Powered By Blogger

Senin, 16 Februari 2015

HUKUM JUNUB / JANABAT (Bagian Kedua)

SYARÉAT MANDI JUNUB
عَنْ عَائِشَةَ رَضِيَ اللَّهُ عَنْهَا قَالَتْ: كَانَ النَّبِيَّ - صلى الله عليه وسلم - يَغْتَسِلُ مِنْ أَرْبَعٍ: مِنَ الْجَنَابَةِ, وَيَوْمَ الْجُمُعَةِ, وَمِنَ الْحِجَامَةِ, وَمِنْ غُسْلِ الْمَيِّتِ. رَوَاهُ أَبُو دَاوُدَ, وَصَحَّحَهُ ابْنُ خُزَيْمَةَ.
Ti ‘Aisyah rodiyallohu ‘anha anjeuna sasanggem: Kabuktosan Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam mandi junub tina opat perkara: tina janabat, nalika dintenan jum’at, tina hijamah (bekam), sarta tina ngebakan mayyit. Hr. Abu Daud, sarta dishohihkeun ku Ibnu Khuzaimah.
Syarah al-hadits:
وَرَوَاهُ أَحْمَدُ وَالبَيْهَقِيُّ، وَفِيْ إِسْنَادِهِ مُصْعَبُ بْنُ شَيْبَةَ، وَفِيْهِ مَقَالٌ.
Diriwayatkeun oge ieu hadits ku Imam Ahmad kalih Al-Baihaqi, dina sanadna aya rowi namina Mush’ab ibnu Syaibah, anjeuna pada nyarioskeun (ngeunaan kadloifanana). Subulus Salam, juz 1,
وَعَنْ أَبِي هُرَيْرَةَ - رضي الله عنه - قَالَ: قَالَ رَسُولُ اللَّهِ - صلى الله عليه وسلم: «إِذَا جَلَسَ بَيْنَ شُعَبِهَا الْأَرْبَعِ, ثُمَّ جَهَدَهَا, فَقَدْ وَجَبَ الْغُسْلُ». مُتَّفَقٌ عَلَيْهِ.
ti Abi Huroiroh rodiyallohu ‘anhu anjeuna sasanggem: Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, “Nalika saurang jalma calik antawis opat bagean salirana, lajeng anjeuna ngaenyakeunana (‘bersungsuh-sungguh’), mangka estu wajib mandi”. Hr. Muttafaq ‘Alaihi.
عَنْ سَمُرَةَ قَالَ قَالَ رَسُولُ اللَّهِ صلى الله عليه وسلم « مَنْ تَوَضَّأَ يَوْمَ الْجُمُعَةِ فَبِهَا وَنِعْمَتْ وَمَنِ اغْتَسَلَ فَهُوَ أَفْضَلُ ».
Ti Samuroh rodiyallohu ‘anhu anjeuna sasanggem: Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, “Sing saha anu wudlu nalika dintenan jum’at mangka kalintang saena sarta sing saha anu mandi mangka eta anu langkung utami”. Hr. Sunan Abu Daud.
عَنْ أَبِي سَعِيدٍ ، قَالَ : قَالَ رَسُولُ اللهِ  صلى الله عليه وسلم : غُسْلُ الْجُمُعَةِ وَاجِبٌ عَلَى كُلِّ مُحْتَلِمٍ.
Ti Abi Sa’id rodiyallohu ‘anhu anjeuna sasanggem: Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, “Mandi jum’at wajib pikeun unggal pameget anu parantos ihtilam”. Hr. Musnad Imam Ahmad.
عَنْ عَبْدِ اللَّهِ قَالَ سَمِعْتُ رَسُولَ اللَّهِ -صلى الله عليه وسلم- يَقُولُ « إِذَا أَرَادَ أَحَدُكُمْ أَنْ يَأْتِىَ الْجُمُعَةَ فَلْيَغْتَسِلْ ».
Ti ‘Abdulloh rodiyallohu ‘anhu anjeuna sasanggem: Sim kuring nguping Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, “Nalika saurang ti aranjeun maksad bade ngalaksanakeun jum’at mangka prak anjeun mandi!”. Hr. Shohih Al-Bukhori kalih Shohih Muslim.
عَنْ أَبِي هُرَيْرَةَ ، رَضِيَ اللَّهُ عَنْهُ ، أَنَّ رَسُولَ اللهِ صلى الله عليه وسلم قَالَ : مَنِ اغْتَسَلَ يَوْمَ الْجُمُعَةِ غُسْلَ الْجَنَابَةِ ثُمَّ رَاحَ فَكَأَنَّمَا قَرَّبَ بَدَنَةً ، وَمَنْ رَاحَ فِي السَّاعَةِ الثَّانِيَةِ فَكَأَنَّمَا قَرَّبَ بَقَرَةً ، وَمَنْ رَاحَ فِي السَّاعَةِ الثَّالِثَةِ فَكَأَنَّمَا قَرَّبَ كَبْشًا أَقْرَنَ ، وَمَنْ رَاحَ فِي السَّاعَةِ الرَّابِعَةِ فَكَأَنَّمَا قَرَّبَ دَجَاجَةً ، وَمَنْ رَاحَ فِي السَّاعَةِ الْخَامِسَةِ فَكَأَنَّمَا قَرَّبَ بَيْضَةً فَإِذَا خَرَجَ الإِمَامُ حَضَرَتِ الْمَلاَئِكَةُ يَسْتَمِعُونَ الذِّكْرَ.
Ti Abi Huroiroh rodiyallohu ‘anhu, satemena Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, “Sing saha anu mandi dintenan jum’at mandi janabat lajeng anjeuna gura-giru angkat mangka kaya-kaya anjeuna parantos qurban ku onta anu badag. Jeung sing saha anu gura-giru angkat dina anu kaduana mangka kaya-kaya anjeuna parantos qurban ku sapi bikang. Jeung sing saha anu gura-giru angkat dina anu katiluna mangka kaya-kaya anjeuna parantos qurban ku domba jalu anu tandukkan. Jeung sing saha anu gura-giru angkat dina anu kaopatna mangka kaya-kaya anjeuna parantos qurban ku hayam bikang. Jeung sing saha anu gura-giru angkat dina anu kalimana mangka kaya-kaya anjeuna parantos qurban ku hiji endog. Nalika imam parantos kaluar (maksad khutbah) mangka malaikat-malaikat hadir ngararegepkeun pangwawadi.” Hr. Shohih AlBukhori
عَنْ أَنَسِ بْنِ مَالِكٍ رضي الله عنه: أَنَّ النَّبِيَّ صلى الله عليه وسلم احْتَجَمَ وَصَلَّى, وَلَمْ يَتَوَضَّأْ. أَخْرَجَهُ الدَّارَقُطْنِيُّ, وَلَيَّنَهُ.
Ti Anas bin Malik rodiyallohu ‘anhu: Saenyana Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam ihtijam [bekam] lajeng sholat bari henteu wudlu deui. Hr. Ad-Daroquthni kalih anjeuna ngalemahkeunana﴿
عَنْ أَبِي هُرَيْرَةَ , قَالَ : قَالَ رَسُولُ اللهِ صَلَّى الله عَليْهِ وسَلَّمَ : لاَ وُضُوءَ إِلاَّ مِنْ صَوْتٍ أَوْ رِيحٍ.

Ti Abu Huroiroh rodiyallohu ‘anhu anjeuna sasanggem: Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, “Teu aya wudlu kajaba tina sora atawa bau.” Sunan Ibnu Majah, juz 1, kaca 323, hadits no. 515.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar