Powered By Blogger

Jumat, 31 Mei 2013

Karena Peringatan itu Teramat Bermanfaat

Lantaran pèpèling tèh gedè pisan mangfaatna
Hanafi Anshory

وَنُيَسِّرُكَ لِلْيُسْرَى (8) فَذَكِّرْ إِنْ نَفَعَتِ الذِّكْرَى (9)
[8] Jeung Kami ngagampangkeun anjeun kana jalan anu gampang [9] Kukituna prak geura elingan lantaran pepeling teh gede pisan mangfaatna. ﴾Qs. al A’laa [87]﴿

فَأَمَّا مَنْ أَعْطَى وَاتَّقَى (5) وَصَدَّقَ بِالْحُسْنَى (6) فَسَنُيَسِّرُهُ لِلْيُسْرَى (7)
[5] Sing saha anu berehan jeung taqwa. [6] Jeung ngabenerkeun ka nu hade (agama). [7] Tinangtu Kami bakal ngagampangkeun kana jalan anu gampang. ﴾Qs. al Lail [92]: 5-7﴿

وَالْعَصْرِ (1) إِنَّ الْإِنْسَانَ لَفِي خُسْرٍ (2) إِلَّا الَّذِينَ آمَنُوا وَعَمِلُوا الصَّالِحَاتِ وَتَوَاصَوْا بِالْحَقِّ وَتَوَاصَوْا بِالصَّبْرِ (3)
[1] Demi waktu ‘Ashar [2] Satemena sakabeh manusa bener-bener aya dina karugian [3] Anging jalma-jalma anu iman jeung ngamalkeun amal sholeh jeung silih wasiatan ngeunaan bebeneran jeung silih wasiatan ngeunaan kasabaran. ﴾Qs. al ‘Ashr [103]﴿

سَيَذَّكَّرُ مَنْ يَخْشَى (10) وَيَتَجَنَّبُهَا الْأَشْقَى (11) الَّذِي يَصْلَى النَّارَ الْكُبْرَى (12) ثُمَّ لَا يَمُوتُ فِيهَا وَلَا يَحْيَى (13)
[10] Jalma anu sieun ku Alloh anu bakal narima pepeling [11] tapi jalma-jalma doraka mah bakal ngajauhan tina eta pepeling [12] anu bakal dipanggang dina luhureun seuneu anu kacida gedena [13] saterusna maranehanana dina eta naraka teu paeh jeung teu hirup. ﴾Qs. al A’laa [87]﴿

وَمِنَ النَّاسِ وَالدَّوَابِّ وَالأَنْعَامِ مُخْتَلِفٌ أَلْوَانُهُ كَذَلِكَ إِنَّمَا يَخْشَى اللَّهَ مِنْ عِبَادِهِ الْعُلَمَاء إِنَّ اللَّهَ عَزِيزٌ غَفُورٌ (28)
Jeung ti bangsaning manusa jeung sasatoan anu kumarayap katut sato ingon-ingon, rupa-rupa warnana teh deuih, taya lian anu wedi ku Alloh ti antara abdi-abdi-Na teh ngan al ‘ulama, saestuna Alloh Maha Gagah, Maha Jembar pangampura. ﴾Qs. Fathir [35]﴿

Wallohu A’lam bish-showab.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar