Powered By Blogger

Jumat, 31 Mei 2013

Wahai Jiwa yang Tentram!

Wahey jiwa anu tengtrem
Hanafi Anshory
يَقُولُ يَا لَيْتَنِي قَدَّمْتُ لِحَيَاتِي(24) فَيَوْمَئِذٍ لَا يُعَذِّبُ عَذَابَهُ أَحَدٌ(25) وَلَا يُوثِقُ وَثَاقَهُ أَحَدٌ(26)
[24] Maranehanana nyarita: “Duh Gusti hayang teuing lamun seug kuring baheula bebekelan keur hirup ayeuna [25] Dina eta poe teu aya anu bisa nyiksa cara siksaan Mantenna [26] Sarta moal aya anu ngaborogod cara pangborogod Mantenna. ﴾Qs.89: 24-26﴿
عَنِ الْحَسَنِ : {يَوْمَئِذٍ يَتَذَكَّرُ الإِنْسَاْن وَأَنَّى لَهُ الذِّكْرَى يَقُولُ يَا لَيْتَنِي قَدَّمْت لِحَيَاتِي} قَالَ : عُلِمَ وَاللهِ، أَنَّهُ صَادِفٌ هُنَاكَ حَيَاةٌ طَوِيلَةٌ لاَ مَوْتَ فِيهَا آخر مَا عَلَيْهِ.
Ti Al Hasan, dawuhan Alloh: {[23] jeung dijagragkeun dina eta poe naraka jahannam. Dina eta poe pisan manusa kakara eling, padahal taya gunana eling dina eta poe. [24] Maranehanana nyarita: “Duh Gusti hayang teuing lamun seug kuring baheula bebekelan keur hirup ayeuna} saur Al Hasan: Demi Alloh, baris diuninga. Satemena jalma (anu asup naraka) ngabenerkeun kahirupan anu lana eta anu di dinya teu aya maot anu jadi akhir tina siksa manehna. ﴾Mushonnaf Ibnu Abi Syaibah: 13: 522﴿
عَنْ عَبْدِ اللَّهِ بْنِ عَمْرٍو ، عَنِ النَّبِيِّ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ ، قَالَ : دَخَلْتُ الْجَنَّةَ فَإِذَا أَكْثَرُ أَهْلِهَا الْفُقَرَاءُ ، وَاطَّلَعْتُ فِي النَّارِ فَإِذَا أَكْثَرُ أَهْلِهَا النِّسَاءُ ، وَرَأَيْتُ فِيهَا ثَلاَثَةً يُعَذَّبُونَ : امْرَأَةً مِنْ حِمْيَرَ طُوَالَةً رَبَطَتْ هِرَّةً لَهَا لَمْ تُطْعِمْهَا ، وَلَمْ تَسْقِهَا ، وَلَمْ تَدَعْهَا تَأْكُلُ مِنْ خَشَاشِ الأَرْضِ ، فَهِيَ تَنْهَشُ قُبُلَهَا وَدُبُرَهَا وَرَأَيْتُ فِيهَا أَخَا بَنِي دَعْدَعٍ الَّذِي كَانَ يَسْرِقُ الْحَاجَّ بِمِحْجَنِهِ فَإِذَا فُطِنَ لَهُ ، قَالَ : إِنَّمَا تَعَلَّقَ بِمِحْجَنِي ، وَالَّذِي سَرَقَ بَدَنَتَيْ رَسُولِ اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ. ﴿صحيح ابن حبان: 16: 534﴾
Ti Abdillah bin ‘Amr, ti Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam anjeunna ngandika, “Simkuring lebet ka syurga, ahli-na anu pangseueurna nyaeta jalma faqir. Sarta simkuring ninggali ka naraka, ahli-na anu pangseueurna nyaeta istri, simkuring ninggali dina eta naraka tilu jalma anu disiksa: [1]Istri ti Himyar nyangcang ucing dina tangkal bari henteu dibere dahar, henteu dibere nginum, oge henteu dikencarkeun sangkan bisa ngadahar tina tutuwuhan, mangka (istri eta) manehna ngegel rarangan jeung imbitna. Sarta simkuring ninggali dina eta naraka [2]dulur ti Bani Da’da pinter anu maok anu ibadah hajji ku iteukna anu ngeluk, manehna cumarios: ‘Taya lian ngait kana iteuk kuring’. Sarta [3]jalma nu maok dua sapi kagungan Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam.” ﴾Ibnu Hibban﴿
أَنَّ عَذَابَ الدُّنْيَا أَهْوَنُ مِنْ عَذَابِ الآخِرَةِ. صحيح مسلم: 4: 206.
“Satemena siksa dunya teh pangentengna tina siksa akherat.” Hr. Muslim: 4: 206/ al Maktabah.
يَا أَيَّتُهَا النَّفْسُ الْمُطْمَئِنَّةُ (27) ارْجِعِي إِلَى رَبِّكِ رَاضِيَةً مَرْضِيَّةً (28) فَادْخُلِي فِي عِبَادِي (29) وَادْخُلِي جَنَّتِي (30)
[27] Wahey jiwa anu tengtrem [28] Baeu geura mulang ka Pangeran anjeun kalayan ridlo jeung dipikaridlo [29] Prak geura abus bareng jeung hamba-hamba Kami [30] jeung baeu, geura abus ka syurga Kami. ﴾Qs. al Fajr [89]: 27-30﴿
قَالَ الْحَسَنُ [يَا أَيَّتُهَا النَّفْسُ الْمُطْمَئِنَّةُ] إِذَا أَرَادَ اللهُ عَزَّ وَجَلَّ قَبْضَهَا اطْمَأَنَّتْ إِلَى اللهِ وَاطْمَأَنَّ اللهُ إِلَيْهَا وَرَضِيَتْ عَنِ اللهِ وَرَضِيَ اللهُ عَنْهَا فَأَمَرَ بِقَبْضِ رُوحِهَا وَأَدْخَلَهَا اللهُ الْجَنَّةَ وَجَعَلَهُ مِنْ عِبَادِهِ الصَّالِحِينَ.
Al Hasan sasanggem, dawuhan Alloh [Wahey jiwa anu tengtrem] nyaeta pama seug Alloh ngapimaksad nyabutna, dijadikeun tengtrem ka Alloh sarta Alloh oge tengtrem ka manehna. Eta jiwa anu tengtrem ridlo tina katetepan Alloh sarta Alloh oge ridlo ka manehna mangka diparentahkeun sangkan nyabut ruh-na tuluy ruh-na eta ku Alloh diasupkeun ka syurga sarta digolongkeun diantara jalma-jalma anu sholeh. ﴾Qs. An Naba [79]: 38﴿
عَنْ أَبِي هُرَيْرَةَ، أَنّ رَسُولَ اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ، قَالَ:"إِنَّ الْمُؤْمِنَ إِذَا حُضِرَ، أَتَتْهُ الْمَلائِكَةُ بِحَرِيرَةٍ مِنْ مِسْكٍ، وَمِنْ ضَبَائِرَ الرَّيْحَانِ، وتُسَلُّ رُوحُهُ كَمَا تُسَلُ الشَّعَرَةُ مِنَ الْعَجِينِ، وَيُقَالُ: يَا أَيَّتُهَا النَّفْسُ الْمُطْمَئِنَّةُ، اخْرُجِي رَاضِيَةً مَرْضِيَّةً، مَرْضِيًّا عَنْكِ، وطُوِيَتْ عَلَيْهِ الْحَرِيرَةُ، ثُمَّ يَبْعَثُ بِهَا إِلَى عِلِّيِّينَ، وَإِنَّ الْكَافِرَ إِذَا حُضِرَ، أَتَتِ الْمَلائِكَةُ بِمِسْحٍ فِيهَا جَمْرَةٌ، فَتُنْزَعُ رُوحُهُ انْتِزَاعًا شَدِيدًا، وَيُقَالُ: أَيَّتُهَا النَّفْسُ الْخَبِيثَةُ، اخْرُجِي سَاخِطَةً مَسْخُوطًا عَلَيْكِ إِلَى هَوَانٍ وَعَذَابٍ، وَإِذَا خَرَجَتْ رُوحُهُ، وَوُضِعَتْ عَلَى تِلْكَ الْجَمْرَةِ، فَإِنَّ لَهَا نَشِيشًا، فَيُطْوَى عَلَيْهَا الْمَسْحُ، وَيُذْهَبُ بِهَا إِلَى سِجِّينٍ".
Ti Abi Huroiroh rodiyallohu ‘anhu, sayaktosna Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, “Satemena jalma mu’min nalika disumpingkeun ajalna, nyumpingan ka anjeunna malaikat  bari nyandak lir kaen sutra anu seungit kesturi sarta diseungitan oge tina tutuwuhan anu sareungit. Dicabut ruh-na sakumaha dicabutna buuk tina adonan tipung, dicalukan eta ruh: ‘Wahey jiwa anu tengtrem, baeu geura mulang anjeun kalayan ridlo jeung dipikaridlo, Alloh mokaridlo ka anjeun’. Dirungkupan eta ruh ku lir kaen sutra lajeng ngirimkeunana ka ‘Illiyyin. Sarta satemena jalma kafir nalika disumpingkeun ajalna, nyumpingan ka anjeunna malaikat bari nyandak lir kaen anu aya ruhak seuneuan, mangka ruh-na didudut ku pangdudut anu kacida tarikna, dicalukan eta ruh: ‘Wahey jiwa anu jahat, baeu geura mulang anjeun ka Anu Maha Murka murka ka anjeun baris ngahinakeun sarta nyiksa,’ sarta nalika ruh-na kaluar lajeng disimpen dina luhureun ruhak seuneu bari diaping, lajeng dibuntelkeun ka manehna kaen anu aya ruhak seuneuan lajeng diinditkeun ka Sijjin.” ﴾Mu’jam al Kabir Ath Thobroni: 19: 134﴿
عَنْ سَعِيدٍ بن جُبَيْرٍ، فِي قَوْلِهِ تَعَالَى {كَلَّا إِنَّ كِتَابَ الْفُجَّارِ لَفِي سِجِّينٍ} [المطففين: 7] قَالَ: «تَحْتَ خَدِّ إِبْلِيسَ». ﴿حلية الأولياء و طبقات الأصفياء: 4: 288﴾
Ti Sa’id bin Jubair, ngeunaan dawuhan Alloh Ta’ala, {Kahade ulah kitu! Satemena catetan amal jalma jahat aya dina sijjin} [Qs. al Muthoffifin: 7], saur Sa’id: “handapeun liang iblis.” ﴾Hilyatul Auliya wa Thobaqotul Ashfiya﴿
قال صلى الله عليه وسلم: إِنَّ الرُّوحَ إِذَا قُبِضَ تَبِعَه الْبَصَرُ. مسلم عن أم مسلمة "أحكام الجنائز" "ص25".
Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, “Satemena ruh nalika dicabut, panempo baris nuturkeunana.” Hr. Muslim ti Ummu Salamah. ﴾Syarah Ath Thohawiyah: 1: 393﴿
عَنْ أَبِيْ أُمَامَةَ، أَنّ النَّبِيَّ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمْ، قَالَ لِرَجُلٍ:"اللَّهُمَّ إِنِّي أَسْأَلُكَ نَفْسًا بِكَ مُطْمَئِنَّةً، تُؤْمِنُ بِلِقَائِكَ، وَتَرْضَى بِقَضَائِكَ، وَتَقْنَعُ بِعَطَائِكَ". ﴿معجم الكبير للطبراني: 7: 150﴾
Ti Abi Umamah, satemena Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam ngajarkeun du’a ka salah saurang sahabat, “Ya Alloh, satemena abdi neda ka Gusti mibanda hate anu tumaninah: Reugreug nalika ibadah ka Gusti, ridlo kana papasten Gusti sareng ngarasa sugema kana karunia Gusti.” ﴾Mu’jam Kabir Ath Thobroni﴿

Tidak ada komentar:

Posting Komentar