Powered By Blogger

Jumat, 08 April 2011

MASYARAKAT SHALIH bersama PEMIMPIN ADIL


Masyarakat anu Sholéh dikawitan ti Pamingpin anu ‘Adil (netepkeun kaputusan dumasar al-Qur’an kalih as-Sunnah)
عَنْ أَبِيْ هُرَيْرَةَ عَنِ النَّبِيِّ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ، قَالَ: "سَبْعَةٌ يُظِلُّهُمُ اللهُ فِيْ ضِلِّهِ يَوْمَ لَا ظِلَّ إِلَّا ظِلُّهُ: اَلإِمَامُ العَادِلُ. وَشَابٌّ نَشَأَ بِعِبَادَةِ اللهِ. وَرَجُلٌ قَلْبُهُ مُعَلَّقٌ فِيْ الْمَسَاجِدِ. وَرَجُلَانِ تَحَابَّا فِي اللهِ، اجْتَمَعَا عَلَى ذَالِكَ وَتَفَرَّقَا عَلَيْهِ. وَرَجُلٌ دَعَتْهُ امْرَأَةٌ ذَاتُ مَنْصِبٍ وَجَمَالٍ، فَقَالَ: إِنِّيْ أَخَافُ اللهِ. وَرَجُلٌ تَصَدَّقَ بِصَدَقَةٍ فَأَخْفَاهَا حَتَّى لَا تَعْلَمُ شِمَالُهُ مَا تُنْفِقُ يَمِيْنُهُ. وَرَجُلٌ ذَكَرَ اللهُ خَالِيًا، فَفَاضَتْ عَيْنَاهُ". رواه البخاري (660) و مسلم (1031) . . . . ﴿الترغيب و الترهيب للمنذري: رقم 1333
Hadits katampi ti Abu Hurairah rodiyallohu ‘anhu, ti Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam, anjeunna ngandika: “Tujuh jalma anu Alloh baris nangtayungan aranjeunna dina panangtayungan Mantenna dina dintenan anu teu aya panangtayungan anging panangtayungan Mantenna; (1) pamingpin anu ‘adil (netepkeun kaputusan dumasar al-Qur’an kalih as-Sunnah). (2) pamuda anu hirup dewasa (ngabadagan/nambahan umur) dina ibadah ka Alloh. (3) jalma anu haténa nyantél di masjid (betah tumaninah dina ibadah di masjid). (4) dua jalma (sobat dalit) anu silih deudeuh (paniatan) karana Alloh, patepung karana Alloh, papisah ogé karana Alloh. (5) lalaki anu diajak (jinah) ku hiji awéwé anu miboga kamulyaan katurunan (ningrat) bari geulis, lalaki éta ngajawab, ‘Sayaktosna sim abdi sieun ku Alloh.’ (6) jalma anu shodaqoh ku hiji shodaqoh tuluy disumputkeun (henteu dipamér-pamér) dugikeun ka panangan kiwana henteu uningaeun naon anu diinfaqkeun ku panangan tengenna. Sarta (7) jalma anu dzikir (ibadah/ngadu’a) nyorangan nepikeun ka ngeclak dua ci socana.” Hadits ieu diriwayatkeun ku Imam Al-Bukhoriy (hadits no.660) kalih Imam Muslim (hadits no.1031) . . . . Kitab At-Targhib wa At-Tarhib seratan Imam Al-Mundziriy: hadits no.1333﴿

Tidak ada komentar:

Posting Komentar