Powered By Blogger

Kamis, 02 Mei 2013

Dosa itu mengotori jiwa

Dosa téh Ngotoran Jiwa
Hanafi Anshory
وَالشَّمْسِ وَضُحَاهَا (1) وَالْقَمَرِ إِذَا تَلَاهَا (2) وَالنَّهَارِ إِذَا جَلَّاهَا (3) وَاللَّيْلِ إِذَا يَغْشَاهَا (4) وَالسَّمَاءِ وَمَا بَنَاهَا (5) وَالْأَرْضِ وَمَا طَحَاهَا (6) وَنَفْسٍ وَمَا سَوَّاهَا (7)
[1] Demi panon poe katut cahayana di waktu isuk. [2] Demi bulan nalika nuturkeunana. [3] Jeung demi beurang nalika brayna caang. [4] jeung demi peuting nalika reupna poek. [5] Jeung demi langit katut Anu ngadegkeunana. [6] Jeung demi bumi katut Anu ngamparkeunana. [7] Demi jiwa katut anu nyampurkeunana. ﴾Qs. asy Syamsu [91]: 1-7﴿


عَنْ أَبِي هُرَيْرَةَ ، رَضِيَ اللَّهُ عَنْهُ ، أَنَّ رَسُولَ اللهِ صلى الله عليه وسلم قَالَ : نَارُكُمْ جُزْءٌ مِنْ سَبْعِينَ جُزْءًا مِنْ نَارِ جَهَنَّمَ. ﴿صحيح البخاري: باب صفة النار و أنّها مخلوقة: 4: 147﴾
Ti Abu Huroiroh rodiyallohu ‘anhu, satemena Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, “Panasna seuneu aranjeun teh sapertujuh puluh panasna naraka jahannam.” ﴾Kitab Shohih Al-Bukhori/ al Maktabah al Syamilah﴿
   


فَأَلْهَمَهَا فُجُورَهَا وَتَقْوَاهَا (8) قَدْ أَفْلَحَ مَنْ زَكَّاهَا (9) وَقَدْ خَابَ مَنْ دَسَّاهَا (10)
[8] Tuluy dibejakeun ka manehna (jiwa) jalan pidorakaeun jeung jalan katakwaan. [9] Kacida pisan bagjana jalma anu meresihan jiwana. [10] jeung kacida pisan rugina jalma anu ngotoran jiwana. ﴾Qs. asy Syamsu [91]: 8-10﴿



عَنْ زَيْدِ بْنِ أَرْقَمَ قَالَ لاَ أَقُولُ لَكُمْ إِلاَّ كَمَا كَانَ رَسُولُ اللَّهِ -صلى الله عليه وسلم- يَقُولُ كَانَ يَقُولُ « اَللَّهُمَّ إِنِّى أَعُوذُ بِكَ مِنَ الْعَجْزِ وَالْكَسَلِ وَالْجُبْنِ وَالْبُخْلِ وَالْهَرَمِ وَعَذَابِ الْقَبْرِ اللَّهُمَّ آتِ نَفْسِى تَقْوَاهَا وَزَكِّهَا أَنْتَ خَيْرُ مَنْ زَكَّاهَا أَنْتَ وَلِيُّهَا وَمَوْلاَهَا اللَّهُمَّ إِنِّى أَعُوذُ بِكَ مِنْ عِلْمٍ لاَ يَنْفَعُ وَمِنْ قَلْبٍ لاَ يَخْشَعُ وَمِنْ نَفْسٍ لاَ تَشْبَعُ وَمِنْ دَعْوَةٍ لاَ يُسْتَجَابُ لَهَا ». ﴿صحيح مسلم﴾
Ti Zaid bin Arqom rodiyallohu ‘anhu, anjeunna sasanggem: Simkuring henteu ngadugikeun ka aranjeun anging sakumaha Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam anjeunna ngadu’a, “Ya Alloh! Satemena abdi nyalindung ka Gusti sangkan ditebihkeun tina sifat lemah, ngedul, pikun, koret, borangan jeung siksa kubur. Ya Alloh! Mugia maparin kataqwaan kana jiwa abdi sareng mugia Gusti ngabersihkeun jiwa abdi (tina sifat-sifat anu sok ngotoran jiwa). Anjeun Gusti anu panghade-hadena anu bisa ngabersihkeun jiwa. Gusti anu ngatur jeung anu mibanda jiwa. Ya Alloh! Satemena abdi nyalindung ka Gusti tina elmu anu teu mangfaat, tina hate anu teu saregep (malaweung), tina kahayang (libido) anu teu pernah seubeuh (sugema) jeung tina du’a anu teu diijabah.”  ﴾Kitab Shohih Muslim/ al Maktabah al Syamilah﴿
عَنْ أَبِي هُرَيْرَةَ رَضِيَ اللَّهُ عَنْهُ ، أَنَّ رَسُولَ اللهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ ، قَالَ : إِنَّ الْمُؤْمِنَ إِذَا أَذْنَبَ ذَنْبًا كَانَتْ نُكْتَةٌ سَوْدَاءُ فِي قَلْبِهِ ، فَإِنْ تَابَ وَنَزَعَ وَاسْتَغْفَرَ سُقِلَ مِنْهَا قَلْبُهُ ، وَإِنْ زَادَ زَادَتْ حَتَّى يَعْلَقَ بِهَا قَلْبُهُ فَذَالِكَ الرَّانُ الَّذِي ذَكَرَ اللَّهُ فِي كِتَابِهِ {كَلاَّ بَلْ رَانَ عَلَى قُلُوبِهِمْ مَا كَانُوا يَكْسِبُونَ}.
Ti Abu Huroiroh rodiyallohu ‘anhu, satemena Rosululloh Shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, “Satemena mu’min upama milampah hiji dosa, hiji titik hideung bukti dina hatena. Upama anjeunna tobat, nebihan tur ngeureunan, istighfar, hatena digurilapkeun dileungitkeun tina karat dosa. Sarta upama nambahan (milampah dosa) mangka nambahan (titik hideungna) dugikeun ka hatena ngonci alatan titik hideung-titik hideung eta. Eta teh ar-rôn anu Alloh nguningakeun dina kitab-Na: ‘Lain kitu! Malah narutupan hatena sakur nu geus diusahakeun ku maranehna teh.’ -Qs. al Muthoffifin [83]: 14-.” ﴾Al-Mustadrok: 2: 517/ al Maktabah﴿
كَذَّبَتْ ثَمُودُ بِطَغْوَاهَا (11) إِذِ انْبَعَثَ أَشْقَاهَا (12) فَقَالَ لَهُمْ رَسُولُ اللَّهِ نَاقَةَ اللَّهِ وَسُقْيَاهَا (13) فَكَذَّبُوهُ فَعَقَرُوهَا فَدَمْدَمَ عَلَيْهِمْ رَبُّهُمْ بِذَنْبِهِمْ فَسَوَّاهَا (14) وَلَا يَخَافُ عُقْبَاهَا (15)
[11] Kaum Tsamud geus ngabarohongkeun (ka Nabina) lantaran ku kabedegonganana. [12] Nalika cengkat jalma anu pangjahatna ti antara maranehanana. [13] Rosul Alloh nyarita ka maranehanana: “Eta onta Alloh ulah diganggu anggur mah bere nginum!.” [14] Tapi maranehanana nganggap bohong kana dawuhan Rosulna malah eta onta teh dipareuncit ku maranehanana maka Alloh ngabinasakeun maranehanana dilantarankeun dosa maranehanana nepi ka rata jeung taneuh. [15] jeung Mantena mah teu sieun akibat tina kaputusanana. ﴾Qs. asy Syamsu [91]: 11-15﴿


وَثَمُودَ الَّذِينَ جَابُوا الصَّخْرَ بِالْوَادِ (9)
Jeung kaum Tsamud anu ngangkat batu-batu gunung nu galedé ka léngkob (lembah). ﴾Qs. al Fajr [89]﴿
فَعَقَرُوهَا فَقَالَ تَمَتَّعُوا فِي دَارِكُمْ ثَلَاثَةَ أَيَّامٍ ذَلِكَ وَعْدٌ غَيْرُ مَكْذُوبٍ (65)
Tapi maranehna meuncit eta onta. Pok Sholeh nyarita: “Prak arandika sakabeh geura sukan-sukan di imah arandika tilu poe lilana, eta teh jangji anu henteu bisa dibohongkeun.” ﴾Qs. Hud [11]﴿
فَعَقَرُوا النَّاقَةَ وَعَتَوْا عَنْ أَمْرِ رَبِّهِمْ وَقَالُوا يَا صَالِحُ ائْتِنَا بِمَا تَعِدُنَا إِنْ كُنْتَ مِنَ الْمُرْسَلِينَ (77) فَأَخَذَتْهُمُ الرَّجْفَةُ فَأَصْبَحُوا فِي دَارِهِمْ جَاثِمِينَ (78)
Tuluy maranehna meuncit eta onta, jeung baha kana parentah Pangeranna, sarta pokna: “Yeuh Sholeh! Pek geura tibankeun saniskara anu ku andika dijangjikeun ka kaula sarerea teh, upama enya mah andika ti antara jalma-jalma anu diutus.” Nya tuluy digenjlongkeun lini ka maranehna, nepi ka maranehna jadi jalengker di imah-imahna. ﴾Qs. al A’rof [7]﴿
وَ فِي ثَمُودَ إِذْ قِيلَ لَهُمْ تَمَتَّعُوا حَتَّى حِينٍ(43) فَعَتَوْا عَنْ أَمْرِ رَبِّهِمْ فَأَخَذَتْهُمُ الصَّاعِقَةُ وَ هُمْ يَنْظُرُونَ(44)
Jeung nya kitu deui di Tsamud, nalika didawuhkeun ka maranehna: “Pek geura sarukan-sukan maraneh teh nepi ka hiji mangsa.” Tapi maranehna teu daraekeun nurut kana timbalan Pangeranna, tuluy weh maranehna disamber gelap bari maranehna narenjo. ﴾Qs. adz Dzariyat﴿

Tidak ada komentar:

Posting Komentar