Powered By Blogger

Sabtu, 21 Februari 2015

TAFSIR AL-LAHAB (Bagian Kedua) UMMU JAMIL SANG PENYEBAR FITNAH

Al-Lahab [bagéan kadua]
وَامْرَأَتُهُ حَمَّالَةَ الْحَطَبِ (4)
[4] Jeung  pamajikanana tukang mamawa suluh fitnah.

وَامْرَأَتُهُ حَمَّالَةُ الْحَطَبِ وَقَالَ مُجَاهِدٌ حَمَّالَةُ الْحَطَبِ تَمْشِي بِالنَّمِيمَةِ. صحيح البخاري.
(Jeung  pamajikanana tukang mamawa suluh fitnah), kasauran Mujahid “tukang mamawa suluh fitnah” nyaeta sagulak-sagilekna mamawa wae namimah (fitnah, ngadu domba). Hr. Shohih Al-Bukhori﴿

حُذَيْفَةُ سَمِعْتُ رَسُولَ اللَّهِ -صلى الله عليه وسلم- يَقُولُ « لاَ يَدْخُلُ الْجَنَّةَ نَمَّامٌ ». (صحيح مسلم).
Ti Khudzaifah rodiyallohu ‘anhu: Sim kuring kantos nguping Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, “Moal asup ka syurga nammaam (jalma tukang nyalabarkeun fitnah, tukang ngadu domba)”. Hr. Shohih Muslim﴿

وَقالَ نُوحٌ رَبِّ لا تَذَرْ عَلَى الْأَرْضِ مِنَ الْكافِرِينَ دَيَّاراً. إِنَّكَ إِنْ تَذَرْهُمْ يُضِلُّوا عِبادَكَ وَلا يَلِدُوا إِلاَّ فاجِراً كَفَّاراً. (نوح: 26-27).
Nuh ngadu; “Nun Gusti Pangeran abdi! Mugi Gusti henteu nyesakeun di ieu bumi saurang oge ti antawis jalmi-jalmi anu kalupur. Margi upami Gusti nyesakeun maranehna, tanwande maranehna baris nyasarkeun abdi-abdi Gusti, sareng maranehna moal ngalahirkeun (anak) kajabi ti anak anu darosa tur kalupur. Qs.Nuh:26-27﴿

عَنْ حُذَيْفَةَ ، قَالَ : سَمِعْتُ رَسُولَ اللهِ صلى الله عليه وسلم ، يَقُولُ : لا يَدْخُلُ الْجَنَّةَ قَتَّاتٌ.
Ti Khudzaifah rodiyallohu ‘anhu anjeuna nguningakeun: Sim kuring nguping Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, “Moal asup ka syurga qottaat (tukang fitnah, ngadu domba)”. Hr. Shohih Al-Bukhori kalih Shohih Muslim﴿

عَنْ مُحَمَّدِ بْنِ جُبَيْرِ بْنِ مُطْعِمٍ عَنْ أَبِيهِ عَنِ النَّبِىِّ صلى الله عليه وسلم قَالَ « لاَ يَدْخُلُ الْجَنَّةَ قَاطِعٌ ». قَالَ ابْنُ أَبِى عُمَرَ قَالَ سُفْيَانُ يَعْنِى قَاطِعَ رَحِمٍ.
Ti Muhammad ibnu Jubair ibnu Muth’im ti ramana, ti Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam anjeuna ngandika, “Moal asup ka syurga qoothi’ (tukang megatkeun)”. Ibnu Abi ‘Umar nguningakeun cariosan Sufyan, “Nyaeta tukang megatkeun silaturahim”. Hr. Shohih Bukhori kalih Shohih Muslim﴿

عَنْ أَبِي هُرَيْرَةَ رضي الله عنه قَالَ: قَالَ رَسُولُ اَللَّهِ صلى الله عليه وسلم: إِيَّاكُمْ وَالْحَسَدَ فَإِنَّ اَلْحَسَدَ يَأْكُلُ اَلْحَسَنَاتِ كَمَا تَأْكُلُ اَلنَّارُ اَلْحَطَبَ.
Ti Abu Huroiroh rodiyallohu ‘anhu anjeuna sasanggem: Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, “Masing ati-ati aranjeun tina sifat hasud, alatan satemena hasud baris ngahakan kahadean-kahadean sakumaha ngahakanna seuneu kana suluh”. Hr. Abu Dawud﴿

عَنْ أَسْمَاءَ بِنْتِ أَبِي بَكْرٍ رَضِيَ اللَّهُ عَنْهَا ، قَالَتْ : لَمَّا نَزَلَتْ {تَبَّتْ يَدَا أَبِي لَهَبٍ} أَقْبَلَتِ الْعَوْرَاءُ أُمُّ جَمِيلِ بِنْتُ حَرْبٍ وَلَهَا وَلْوَلَةٌ وَفِي يَدِهَا فِهْرٌ وَهِيَ تَقُولُ : مُذَمَّمًا أَبَيْنَا وَدِينَهُ قَلَيْنَا وَأَمْرَهُ عَصَيْنَا ، وَالنَّبِيُّ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ جَالِسٌ فِي الْمَسْجِدِ وَمَعَهُ أَبُو بَكْرٍ فَلَمَّا رَآهَا أَبُو بَكْرٍ قَالَ : يَا رَسُولَ اللهِ ، قَدْ أَقْبَلَتْ وَأَنَا أَخَافُ أَنْ تَرَاكَ . فَقَالَ رَسُولُ اللهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ : إِنَّهَا لَنْ تَرَانِي وَقَرَأَ قُرْآنًا فَاعْتَصَمَ بِهِ كَمَا قَالَ : وَقَرَأَ {وَإِذَا قَرَأْتَ الْقُرْآنَ جَعَلْنَا بَيْنَكَ وَبَيْنَ الَّذِينَ لاَ يُؤْمِنُونَ بِالآخِرَةِ حِجَابًا مَسْتُورًا} فَوَقَفَتْ عَلَى أَبِي بَكْرٍ وَلَمْ تَرَ رَسُولَ اللهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ فَقَالَتْ : يَا أَبَا بَكْرٍ ، إِنِّي أُخْبِرْتُ أَنَّ صَاحِبَكَ هَجَانِي . فَقَالَ : لاَ وَرَبِّ هَذَا الْبَيْتِ مَا هَجَاكِ . فَوَلَّتْ وَهِيَ تَقُولُ : قَدْ عَلِمَتْ قُرَيْشٌ أَنِّي بِنْتُ سَيِّدِهَا. (المستدرك)

Ti Asma binti Abu Bakar rodiyallohu ‘anha anjeuna nguningakeun: Nalika turun ayat {Tabbat yadaa abii lahab} mangka sumping Al-Auro (Arwa) nyaeta Ummu Jamil binti Harb anu miboga sora tarik bari mamawa batu dina leungeunna. Pokna, “(Manehna Muhammad) si doraka anu abdi sadaya nolakna!, oge agamana ku abdi sadaya dianggap leutik!, jeung parentahna ku abdi sadaya dilanggar!. Wangkid harita, Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam nuju calik di masjid disarengan ku Abu Bakar. Nalika ninggali Ummu Jamil, Abu Bakar sasanggem: “Nun Rosululloh, estu manehna parantos sumping sarta sim kuring sieun manehna ninggalieun ka anjeun. Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngawaler, “Saenyana manehna henteu ninggalieun kaula”, bari Nabi maos al-Qur’an sarta nyekel deleg ka dinya. Sakumaha dawuhan Alloh: anjeuna maoskeun ayat: “Jeung upama maneh maca Qur’an, Kami ngayakeun antara maneh jeung jalma-jalma anu henteu ariman kana aherat teh panutup anu ngahalangan.(QS: Al-Isra’ [17]: 45). Dugikeun ka Ummu Jamil ngadeg payuneun Abu Bakar bari henteu ninggalieun aya Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam, pokna Ummu Jamil: “He Abu Bakar! Saenyana parantos sumping bewara ka kuring yen sobat anjeun geus nyecelé kuring!”. Waler Abu Bakar: “Henteu, Demi Pangeran ieu Ka’bah!, anjeuna (Muhammad) henteu nyecelé anjeun!”. Bari ngabalieur manehna (Ummu Jamil) nyarita: “Estu kaom Quraisy parantos uninga saenyana kuring teh budak turunan ti pamingpin maranehna”. Al-Mustadrok ‘ala Ash-Shohihain li Al-Hakim﴿

Tidak ada komentar:

Posting Komentar