DIDIKAN HENTEU TIASA DADAKAN
Ibnu Muharram al-Amilu Muzarii
Atikan kalih didikan mangrupikeun padamelan anu henteu tiasa dadakan. Saur paripaos mah, kulub sampeu dadakan pulen, namung ari didikan anu dadakan mah moal pati tapakan.
Rosululloh shallallahu ‘alaihi wa sallam ku anjeun nyiapkeun generasi anu dugikeun ka tiasa neraskeun perjuangan Islam teh dugika nyèèpkeun waktos salami kirang langkung 23 taun.
Ngatik ngadidik bènten sareng ngawulang atanapi ngajar. Nalika guru ngan alakadar ngajar, mangka anjeunna moal ngaraoskeun ayana tanggung waler kana moral murid-murid anu dialajar ka anjeunna, Anu janten udagan èstuning cekap ku dugina èlmu ka budak. “Ah, keun wè. Barudak deuk bisa deuk teu bisa ogè, deuk akhlaq-na bejad ogè, da gajih angger kuring mah meunang.” Pokna tèh. Na’udzu biLLah.
1 |
Sanès maksad badè ngabènten-bènten, mangga ku urang tiasa diraoskeun nalika nampi èlmu ti guru anu ngan alakadar ngajar sareng ti guru anu ngajar dibarengan ku ngadidik, sok sanaos guru basa Inggris umpamana, tapi dibarengan ku ngajelaskeun ayat, “…wa quuluu lin-naasi husnan….”
Mangka bakal bènten karaosna nalika umpamana sok sanaos diajar nahwu-shorof namung garing tina nasèhat, pedit kana piwejang, namung ieu mah mung alakadar conto, mudah-mudahan henteu kitu ayana, na’udzu billah.
Nya harepan mah sadaya guru, asatidz, muballigh, jsb henteu ngaleupaskeun atikan tur didikan dina unggal bahasan èlmu boh èlmu duniawi boh èlmu ukhrowi.
Merhatoskeun barudak ayeuna anu kaseuseueuranana sesah pikeun diajak kana bener, nasehat-nasehat oge sesah neurakna, hal ieu tiasa wae diantawisna disababkeun guru nalika ngawulang henteu dibarengan ku ngadidik ku cara merhatoskeun akhlaq murid-muridna.
Ari ngawulang mah nepina ngan kana logika hungkul tapi lamun ngawulang dibarengan ku ngatik ngadidik mangka nepina elmu lain ngan alakadar kana logika namung baris nyeceb kana ati sanubari anu antukna baris dijadikeun cekelan hirup murid-murid anu nampi èta èlmu.
Generasi anu hadè tèh lahir tina hasil didikan kulawarga anu mulus. Urang sadaya tiasa merhatoskeun kumaha bajoangna Nabi Ibrohim ‘alaihis salam dugikeun ka tiasa gaduh putra sapertos Nabi Ismail alaihis salam kalih Nabi ishaq alaihis salam anu sakitu sarolehna.
Ngadidik jalma dugikeun ka dewasa mangrupikeun ladang jihad anu henteu gampil. Namung eta pisan anu disebat ku Ibnu ‘Abbas salaku generasi robbani. Ibnu Abbas anjeunna sasanggem,
كُوْنُوْا رَبَّانِيِّيْنَ حُلَمَاءَ فُقَهَاء. وَ يُقَالُ: اَلرَّبَّانِيُّ الَّذِيْ يُرَبِّيْ النَّاسَ بِصِغَارِ العِلْمِ قَبْلَ كِبَارِهِ. ﴿صحيح البخاري: كتاب العلم: باب العلم قبل القول و العمل﴾
“Prak aranjeun sing jadi robbaniyyin, generasi anu deudeuh bari faqih (faham kana Agama). Sarta kantos didugikeun ku anjeunna: generasi robbani teh nyaeta jalma anu ngatik ngadidik manusa ti kawit alit keneh ku èlmu pangaweruh sateuacan eta jalma (anu di-didik) nincak dewasa.” ﴾Shohih Al Bukhori: Kitabul-‘Ilmi: Babul-‘Ilmu Qoblal-Qouli wal-‘Amali﴿
2 |
Didikan Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam anu henteu dadakan tèa, naha dugikeun ka tiasa ngahasilkeun hasil anu mucekil?. Aya sababaraha tuladan cara Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam dina ngadidik, diantawisna:
1. Tuladan
2. Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadidik loyog sareng fitrah manusa salaku hamba
3. Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadidik ku mangrupa-rupa metode (cara).
Nalika urang ngareunyag tina kalepatan èmutan yèn gening didikan henteu tiasa dadakan mangka guru-guru ditungtut sangkan langkung sabar dina ngawulang kalih ngadidik murid-muridna. Kitu ogè para murid anu diajar peryogi aya kasabaran dina milari èlmu pikeun ngadidik diri sangkan janten jalma anu iman tur taqwa.
Payus tur pantes upami nyuncruk èlmu dina basa Arab diungkabkeun ngagunakeun lafadz thôlibul-‘ilmi. Tholaba dumasar kamus hartosna milari atanapi nyuhunkeun, atanapi tiasa dihartoskeun: usaha pikeun ngèngingkeun hiji perkara. Upami tholiba (lam di-kasroh), hartosna tebih. Thollaba (lam di-syaddah), hartosna milari kalayan antarè. Thôlaba (tho dibaca panjang), hartosna nyuhunkeun deui atanapi nungtut. Thôliba (tho dibaca panjang, lam di-kasroh), hartosna anu milari atanap tiasa dihartoskeun anu ngalamar. Mangka hiji jalma anu nyukcruk èlmu ku urang Arab diungkabkeun ngagunakeun lafadz thôlibu ‘ilmin. Hayu urang salaku murid/guru/sepuh kanggo nengetan èta ungkaban-ungkaban lafadz di luhur anu pakuat-pakait sareng urang nyukcruk èlmu.
3 |
Tidak ada komentar:
Posting Komentar