Tema: ‘Aqidah
“wa yarzuqĥu min haitsu laa yaĥtasib . . .”
Ibnu Muharram al ‘Âmilu Muzârii
يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا إِنَّ مِنْ أَزْوَاجِكُمْ وَأَوْلَادِكُمْ عَدُوّاً لَّكُمْ فَاحْذَرُوهُمْ وَإِن تَعْفُوا وَتَصْفَحُوا وَتَغْفِرُوا فَإِنَّ اللَّهَ غَفُورٌ رَّحِيمٌ -١٤- إِنَّمَا أَمْوَالُكُمْ وَأَوْلَادُكُمْ فِتْنَةٌ وَاللَّهُ عِندَهُ أَجْرٌ عَظِيمٌ -١٥- فَاتَّقُوا اللَّهَ مَا اسْتَطَعْتُمْ وَاسْمَعُوا وَأَطِيعُوا وَأَنفِقُوا خَيْراً لِّأَنفُسِكُمْ وَمَن يُوقَ شُحَّ نَفْسِهِ فَأُوْلَئِكَ هُمُ الْمُفْلِحُونَ -١٦- ﴿التغابن[64]﴾
“Yeuh, jalma-jalma anu ariman! Saéstuna ti antara pamajikan-pamajikan maranéh jeung anak-anak maranéh téh musuh pikeun maranéh; ku kituna maranéh kudu waspada ka maranéhna; jeung upama maranéh méré ma’ap jeung maranéh ngalubarkeun sarta ngahampura; nya saéstuna Alloh téh Maha Jembar Pangampura, Maha Mikaasih -14-. Saéstuna taya lian harta banda jeung anak-anak maranéh téh cocoba, jeung Alloh, di Anjeunna aya ganjaran anu gedé -15-. Ku kituna masing tarakwa ka Alloh sabisa-bisa maranéh, jeung regepkeun, sarta masing taro’at, jeung geura dermakeun harta pikeun kahadéan diri maranéh, lantaran sing saha anu luput tina kakorétan dirina, nya maranéhna téh jalma-jalma anu pinanggih kabagjaan -16-.” ﴾QS. At-Taghobun [64]﴿
. . . وَمَن يَتَّقِ اللَّهَ يَجْعَل لَّهُ مَخْرَجاً -٢- وَيَرْزُقْهُ مِنْ حَيْثُ لَا يَحْتَسِبُ وَمَن يَتَوَكَّلْ عَلَى اللَّهِ فَهُوَ حَسْبُهُ إِنَّ اللَّهَ بَالِغُ أَمْرِهِ قَدْ جَعَلَ اللَّهُ لِكُلِّ شَيْءٍ قَدْراً -٣- ﴿الطلاق[65]﴾
“. . . Jeung sing saha anu takwa ka Alloh, tanwandé Anjeunna mupus kajahatan-kajahatanana ti manéhna, jeung Anjeunna bakal nambahan ganjaran ka manéhna,” ﴾QS. Ath-tholaq [65]﴿
ضَرَبَ اللَّهُ مَثَلاً لِّلَّذِينَ كَفَرُوا اِمْرَأَةَ نُوحٍ وَاِمْرَأَةَ لُوطٍ كَانَتَا تَحْتَ عَبْدَيْنِ مِنْ عِبَادِنَا صَالِحَيْنِ فَخَانَتَاهُمَا فَلَمْ يُغْنِيَا عَنْهُمَا مِنَ اللَّهِ شَيْئاً وَقِيلَ ادْخُلَا النَّارَ مَعَ الدَّاخِلِينَ -١٠- وَضَرَبَ اللَّهُ مَثَلاً لِّلَّذِينَ آمَنُوا اِمْرَأَةَ فِرْعَوْنَ إِذْ قَالَتْ رَبِّ ابْنِ لِي عِندَكَ بَيْتاً فِي الْجَنَّةِ وَنَجِّنِي مِن فِرْعَوْنَ وَعَمَلِهِ وَنَجِّنِي مِنَ الْقَوْمِ الظَّالِمِينَ -١١- وَمَرْيَمَ ابْنَتَ عِمْرَانَ الَّتِي أَحْصَنَتْ فَرْجَهَا فَنَفَخْنَا فِيهِ مِن رُّوحِنَا وَصَدَّقَتْ بِكَلِمَاتِ رَبِّهَا وَكُتُبِهِ وَكَانَتْ مِنَ الْقَانِتِينَ -١٢- ﴿التحريم[66]﴾
”Alloh geus ngayakeun misil pikeun jalma-jalma nu kalupur. (Nyaéta) bojona Nuh jeung bojona Luth, duanana ogé bojona dua abdi ti antara abdi-abdi Kami anu saroléh, tuluy maranéhna duanana hianat ka salakina, nya maranéhna saeutik gé henteu bisa nyalametkeun bojona duanana tina (siksaan) Alloh. Sarta diparéntahkeun ka duanana: ‘Bus maranéh geura arabus ka naraka bareng jeung jalma-jalma anu arabus!’ -10-. Jeung Alloh geus ngayakeun misil pikeun jalma-jalma anu ariman. (Nyaéta) bojona Fir’aun basa manéhna ngadu’a: ‘Nun Gusti Pangéran abdi! Mugi mangdamelkeun rorompok keur abdi di surga, sareng mugi Gusti nyalametkeun abdi ti Fir’aun sareng tina amal perbuatanana, sareng mugi Gusti nyalametkeun abdi ti anu darolim.’ -11-. Jeung Maryam anak Imran anu geus ngaraksa kahormatanana, tuluy Kami niupkeun ruh (dadamelan Kami), ka manéhna, sarta manéhna geus ngabenerkeun kana kalimat-kalimat Pangéranna jeung kana kitab-kitab-Na, jeung manéhna téh ti antara jalma-jalma anu taro’at -12-.” ﴾QS. At-Tahrim [66]﴿
Tidak ada komentar:
Posting Komentar