Digampangkeun kana jalan anu gampang
Hanafi Anshory
وَاللَّيْلِ إِذَا يَغْشَى(1) وَالنَّهَارِ إِذَا تَجَلَّى(2) وَمَا خَلَقَ الذَّكَرَ وَالْأُنْثَى(3) إِنَّ سَعْيَكُمْ لَشَتَّى(4)
[1] Demi peuting nalika reup poek mongkleng. [2] Jeung demi beurang nalika caang ngempray. [3] Jeung demi Pangeran anu nyiptakeun lalaki jeung awewe. [4] Satemena pacabakan maraneh teh rupa-rupa. ﴾Qs. al Lail [92]: 1-4﴿
Sabab turun surat di luhur sakumaha dijelaskeun ku Ibnu Abbas. Anjeunna ngisahkeun nalika hamba sahaya Bilal disiksa ku kaom musyriqin anu dikokojoan ku Umayyah bin Kholaf nu jadi dununganana anu kaluar tina biwir Bilal ngan ucapan kalimah tauhid: “Ahad! Ahad! Ahad!.” Nalika Bilal disiksa harita, Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam jeung Abu Bakar ngalangkung ka payuneun Bilal bari pok nyarita ka Abu Bakar: “Ya Abu Bakar! Satemenaa Bilal disiksa lantaran mertahankeun kayakinan.” Abu Bakar ngarti jeung surti kana ucapan kanjeng Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam. Anjeunna mah terus ka imahna nyokot sakantong duit dinar pikeun ngamerdekakeun Bilal bari langsung dipasrahkeun ka Umayyah bari pok nyarita: “Ya Umayyah! Bilal dibeuli ku kuring, tah ieu duitna.” “Wahey Abu Bakar! Naha bet meuli lidan (anjing begang jeung budug) padahal aya anu leuwih hade tur kuat,” ceuk Umayyah ka Abu Bakar. Bilal dihudangkeun ku Abu Bakar bari pok nyarita: “Y a Bilal! Anjeun ayeuna merdeka, bebas nangtukeun hirup.” Samemeh pisah, Bilal nalek ka Abu Bakar: “Ya Abu Bakar! Naha anjeun maparin bantuan ngamerdekakeun kuring teh motivasina sangkan kuring ngadunungan ka anjeun atawa karana Alloh?.” Abu Bakar ngajawab kalayan tandes: “Demi Alloh! Kuring ngabantu anjeun teu miharep naon-naon ti anjeun ngan wungkul miharep ridlo Allah Ta’ala.” ﴾Tafsir Ibnu ‘Athiyyah﴿
فَأَمَّا مَنْ أَعْطَى وَاتَّقَى (5) وَصَدَّقَ بِالْحُسْنَى (6) فَسَنُيَسِّرُهُ لِلْيُسْرَى (7)
[5] Sing saha anu berehan jeung taqwa. [6] Jeung ngabenerkeun ka nu hade (agama). [7] Tinangtu Kami bakal ngagampangkeun kana jalan anu gampang. ﴾Qs. al Lail [92]: 5-7﴿
أَخْرَجَهُ ابْنُ أَبِيْ حَاتِمٍ عَنْ أُبَيِّ بْنِ كَعْبٍ قَالَ: سَأَلْتُ رَسُوْلَ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ عَنِ الحُسْنَى قَالَ: "اَلْحُسْنَى: اَلْجَنَّةُ" (1). ﴿إبن كثير﴾
Ibnu Abi Hatim ngariwayatkeun ti Ubay bin Ka’ab, anjeunna sasanggem: Simkuring mariksa Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam perkara al husna. Anjeunna ngandika, “Al Husna teh Al Jannah (Syurga)” ﴾Tafsir Ibnu Katsir: 4: 519﴿
وَأَمَّا مَنْ بَخِلَ وَاسْتَغْنَى (8) وَكَذَّبَ بِالْحُسْنَى (9) فَسَنُيَسِّرُهُ لِلْعُسْرَى (10) وَمَا يُغْنِي عَنْهُ مَالُهُ إِذَا تَرَدَّى (11)
[8] Anapon jalma anu koret tur agul ku kabeungharanana. [9] Jeung nganggap bohong ka nu hade. [10] Tinangtu Kami bakal ngagampangkeun kana jalan anu hese beleke. [11] Jeung teu aya tinulungna sakabeh pakayana nalika manehna cilaka. ﴾Qs. al Lail [92]: 8-11﴿
وَنُقَلِّبُ أَفْئِدَتَهُمْ وَأَبْصَارَهُمْ كَمَا لَمْ يُؤْمِنُوا بِهِ أَوَّلَ مَرَّةٍ وَنَذَرُهُمْ فِي طُغْيَانِهِمْ يَعْمَهُونَ
Jeung Kami ngabalikkeun hate-hatena jeung panenjo-panenjona saperti maranehna hanteu ariman kana (al-Qur’an) basa mimitina, jeung Kami baris ngantep maranehna mandeg-mayong dina kasasaranana. ﴾Qs. al An’am [6]: 110﴿
عَنْ عَلِيِّ بْنِ أَبِيْ طَالِبٍ قَالَ: كُنَّا مَعَ رَسُوْلِ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ فِيْ بَقِيْعِ الغَرْقَدِ فِيْ جَنَازَةٍ، فَقَالَ: "مَا مِنْكُمْ مِنْ أَحَدٍ إِلاَّ وَقَدْ كُتِبَ مَقْعَدُهُ مِنَ الجَنَّةِ وَمَقْعَدُهُ مِنَ النَّارِ". فَقَالُوْا: يَا رَسُوْلَ اللهِ، أَفَلاَ نَتَّكِلُ؟ فَقَالَ: "اِعْمَلُوْا، فَكُلٌّ مُيَسَّرٌ لِمَا خُلِقَ لَهُ". قَالَ: ثُمَّ قَرَأَ: { فَأَمَّا مَنْ أَعْطَى وَاتَّقَى وَصَدَّقَ بِالْحُسْنَى فَسَنُيَسِّرُهُ لِلْيُسْرَى } إِلَى قَوْلِهِ: { لِلْعُسْرَى }. ﴿إبن كثير﴾
Ti Ali bin Abi Tholib, anjeunna sasanggem: Abdi sadaya marengan Rosululloh shollallohu alaihi wa sallam di dataran taneuh lega pikeun janazah (anu dikurebkeun), al Gorqod. Anjeunna ngandika: “Henteu aya hiji jalma oge ti antawis aranjeun anging estu parantos ditetepkeun tempat pangcalikanana di syurga sarta tempat pangcalikanana di naraka.” Sahabat mariksa: ‘Ya Rosululloh, abdi sadaya tawakkal bae?.’ Waler anjeunna: “Prak anjeun milampah amal, sayaktosna unggal jalma digampangkeun kana perkara anu anjeunna diyugakeun pikeun eta perkara.” Kasauran Ali: Lajeng anjeunna maos ayat: Fa ammaa man a’thoo wat taqoo wa shoddaqo bil husna fasanuyassiruhuu lil yusro, dugikeun ka dawuhan Alloh: lil ‘usroo. Hr. Bukhori.
Wallohu A’lam bish-showab.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar