Powered By Blogger

Senin, 16 Februari 2015

ADZAN (Bagian Keenam -tamat-)

210 - وَعَنْ عُثْمَانَ بْنِ أَبِي الْعَاصِ - رضي الله عنه - أَنَّهُ قَالَ: يَا رَسُولَ اللَّهِ اجْعَلْنِي إِمَامَ قَوْمِي. قَالَ: «أَنْتَ إِمَامُهُمْ, وَاقْتَدِ بِأَضْعَفِهِمْ, وَاتَّخِذْ مُؤَذِّنًا لَا يَأْخُذُ عَلَى أَذَانِهِ أَجْرًا». أَخْرَجَهُ الْخَمْسَةُ, وَحَسَّنَهُ التِّرْمِذِيُّ, وَصَحَّحَهُ الْحَاكِمُ.
210 – Ti ‘Utsman bin Abi al-‘Ash rodiyallohu ‘anhu satemena anjeuna sasanggem: “Nun Rosululloh, pamugi sim abdi dijantenkeun imam pikeun kaom sim abdi”. Pangandika Nabi, “Anjeun imam maranehna! Perhatoskeun jalma-jalma anu lalemah ti aranjeuna, sarta angkat saurang muadzin anu henteu menta buruh kana adzanna”. Hr. Imam anu lima, At-Tirmidzi nga-HASAN-keun ieu hadits, oge Al-Hakim nga-SHOHIH-keunana.

211 - وَعَنْ مَالِكِ بْنِ الْحُوَيْرِثِ - رضي الله عنه - قَالَ: قَالَ لَنَا النَّبِيُّ - صلى الله عليه وسلم: «وَإِذَا حَضَرَتِ الصَّلَاةُ فَلْيُؤَذِّنْ لَكُمْ أَحَدُكُمْ ... ». الْحَدِيثَ أَخْرَجَهُ السَّبْعَةُ.
211 – Ti Malik ibnu al-Huwairitsi rodiyallohu ‘anhu anjeuna nguningakeun: Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika ka abdi sadaya, “Upama sumping waktos sholat mangka pok adzan salahsawios ti aranjeun pikeun aranjeun ….” Al-Hadits. Hr. Imam anu Tujuh.

212 - وَعَنْ جَابِرٍ - رضي الله عنه: أَنَّ رَسُولَ اللَّهِ - صلى الله عليه وسلم - قَالَ لِبِلَالٍ: «إِذَا أَذَّنْتَ فَتَرَسَّلْ, وَإِذَا أَقَمْتُ فَاحْدُرْ, وَاجْعَلْ بَيْنَ أَذَانِكَ وَإِقَامَتِكَ قَدْرَ مَا يَفْرُغُ الْآكِلُ مِنْ أَكْلِهِ». الْحَدِيثَ. رَوَاهُ التِّرْمِذِيُّ وَضَعَّفَهُ.
212 – Ti Jabir rodiyallohu ‘anhu, satemena Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika ka Bilal: “Nalika anjeun adzan mangka prak lahonkeun, jeung nalika anjeun iqomat mangka prak gancangkeun, sarta jantenkeun lolongkrang antawis adzan sareng iqomat anjeun saukuran jalma anu barangtuang rengse tina tuangna”. Al-Hadits. Hr. At-Tirmidzi kalih nga-DLO’IF-keunana.

213 - وَلَهُ: عَنْ أَبِي هُرَيْرَةَ - رضي الله عنه - أَنَّ النَّبِيَّ - صلى الله عليه وسلم - قَالَ: «لَا يُؤَذِّنُ إِلَّا مُتَوَضِّئٌ». وَضَعَّفَهُ أَيْضًا. فَالْحَدِيثُ ضَعِيفٌ مَرْفُوعًا وَمَوْقُوفًا.
213 – Sarta dina riwayatna oge, ti Abu Huroiroh rodiyallohu ‘anhu: Satemena Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, “Henteu kenging adzan kajaba anu kagungan wudlu”. At-Tirmidzi nga-DLO’IF-keunana oge. Mangka ieu hadits DLO’IF boh nu Marfu’ boh anu Mauquf.

214 - وَلَهُ: عَنْ زِيَادِ بْنِ الْحَارِثِ -رضي الله عنه- قَالَ: قَالَ رَسُولُ اللَّهِ - صلى الله عليه وسلم: «وَمَنْ أَذَّنَ فَهُوَ يُقِيمُ». وَضَعَّفَهُ أَيْضًا.
214 – Sarta dina riwayatna oge, ti Ziyad ibnu al-Harits rodiyallohu ‘anhu anjeuna nguningakeun: Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, “Sing saha anu adzan mangka anjeuna anu iqomat”. At-Tirmidzi nga-DLO’IF-keunana oge.

215- وَلِأَبِي دَاوُدَ: فِي حَدِيثِ عَبْدِ اللَّهِ بْنِ زَيْدٍ أَنَّهُ قَالَ: أَنَا رَأَيْتُهُ- يَعْنِي: الْأَذَانَ- وَأَنَا كُنْتُ أُرِيدُهُ. قَالَ: «فَأَقِمْ أَنْتَ». وَفِيهِ ضَعْفٌ أَيْضًا.
215 – Sarta dina riwayat Abu Dawud: dina hadits ‘Abdulloh ibnu Zaid saenyana anjeuna nguningakeun: “Sim kuring ngaimpenkeunana”, nyaeta: adzan, “sarta sim kuring miharepna”, pangandika Nabi, “Prak anjeun mah iqomat!”. Dina ieu hadits oge aya ka-DLO’IF-an.

216 - وَعَنْ أَبِي هُرَيْرَةَ - رضي الله عنه - قَالَ: قَالَ رَسُولُ اللَّهِ - صلى الله عليه وسلم: «الْمُؤَذِّنُ أَمْلَكُ بِالْأَذَانِ, وَالْإِمَامُ أَمْلَكُ بِالْإِقَامَةِ». رَوَاهُ ابْنُ عَدِيٍّ وَضَعَّفَهُ.
216 – Ti Abu Huroiroh rodiyallohu ‘anhu anjeuna nguningakeun: Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, “Mu’adzin anu langkung ngapimilik kana adzan, sarta imam anu langkung ngapimilik kana iqomatna”. Hr. Ibnu ‘Adi sarta anjeuna nga-DLO’IF-keunana.

217 - وَلِلْبَيْهَقِيِّ نَحْوُهُ: عَنْ عَلِيٍّ مِنْ قَوْلِهِ.
217 – Sarta dina riwayat Al-Baihaqi sapertos kitu, ti ‘Ali tina cariosanana.

218 - وَعَنْ أَنَسٍ - رضي الله عنه - قَالَ: قَالَ رَسُولُ اللَّهِ - صلى الله عليه وسلم: «لَا يُرَدُّ الدُّعَاءُ بَيْنَ الْأَذَانِ وَالْإِقَامَةِ». رَوَاهُ النَّسَائِيُّ, وَصَحَّحَهُ ابْنُ خُزَيْمَةَ.
218 – Ti Anas rodiyallohu ‘anhu anjeuna sasanggem: Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, “Moal ditolak du’a antawis adzan jeung iqomat”. Hr. An-Nasai sarta Ibnu Khuzaimah nga-SHOHIH-keunana.

219 - وَعَنْ جَابِرٍ -رَضِيَ اللَّهُ عَنْهُ- أَنَّ رَسُولَ اللَّهِ -صلى الله عليه وسلم- قَالَ: «مَنْ قَالَ حِينَ يَسْمَعُ النِّدَاءَ: اللَّهُمَّ رَبَّ هَذِهِ الدَّعْوَةِ التَّامَّةِ, وَالصَّلَاةِ الْقَائِمَةِ, آتِ مُحَمَّدًا الْوَسِيلَةَ وَالْفَضِيلَةَ, وَابْعَثْهُ مَقَامًا مَحْمُودًا الَّذِي وَعَدْتَهُ, حَلَّتْ لَهُ شَفَاعَتِي يَوْمَ الْقِيَامَةِ». أَخْرَجَهُ الْأَرْبَعَةُ

219 – Ti Jabir rodiyallohu ‘anhu, satemena Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, “Sing saha anu ngadu’a nalika ngadangu adzan, ALLOOHUMMA ROBBA HAADZIHID-DA’WATIT-TAAMMAH, WASH-SHOLAATIL-QOOIMAH, AATI MUHAMMADANIL-WASIILATA WAL-FADHIILAH, WAB’ATSHU MAQOOMAM-MAHMUUDANIL-LADZII WA’ADTAH, mangka halal pikeun anjeuna syafa’at kaula nalika dintenan qiyamat”. Hr. Imam anu opat.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar