Powered By Blogger

Jumat, 31 Mei 2013

BERINFAQLAH WALAU DENGAN KUKU YANG DIBAKAR

“Sok sanajan ku kuku anu meunang ngaduruk”
Hanafi Anshory
كَلَّا بَلْ لَا تُكْرِمُونَ الْيَتِيمَ (17) وَلَا تَحَاضُّونَ عَلَى طَعَامِ الْمِسْكِينِ (18) وَتَأْكُلُونَ التُّرَاثَ أَكْلًا لَمًّا (19)  وَتُحِبُّونَ الْمَالَ حُبًّا جَمًّا (20)
[17] Sama sakali lain kitu! Malahan maraneh anu teu daek ngamumule budak yatim [18] Jeung maraneh teu malire kana kahirupan jalma miskin [19] jeung maraneh ngadalahar harta warisan kalawan sarakah. [20] jeung maraneh kadedemes mikacinta kana pakaya. ﴾Qs. al Fajr [89]: 17-20﴿
عَنْ أَبِي هُرَيْرَةَ ، عَنِ النَّبِيِّ صلى الله عليه وسلم قَالَ : اجْتَنِبُوا السَّبْعَ الْمُوبِقَاتِ قَالُوا : يَا رَسُولَ اللهِ وَمَا هُنَّ قَالَ الشِّرْكُ بِاللَّهِ وَالسِّحْرُ وَقَتْلُ النَّفْسِ الَّتِي حَرَّمَ اللَّهُ إِلاَّ بِالْحَقِّ وَأَكْلُ الرِّبَا وَأَكْلُ مَالِ الْيَتِيمِ وَالتَّوَلِّي يَوْمَ الزَّحْفِ وَقَذْفُ الْمُحْصَنَاتِ الْمُؤْمِنَاتِ الْغَافِلاَتِ. ﴿صحيح االبخاري و مسلم﴾
Ti Ai Huroiroh, ti Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam, anjeunna ngandika, “Tebihan ku anjeun tujuh perkara anu di lanakeun (siksaanana)” sahabat tumaros: Perkara naon bae eta teh wahey Rosululloh?. Anjeunna ngadika, “[1]Syirik ka Alloh, [2]sihir, [3]mateni manusa anu diharamkeun ku Alloh kajaba ku jalan anu haq, [4]nuang harta riba, [5]nuang harta budak yatim, [6]nyogok dina mangsa nyedek, [7]nuduh zina ka mu’minat anu kapiara dirina.”
عَنْ أَبِيْ هُرَيْرَةَ ، رَضِيَ اللَّهُ عَنْهُ ، عَنِ النَّبِيِّ صلى الله عليه وسلم قَالَ : لَيْسَ الْمِسْكِينُ الَّذِي تَرُدُّهُ الأُكْلَةُ وَالأُكْلَتَانِ وَلَكِنِ الْمِسْكِينُ الَّذِي لَيْسَ لَهُ غِنًى وَيَسْتَحْيِي ، أَوْ لاَ يَسْأَلُ النَّاسَ إِلْحَافًا
Ti Abi Huroiroh rodiyallohu ‘anhu, ti Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam, anjeunna ngandika, “Jalma miskin teh lain anu anjeun maparin ka manehna hiji atawa dua tuangeun tapi jalma miskin teh anu teu boga rasa cukup sarta teu boga kaera, atawa (jalma miskin teh nyaeta) anu henteu punta-penta ka manusa bari maksa.”﴾Shohih Bukhori﴿
عَنِ الحَارِثِي عَنْ جَدَّتِهِ أَنَّ رَسُوْلَ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ قَالَ :رُدُّوْا الْمِسْكِيْنَ وَلَوْ بِظِلْفٍ مُحْرِقٍ.
Ti Al Haritsi ti ninina, satemena Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, “Paparin ku aranjeun jalma-jalma miskin sok sanajan ku kuku anu meunang ngaduruk.” ﴾al Muwaththo: 2: 923﴿
لَيْسَ الْبِرَّ أَنْ تُوَلُّوا وُجُوهَكُمْ قِبَلَ الْمَشْرِقِ وَالْمَغْرِبِ وَلَكِنَّ الْبِرَّ مَنْ آمَنَ بِاللَّهِ وَالْيَوْمِ الآخِرِ وَالْمَلاَئِكَةِ وَالْكِتَابِ وَالنَّبِيِّينَ وَآتَى الْمَالَ عَلَى حُبِّهِ ذَوِي الْقُرْبَى وَالْيَتَامَى وَالْمَسَاكِينَ وَابْنَ السَّبِيلِ وَالسَّائِلِينَ وَفِي الرِّقَابِ وَأَقَامَ الصَّلاَةَ وَآتَى الزَّكَاةَ وَالْمُوفُونَ بِعَهْدِهِمْ إِذَا عَاهَدُوا وَالصَّابِرِينَ فِي الْبَأْسَاءِ وَالضَّرَّاءِ وَحِينَ الْبَأْسِ أُولَئِكَ الَّذِينَ صَدَقُوا وَأُولَئِكَ هُمُ الْمُتَّقُونَ.
Ari kahadean teh lain pedah maraneh nyanghareupkeun beungeut ka wetan atawa ka kulon, tapi ngaran kahadean mah nyaeta iman ka Alloh, kana poe akhir, ka malaikat, kana kitab jeung ka Nabi-nabi. Jeung ngadermakeun hartana anu dipicinta ka kulawarga anu dareukeut, ka barudak yatim, ka jalma-jalma miskin, ka nu nyaba beakeun bekel, ka nu jajalukjeung ka abid-abid anu narebus dirina. Jeung nu ngaradegkeun sholat, anu nyarumponan zakat, anu narohonan jangjina mun seug maranehna jangji; jeung salabar dina mangsa kokoro nyoso, dina mangsa lara balangsak, jeung dina mangsa peperangan. Nya maranehna jalma-jalma anu balener, jeung nay maranehna jalma-jalma anu taqwa. ﴾Qs. Al Baqoroh [2]: 177﴿                               Wallohu A’lam bish-showab.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar