Powered By Blogger

Senin, 16 Februari 2015

ADZAN (Bagian Keempat)

Syare’at Adzan Nalika Waktosna Parantos Kalangkung
202 - وَعَنْ أَبِي قَتَادَةٌ فِي الْحَدِيثِ الطَّوِيلِ, - فِي نَوْمهُمْ عَنِ الصَّلَاةِ - ثُمَّ أَذَّنَ بِلَالٌ, فَصَلَّى رَسُولُ اللَّهِ - صلى الله عليه وسلم - كَمَا كَانَ يَصْنَعُ كُلَّ يَوْمٍ. رَوَاهُ مُسْلِمٌ.
202 – Ti Abu Qotadah dina hadits anu panjang -ngeunaan aranjeuna anu kapulesan tina sholat- lajeng Bilal adzan, mangka Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam sholat sakumaha anu biasa ku anjeuna dilaksanakeun unggal dinten. Hr. Muslim.

Matan al-Hadits:
عَنْ أَبِى قَتَادَةَ قَالَ خَطَبَنَا رَسُولُ اللَّهِ -صلى الله عليه وسلم- فَقَالَ « إِنَّكُمْ تَسِيرُونَ عَشِيَّتَكُمْ وَلَيْلَتَكُمْ وَتَأْتُونَ الْمَاءَ إِنْ شَاءَ اللَّهُ غَدًا ».
Ti Abu Qotadah rodiyallohu ‘anhu anjeuna nguningakeun: Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam khutbah ka abdi sadaya anjeuna ngandika, “Satemena aranjeun baris angkat dina waktos pasosoré kalih wengi, aranjeun baris nepangan (sumber) cai, enjing, Insya Alloh”.
فَانْطَلَقَ النَّاسُ لاَ يَلْوِى أَحَدٌ عَلَى أَحَدٍ - قَالَ أَبُو قَتَادَةَ - فَبَيْنَمَا رَسُولُ اللَّهِ -صلى الله عليه وسلم- يَسِيرُ حَتَّى ابْهَارَّ اللَّيْلُ وَأَنَا إِلَى جَنْبِهِ - قَالَ - فَنَعَسَ رَسُولُ اللَّهِ -صلى الله عليه وسلم- فَمَالَ عَنْ رَاحِلَتِهِ فَأَتَيْتُهُ فَدَعَمْتُهُ مِنْ غَيْرِ أَنْ أُوقِظَهُ حَتَّى اعْتَدَلَ عَلَى رَاحِلَتِهِ - قَالَ - ثُمَّ سَارَ حَتَّى تَهَوَّرَ اللَّيْلُ مَالَ عَنْ رَاحِلَتِهِ - قَالَ - فَدَعَمْتُهُ مِنْ غَيْرِ أَنْ أُوقِظَهُ حَتَّى اعْتَدَلَ عَلَى رَاحِلَتِهِ - قَالَ - ثُمَّ سَارَ حَتَّى إِذَا كَانَ مِنْ آخِرِ السَّحَرِ مَالَ مَيْلَةً هِىَ أَشَدُّ مِنَ الْمَيْلَتَيْنِ الأُولَيَيْنِ حَتَّى كَادَ يَنْجَفِلُ فَأَتَيْتُهُ فَدَعَمْتُهُ فَرَفَعَ رَأْسَهُ فَقَالَ « مَنْ هَذَا ». قُلْتُ أَبُو قَتَادَةَ.
Mangka para shohabat arangkat, saurang henteu nyarandé ka saurang anu liana. Abu Qotadah nguningakeun: Nalika Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam angkat dugikeun ka wengi anu poék mongkléng, bari sim kuring (Abu Qotadah) aya di gédéngeunana, Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngawitan nundutan dugikeun ka médéng tina tutumpakanana, sim kuring nyaketan lajeng salira anjeuna ditahan diajegkeun bari henteu ngagugahkeunana dugikeun ka anjeuna ajeg dina luhureun tutumpakanana, lajeng Nabi majeng dugikeun ka wengi kalangkungan, Nabi médéng deui tina tutumpakanana, mangka sim kuring nyaketan lajeng salira anjeuna ditahan diajegkeun bari henteu ngagugahkeunana dugikeun ka anjeuna ajeg dina luhureun tutumpakanana, lajeng Nabi majeng dugikeun ka dugi kana akhir waktos sahur, Nabi médéng deui anu langkung-langkung tibatan dua kali médéng anu ngawitan dugikeun ka ampir-ampiran ngagubrag, mangka sim kuring (Abu Qotadah) ngadongkapan salirana lajeng ditahan diajegkeun, Nabi lajeng ngangkat mastakana bari pokna: “Saha ieu?”, “Sim kuring Abu Qotadah.”
قَالَ « مَتَى كَانَ هَذَا مَسِيرَكَ مِنِّى ». قُلْتُ مَا زَالَ هَذَا مَسِيرِى مُنْذُ اللَّيْلَةِ. قَالَ « حَفِظَكَ اللَّهُ بِمَا حَفِظْتَ بِهِ نَبِيَّهُ ». ثُمَّ قَالَ « هَلْ تَرَانَا نَخْفَى عَلَى النَّاسِ ». ثُمَّ قَالَ « هَلْ تَرَى مِنْ أَحَدٍ ». قُلْتُ هَذَا رَاكِبٌ. ثُمَّ قُلْتُ هَذَا رَاكِبٌ آخَرُ. حَتَّى اجْتَمَعْنَا فَكُنَّا سَبْعَةَ رَكْبٍ -
Nabi tumaros: “Ti iraha anjeun nalingakeun kaula?”, waler sim kuring (Abu Qotadah): “Sim kuring henteu kendat nalingakeun anjeun ti wengi keneh”, pangadika Nabi: “Mugia Alloh ngariksa anjeun ku ngariksana anjeun ka Nabi-Na.” Lajeng Nabi tumaros: “Manawi anjeun nyangki urang teu katara ti nu lian?”, lajeng saur Nabi: “Manawi aya nu lian?”, waler sim kuring: “Ieu aya anu tutumpakan”, lajeng saur sim kuring: “Ieu aya deui anu tutumpakan anu lianna”, dugikeun ka abdi sadaya kempel aya tujuh anu tutumpakan.
قَالَ - فَمَالَ رَسُولُ اللَّهِ -صلى الله عليه وسلم- عَنِ الطَّرِيقِ فَوَضَعَ رَأْسَهُ ثُمَّ قَالَ « احْفَظُوا عَلَيْنَا صَلاَتَنَا ». فَكَانَ أَوَّلَ مَنِ اسْتَيْقَظَ رَسُولُ اللَّهِ -صلى الله عليه وسلم- وَالشَّمْسُ فِى ظَهْرِهِ - قَالَ - فَقُمْنَا فَزِعِينَ ثُمَّ قَالَ « ارْكَبُوا ». فَرَكِبْنَا فَسِرْنَا حَتَّى إِذَا ارْتَفَعَتِ الشَّمْسُ نَزَلَ ثُمَّ دَعَا بِمِيضَأَةٍ كَانَتْ مَعِى فِيهَا شَىْءٌ مِنْ مَاءٍ - قَالَ - فَتَوَضَّأَ مِنْهَا وُضُوءًا دُونَ وُضُوءٍ - قَالَ - وَبَقِىَ فِيهَا شَىْءٌ مِنْ مَاءٍ ثُمَّ قَالَ لأَبِى قَتَادَةَ « احْفَظْ عَلَيْنَا مِيضَأَتَكَ فَسَيَكُونُ لَهَا نَبَأٌ ». ثُمَّ أَذَّنَ بِلاَلٌ بِالصَّلاَةِ فَصَلَّى رَسُولُ اللَّهِ -صلى الله عليه وسلم- رَكْعَتَيْنِ ثُمَّ صَلَّى الْغَدَاةَ فَصَنَعَ كَمَا كَانَ يَصْنَعُ كُلَّ يَوْمٍ
Saur Abu Qodatah: Lajeng Nabi mengkolkeun tutumpakanana ti jalan teras Nabi ngagolerkeun mastakana pokna: “Prak jaragi ku aranjeun sholat abdi sadaya!”. Mangka anu pangpayunna gugah nyaeta Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam nalika panon poe parantos katawis di pengkereunana, abdi sadaya gugah ting korejat, pangandika Nabi: “Prak geura narumpak!”, mangka abdi sadaya naek tutumpakan teras majeng dugikeun ka panon poe rada luhur, Nabi turun lajeng nyuhunkeun wadah cai anu sim kuring masihkeun aya sakedik cai dina eta wadah, mangka Nabi wudlu tina eta wadah henteu sapertos wudlu biasa bari cai dina eta wadah aya keneh sesa, lajeng Nabi ngandika ka Abu Qotadah: “Jagi ku anjeun wadah cai anjeun ieu, wadah cai ieu baris janten legenda!”. Lajeng Bilal adzan pikeun sholat, mangka Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam sholat dua roka’at teras sholat shubuh, sholat sakumaha anu biasa ku anjeuna dilaksanakeun unggal dinten.
- قَالَ - وَرَكِبَ رَسُولُ اللَّهِ -صلى الله عليه وسلم- وَرَكِبْنَا مَعَهُ - قَالَ - فَجَعَلَ بَعْضُنَا يَهْمِسُ إِلَى بَعْضٍ مَا كَفَّارَةُ مَا صَنَعْنَا بِتَفْرِيطِنَا فِى
Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam naek tutumpakan disarengan ku abdi sadaya, mangka abdi sadaya
ngawitan ting kecewis ngeunaan naon kifarat abdi sadaya alatan ngaakhirkeun dina ….
صَلاَتِنَا ثُمَّ قَالَ « أَمَا لَكُمْ فِىَّ أُسْوَةٌ ». ثُمَّ قَالَ « أَمَا إِنَّهُ لَيْسَ فِى النَّوْمِ تَفْرِيطٌ إِنَّمَا التَّفْرِيطُ عَلَى مَنْ لَمْ يُصَلِّ الصَّلاَةَ حَتَّى يَجِىءَ وَقْتُ الصَّلاَةِ الأُخْرَى فَمَنْ فَعَلَ ذَلِكَ فَلْيُصَلِّهَا حِينَ يَنْتَبِهُ لَهَا فَإِذَا كَانَ الْغَدُ فَلْيُصَلِّهَا عِنْدَ وَقْتِهَا ».
… sholat. Nabi ngandika, “Sanesna kaula teh tuladan aranjeun?” lajeng Nabi ngandika, “Henteu kasebat ngaakhirkeun sholat alatan kapulesan, taya lian ngaakhirkeun teh nyaeta jalma anu henteu sholat dugikeun ka sumping waktos sholat anu lian, mangka sing saha anu milampah perkara eta prak anjeuna sholat nalika gugah, nalika enjingna prak anjeuna sholat dina waktosna.”
ثُمَّ قَالَ « مَا تَرَوْنَ النَّاسَ صَنَعُوا ». قَالَ ثُمَّ قَالَ « أَصْبَحَ النَّاسُ فَقَدُوا نَبِيَّهُمْ فَقَالَ أَبُو بَكْرٍ وَعُمَرُ رَسُولُ اللَّهِ -صلى الله عليه وسلم- بَعْدَكُمْ لَمْ يَكُنْ لِيُخَلِّفَكُمْ. وَقَالَ النَّاسُ إِنَّ رَسُولَ اللَّهِ -صلى الله عليه وسلم- بَيْنَ أَيْدِيكُمْ فَإِنْ يُطِيعُوا أَبَا بَكْرٍ وَعُمَرَ يَرْشُدُوا ».
Abdulloh (ibnu Robah) tumaros: “Anu katawis ku anjeun, naon anu dipilampah ku para shohabat?”, waler Abu Qotadah: “Saba’da eta, para shohabat lajeng kaicalan Nabi aranjeuna”. Abu Bakar kalih ‘Umar sasanggem: “Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam pengkereun aranjeun, anjeuna moal ngantunkeun aranjeun”, para shohabat aya nu kedal: “Saenyana Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam payuneun aranjeun”. Upama seug aranjeuna ta’at ka Abu Bakar kalih ‘Umar, aranjeuna baris meunang pituduh (moal salasar).  
قَالَ فَانْتَهَيْنَا إِلَى النَّاسِ حِينَ امْتَدَّ النَّهَارُ وَحَمِىَ كُلُّ شَىْءٍ وَهُمْ يَقُولُونَ يَا رَسُولَ اللَّهِ هَلَكْنَا عَطِشْنَا. فَقَالَ « لاَ هُلْكَ عَلَيْكُمْ ». ثُمَّ قَالَ « أَطْلِقُوا لِى غُمَرِى ». قَالَ وَدَعَا بِالْمِيضَأَةِ فَجَعَلَ رَسُولُ اللَّهِ -صلى الله عليه وسلم- يَصُبُّ وَأَبُو قَتَادَةَ يَسْقِيهِمْ فَلَمْ يَعْدُ أَنْ رَأَى النَّاسُ مَاءً فِى الْمِيضَأَةِ تَكَابُّوا عَلَيْهَا. فَقَالَ رَسُوْلُ اللَّهِ -صلى الله عليه وسلم- « أَحْسِنُوا الْمَلأَ كُلُّكُمْ سَيَرْوَى ». قَالَ فَفَعَلُوا فَجَعَلَ رَسُولُ اللَّهِ -صلى الله عليه وسلم- يَصُبُّ وَأَسْقِيهِمْ حَتَّى مَا بَقِىَ غَيْرِى وَغَيْرُ رَسُولِ اللَّهِ -صلى الله عليه وسلم- - قَالَ - ثُمَّ صَبَّ رَسُولُ اللَّهِ -صلى الله عليه وسلم- فَقَالَ لِى « اشْرَبْ ». فَقُلْتُ لاَ أَشْرَبُ حَتَّى تَشْرَبَ يَا رَسُولَ اللَّهِ قَالَ « إِنَّ سَاقِىَ الْقَوْمِ آخِرُهُمْ شُرْبًا ».
Abu Qotadah nguningakeun: Mangka abdi sadaya nyusul para shohabat nalika panas poe kacida sarta panas sagala rupina, para shohabat sasanggem: “Nun Rosululloh, urang sadaya cilaka! Urang sadaya kahanaangan!”, waler Nabi: “Henteu!, aranjeun moal cilaka!”, lajeng saur Nabi: “Paparin kaula wadah alit!”, lajeng anjeuna nyuhunkeun wadah kanggo wudlu, Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngawitan ngucurkeun cai sarta Abu Qotadah ngabagikeun cai ka aranjeuna (pikeun dileueut), mangka para shohabat pasesedek nalika ninggali cai dikucurkeun tina wadah eta. Nabi ngandika, “Masing hade laku lampah teh! Aranjeun sakabehna baris kapuaskeun!”, mangka aranjeuna narurut, lajeng Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngucurkeun cai deui sarta Abu Qotadah ngabagikeun cai ka aranjeuna dugikeun ka henteu aya anu kalangkung kajaba sim kuring sareng Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam, lajeng Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngucurkeun cai ka sim kuring, pokna: “Geura leueut!”, waler sim kuring: “Nun Rosululloh, sim kuring moal ngaleueut sateuacan salira ngaleueut”, pangadika Nabi: “Saenyana anu maparin ngaleueut ti hiji kaom, anjeuna anu ngaleueut pangakhirna”.
قَالَ فَشَرِبْتُ وَشَرِبَ رَسُولُ اللَّهِ -صلى الله عليه وسلم- - قَالَ - فَأَتَى النَّاسُ الْمَاءَ جَامِّينَ رِوَاءً. قَالَ فَقَالَ عَبْدُ اللَّهِ بْنُ رَبَاحٍ إِنِّى لأُحَدِّثُ هَذَا الْحَدِيثَ فِى مَسْجِدِ الْجَامِعِ إِذْ قَالَ عِمْرَانُ بْنُ حُصَيْنٍ انْظُرْ أَيُّهَا الْفَتَى كَيْفَ تُحَدِّثُ فَإِنِّى أَحَدُ الرَّكْبِ تِلْكَ اللَّيْلَةَ.
Saur Abu Qotadah: Mangka sim kuring ngaleueut sarta Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam oge ngaleueut, lajeng para shohabat nyumpingan cai bari ngaraos puas. ‘Abdulloh bin Robah sasauran: Satemena sim kuring baris nguningakeun hadits ieu di masjid jami’. Wangkid harita ‘Imron bin Hushoin sasanggem: “He pamuda, Sing taliti! Kumaha anjeun baris nguningakeunana, alatan satemena sim kuring saurang diantawis anu tutumpakan dina eta wengi”.
قَالَ قُلْتُ فَأَنْتَ أَعْلَمُ بِالْحَدِيثِ. فَقَالَ مِمَّنْ أَنْتَ قُلْتُ مِنَ الأَنْصَارِ. قَالَ حَدِّثْ فَأَنْتُمْ أَعْلَمُ بِحَدِيثِكُمْ. قَالَ فَحَدَّثْتُ الْقَوْمَ فَقَالَ عِمْرَانُ لَقَدْ شَهِدْتُ تِلْكَ اللَّيْلَةَ وَمَا شَعَرْتُ أَنَّ أَحَدًا حَفِظَهُ كَمَا حَفِظْتُهُ.
Abdulloh bin Robah nguningakeun: Sim kuring sasanggem: “Mangka anjeun langkung uninga ngeunaan ieu hadits”. ‘Imron bin Hushoin tumaros: “Salira ti manten?”, waler sim kuring: “Ti kaom Anshor”, saur ‘Imron: “Prak uningakeun!, anjeun langkung uninga ngeunaan hadits anjeun.” Abdulloh bin Robah nguningakeun: Mangka sim kuring nguningakeun hadits eta ka jalma-jalma, lajeng ‘Imron bin Hushoin sasauran: “Estu sim kuring bener-bener nyakseni eta wengi, sarta anu kauninga ku sim kuring henteu aya anu langkung hafal kajantenanna sakumaha hafalna sim kuring”. Hr. Muslim, Shohih Muslim: II: 138, no. 1594﴿

Syarah al-Hadits
Bersambung ...

dina pedaran anu salajengna.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar