Powered By Blogger

Selasa, 19 April 2011

Min Siyâsah at-Tarbiyyah fî Ma’had al-Ittihâd al-Islâmiy 224

Min Siyâsah at-Tarbiyyah
fî Ma’had al-Ittihâd al-Islâmiy 224
Ibnu Muharram al-Amilu Muzarii

     Dinten Kemis, ping 07 April 2011 anu atos kalangkung. Pimpinan Pesantren Persatuan Islam (PPI) 224, Ustadz Dadang Muharram maparin pancén ka Hanafi Anshory pikeun ngahadiran Acara Diklat Guru Diniyah Takmiliyah Awaliyah (DTA) se-Kec. Pangalengan anu diayakeun ku Forum Komunikasi Diniyah Takmiliyah (FKDT) Kec. Pangalengan.
     Acara Diklat dilaksanakeun di Komplek Pondok Pesantren Danul Falah (Jl. Raya Pangalengan-Pintu Kp. Cisangkuy Ds. Margamekar Kec. Pangalengan).
     Anu janten pematéri nalika harita nyaéta Drs. H. A. Wahid SY, M.Ag (Ketua FKDT Kab. Bandung) disarengan ku Hidayat, S.Pd.I (Seksi Data & Kurikulum Kasi Pekapontren Kab. Bandung) salaku moderator sareng Daud Nurdin.
     Diklat anu dihadiran ku guru-guru Diniyah ti kirang langkung 50 DTA se-Kec. Pangalengan éta, sakumaha kasauran Drs. H. A. Wahid SY, M. Ag, “Anu hadir dina ieu acara mangrupikeun peserta pangseueurna saatos Cileunyi.”
     Dina éta Diklat dipedar sababaraha perkawis ngeunaan Diniyah Takmiliyah, sakumaha judul anu dipangpang dina spanduk ruangan diklat, DIKLAT GURU DINIYAH TAKMILIYAH SOSIALISASI PERATURAN BUPATI KABUPATEN BANDUNG DAN PELANTIKAN PENGURUS FKDT KECAMATAN PANGALENGAN.

     Diantawis matéri anu didugikeun ku Drs. H. A. Wahid SY, M. Ag nyaéta:
 1.     Pamaréntah mupus nami MD (Madrasah Diniyah) janten DT (Diniyah Takmiliyah)
2.     Aya 31 Kecamatan di Kabupatén Bandung anu baris dipaparin matéri sosialisasi DT
3.     DT kalintang pentingna ku ayana kamajengan teknologi anu nyandak kasaéan tur kaawonan kana diri barudak, DT diharepkeun tiasa janten lembaga pendidikan non formal anu tiasa mageran barudak tina nilai negatif kamajengan teknologi
4.     Perda ngeunaan UU Sisdiknas No. 20 Taun 2003 ngalebetkeun DT kana Sisdiknas
5.     Perpu No. 55 Taun 2007 diantawis eusina nyaéta, “setiap anak usia sekolah wajib mendapatkan pendidikan agama yang sesuai dengan agamanya dan diajarkan oleh guru yang seagama”,
6.     Perpu No. 55 Taun 2007, ngeunaan 3 cara ngayakeun DT, nyaéta:
1)        Jalur Pendidikan Formal: DT Formal (Diniyah Negeri) 7 Pelajaran, pembelajaran dilaksanakeun énjing-énjing sapertos sakola SD/SMP/SMA, santri-na henteu double, rangkap SD/SMP/SMA, Kénging dana BOS, ijazah setara SD/SMP/SMA (namung béntenna dina mata pelajaran). Diniyah Negeri teu acan tiasa wujud di Kab. Bandung
2)      Jalur Pendidikan Non formal: Aya 2 cara; nyaéta satuan pendidikan sareng kelompok belajar. Anu dilaksanakeun ku Kab. Bandung nyaéta satuan pendidikan, anapon upanten kelompok belajar badé maksad daftar ka Kemenag RI, mangka peryogi dirobih janten satuan pendidikan
7.     Aya 7 rukun sakola (dumasar Peraturan Pamaréntah):
1)        Guru
2)      Murid
3)      Ruangan/sarana
4)      Kagiatan evaluasi (harian, tengah semester, semester kalih taunan)
5)      Kurikulum
6)      Dewan Sekolah
7)      Administrasi lengkep (Absensi, Daftar Nilai, RPP, Silabus, sareng sajabina)
8.     Perda No. 27 Taun 2008 ngeunaan Wajib Belajar DT, diantawis eusina nyaéta:
1)        Setiap anak usia sekolah di Kab. Bandung wajib mengikuti pendidikan DT
2)      Penyelenggaraan pendidikan DT diselenggarakan oleh Pemerintah Pusat (Diniyah Negeri), Pemerintah Daerah, dan Masyarakat
3)      Di Kab. Bandung, DT berbentuk Satuan Pendidikan
9.     Taun 2004, jumlah DT di Kab. Bandung aya 720 DT
10.     Taun 2011, jumlah DT di Kab. Bandung nambihan janten 1760 DT. Jumlah DT kasebat kaétang kirang pisan upami dibandingkeun jumlah penduduk Kab. Bandung anu langkung ti opat juta jiwa
11.     Peraturan Bupati No. 7 Tahun 2008, diantawis eusina nyaéta:
1)        Setiap anak SD/MI (wajib DT Awaliyah), SMP/MTS (wajib DT Wustha), SMA (Wajib DT Ulya)
2)      Setiap anak usia sekolah yang mau melanjutkan pendidikan formal ke jenjang yang lebih tinggi wajib melampirkan Ijazah DT (sesuai level), ketentuan ini berlaku 4 tahun setelah diundangkan (yaitu tahun 2011). “Upami taun ayeuna (2011) aya santri DTA anu henteu kabujeng ngiringan ujian, tiasa ngadamel Surat Keterangan Mengaji anu ditawis ku Kepala Sekolah kalih Ketua FKDT Kecamatan Pangalengan.” Tandes Drs. H. A. Wahid SY, M. Ag.
3)      Pemerintah Pusat dan Pemerintah Daerah wajib memberikan bantuan kesejahteraan kepada guru-guru Diniyah Takmiliyah
12.     Taun 2011, anggaran dana fungsional guru Diniyah Takmiliyah sa-Kab. Bandung saageung 5 milyar
13.     Aya 11.830 guru Diniyah Takmiliyah di Kab. Bandung, anapon anu kadata aya - + 8.000 guru DT anu baris nampi dana fungsional
14.     Amanat Bupati (H. Obar Sobarna, S.Ip): “Yang lulus DT harus bisa mengaji, kalau tidak bisa, Kepala DT panggil  ke sekolah formal bersangkutan.”
15.     Ujian DTA Tahun Pelajaran 2010/2011 dilaksanakeun ping 25-27 April 2011, pendaftaran parantos ditutup
16.     Aya 14.382 santri di Kab. Bandung anu ngiring ujian DTA Th. Pelajaran 2010/2011
17.     FKDT Prov. Jabar ngajantenkeun DTA janten 6 taun, 2 taun anu ngawitan kanggo satingkat kelas 1 & 2 SD disebat DT I’dadiyah (Persiapan kanggo lebet ka DTA)
     Salasa, ping 13 Juli 2010 nu tos kalangkung, MDU Urwatul Wutsqa diresmikeun janten PPI 224 Urwatul Wutsqa Loscimaung Satuan Pendidikan Diniyyah Ula. Kanggo naon? Pikeun negeskeun kurikulum naon anu badé dianggo dina ngawulang barudak.
     Taun 2011, PPI 224 ngajengkeun registrasi ka Kemenag RI saatos terdaftar di Depag RI taun 2005. Naha? Léngkah ieu mangrupikeun Min Siyasah at-Tarbiyyah fî Ma’had al-Ittihâd al-Islâmiy 224, diantawis siasat dina merjuangkeun pendidikan di PPI 224. Sanés sangkan kénging dana fungsional téa, ogé sanés kabita-kabita teuing ku ijazah-na namung ieu kaputusan téh ninggal kana kaayaan lingkungan di wewengkon kampung Loscimaung anu kedah rada tiasa ngigelanana dina perkara pendidikan. Tangtosna ieu kaputusan téh ngalangkungan izin ti Bidgar Pendidikan PC Persis Pangalengan nalika harita.
     Ikhwan fillah! Tangtosna unggal PJ Persis di PC Persis Pangalengan ngagaduhan kaayaan masyarakat kalih siyasah Pimpinan Jama’ah séwang-séwangan, mangka ngalangkungan ieu seratan abdi sadaya Asatidz PPI 224 umajak ka Ketua PC Persis Pangalengan, Bidgar Pendidikan PC Persis Pangalengan kalih ka sakumna warga Jam’iyyah Persis Pangalengan kanggo nangtoskeun sikep anu tandes mayunan program pamaréntah ngeunaan DT. Tangtosna, urang sadaya kedah merhatoskeun aturan jam’iyyah anu urang parantos dibai’at siap ta’at kana éta aturan.
            Taqdir Allah Ta’ala urang sadaya hirup di Indonesia, mugia urang sadaya tiasa netepkeun siyasah tarbiyyah pikeun nanjeurna Qur’an Sunnah ngalangkungan lembaga pendidikan anu nyiapkeun generasi tafaqquh fid-dien. Aamiin.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar