Powered By Blogger

Senin, 16 Februari 2015

BERHUBUNGAN SUAMI ISTRI KETIKA HAIDL / HAIDH

Istihadloh [2]
152 - وَعَنْ عَائِشَةَ رَضِيَ اللَّهُ عَنْهَا: أَنَّ أُمَّ حَبِيبَةَ بِنْتَ جَحْشٍ شَكَتْ إِلَى رَسُولِ اللَّهِ - صلى الله عليه وسلم - الدَّمَ, فَقَالَ: «اُمْكُثِي قَدْرَ مَا كَانَتْ تَحْبِسُكِ حَيْضَتُكِ, ثُمَّ اغْتَسِلِي»، فَكَانَتْ تَغْتَسِلُ كُلَّ صَلَاةٍ. رَوَاهُ مُسْلِمٌ.
152 – Ti ‘Aisyah rodiyallohu ‘anha: Satemena Ummu Habibah binti Jahsyin sasadu ka Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngeunaan getih [istihadloh], Nabi ngandika, “Eureunan (tina sholat) salila ukuran haidl anjeun, lajeng prak mandi.” Mangka anjeuna (Ummu Habibah) mandi pikeun unggal sholatna. Hr. Muslim, Shohih Muslim: I: 181, no.785; Abu Daud, Sunan Abu Daud: I: 112, no.279; An-Nasai, Sunan An-Nasai: I: 119, no.207; Ahmad, Musnad Ahmad: VI: 222, no.25901; Al-Baihaqi, Al-Kubro li Al-Baihaqi: I: 330, no.1628﴿

153 - وَفِي رِوَايَةٍ لِلْبُخَارِيِّ: «وَتَوَضَّئِي لِكُلِّ صَلَاةٍ». وَهِيَ لِأَبِي دَاوُدَ وَغَيْرِهِ مِنْ وَجْهٍ آخَرَ.
153 – Sarta dina riwayat Al-Bukhori, “Jeung prak anjeun wudlu pikeun unggal sholat.” Hadits ieu diriwayatkeun oge ku Abu Daud kalih anu lianna ti sanad anu sanes. Hr. Al-Bukhori, Shohih Al-Bukhori; Abu Daud, Sunan Abu Daud; Ibnu Majah, Sunan Ibnu Majah: I: 394, no.624; Ahmad, Musnad Ahmad: VI: 204, no.25722﴿

154 - وَعَنْ أُمِّ عَطِيَّةَ - رَضِيَ اللَّهُ عَنْهَا - قَالَتْ: كُنَّا لَا نَعُدُّ الْكُدْرَةَ وَالصُّفْرَةَ بَعْدَ الطُّهْرِ شَيْئًا. رَوَاهُ الْبُخَارِيُّ, وَأَبُو دَاوُدَ وَاللَّفْظُ لَهُ.
154 – Ti Ummu ‘Athiyyah rodiyallohu ‘anha anjeuna sasanggem: Abdi sadaya henteu nganggap nanaon kana ‘cairan’ kiruh jeung koneng saatos susuci. Hr. Al-Bukhori, kalih Abu Daud oge lafadz kagungan anjeuna. Shohih Al-Bukhori; Abu Daud, Sunan Abu Daud: I; 122, no.307; Al-Baihaqi, Al-Kubro li Al-Baihaqi: I: 337, no.1659﴿

Haram Saresmi Nalika Haidl
155 - وَعَنْ أَنَسٍ - رضي الله عنه: أَنَّ الْيَهُودَ كَانُوا إِذَا حَاضَتِ الْمَرْأَةُ لَمْ يُؤَاكِلُوهَا, فَقَالَ النَّبِيُّ - صلى الله عليه وسلم: «اصْنَعُوا كُلَّ شَيْءٍ إِلَّا النِّكَاحَ». رَوَاهُ مُسْلِمٌ.
155 – Ti Anas rodiyallohu ‘anhu: Satemena Yahudi nalika saurang istri haidl henteu diarajak tuang ngariung, mangka Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, “Laksanakeun unggal perkara kajaba an-nikah (saresmi)!.” Hr. Muslim Shohih Muslim: I; 169, no.720; Ahmad, Musnad Ahmad: III: 132, no.12376﴿

156 - وَعَنْ عَائِشَةَ - رَضِيَ اللَّهُ عَنْهَا - قَالَتْ: كَانَ رَسُولُ اللَّهِ - صلى الله عليه وسلم - يَأْمُرُنِي فَأَتَّزِرُ, فَيُبَاشِرُنِي وَأَنَا حَائِضٌ. مُتَّفَقٌ عَلَيْهِ.
156 – Ti ‘Aisyah rodiyallohu ‘anha anjeuna nguningakeun: Kabuktosan Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam marentahkeun sim kuring nganggo kaen lajeng anjeuna mubaasyaroh (ngantelkeun kulit kana kulit) ka sim kuring bari harita sim kuring nuju haidl. Hr. Muttafaq ‘Alaihi. Al-Bukhori, Shohih Al-Bukhori: I: 82, no.300; Muslim, Shohih Muslim; Ahmad, Musnad Ahmad: VI: 55, no.24325﴿

157 - وَعَنِ ابْنِ عَبَّاسٍ رَضِيَ اللَّهُ عَنْهُمَا, عَنِ النَّبِيِّ - صلى الله عليه وسلم - فِي الَّذِي يَأْتِي امْرَأَتَهُ وَهِيَ حَائِضٌ - قَالَ: «يَتَصَدَّقُ بِدِينَارٍ, أَوْ نِصْفِ دِينَارٍ». رَوَاهُ الْخَمْسَةُ, وَصَحَّحَهُ الْحَاكِمُ وَابْنُ الْقَطَّانِ, وَرَجَّحَ غَيْرَهُمَا وَقْفَهُ.
157 – Ti Ibnu ‘Abbas rodiyallohu ‘anhuma, ti Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam ngeunaan pameget anu nyumpingan (jima’) ka garwana bari nuju haidl, pangandika Nabi: “Anjeuna kudu sholdaqoh sa-dinar atanapi satengah dinar.” Hr. Imam anu lima, Al-Hakim kalih Ibnu al-Qoththon ngashohihkeunana oge mauquf saur duanana. Abu Daud, Sunan Abu Daud: I: 108, no.264; Ahmad, Musnad Ahmad: I: 237, no.2121,;jsb.﴿

Syarah al-Hadits
1.    Hadits ini tidak shah dan tidak terlihat hadits yang shahih di dalam hal tersebut.
2.   Bercampur dengan isteri yang di dalam haidl menurut ayat 222 al-Baqarah, haram.

وَيَسْأَلُونَكَ عَنِ الْمَحِيضِ قُلْ هُوَ أَذًى فَاعْتَزِلُوا النِّسَاءَ فِي الْمَحِيضِ وَلَا تَقْرَبُوهُنَّ حَتَّى يَطْهُرْنَ فَإِذَا تَطَهَّرْنَ فَأْتُوهُنَّ مِنْ حَيْثُ أَمَرَكُمُ اللَّهُ...

Jeung maranehna pada nanya ka maneh perkara (hukum) haidl. Pok caritakeun: “Haidl teh panyakit ku kituna maraneh kudu ngajauhan pamajikan anu keur haidl jeung ulah waka ngadareukeutan satungtung can beresih mah; upama engke geus beberesih prung datangan (deui) ku maraneh sakumaha timbalan Alloh ka maraneh ... .” Qs. Al-Baqoroh [2]: 222﴿

Tidak ada komentar:

Posting Komentar