Powered By Blogger

Senin, 16 Februari 2015

TAYAMMUM (Bagian Kedua -tamat-)

Tayammum kulantaran Gering atawa Safar

عَنِ ابْنِ عَبَّاسٍ رَضِيَ اللَّهُ عَنْهُمَا فِي قَوْلِهِ - عز وجل: {وَإِنْ كُنْتُمْ مَرْضَى أَوْ عَلَى سَفَرٍ} قَالَ: «إِذَا كَانَتْ بِالرَّجُلِ الْجِرَاحَةُ فِي سَبِيلِ اللَّهِ وَالْقُرُوحُ, فَيُجْنِبُ, فَيَخَافُ أَنْ يَمُوتَ إِنْ اِغْتَسَلَ: تَيَمَّمَ». رَوَاهُ الدَّارَقُطْنِيُّ مَوْقُوفًا, وَرَفَعَهُ الْبَزَّارُ, وَصَحَّحَهُ ابْنُ خُزَيْمَةَ, وَالْحَاكِمُ.
Ti Ibnu ‘Abbas rodiyallohu ‘anhuma ngeunaan dawuhan Alloh ‘Azza wa Jalla: {...Jeung nalika maraneh gering atawa keur dina safar...} saur Ibnu ‘Abbas: “Upama saurang pameget barohak di jalan Alloh atawa katerap kudis, lajeng anjeuna junub mangka sieun maot upama mandi: prak anjeuna tayammum.” Hr. Ad-Daroquthni, mauquf. Al-Bazzar ngariwayatkeun marfu’. Ibnu Khuzaimah kalih Al-Hakim ngashohihkeunana.

146 - عَنْ عَلِيٍّ - رضي الله عنه - قَالَ: انْكَسَرَتْ إِحْدَى زَنْدَيَّ فَسَأَلَتُ رَسُولَ اللَّهِ - صلى الله عليه وسلم - فَأَمَرَنِي أَنْ أَمْسَحَ عَلَى الْجَبَائِرِ. رَوَاهُ ابْنُ مَاجَه بِسَنَدٍ وَاهٍ جِدًّا.
Ti ‘Ali rodiyallohu ‘anhu anjeuna sasanggem: Salahsawios panangan sim kuring getihan, lajeng sim kuring tumaros ka Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam mangka anjeuna marentahkeun sim kuring pikeun ngusap kana luhureun ‘perban’-na. Hr. Ibnu Majah kalayan sanad anu LEMAH KACIDA (MAUDLU).

147 - عَنْ جَابِرٍ بْنُ عَبْدِ اللَّهِ رَضِيَ اللَّهُ عَنْهُمَا فِي الرَّجُلِ الَّذِي شُجَّ, فَاغْتَسَلَ فَمَاتَ: «إِنَّمَا كَانَ يَكْفِيهِ أَنْ يَتَيَمَّمَ, وَيَعْصِبَ عَلَى جُرْحِهِ خِرْقَةً, ثُمَّ يَمْسَحَ عَلَيْهَا وَيَغْسِلَ سَائِرَ جَسَدِهِ». رَوَاهُ أَبُو دَاوُدَ بِسَنَدٍ فِيهِ ضَعْفٌ, وَفِيهِ اِخْتِلَافٌ عَلَى رُوَاتِهِ.
Ti Jabir bin ‘Abdillah rodiyallohu ‘anhuma ngeunaan saurang pemeget anu bohak dina mastakana lajeng anjeuna mandi dugikeun ka maotna, “Taya lian cekap tayammum pikeun anjeuna sarta nutupan bohakna ku perban lajeng ngusap luhurna sarta ngawasuh sadaya salirana.” Hr. Abu Daud kalayan sanad anu DLO’IF, sarta dina rowi-na aya pacengkadan.

Syarah al-Hadits
عَنْ جَابِرٍ قَالَ خَرَجْنَا فِى سَفَرٍ فَأَصَابَ رَجُلاً مِنَّا حَجَرٌ فَشَجَّهُ فِى رَأْسِهِ ثُمَّ احْتَلَمَ فَسَأَلَ أَصْحَابَهُ فَقَالَ هَلْ تَجِدُونَ لِى رُخْصَةً فِى التَّيَمُّمِ فَقَالُوا مَا نَجِدُ لَكَ رُخْصَةً وَأَنْتَ تَقْدِرُ عَلَى الْمَاءِ فَاغْتَسَلَ فَمَاتَ فَلَمَّا قَدِمْنَا عَلَى النَّبِىِّ -صلى الله عليه وسلم- أُخْبِرَ بِذَلِكَ فَقَالَ « قَتَلُوهُ قَتَلَهُمُ اللَّهُ أَلاَّ سَأَلُوا إِذْ لَمْ يَعْلَمُوا فَإِنَّمَا شِفَاءُ الْعِىِّ السُّؤَالُ إِنَّمَا كَانَ يَكْفِيهِ أَنْ يَتَيَمَّمَ وَيَعْصِرَ ». أَوْ «يَعْصِبَ». شَكَّ مُوسَى « عَلَى جُرْحِهِ خِرْقَةً ثُمَّ يَمْسَحَ عَلَيْهَا وَيَغْسِلَ سَائِرَ جَسَدِهِ ».
Ti Jabir rodiyallohu ‘anhu anjeuna sasanggem: Abdi sadaya safar, saurang pameget ti abdi sadaya katinggang batu dugikeun ka bohak dina mastakana lajeng anjeuna ihtilam teras naroskeun ka shohabatna, pokna: “Manawi sim kuring kenging rukhsoh tayammum?”, waler shohabatna: “Henteu aya rukhsoh pikeun anjeun, (anjeun mampu) bari aya cai”, mangka pameget eta mandi dugikeun ka maotna. Nalika abdi sadaya nepangan Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam, perkara eta diuningakeun, pangandika Nabi, “Maranehna geus maehanana, mugia Alloh maehan maranehna! Naha henteu naranyakeun nalika teu arapal, kulantaran obat bodo teh tatanya! Taya lian cukup pikeun eta lalaki tayammum jeung ngeclakkeunana (cai kana perban).” Atanapi “meungkeutna” –Musa ragu-, “kana bohakna tuluy ngusap luhurna sarta ngumbah sakabeh jasadna.” Hr. Abu Daud.

Sakali Tayammum Tiasa Pikeun Sababaraha Waktu Sholat
148 - عَنِ ابْنِ عَبَّاسٍ رَضِيَ اللَّهُ عَنْهُمَا قَالَ: مِنْ السُّنَّةِ أَنْ لَا يُصَلِّيَ الرَّجُلُ بِالتَّيَمُّمِ إِلَّا صَلَاةً وَاحِدَةً, ثُمَّ يَتَيَمَّمُ لِلصَّلَاةِ الْأُخْرَى. رَوَاهُ الدَّارَقُطْنِيُّ بِإِسْنَادٍ ضَعِيفٍ جِدًّا.
Ti Ibnu ‘Abbas rodiyallohu ‘anhuma anjeuna sasanggem: Kalebet sunnah nalika saurang jalma henteu sholat ku sakali tayammum kajaba pikeun sholat nu hiji (sakali), lajeng (kedahna) anjeuna tayammum pikeun sholat anu lian. Hr. Ad-Daroquthni kalayan sanad anu DLO’IF KACIDA.



Wastaghfirulloh, Walhamdulillah, Wallohu A’lam.

Rengse Bab Tayammum, salajengna Bab Haidl.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar