Powered By Blogger

Jumat, 31 Mei 2013

ORANG DURHAKA YANG AKAN HITAM LEGAM WAJAHNYA DI AKHIRAT

Jelema doraka nu bakal beungeutna maleukmeuk di akherat
Hanafi Anshory
وَالْفَجْرِ(1) وَلَيَالٍ عَشْرٍ(2) وَالشَّفْعِ وَالْوَتْرِ(3) وَاللَّيْلِ إِذَا يَسْرِ(4) هَلْ فِي ذَلِكَ قَسَمٌ لِذِي حِجْرٍ(5)
[1] Demi waktu balebat [2] Demi peuting anu sapuluh [3] Demi anu jangkep jeung anu ganjil [4] Demi peuting nalika liwat janari [5] Naha dina eta kajadian teh aya sumpah pikeun jalma anu boga akal? ﴾Qs. al Fajr [89]: 1-5﴿
عَنْ جَابِرٍ، قَالَ: صَلَّى مُعَاذٌ صَلاَةً، فَجَاءَ رَجُلٌ فَصَلَّى مَعَهُ فَطَوَّلَ، فَصَلَّى فِي نَاحِيَةِ الْمَسْجِدِ ثُمَّ انْصَرَفَ، فَبَلَغَ ذَلِكَ مُعَاذًا، فَقَالَ: مُنَافِقٌ، فَذُكِرَ ذَلِكَ لِرَسُولِ اللهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ، فَسَأَلَ الْفَتَى، فَقَالَ: يَا رَسُولَ اللهِ، جِئْتُ أُصَلِّي مَعَهُ فَطَوَّلَ عَلَيَّ، فَانْصَرَفْتُ وَصَلَّيْتُ فِي نَاحِيَةِ الْمَسْجِدِ، فَعَلَفْتُ نَاضِحِي، فَقَالَ رَسُولُ اللهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ لِمُعَاذٍ: أَفَتَّانًا يَا مُعَاذُ، فَأَيْنَ أَنْتَ مِنْ {سَبِّحِ اسْمَ رَبِّكَ الأَعْلَى}، {وَالشَّمْسِ وَضُحَاهَا}، {وَالْفَجْرِ}، {وَاللَّيْلِ إِذَا يَغْشَى}؟.﴿سنن الكبرى﴾
Ti Jabir, anjeuna sasanggem: Mu’adz (ngimaman) sholat, lajeng hiji jalma ngiring sholat, Mu’adz manjangkeun sholatna, mangka eta jalma sholat misah dina teras masjid lajeng mulang. Kajantenan eta dugi wartosna ka Mu’adz, anjeuna sasanggem: Munafiq (eta jalma nu misah tina sholat berjama’ah)!. Lajeng eta perkara didugikeun ka Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam, mangka eta jalma pamuda mariksa, “Wahey Rosululloh, simkuring sholat marengan anjeuna lajeng sholatna dipanjangkeun pikeun simkuring, mangka simkuring sholat misah dina teras masjid, simkuring mertahankeun (pamendak ieu). Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika ka Mu’adz, “Wahey Mu’adz, naha anjeun maksad midamel fitnah, naha anjeun henteu maos Sabbihisma Robbikal a’laa, Wasysyamsi wadluhaahaa, Wal Fajr, Wal laili idzaa yaghsyaa.” ﴾Sunan al Kubro An Nasai: 10: 332﴿
أَلَمْ تَرَ كَيْفَ فَعَلَ رَبُّكَ بِعَادٍ (6) إِرَمَ ذَاتِ الْعِمَادِ (7) الَّتِي لَمْ يُخْلَقْ مِثْلُهَا فِي الْبِلَادِ (8)
[6] Naha anjeun teu nitenan kumaha Pangeran anjeun nindak kaum ‘Ad [7] Pangeusi nagri Irom nu mibanda wangunan-wangunan luhur [8] Anu can aya tandinganana di saantero nagri. ﴾Qs. al Fajr [89]: 6-8﴿
فَأَمَّا عَادٌ فَاسْتَكْبَرُوا فِي الْأَرْضِ بِغَيْرِ الْحَقِّ وَقَالُوا مَنْ أَشَدُّ مِنَّا قُوَّةً أَوَلَمْ يَرَوْا أَنَّ اللَّهَ الَّذِي خَلَقَهُمْ هُوَ أَشَدُّ مِنْهُمْ قُوَّةً وَكَانُوا بِآيَاتِنَا يَجْحَدُونَ (15)
Anapon kaum ‘Ad maranehanana nyombongkeun diri di bumi padahal teu pantes pikeun sombong bari pok nyarita, “Saha deui anu leuwih kuat batan kami. Naha maraneh teu saladar yen Alloh anu geus nyiptakeun maranehanana, Mantena Alloh anu leuwih kuat batan maranehanana. Sarta kabuktian maranehanana ingkar kana tanda-tanda (kakawasaan) Kami.” ﴾Qs. Fushilat [41]: 15﴿
وَثَمُودَ الَّذِينَ جَابُوا الصَّخْرَ بِالْوَادِ (9) وَفِرْعَوْنَ ذِي الْأَوْتَادِ (10) الَّذِينَ طَغَوْا فِي الْبِلَادِ (11) فَأَكْثَرُوا فِيهَا الْفَسَادَ (12) فَصَبَّ عَلَيْهِمْ رَبُّكَ سَوْطَ عَذَابٍ (13) إِنَّ رَبَّكَ لَبِالْمِرْصَادِ (14)
[9] Jeung kaum Tsamud anu nalugar cadas di lengkob [10] jeung Fir’aun anu boga paseuk-paseuk [11] anu kumawasa sawenang-wenang di nagara [12] nu ngakibatkeun lobana karuksakan di eta nagara [13] Maka Pangeran anjeun nibankeun siksa anu pohara nyerina ka maranehanana [14] Satemena Pangeran anjeun tetep nalingakeun. ﴾Qs. al Fajr [89]: 9-14﴿
كَذَّبَتْ ثَمُودُ وَعَادٌ بِالْقَارِعَةِ (4) فَأَمَّا ثَمُودُ فَأُهْلِكُوا بِالطَّاغِيَةِ (5) وَأَمَّا عَادٌ فَأُهْلِكُوا بِرِيحٍ صَرْصَرٍ عَاتِيَةٍ (6) سَخَّرَهَا عَلَيْهِمْ سَبْعَ لَيَالٍ وَثَمَانِيَةَ أَيَّامٍ حُسُومًا فَتَرَى الْقَوْمَ فِيهَا صَرْعَى كَأَنَّهُمْ أَعْجَازُ نَخْلٍ خَاوِيَةٍ (7) فَهَلْ تَرَى لَهُمْ مِنْ بَاقِيَةٍ (8) وَجَاءَ فِرْعَوْنُ وَمَنْ قَبْلَهُ وَالْمُؤْتَفِكَاتُ بِالْخَاطِئَةِ (9) فَعَصَوْا رَسُولَ رَبِّهِمْ فَأَخَذَهُمْ أَخْذَةً رَابِيَةً (10) ﴿الحاقّة﴾
Ibadah angin-anginan, mopohokeun kahirupan akherat
Hanafi Anshory

فَأَمَّا الْإِنْسَانُ إِذَا مَا ابْتَلَاهُ رَبُّهُ فَأَكْرَمَهُ وَنَعَّمَهُ فَيَقُولُ رَبِّي أَكْرَمَنِ (15) وَأَمَّا إِذَا مَا ابْتَلَاهُ فَقَدَرَ عَلَيْهِ رِزْقَهُ فَيَقُولُ رَبِّي أَهَانَنِ (16)
[15] Mungguhing manusa, lamun dipaparin cocoba ku Pangeranna ku kamulyaan jeung kani’matan, manehna nyarita: “Pangeran kuring geus maparin kamulyaan ka kuring” [16] Jeung lamun Mantena maparin cocoba ka manehna ku jalan nyengker rejekina, manehna nyarita: “Pangeran kuring geus nyangsarakeun ka kuring.” ﴾Qs. al Fajr: 15-16﴿

أَيَحْسَبُونَ أَنَّمَا نُمِدُّهُمْ بِهِ مِنْ مَالٍ وَبَنِينَ نُسَارِعُ لَهُمْ فِي الْخَيْرَاتِ بَل لا يَشْعُرُونَ. ﴿المؤمنون:55، 56﴾
Naha maranehna boga pamadegan yen Kami maparin karunia nu mangrupa harta jeung turunan ngandung harti yen Kami bakal ngagancangkeun kana kahadean? Lain! Tapi maranehanana teu boga rasa jeung teu ngarti. ﴾Qs. al Mu’minun [23]: 55-56﴿

عَنْ أَبِي هُرَيْرَةَ ، عَنِ النَّبِيِّ صلى الله عليه وسلم قَالَ : لَيْسَ الْغِنَى عَنْ كَثْرَةِ الْعَرَضِ وَلَكِنَّ الْغِنَى غِنَى النَّفْسِ. ﴿صحيح البخاري﴾
Ti Abu Huroiroh, ti Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam, anjeuna ngandika, “Jalma beunghar teh lain jalma anu loba harta banda, tapi jalma beunghar teh jalma anu beunghar hate.” ﴾Shohih Al Bukhori﴿

 يَعْلَمُونَ ظاهِراً مِنَ الْحَياةِ الدُّنْيا وَهُمْ عَنِ الْآخِرَةِ هُمْ غافِلُونَ ﴿الروم : 7﴾
Maranehanana ngan ukur nyaho sisi lahiriah kahirupan dunya tapi mopohokeun kahirupan akherat. ﴾Qs. ar Ruum [30]: 7﴿

وَمِنَ النَّاسِ مَنْ يَعْبُدُ اللَّهَ عَلَى حَرْفٍ فَإِنْ أَصَابَهُ خَيْرٌ اطْمَأَنَّ بِهِ وَإِنْ أَصَابَتْهُ فِتْنَةٌ انْقَلَبَ عَلَى وَجْهِهِ خَسِرَ الدُّنْيَا وَالْآخِرَةَ ذَلِكَ هُوَ الْخُسْرَانُ الْمُبِينُ (11)
Jeung ti antara manusa aya anu ibadahna angin-anginan, lamun kabeneran pangging jeung kabungah manehna tetep ibadah sarta lamun papanggih jeung kasusah manehna ngabalieurkeun beungeut. Karugian keur eta jalma di dunya jeung di akherat. Eta teh karugian anu tetela pisan. ﴾Qs. al Hajj [22]: 11﴿

عَنِ ابْنِ عَبَّاسٍ ، رَضِيَ اللَّهُ عَنْهُمَا ، قَالَ : {وَمِنَ النَّاسِ مَنْ يَعْبُدُ اللَّهَ عَلَى حَرْفٍ} قَالَ كَانَ الرَّجُلُ يَقْدَمُ الْمَدِينَةَ فَإِنْ وَلَدَتِ امْرَأَتُهُ غُلاَمًا وَنُتِجَتْ خَيْلُهُ قَالَ هَذَا دِينٌ صَالِحٌ وَإِنْ لَمْ تَلِدِ امْرَأَتُهُ وَلَمْ تُنْتَجْ خَيْلُهُ قَالَ هَذَا دِينُ سُوءٍ. ﴿صحيح البخاري﴾
Ti Ibnu Abbas rodiyallohu ‘anhuma, anjeuna sasanggem: ayat { Jeung ti antara manusa aya anu ibadahna angin-anginan }, kabuktosan aya hiji jalma linggih di Madinah, upama seug garwana ngababarkeun putra pameget sarta ngalahirkeun kudana, anjeuna cumarios, “Ieu agama teh hade.” Namung upama seug garwana henteu babar sarta ngalahirkeun kudana, anjeuna cumarios, “Ieu agama teh goreng.” ﴾Shohih Al Bukhori﴿. Wallohu A’lam bish-showab.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar