Powered By Blogger

Senin, 16 Februari 2015

HUKUM JUNUB / JANABAT (Bagian Keempat -TATA CARA MANDI JUNUB-)

KULEM DINA KAAYAAN JUNUB
 - 127وَلِلْأَرْبَعَةِ عَنْ عَائِشَةَ رَضِيَ اَللَّهُ عَنْهَا قَالَتْ: ( كَانَ رَسُولُ اَللَّهِ صلى الله عليه وسلم يَنَامُ وَهُوَ جُنُبٌ مِنْ غَيْرِ أَنْ يَمَسَّ مَاءً )  وَهُوَ مَعْلُول
127 – Sarta dina riwayat Imam anu opat ti ‘Aisyah rodiyallohu ‘anha anjeuna sasanggem: Kabuktosan Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam kantos kulem dina kaayaan junub bari henteu nyabak cai. Ieu hadits ma’lul.

Syarah al-Hadits
عَنِ ابْنِ عُمَرَ أَنَّ عُمَرَ اسْتَفْتَى النَّبِىَّ -صلى الله عليه وسلم- فَقَالَ هَلْ يَنَامُ أَحَدُنَا وَهُوَ جُنُبٌ قَالَ « نَعَمْ لِيَتَوَضَّأْ ثُمَّ لْيَنَمْ حَتَّى يَغْتَسِلَ إِذَا شَاءَ ».
Ti Ibnu ‘Umar rodiyallohu ‘anhuma, satemena ‘Umar rodiyallohu ‘anhu nyuhunkeun fatwa ka Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam mangka ‘Umar tumaros: “Kumaha upami saurang jalma kulem dina kaayaan junub?”, waler Nabi, “Sumuhun (henteu sawios), prak anjeuna wudlu, upami bade, lajeng kulem dugikeun ka ibak-na.” Hr. Shohih Muslim.

KAIFIYAT MANDI JANABAT
128 - عَنْ عَائِشَةَ رَضِيَ اَللَّهُ عَنْهَا قَالَتْ: (كَانَ رَسُولُ اَللَّهِ صلى الله عليه وسلم إِذَا اِغْتَسَلَ مِنْ اَلْجَنَابَةِ يَبْدَأُ فَيَغْسِلُ يَدَيْهِ ثُمَّ يُفْرِغُ بِيَمِينِهِ عَلَى شِمَالِهِ فَيَغْسِلُ فَرْجَهُ ثُمَّ يَتَوَضَّأُ ثُمَّ يَأْخُذُ اَلْمَاءَ فَيُدْخِلُ أَصَابِعَهُ فِي أُصُولِ اَلشَّعْرِ ثُمَّ حَفَنَ عَلَى رَأْسِهِ ثَلَاثَ حَفَنَاتٍ ثُمَّ أَفَاضَ عَلَى سَائِرِ جَسَدِهِ ثُمَّ غَسَلَ رِجْلَيْهِ)  مُتَّفَقٌ عَلَيْهِ وَاللَّفْظُ لِمُسْلِم.
128 – Ti ‘Aisyah rodiyallohu ‘anha anjeuna sasanggem: Kabuktosan Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam nalika mandi janabat anjeuna ngawitan ngawasuh dua dampal pananganana lajeng ngucurkeun cai tina panangan tengenna kana panangan kiwana lajeng ngawasuh raranganana, teras anjeuna wudlu lajeng nyandak cai mangka rema-remana dilebetkeun kana puhu-puhu rambutna teras ngucurkeun cai kana mastakana tilu kucuran, lajeng ngaratakeun cai kana sadaya salirana teras ngawasuh dua sampeanana. Hr. Muttafaq ‘Alaihi, kalayan lafadz riwayat Imam Muslim.

وَلَهُمَا فِي حَدِيثِ مَيْمُونَةَ: ثُمَّ أَفْرَغَ عَلَى فَرْجِهِ فَغَسَلَهُ بِشِمَالِهِ ثُمَّ ضَرَبَ بِهَا اَلْأَرْضَ. وَفِي رِوَايَةٍ: فَمَسَحَهَا بِالتُّرَابِ
129 – Sarta dina riwayat Al-Bukhori kalih Muslim dina hadits ti Maimunah: Lajeng Nabi ngucurkeun cai kana raranganana teras ngawasuh ku panangan tengenna lajeng ngagosokkeun pananganana kana taneuh. Dina hiji riwayat: Mangka Nabi ngusap pananganana ku taneuh.

130 - وَفِي آخِرِهِ: ( ثُمَّ أَتَيْتُهُ بِالْمِنْدِيلِ )  فَرَدَّهُ وَفِيهِ: ( وَجَعَلَ يَنْفُضُ الْمَاءَ بِيَدِهِ )
130 - Sarta dina riwayat nu sanes: (Lajeng sim kuring [Maimunah] maparin ‘saputangan’ ka anjeuna namung ku anjeuna ditolak). Sarta dina ieu hadits diuningakeun: (Lajeng Nabi ngagaringkeun cai ku pananganana).

131 - عَنْ أُمِّ سَلَمَةَ رَضِيَ اَللَّهُ عَنْهَا قَالَتْ: ( قُلْتُ: يَا رَسُولَ اَللَّهِ إِنِّي اِمْرَأَةٌ أَشُدُّ شَعْرَ رَأْسِي أَفَأَنْقُضُهُ لِغُسْلِ اَلْجَنَابَةِ؟ وَفِي رِوَايَةٍ: وَالْحَيْضَةِ؟ فَقَالَ: لَا إِنَّمَا يَكْفِيكِ أَنْ تَحْثِي عَلَى رَأْسِكِ ثَلَاثَ حَثَيَاتٍ )  رَوَاهُ مُسْلِم
131 – Ti Ummu Salamah rodiyallohu ‘anha anjeuna sasanggem: Sim kuring tumaros: “Nun Rosululloh! Satemena buuk sim kuring dibeungkeut, naha kedah dibuka nalika mandi janabat?”. Dina riwayat anu sanes: “kalih nalika mandi saatos haidl?” mangka Nabi ngandika, “Henteu kedah, taya lian cekap pikeun anjeuna ngucurkeun cai kana mastaka anjeun tilu kucuran”. Hr.Muslim

ANU JUNUB HENTEU KENGING CALIK DI MASJID
132 - عَنْ عَائِشَةَ رَضِيَ اَللَّهُ عَنْهَا قَالَتْ: قَالَ رَسُولُ اَللَّهِ صلى الله عليه وسلم ( إِنِّي لَا أُحِلُّ اَلْمَسْجِدَ لِحَائِضٍ وَلَا جُنُبٌ )  رَوَاهُ أَبُو دَاوُدَ وَصَحَّحَهُ اِبْنُ خُزَيْمَة.

132 – Ti ‘Aisyah rodiyallohu ‘anha anjeuna sasanggem: Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, “Satemena kaula henteu ngahalalkeun masjid pikeun anu haidl kalih anu junub”. Hr. Abu Daud kalih dishohihkeun ku Ibnu Khuzaimah.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar