Naha bet jalan pinarakaeun anu leuwih dipikaresep
Hanafi Anshory
لَا أُقْسِمُ بِهَذَا الْبَلَدِ (1) وَأَنْتَ حِلٌّ بِهَذَا الْبَلَدِ (2) وَوَالِدٍ وَمَا وَلَدَ (3)
[1] Kami bener-bener sumpah ku ieu nagri (Mekah). [2] jeung anjeun dihalalkeun matuh di ieu nagri. [3] jeung demi hiji bapa katut rundayanana. ﴾Qs. al Balad [90]: 1-3﴿
{لاَ أُقْسِمُ} أَيْ أَقْسَمُ {بِهَذَا الْبَلَدِ} أَقْسَمَ تَعَالَى بِالبَلَدِ الحَرَامِ؛ وَهُوَ مَكَّةَ شَرَّفَهَا اللهُ تَعَالَى. ﴿أوضح التفسير﴾
{Kami bener-bener sumpah} nyaeta Kami sumpah. {ku ieu nagri (Mekah)} Alloh Ta’ala sumpah ku nagri al harom, nyaeta Makkah anu ku Alloh dimulyakeun. ﴾Kitab Audlohu at Tafsir/ al Maktabah al Syamilah﴿
لَقَدْ خَلَقْنَا الْإِنْسَانَ فِي كَبَدٍ (4) أَيَحْسَبُ أَنْ لَنْ يَقْدِرَ عَلَيْهِ أَحَدٌ (5) يَقُولُ أَهْلَكْتُ مَالًا لُبَدًا (6) أَيَحْسَبُ أَنْ لَمْ يَرَهُ أَحَدٌ (7)
[4] Kami estu geus nyiptakeun manusa dina kaayaan ripuh. [5] Naha manehna nyangka yen taya pisan nu ngawasa ka dirina?. [6] Manehna nyarita: “Kuring cilaka geus meakeun pakaya nu kacida lobana.” [7] Manehna nyangka yen taya pisan anu nalingakeun manehna. ﴾Qs. al Balad [90]: 4-7﴿
Ayat kalima jeung kagenep turun sahubungan jeung hiji jalma anu ngarana Abu Asyad bin Kaldah al-Jumahi manehna mibanda fisik kuat sarta mibanda kakayaan anu kacida pisan lobana. Manehanana nu ngawaragadan preman Quraisy pikeun nandasa jeung mareuman dakwah Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam tapi batan pareum dakwah nabi kalah dana jeung umur anu beak nepi ka kaluar ucap: “Ahlaktu maalan lubadaa” cilaka! Kuring geus ngaluarkeun pakaya saloba-loba tapi taya hasil anu dipiharep. Ngaliwatan ayat kalima nepi katujuh Alloh ngelingan sakabeh manusa nu mibanda laku lampah kawas Abu Asyad ulah boga rasa taya kakuatan sejen anu bakal ngabales ayahsabu naha maraneh nyangka Allayyaqdiro yen taya nu kumawasa ‘alaihi pikeun ngeureunkeun kabengisan manehna ahadun saurang oge?. Yaquulu manehna nyarita pinuh kahanjakalan ahlaktu maalan lubadaa kuring cilaka geus meakeun harta saloba-loba malah teu bisa ngahontal naon anu dipiharep. ﴾Tafsir Al-Razi Juz ‘Amma jeung Al-Fatihah: 104﴿
أَلَمْ نَجْعَلْ لَهُ عَيْنَيْنِ (8) وَلِسَانًا وَشَفَتَيْنِ (9) وَهَدَيْنَاهُ النَّجْدَيْنِ (10)
[8] Naha lain Kami geus nyieun dua panon keur maranehna?. [9] jeung hiji letah katut dua biwir [10] jeung Kami maparin ka maranehna dua jalan. ﴾Qs. al Balad [90]: 8-10﴿
عَنْ أَبِي أُمَامَةَ، قَالَ: قَالَ رَسُولُ اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ:"أَيُّهَا النَّاسُ، هَلُمُّوا إِلَى رَبِّكُمْ إِنَّ مَا قَلَّ وَكَفَى خَيْرٌ مِمَّا كَثُرَ وَأَلْهَى، يَا أَيُّهَا النَّاسُ إِنَّمَا هُمَا نَجْدُ خَيْرٍ، وَنَجْدُ شَرٍّ، فَمَا جَعَلَ نَجْدَ الشَّرِّ أَحَبَّ إِلَيْكُمْ مِنْ نَجْدِ الْخَيْرِ". ﴿المعجم الكبير للطبراني: 7: 301﴾
Ti Abi Umamah, anjeunna sasanggem: Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, “Wahey sakumna manusa geuwat geura baralik ka Pangeran aranjeun, satemena rejeki saeutik tapi mahi leuwis alus batan loba mawa doraka. Wahey sakumna manusa satemena aya dua jalan anu bakal diliwatan ku manusa: jalan kahadean pisyurgaeun jeung jalan goreng pinarakaeun. Naha bet jalan pinarakaeun anu leuwih dipikaresep ku aranjeun batan jalan pisyurgaeun.” ﴾Mu’jam al Kabir ath Thobroni: 7: 301﴿
Tidak ada komentar:
Posting Komentar