Powered By Blogger

Senin, 16 Februari 2015

ADZAN (Bagian Pertama)

بَابُ الْأَذَانِ
Bab Adzan
190 - عَنْ عَبْدِ اللَّهِ بْنِ زَيْدِ بْنِ عَبْدِ رَبِّهِ - رضي الله عنه - قَالَ: طَافَ بِي - وَأَنَا نَائِمٌ - رَجُلٌ فَقَالَ: تَقُولُ: اللَّهُ أَكْبَرَ اللَّهِ أَكْبَرُ, فَذَكَرَ الْآذَانَ - بِتَرْبِيع التَّكْبِيرِ بِغَيْرِ تَرْجِيعٍ, وَالْإِقَامَةَ فُرَادَى, إِلَّا قَدْ قَامَتِ الصَّلَاةُ. قَالَ: فَلَمَّا أَصْبَحْتُ أَتَيْتُ رَسُولَ اللَّهِ - صلى الله عليه وسلم - فَقَالَ: «إِنَّهَا لَرُؤْيَا حَقٍّ ... ». الْحَدِيثَ. أَخْرَجَهُ أَحْمَدُ, وَأَبُو دَاوُدَ, وَصَحَّحَهُ التِّرْمِذِيُّ, وَابْنُ خُزَيْمَةَ.
190 - Abdulloh Ibnu Zaid Ibnu Abdi Robbih rodiyallohu ‘anhu nguningakeun: Nalika nuju kulem (sim kuring ngimpen) aya saurang jalma ngurilingan sim kuring bari pokna: “Ucapkeun ‘Allohu Akbar Allahu Akbar’,” lajeng jalma eta nguningakeun kaifiyat adzan opat kali takbir bari henteu dijantenan deui, sarta iqomat sakali-sakali kejaba ‘Qodqoomatish-sholaah’. Saur Abdulloh ibnu Zaid: Wangkid shubuh sim kuring nepangan Rosululloh Shollallohu 'alaihi wa Sallam, pangandika Nabi: “Saenyana eta teh impenan anu haq (bener)…” al-Hadits. Hr. Ahmad kalih Abu Dawud. Shohih dumasar At-Tirmidzi kalih Ibnu Khuzaimah.

Takhrij al-Hadits
1. Ahmad, Musnad Ahmad: 26: 402: 16478; 2. Abu Dawud, Sunan Abu Dawud: Bab Kaifiyat Adzan: 1: 187: 499; 3. Al-Baihaqi, As-Sunan As-Shugro: 1: 116: 195.

Syarah Al-Hadits
الْأَذَانُ لُغَةً : الْإِعْلَامُ ، قَالَ اللَّهُ تَعَالَى { وَأَذَانٌ مِنْ اللَّهِ وَرَسُولِهِ } . وَشَرْعًا : الْإِعْلَامُ بِوَقْتِ الصَّلَاةِ بِأَلْفَاظٍ مَخْصُوصَةٍ . وَكَانَ فَرْضُهُ بِالْمَدِينَةِ فِي السَّنَةِ الْأُولَى مِنْ الْهِجْرَةِ.
Adzan dumasar bahasa hartosna: al-i’lam (wawaran), dawuhan Alloh Ta’ala: {Jeung (ieu teh) wawaran ti Allah jeung Rosul-Na} -Qs. At-Taubah: 3-. Anapon dumasar syare’at: (Adzan nyaeta) wawaran waktu sholat ku lafadz-lafadz anu khusus. Ditetepkeun di Madinah dina taun 1 Hijriah. Subulus Salam: I: 168﴿
أَصْلُ مَادَّةِ الأَذَانِ مِنَ الأُذُنِ؛ لِأَنَّ الْمُتَكَلِّمَ يُلْقِيْ فِي أُذُنِ السَّامِعِ مَا يُرِيْدُ أَنْ يَلْقِيَهُ، فَكَانَ الأَذَانُ إِعْلَامًا.
Asal lafadz al-adzanu tina al-udzunu (cepil), alatan anu ngalafadzkeun dugi lafadzna dina cepil jalma anu ngadangu ngamaksud ngadongkapanana, mangka adzan teh bewara. Syarah Bulugh al-Marom karya Syaikh ‘Athiyyah Muhammad Salim: I: 287﴿
عَنْ عَبْدِ اللهِ بْنِ عَبْدِ الرَّحْمنِ بْنِ أَبِيْ صَعْصَعَةْ عَنْ أَبِيْ سَعِيدٍ الْخُدْرِىَّ قَالَ لَهُ « إِنِّى أَرَاكَ تُحِبُّ الْغَنَمَ وَالْبَادِيَةَ ، فَإِذَا كُنْتَ فِى غَنَمِكَ أَوْ بَادِيَتِكَ فَأَذَّنْتَ بِالصَّلاَةِ فَارْفَعْ صَوْتَكَ بِالنِّدَاءِ ، فَإِنَّهُ لاَ يَسْمَعُ مَدَى صَوْتِ الْمُؤَذِّنِ جِنٌّ وَلاَ إِنْسٌ وَلاَ شَىْءٌ إِلاَّ شَهِدَ لَهُ يَوْمَ الْقِيَامَةِ » . قَالَ أَبُو سَعِيدٍ سَمِعْتُهُ مِنْ رَسُولِ اللَّهِ - صلى الله عليه وسلم - . رواه أحمد والبخاري والنسائي وابن ماجه
Ti Abdulloh bin Abdurrohman bin Abi Sho’sho’ah anjeuna nguningakeun: Abu Sa'id Al Khudri rodiyallohu ‘anhu sasanggem ka anjeuna, “Katawis ku sim kuring, anjeun mah resep kana domba jeung lengkob (pangangonan), upama anjeun nuju ngangon domba atanapi nuju di lengkob lajeng anjeun adzan pikeun sholat, mangka tarikkeun sora anjeun, alatan saenyana henteu ngadangu satungtung suanten muadzdzin ti bangsa jin, manusa, jeung naon bae anging baris janten saksi pikeun anjeuna (muadzdzin) dina dintenan qiyamat”. Saur Abu Sa’id: “Sim kuring nguping ti Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam sapertos kitu”. Hr. Ahmad, Al-Bukhori, An-Nasai, kalih Ibnu Majah. Kitab Nailul-Author syarah Muntaqol-Akhbar: II: 28﴿
وَهُوَ مَا فِي الرِّوَايَاتِ أَنَّهُ : { لَمَّا كَثُرَ النَّاسُ ذَكَرُوا أَنْ يُعَلِّمُوا وَقْتَ الصَّلَاةِ بِشَيْءٍ يَجْمَعُهُمْ لَهَا ، فَقَالُوا : لَوْ اتَّخَذْنَا نَاقُوسًا ؟ فَقَالَ رَسُولُ اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ : ذَلِكَ لِلنَّصَارَى ، فَقَالُوا : لَوْ اتَّخَذْنَا بُوقًا ؟ قَالَ : ذَلِكَ لِلْيَهُودِ ، فَقَالُوا : لَوْ رَفَعْنَا نَارًا ؟ قَالَ : ذَلِكَ لِلْمَجُوسِ، فَافْتَرَقُوا ، فَرَأَى عَبْدُ اللَّهِ بْنُ زَيْدٍ ، فَجَاءَ إلَى النَّبِيِّ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ فَقَالَ : طَافَ بِي } الْحَدِيثَ ؛
Hadits ieu (no. 190) anu diuningakeun dina hiji riwayat: {Nalika seueur jalma nguningakeun (usulan kaifiyat) ngawawarkeun waktu sholat ku hiji cara anu tiasa ngahijikeun aranjeuna kana sholat. Usul para shohabat: “Kumaha upami ngagunakeun lonceng?”, Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, “Eta mah kanggo Nashroni”, usul para shohabat: “Kumaha upami ngagunakeun tarompet?”, waler Nabi: “Eta mah kanggo Yahudi”, usul para shohabat: “Kumaha upami ngagunakeun seuneu?”, waler Nabi: “Eta mah kanggo Majusi”, aranjeunna lajeng balubar, mangka Abdulloh ibnu Zaid ninggali (dina impenan) teras anjeuna nepangan Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam pokna: .... al-hadits}. Subulus Salam: I: 168﴿
عَنْ أَبِى هُرَيْرَةَ أَنَّ رَسُولَ اللَّهِ - صلى الله عليه وسلم - قَالَ « إِذَا نُودِىَ لِلصَّلاَةِ أَدْبَرَ الشَّيْطَانُ وَلَهُ ضُرَاطٌ حَتَّى لاَ يَسْمَعَ التَّأْذِينَ ، فَإِذَا قَضَى النِّدَاءَ أَقْبَلَ ، حَتَّى إِذَا ثُوِّبَ بِالصَّلاَةِ أَدْبَرَ ، حَتَّى إِذَا قَضَى التَّثْوِيبَ أَقْبَلَ حَتَّى يَخْطُرَ بَيْنَ الْمَرْءِ وَنَفْسِهِ ، يَقُولُ اذْكُرْ كَذَا ، اذْكُرْ كَذَا . لِمَا لَمْ يَكُنْ يَذْكُرُ ، حَتَّى يَظَلَّ الرَّجُلُ لاَ يَدْرِى كَمْ صَلَّى »

Ti Abu Huroiroh rodiyallohu ‘anhu, satemena Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, “Nalika digerokeun wawaran sholat (nyaeta adzan) mangka syetan lumpat bari hitut dugikeun ka manehna henteu ngadangu deui adzan, nalika wawaran eta rengse mangka syetan balik deui. Sarta nalika iqomat, syetan lumpat dugikeun ka rengse iqomat eta, syetan balik deui, tuluy manehna nyulusup (ngaharewos) kana hate saurang jalma, pokna: ‘Sing inget kana ieu, sing inget kana itu’. Teras-terasan dugikeun ka saurang jalma poekeun, henteu uningaeun sabaraha roka’at sholatna”. Hr. Al-Bukhori Al-Lu-lu wa al-Marjan: I: 117﴿

Tidak ada komentar:

Posting Komentar