Powered By Blogger

Kamis, 02 Mei 2013

Menginfaqkan harta ketika kita pun masih memerlukan

Ngainfaqkeun harta nalika urang oge masih butuh
Hanafi Anshory

فَلَا اقْتَحَمَ الْعَقَبَةَ (11) وَمَا أَدْرَاكَ مَا الْعَقَبَةُ (12) فَكُّ رَقَبَةٍ (13) أَوْ إِطْعَامٌ فِي يَوْمٍ ذِي مَسْغَبَةٍ (14) يَتِيمًا ذَا مَقْرَبَةٍ (15) أَوْ مِسْكِينًا ذَا مَتْرَبَةٍ (16)
[11] Tapi maranehanana teu daekeun nyorang Aqobah (jalan tarahal). [12] Naha anjeun nyaho naon anu dimaksud Aqobah teh. [13] Nyaeta ngamerdekakeun hamba sahaya. [14] Atawa mere dahar dina mangsa kalaparan. [15] ka budak yatim anu masih aya tatali kabarayaan. [16] atawa jalma miskin anu malarat rosa. ﴾Qs. al Balad [90]: 11-16﴿

وَيُطْعِمُونَ الطَّعَامَ عَلَى حُبِّهِ مِسْكِينًا وَيَتِيمًا وَأَسِيرًا (8) إِنَّمَا نُطْعِمُكُمْ لِوَجْهِ اللَّهِ لَا نُرِيدُ مِنْكُمْ جَزَاءً وَلَا شُكُورًا (9). ﴿الإنسان﴾
[8] Maranehanana maparin dahareun anu masih keneh dipikaresep ka jalma miskin, yatim jeung tawanan perang. [9] Taya lian Kami maparin dahareun ka aranjeun samata-mata karana Allah, Kami teu miharep ti aranjeun balesan oge teu miharep ucapan hatur nuhun. ﴾Qs. al Insan﴿

ثُمَّ كَانَ مِنَ الَّذِينَ آمَنُوا وَتَوَاصَوْا بِالصَّبْرِ وَتَوَاصَوْا بِالْمَرْحَمَةِ (17) أُولَئِكَ أَصْحَابُ الْمَيْمَنَةِ (18)
[17] Tuluy manehna kaabus kana golongan jalma-jalma anu ariman tur silih wasiatan kana kasabaran jeung silih wasiatan kana silih pikaasih. [18] Maranehanana teh kaabus golongan katuhu. ﴾Qs. al Balad [90]: 17-18﴿

عَنِ ابْنِ عُمَرَ ، رَضِيَ اللَّهُ عَنْهُمَا ، عَنِ النَّبِيِّ صلى الله عليه وسلم قَالَ : دَخَلَتِ امْرَأَةٌ النَّارَ فِي هِرَّةٍ رَبَطَتْهَا فَلَمْ تُطْعِمْهَا وَلَمْ تَدَعْهَا تَأْكُلُ مِنْ خِشَاشِ الأَرْضِ.
Ti Ibnu Umar, rodiyallohu ‘anhuma, ti Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam, anjeunna ngandika: “Aya hiji awewe abus naraka dilantarankeun nyangcang ucing, teu dibere dahar atawa dileupaskeun sina neangan tina sesa dahareun.” ﴾Shohih Al Bukhori: 4: 157/ al Maktabah al Syamilah﴿

عَنْ عَبْدِ اللَّهِ بْنِ عَمْرِو بْنِ الْعَاصِ رَضِىَ اللَّهُ عَنْهُمَا أَنَّ رَسُولَ اللَّهِ -صلى الله عليه وسلم- قَالَ :« الرَّاحِمُونَ يَرْحَمُهُمُ الرَّحْمَنُ ارْحَمُوا مَنْ فِى الأَرْضِ يَرْحَمْكُمْ مَنْ فِى السَّمَاءِ ».
Ti Abdulloh bin ‘Amr bin al ‘Ash, rodiyallohu ‘anhuma, satemena Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, “Jalma-jalma anu mibanda marhamah (kanyaah) bakal dipikanyaah ku Alloh anu Maha Heman. Prak geura pikanyaah sakumna makhluk anu aya di alam dunya tinangtu maraneh bakal dipikanyaah ku Nu di Luhur (Alloh Subhanahu wa Ta’ala).” ﴾Sunan al Kubro Al Baihaqi/ al Maktabah﴿
وَأَصْحَابُ الْيَمِينِ مَا أَصْحَابُ الْيَمِينِ (27) فِي سِدْرٍ مَخْضُودٍ (28) وَطَلْحٍ مَنْضُودٍ (29) وَظِلٍّ مَمْدُودٍ (30) وَمَاءٍ مَسْكُوبٍ (31) وَفَاكِهَةٍ كَثِيرَةٍ (32) لَا مَقْطُوعَةٍ وَلَا مَمْنُوعَةٍ (33) وَفُرُشٍ مَرْفُوعَةٍ (34) إِنَّا أَنْشَأْنَاهُنَّ إِنْشَاءً (35) فَجَعَلْنَاهُنَّ أَبْكَارًا (36) عُرُبًا أَتْرَابًا (37) لِأَصْحَابِ الْيَمِينِ (38) ثُلَّةٌ مِنَ الْأَوَّلِينَ (39) وَثُلَّةٌ مِنَ الْآخِرِينَ (40)
[27] Jeung jalma-jalma golongan katuhu. Saha golongan katuhu teh? [28] Manehna aya dina handapeun tangkal bidara anu henteu cucukan [29] jeung dihandapeun tangkal cau anu buahna pasusun-susun [30] Jeung dina iuh-iuh anu lega tur ngampar [31] jeung cai anu ngagolontor taya kendatna [32] Jeung di tempat bubuahan anu ceuyah [33] Anu taya eureun bubuahna bari henteu dilarang [34] Jeung dina amparan-amparan anu diluhurkeun [35] Saestuna Kami ngajadikeun para mojang dina kajadian anu istimewa [36] Nyaeta Kami ngajadikeun manehna parawan salalawasna [37] nu pinuh ku kacinta jeung sapantar [38] Pikeun manusa golongan katuhu tea [39] Loba ti nu ti heula [40] jeung loba ti nu pandeuri. ﴾Qs. al Waqi’ah [56]: 27-40﴿

وَالَّذِينَ كَفَرُوا بِآيَاتِنَا هُمْ أَصْحَابُ الْمَشْأَمَةِ (19) عَلَيْهِمْ نَارٌ مُؤْصَدَةٌ (20)
[19] Jeung jalma-jalma anu kufur kana ayat-ayat Kami, maranehanana teh kaabus jalma anu sial [20] Ka maranehanana seuneu naraka dirungkupkeun. ﴾Qs. al Balad [90]: 19-20﴿

وَأَصْحَابُ الشِّمَالِ مَا أَصْحَابُ الشِّمَالِ (41) فِي سَمُومٍ وَحَمِيمٍ (42) وَظِلٍّ مِنْ يَحْمُومٍ (43) لَا بَارِدٍ وَلَا كَرِيمٍ (44) إِنَّهُمْ كَانُوا قَبْلَ ذَلِكَ مُتْرَفِينَ (45) وَكَانُوا يُصِرُّونَ عَلَى الْحِنْثِ الْعَظِيمِ (46)
[41] Jeung jalma-jalma golongan kenca; saha jalma-jalma golongan kenca teh? [42] (Maranehna) dina angin samum (nu kacida panasna), jeung dina cai nu ngagolak, [43] Jeung kaiuhan haseup hideung, [44] Anu henteu tiis, sarta henteu pika ngeunaheun [45] Saestuna maranehna tea samemehna mah aya dina kamewahan. [46] Jeung maranehna tonggoy ngalampahkeun dosa nu gede. ﴾Qs. Al Waqi’ah [56]﴿


Wallohu A’lam bish-showab.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar