Powered By Blogger

Jumat, 31 Mei 2013

Bekerja KeraS Hingga LeuleuS

Digawé tihothat nepi ka lungsé
Hanafi Anshory

هَلْ أَتَاكَ حَدِيثُ الْغَاشِيَةِ (1) وُجُوهٌ يَوْمَئِذٍ خَاشِعَةٌ (2)
[1] Naha geus nepi ka anjeun beja ngeunaan kajadian anu rongkah? [2] Mangpirang-pirang beungeut dina eta poe ngeluk alum. ﴾Qs. al Ghosiyah [88]: 1-2﴿

عَنِ النُّعْمَانِ بْنِ بَشِيرٍ قَالَ كَانَ رَسُولُ اللَّهِ -صلى الله عليه وسلم- يَقْرَأُ فِى الْعِيدَيْنِ وَفِى الْجُمُعَةِ بِ (سَبِّحِ اسْمَ رَبِّكَ الأَعْلَى) وَ (هَلْ أَتَاكَ حَدِيثُ الْغَاشِيَةِ) قَالَ وَإِذَا اجْتَمَعَ الْعِيدُ وَالْجُمُعَةُ فِى يَوْمٍ وَاحِدٍ يَقْرَأُ بِهِمَا أَيْضًا فِى الصَّلاَتَيْنِ. ﴿صحيح مسلم: 3: 15﴾
Ti Nu’man bin Basyir anjeunna sasanggem: Kabuktosan Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam dina dua ‘Ied (‘Iedul Fitri kalih ‘Iedul Adha) oge dina Jum’at maos surat Sabbihisma Robbikal A’laa (Qs. al A’la [87]) kalih Hal ataaka hadiitsul ghoosyiyah (Qs. al Ghosiyah [88]). Oge Nu’man sasanggem: Sarta nalika momprok ‘Ied kalih Jum’at dina hiji dinten, anjeunna maos dua surat eta oge dina dua sholat (‘Ied kalih Jum’at). ﴾Shohih Muslim: 3: 15﴿

يَا أَيُّهَا النَّاسُ اتَّقُوا رَبَّكُمْ إِنَّ زَلْزَلَةَ السَّاعَةِ شَيْءٌ عَظِيمٌ (1) يَوْمَ تَرَوْنَهَا تَذْهَلُ كُلُّ مُرْضِعَةٍ عَمَّا أَرْضَعَتْ وَتَضَعُ كُلُّ ذَاتِ حَمْلٍ حَمْلَهَا وَتَرَى النَّاسَ سُكَارَى وَمَا هُمْ بِسُكَارَى وَلَكِنَّ عَذَابَ اللَّهِ شَدِيدٌ (2) ﴿الحجّ﴾
[1] Yeuh manusa! Geura taqwa ka Pangeran maraneh, karana saestuna lini kiamat teh kajadian anu kacida rongkahna. [2] Dina poean maraneh nenjo eta kajadian, nu nyarusuan lat paroho kanu disusuanana jeung awewe anu keur kakandungan jadi galugur  kakandunganana, jeung maneh bakal nenjo jalma-jalma marabok padahal henteu marabok, lantaran siksaan Alloh teh kacida bangetna. ﴾Qs. al Hajj [22]﴿

وَلَوْ تَرَى إِذِ الْمُجْرِمُونَ نَاكِسُو رُءُوسِهِمْ عِنْدَ رَبِّهِمْ رَبَّنَا أَبْصَرْنَا وَسَمِعْنَا فَارْجِعْنَا نَعْمَلْ صَالِحًا إِنَّا مُوقِنُونَ (12). ﴿السجدة﴾
Jeung upama maneh nenjo waktu jalma-jalma anu daroraka nungkulkeun sirahna di payuneun Pangeranna (pokna): “Nun Gusti Pangeran abdi sadaya! Abdi sadaya parantos ningal sareng nguping, ku kituna mugi Gusti mulangkeun abdi sadaya (ka dunya), tinangtos abdi sadaya ngalampahkeun amal sholeh, jalaran sayaktosna abdi sadaya parantos yakin.” ﴾Qs. as Sajdah﴿

وَتَرَاهُمْ يُعْرَضُونَ عَلَيْهَا خَاشِعِينَ مِنَ الذُّلِّ يَنْظُرُونَ مِنْ طَرْفٍ خَفِيٍّ وَقَالَ الَّذِينَ آمَنُوا إِنَّ الْخَاسِرِينَ الَّذِينَ خَسِرُوا أَنْفُسَهُمْ وَأَهْلِيهِمْ يَوْمَ الْقِيَامَةِ أَلَا إِنَّ الظَّالِمِينَ فِي عَذَابٍ مُقِيمٍ (45). ﴿الشورى﴾
Jeung maneh bakal nenjo maranehna digiring ka dinya (naraka) bari tarungkul, lantaran ngarasa hina sarta rurat-reret ku juru panonna maling-maling. Jeung jalma-jalma anu ariman nyarita: “Saestuna jalma anu rarugi dina poe kiamat teh nyaeta jalma-jalma anu ngarugikeun dirina katut kulawargana.” Sing inget yen saestuna jalma-jalma anu darolim teh pernahna dina siksaan nu langgeng. ﴾Qs. asy Syuro [42]﴿

عَامِلَةٌ نَاصِبَةٌ (3) تَصْلَى نَارًا حَامِيَةً (4) تُسْقَى مِنْ عَيْنٍ آنِيَةٍ (5) لَيْسَ لَهُمْ طَعَامٌ إِلَّا مِنْ ضَرِيعٍ (6) لَا يُسْمِنُ وَلَا يُغْنِي مِنْ جُوعٍ (7)
[3] Digawe tihothat nepi ka lungse [4] Dipanggang luhureun seuneu nu panas liwat saking [5] Diinuman tina sungapan cai anu ngagolak [6] Taya dahareun pikeun  maranehanana salian ti cucuk-cucukan [7] Nu teu matak lintuh tur teu matak ngaleungitkeun rasa lapar. ﴾Qs. al Ghosiyah [88]: 3-7﴿

وَقَالَ ابْنُ عَبَّاسٍ {عَامِلَةٌ نَاصِبَةٌ} النَّصَارَى. وَقَالَ مُجَاهِدٌ {عَيْنٍ آنِيَةٍ} بَلَغَ إِنَاهَا وَحَانَ شُرْبُهَا.
Ibnu ‘Abbas sasanggem, dawuhan Alloh {Digawe tihothat nepi ka lungse} nyaeta Nasroni. Sarta Mujahid sasanggem, dawuhan Alloh {cai anu ngagolak} nyaeta caina asak bari ngabinasakeun. ﴾Shohih Al Bukhori: 6: 209/ al Maktabah al Syamilah﴿

{لَّيْسَ لَهُمْ طَعَامٌ إِلاَّ مِن ضَرِيعٍ} وهو نوع من الشوك يقال له : الشبرق. ﴿شرح السنة: 15: 237﴾
{Taya dahareun pikeun  maranehanana salian ti cucuk-cucukan} nyaeta tutuwuhan anu cucukan. Diuningakeun oge: Eta tutuwuhan teh matak ngajejewet (kana tikoro). ﴾Syarhus Sunnah: 15: 237/ al Maktabah al Syamilah﴿

فَلَيْسَ لَهُ الْيَوْمَ هَاهُنَا حَمِيمٌ (35) وَلَا طَعَامٌ إِلَّا مِنْ غِسْلِينٍ (36) لَا يَأْكُلُهُ إِلَّا الْخَاطِئُونَ (37)
[35] Ku kituna dina poe ieu di dieu henteu aya sobat keur manehna. [36] Jeung henteu aya dahareun salian ti getih campur nanah. [37] Henteu aya nu ngadaharna, salian ti nu darosa.   ﴾Qs.al Haaqqah﴿

إِنَّ شَجَرَتَ الزَّقُّومِ (43) طَعَامُ الْأَثِيمِ (44) كَالْمُهْلِ يَغْلِي فِي الْبُطُونِ (45) كَغَلْيِ الْحَمِيمِ (46) خُذُوهُ فَاعْتِلُوهُ إِلَى سَوَاءِ الْجَحِيمِ (47) ثُمَّ صُبُّوا فَوْقَ رَأْسِهِ مِنْ عَذَابِ الْحَمِيمِ (48) ذُقْ إِنَّكَ أَنْتَ الْعَزِيزُ الْكَرِيمُ (49) إِنَّ هَذَا مَا كُنْتُمْ بِهِ تَمْتَرُونَ (50). ﴿الدخان﴾
[43] Saestuna tangkal zaqqum teh, [44] kadaharan jalma-jalma anu kacida dosana. [45] Saperti minyak anu ngagolak dina beuteung, [46] Saperti ngagolakna cai panas, [47] “Gaura bawa manehna, gusur ka tengah naraka Jahannam. Tuluy banjur sirahna ku siksaan cai ngagolak. Pek geura rasakeun! Saestuna maneh teh anu (ngaku-ngaku) gagah jeung mulya. Saestuna nya ieu siksaan anu kana perkara ieu maraneh mangmang.” ﴾Qs. ad Dukhhon [45]﴿


Wallohu A’lam bish-showab.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar