Powered By Blogger

Rabu, 18 Februari 2015

TAFSIR AL-LAHAB (Bagian Pertama)

Al-Lahab [bagéan kahiji]
تَبَّتْ يَدَا أَبِي لَهَبٍ وَتَبَّ (1)
[1] Cilaka dua leungeun Abu Lahab jeung bener-bener cilaka. Qs. Al-Lahab [111].

Ti Ibnu ‘Abbas rodiyallohu ‘anhuma anjeuna nguningakeun, yen nalika turun ayat {Jeung gera wawadian kulawarga maneh anu pang dareukeutna} -Qs.asy-Syu’aro: 214- Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam shubuh-shubuh keneh harita nérékél ka bukit Shofa bari ngagorowok “Yaa shobaahaahu!”, mangka bangsa Quroisy ngariung disabudeureunana. Pangandika Nabi, Ya Bani Fulan, Ya Bani Manaf, Ya Bani Mutholib! Naha aranjeun percaya lamun kuring ngabejakeun yen aya pasukan kuda kaluar ti tukangeun ieu gunung?. Kabeh ngajawab: “Percaya! Lantaran anjeun teu pernah bohong.” Mangka Nabi nganepikeun beja anu sabenerna: “Fa innii nadziirun lakum baina yadayya ‘adzaabun syadiidun (Satemena kuring Rosululloh anu mawa bewara pangwawadi mangrupa siksaan anu banget). Abu Lahab anu harita hadir langsung ambek bari ngacung-ngacung peureup asa direrab beungeut pok ngagorowok: “Tabballaka yaa Muhammad! (Cilaka hey Muhammad!), a li haadza jama’tanaa (ngan ukur kitu anjeun ngumpulkeun jelema sakieu lobana teh)?”. Mangka turun ayat: {Tabbat yadaa abii lahabiwwatabba, jst.}. Shohih Al-Bukhori, Shohih Muslim, Shofwatut-Tafasir, Al-Miqbas﴿
يَدا أَبِي لَهَبٍ مَجَازٌ مُرْسَلٌ ، إِطْلَقُ الجُزْءِ وَإِرَادَةُ الكُلِّ ، أَيْ هَلَكَ.
Yadaa abii lahab, lafadz majaz mursal, disebat sapalih maksadna sadayana, nyaeta cilaka sadayana. Al-Munir﴿
أَبِي لَهَبٍ كُنْيَةٌ لِلتَّصْغِيْرِ وَالتَّحْقِيْرِ ، َكَأَبِيْ جَهْلٍ. Al-Munir
Abu Lahab mangrupikeun kun-yah (sesebutan) pikeun ngaleutikkeun kalih ngahinakeun, saperti: Abu Jahal.
وَأَبُوْ لَهَبٍ : عَمُّ النَّبِيِّ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ، وَاسْمُهُ عَبْدُ العُزَّى بْنُ عَبْدِ الْمُطَلِّبِ، وَقَدْ كَانَ كَثِيْرُ الأَذَى وَالبَغْضِ وَالاَزْدَرَاءِ لِرَسُوْلِ اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهَ وَسَلَّمَ وَلِدِيْنِهِ.
Abu Lahab nyaeta uwa (rakana ‘Abdulloh bin ‘Abdul Muthollib) Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam, wastana: ‘Abdul ‘Uzza bin ‘Abdul Muthollib, estu anjeun kabuktosan seueur nganyenyeri, ngamusuhan, kalih ngahina ka Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam kalih agamana. Tafsir Al-Munir li Wahbah az-Zuhaili: 30: 456﴿

ما أَغْنى عَنْهُ مالُهُ وَما كَسَبَ (2)
[2] Taya tinulungna pakaya jeung saniskara anu diusahakeunana.

عن رَبِيعَةَ بْنِ عَبَّادٍ مِنْ بَنِي الدِّيلِ وَكَانَ جَاهِلِيًّا قَالَ رَأَيْتُ النَّبِيَّ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ فِي الْجَاهِلِيَّةِ فِي سُوقِ ذِي الْمَجَازِ وَهُوَ يَقُولُ يَا أَيُّهَا النَّاسُ قُولُوا لَا إِلَهَ إِلَّا اللَّهُ تُفْلِحُوا وَالنَّاسُ مُجْتَمِعُونَ عَلَيْهِ وَوَرَاءَهُ رَجُلٌ وَضِيءُ الْوَجْهِ أَحْوَلُ ذُو غَدِيرَتَيْنِ يَقُولُ إِنَّهُ صَابِئٌ كَاذِبٌ يَتْبَعُهُ حَيْثُ ذَهَبَ فَسَأَلْتُ عَنْهُ فَذَكَرُوا لِي نَسَبَ رَسُولِ اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ وَقَالُوا لِي هَذَا عَمُّهُ أَبُو لَهَبٍ.
Ti Robi’ah ibnu ‘Abbad ti Bani ad-Diil anu anjeuna kantos ngalaman jahiliyyah anjeuna nguningakeun: Di jaman jahiliyyah, sim kuring kantos ninggali Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam di pasar Dzul-Majaz, wangkid harita Nabi ngandika, “He manusa, prak aranjeun kedalkeun LAA ILAAHA ILLALLOOH mangka aranjeun baris tinemu kabagjaan!”, mangka jalma-jalma ngariung anjeuna, bari di pengkereun anjeuna aya saurang pameget kasep pameuteuna, socana 'juling', rambutna dibeulah dua manehna sasanggem: “Saenyana ieu teh budak lalaki tukang wadul anu murtad! (kaluar tina agama tatali karuhun)”. Mangka sim kuring (Robi’ah ibnu ‘Abbad) naroskeun ngeunaan eta jalma, mangka aranjeuna nguningakeun ka sim kuring nasab Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam sarta aranjeuna nguningakeun ka sim kuring yen eta jalma teh uwa-na Nabi, wastana Abu Lahab. Musnad Ahmad: 5: 329, no. 3165﴿

عَنْ اِبْن مَسْعُود أَنَّ رَسُول اللَّه صَلَّى اللَّه عَلَيْهِ وَسَلَّمَ لَمَّا دَعَا قَوْمه إِلَى الْإِيمَان قَالَ أَبُو لَهَب إِنْ كَانَ مَا يَقُول اِبْن أَخِي حَقًّا فَإِنِّي أَفْتَدِي نَفْسِي يَوْم الْقِيَامَة مِنْ الْعَذَاب بِمَالِي وَوَلَدِي فَأَنْزَلَ اللَّه تَعَالَى " مَا أَغْنَى عَنْهُ مَاله وَمَا كَسَبَ " .
Ti Ibnu Mas’ud rodiyallohu ‘anhu, satemena Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam nalika ngajak kaomna pikeun iman, Abu Lahab sasanggem: “Upama seug naon anu dikedalkeun ku putra dulur kuring teh bener, mangka saenyana kuring rek nebus diri kuring dina poe qiyamah tina adzab [siksa] ku harta jeung anak kuring”, mangka Alloh Ta’ala nurunkeun ayat: “Maa aghnaa ‘anhu maaluhu wa maa kasaba”. Tafsir Ibnu Katsir﴿

سَيَصْلى ناراً ذاتَ لَهَبٍ (3)
[3] Manehna bakal abus kana seuneu naraka anu ngentab-ngentab.

أَيْ سَيَذُوْقُ حَرُّ نَارِ جَهَنَّمَ ذَاتَ اللَّهَبِ الْمُشْتَعَّلِ الْمُتَوَقِّدِ، أَوْ سَوْفَ يُعَذَّبُ فِيْ النَّارِ الْمُلْتَهَبَّةِ الَّتِيْ تَحْرُقُ جِلْدَهُ، وَهِيَ نَارُ جَهَنَّمَ.

Nyaeta manehna baris ngarasakeun panasna seuneu jahannam anu ngentab-ngentab anu harurung. Atanapi: Manehna baris disiksa dina seuneu anu ngentab-ngentab anu ngaduruk kana kulitna nyaeta seuneu jahannam. Tafsir Al-Munir: 30: 457﴿

Tidak ada komentar:

Posting Komentar