Powered By Blogger

Jumat, 31 Mei 2013

Yang Menciptakan, Yang Menyempurnakan

Nu nyiptakeun, sarta Anu nyampurnakeun
Hanafi Anshory

الَّذِي خَلَقَ فَسَوَّى (2) وَالَّذِي قَدَّرَ فَهَدَى (3) وَالَّذِي أَخْرَجَ الْمَرْعَى (4) فَجَعَلَهُ غُثَاءً أَحْوَى (5)
[2] Nu nyiptakeun, sarta anu nyampurnakeun [3] Jeung anu naqdirkeun sarta anu maparin pituduh [4] Jeung anu numuwuhkeun jujukutan [5] Tuluy Mantena ngajadikeun eta jujukutan garing tur geheng. ﴾Qs. al A’laa [87]﴿

قَالَ رَبُّنَا الَّذِي أَعْطَى كُلَّ شَيْءٍ خَلْقَهُ ثُمَّ هَدَى
Waler Nabi Musa: “Pangeran kaula sarerea teh nyaeta (Pangeran) anu parantos maparin dedeg-pangadeg ka sakur anu kumelip, tuluy maparin pituduh.” ﴾Qs. Thoha [20]: 50﴿

(الَّذِي خَلَقَ فَسَوَّى وَالَّذِي قَدَّرَ فَهَدَى) (87 : 2 ، 3) وَهِيَ أَنْوَاعُ هِدَايَةِ الْفِطْرَةِ وَالْغَرِيزَةِ ، وَهِدَايَةِ الْحَوَّاسِ ، وَهِدَايَةِ الْعَقْلِ ، وَهِدَايَةِ التَّفَكُّرِ وَالِاسْتِدْلَالِ بِكُلِّ ذَلِكَ ، وَهِدَايَةِ الدِّينِ ، وَهُوَ لِلنَّوْعِ الْبَشَرِيِّ فِي جُمْلَتِهِ كَالْعَقْلِ لِأَفْرَادِهِ ، وَهِدَايَةِ التَّوْفِيقِ الْمُوصِّلِ بِالْفِعْلِ إِلَى الْغَايَةِ بِتَوْجِيهِ النَّفْسِ إِلَى طَلَبِ الْحَقِّ وَتَسْهِيلِ سَبِيلِهِ وَمَنْعِ الصَّوَارِفِ عَنْهُ . ﴿تفسير المنار: 11: 296﴾
([2] Nu nyiptakeun, sarta anu nyampurnakeun [3] Jeung anu naqdirkeun sarta anu maparin pituduh) nyaeta mangrupi-rupi hidayah: [1] Hidayah Fithroh, [2] Hidayah Ghoriizah (naluri), [3] Hidayah Hawwaas (panca indera), [4] Hidayah Akal, [5] Hidayah Tafakkur (tiasa ngemut) sarta milari dalil ku sadaya hidayah eta, [6] Hidayah Agama pikeun manusa sapertos akal pikeun unggal jalma, sarta [7] Hidayah Taufiq anu nepungkeun padamelan kana tujuan ku cara nyanghareupkeun diri kana milari bebeneran, ngentengkeun jalanna sarta ngahalangan perkara-perkara anu ngabalieurkeun ti Mantenna. ﴾Tafsir Al-Manar: 11: 296﴿

سَنُقْرِئُكَ فَلَا تَنْسَى (6) إِلَّا مَا شَاءَ اللَّهُ إِنَّهُ يَعْلَمُ الْجَهْرَ وَمَا يَخْفَى (7)
[6] Kami bakal mangmacakeun ka anjeun (al-Qur’an) sahingga anjeun henteu poho [7] Anging anu dikersakeun ku Alloh. Satemena Mantena uninga kana saniskara anu nembrak jeung anu nyamuni. ﴾Qs. al A’laa [87]﴿

لَا تُحَرِّكْ بِهِ لِسَانَكَ لِتَعْجَلَ بِهِ (16) إِنَّ عَلَيْنَا جَمْعَهُ وَقُرْآنَهُ (17) فَإِذَا قَرَأْنَاهُ فَاتَّبِعْ قُرْآنَهُ (18) ثُمَّ إِنَّ عَلَيْنَا بَيَانَهُ (19)
[16] Poma anjeun ulah rek ngusikkeun letah pikeun ngucapkeun Al-Qur’an sangkan buru-buru macana. [17] Satemena tanggungan Kami ngumpulkeunana jeung macana teh. [18] Ku kituna upama Kami rengse macakeunana, hidep kudu nuturkeun bacaanana. [19] Tuluy saestuna tanggungan Kami nerangkeunana.
Wallohu A’lam.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar