Powered By Blogger

Rabu, 30 Maret 2011


1.      Naon zakat teh?
اَلزَّكَاةُ إِسْمٌ لِمَا يُخْرِجُهُ الْإِنْسَانُ مِنْ حَقِّ اللهِ تَعَالَى إِلَى الفُقَرَاءِ. وَ سُمِّيَتْ زَكَاةٌ لِمَا يَكُوْنُ فِيْهَا مِنْ رَجَاءِ البَرَكَةِ، وَ تَزكْيَّةُ النَّفْسِ وَ تَنْمِيْتُهَا بِالْخَيْرَاتِ فَإِنَّهَا مَأْخُوْذَةٌ مِنَ الزَّكَاةِ، وَ هُوَ النِّمَاءُ وَ الطَّهَارَةُ وَ البَرَكَةُ. قَالَ اللهُ تَعَالَى: "خُذْ مِنْ أَمْوَالِهِمْ صَدَقَةً تُطَهِّرُهُمْ وَ تُزَكِّيْهِمْ بِهَا . . . .(التوبة: 103)" . ﴿فقه السنّة: 1 : 246-247 
(Sayyid Sabiq, nu nyusun Kitab Fiqhus Sunnah sasauran): Zakat teh nyaeta sebatan nalika jalma ngaluarkeun (sapalih tina harta bandana) anu mangrupikeun hak Alloh (anu lajeng ku anjeunna anu ngalaksanakeun zakat) dipasrahkeun ka jalma-jalma faqir. Sarta dinamian zakat alatan kaayaanana tina eta zakat teh miharep barokah, nyucikeun hate jeung (eta zakat) baris numuwuhkeun kana kahadean-kahadean alatan sayaktosna eta harta teh dicandak tina (hak) zakat, anu mana eta zakat teh baris tumuwuh, nyucikeun sarta baris (mawa) barokah. Dawuhan Alloh Ta’ala: “Geura pupul sidekah-sidekah (zakat) tina harta maranehna, anu ku jalan kitu teh maneh ngabersihan jeung nyucikeun maranehna ku sidekahna, . . . .”   Fiqhus Sunnah: 1: 246-247﴿

2.      Zakat hukumna wajib, upanten dilaksanakeun baris kenging pahala sareng upanten henteu dilaksanakan baris kenging siksa
وَأَقِيْمُوْا الصَّلَاةَ وَآتُوْا الزَّكَاةَ. . . . ﴿البقرة : 110
Sarta prak adegkeun ku aranjeun sholat sarta laksanakeun ku aranjeun zakat . . . .QS.al-Baqoroh [2]: 110﴿




1
عَنِ ابْنِ عُمَرَ رَضِيَ اللهُ عَنْهُمَا قَالَ: قَالَ رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ: (بُنِيَ الإِسْلَامُ عَلَى خَمْسٍ: شهادة أن لا إله إلا الله وأن محمدا رسول الله، وإقام الصلاة، وإيتاء الزكاة، والحج، وصوم رمضان. ﴿صحيح البخاريّ : 8
Ti Ibnu ‘Umar rodiyAllohu ‘anhuma anjeunna sasanggem: Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh: “Islam diwangun ku lima perkara: nyakseni yen taya gusti iwalti Alloh sarta (nyakseni) sayaktosna Muhammad teh utusan Alloh, ngadegkeun sholat, ngalaksanakeun zakat, hajji, jeung shaum romadhon”.Shohih al Bukhori: 8﴿

3.      Anu henteu ngalaksanakeun zakat baris disiksa
. . . والذين يكنزون الذهب والفضة ولا ينفقونها في سبيل الله فبشرهم بعذاب أليم. ﴿التوبة : 34
. . . sarta jalma-jalma anu nyarimpen emas jeung perak sarta henteu ngadermakeun dina jalan Alloh, nya geura bubungah maranehna ku siksaan anu kacida peurihna.” QS.at-Taubah [9]: 34﴿
   















2
4.      Diantawis Du’a pikeun muzakki (anu ngalaksanakeun zakat)
خذ من أموالهم صدقة تطهّرهم و تزكّيهم بها و صلّ عليهم إنّ صلوتك سكن لهم . . . .(التوبة: 103)
“Geura pupul sidekah-sidekah (zakat) tina harta maranehna, anu ku jalan kitu teh maneh ngabersihan jeung nyucikeun maranehna ku sidekahna,jeung pek geura do’akeun maranehna, karana saestuna do’a maneh teh jadi katengtreman pikeun maranehna . . . .”   QS. at-Taubah [9]: 103﴿
عن عبد الله بن أبي أوفى: أنّ رسول الله صلّى الله عليه و سلّم كان إذا أتي بصدقة قال: "أللّهمّ صلّ عليهم". و إنّ أبي أتاه بصدقة فقال: "أللّهمّ صلّ على آل أبي أوفى" رواه أحمد و غيره. ﴿فقه السنّة: 1 : 255
Ti ‘Abdulloh ibn Abi Aufa: Sayaktosna Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam kaayaan mantenna upanten dititipan zakat mantenna sok ngadu’akeun: “Alloohumma sholli ‘alaihim, Ya Alloh, mugia kanyaah ti Alloh pikeun aranjeun.” Sarta sayaktosna Pun bapa (Abi Aufa) ngadongkapan nitip zakat ka mantenna, lajeng mantenna (Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam) ngadu’a: “Alloohumma sholli ‘alaa aali abii aufaa, Ya Alloh, mugia kanyaah ti Alloh pikeun kulawarga Abi Aufa.” ieu hadits diriwayatkeun ku Imam Ahmad sareng anu sanesna.   Fiqhus Sunnah: 1: 255﴿     












3
5.      Rupi-rupi zakat anu disyareatkeun ku Alloh kalih Rosul-Na

a. Zakat Ziro’ah (Zakat Tatanen/Palawija)

Tatanen lamun geus datang mangsana panen, kudu dikaluarkeun zakatna:
. . . كلوا من ثمره إذا أثمر وآتوا حقه يوم حصاده ولا تسرفوا إنه لا يحب المسرفين. ﴿الأنعام: 141
“... kop geura dalahar buahna lamun (geus) buahan, sarta kaluarkeun hakna (zakatna) dina mangsana panen, ngan poma aranjeun ulah keleuleuwihi, sabab Gusti Alloh teu mika resep ka nu sok kaleuleuwihi.”   QS. al-An’am [6]: 141﴿

Lamun hasil tatanen teh nepika 5 wasaq atawa leuwih:
ليس فيما دون خمسة أوساق من تمر و لا حبّ صدقة. ,رواه مسلم-
“Teu kudu dizakatan hasil tatanen boh korma atawa gandum (tarigu) anu kurang ti lima wasaq.”   Hadits Riwayat Muslim﴿

1 wasak = 60 sho’. 1 sho’ = 4 mud = ± 3¼ ltr.
5 wasak = 5 X 60 X 3¼ ltr. = 975 ltr. = 780 kg.

4
Janten, nishob (wates jumlah paling sakedik anu keuna kawajiban zakat) dina tatanen/palawija nyaeta upami nalika panen henteu kirang ti 780 kg. anapon upami kirang ti sakitu mah mangka teu aya kawajiban zakat.

Zakat anu kudu dikaluarkeun teh aya dua rupa:
1) Upami tatanenna tea diceboran ku cai susukan atawa cai walungan, zakatna kudu sapersapuluhna. Kalebet tatanen anu caket sareng sumber cai kayaning walungan atanapi tangkal anu baradag mangka kalebet anu zakatna sapersapuluh

فيما سقت السماء و العيون أو كان عثريّا العشر، و فيما سقي بالنّضح نصف العشر. ,رواه البخاري-
“Zakat tatanen anu dicebor ku cai hujan atawa deukeut jeung cai susukan atawa ‘atsariy (eta tatanen nyokot cai ku akarna alatan deukeut jeung cai anu ngalir), zakatna sapersapuluh; ari anu dicebor ku tanaga jalma mah, zakatna saperlima.” Hadits Riwayat Muslim﴿ 




5
2) Namung upami anu diceborna ku tanaga onta (atawa alat-alat anu sejenna) anu dipake ngunjalan cai, tegesna datangna cai teh lain ku jalan dikocorkeun tapi ku jalan diakutan, zakatna ngan saperlimana.
فيما سقت الأنهار و الغيم العشر و فيما سقي بالساقية نصف العشر. ,رواه مسلم-
“Zakat tatanen anu dicebor ku cai susukan jeung cai hujan, zakatna sapersapuluh; ari anu dicebor ku onta panarik cai mah, zakatna saperlima.” Hadits Riwayat Muslim﴿


b. Zakat Tijaroh (Zakat Dagangan)

     Numutkeun katerangan Kholifah ‘Umar, Ibnu ‘Umar, ‘Umar bin ‘Abdul ‘Aziz jeung nu sanes-sanesna, zakat dagangan teh nyaeta 2 ½ % (dua satengah persen).

     Ari zakat dagangan teh lain tina bati, tapi tina harga barang anu rek dijual.
لمِاَ رَوَاهُ أَبُوْ دَاوُدَ وَ البَيْهَقِيُّ عَنْ سَمُرَةَ بْنِ جُنْدَبٍ قَالَ: "أَمَّا بَعْدُ: فَإِنَّ النَّبِيَّ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ كَانَ يَأْمُرُناَ أَنْ نُخْرِجَ الصَّدَقَةَ مِنَ الَّذِيْ نُعِدُّهُ لِلْبَيْعِ". ﴿فقه السنّة: 1 : 255
Sakumaha anu diriwayatkeun ku Abu Daud kalih Al Baihaqi ti Samuroh bin Jundab anjeunna sasauran: “Amma ba’du: Yen sayaktosna Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam kantos miwarang simkuring sarerea sangkan ngazakatan barang-barang anu dicawiskeun pikeun perdagangan.” Fiqhus Sunnah: 1: 259-260﴿   



6
     Sakumaha anu parantos dieceskeun ku Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam, yen barang-barang anu kudu dizakatan teh, nyaeta ngan barang-barang dagangkeuneun hungkul.
     Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngutus tukang ngumpulkeun zakat. Eta utusan datang ka Kholid bin Walid, sedengkeun ari Kholid bin Walid teu kersaeun mayar zakat parabot perangna tea. Barang diunjukkeun ka Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam, dawuhan Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam: “Meureun bae Kholid mah teu zakat soteh da barang-barang (parabot perang) teh geus diwakafkeun.”
     Ari carana mayar zakat dagangan (tijaroh), nyaeta ku jalan ditungtut, atawa saban-saban rek dagang, zakatna disimpen dikumpulkeun, geus sataun kakara dikaluarkeun; eta mah teu aya halanganana.
     Aya oge nu boga pamadegan yen zakat dagang mah kudu geus nepika sa-haul (sataun).
Sa-‘haul’ teh hartina sataun. Lamun seug ‘haul’ dijadikeun syarat - sabab (hukum wadh’i), tangtu ngabogaan harti yen kakara wajib zakat lamun eta barang disimpen (teu payu) dina jero sataun, saperti kaayaan zakat emas/perak nu geus nisab.

7
     Lamun kitu carana atuh barang dagangan anu mangrupa bubuahan/dahareun nu teu tahan lila mah moal keuna ku zakat; nyakitu deui barang dagangan nu beak (payu) samemeh sataun mah teu keuna zakat. Padahal nya barang kitu pisan nu tereh laku tur gede untungna teh. Hal ieu tangtu pasalia jeung fungsi zakat.
     Lamun nu dimaksud ku sa-‘haul’ teh lilana dagang, atuh keunana wajib zakat teh lain kana barang dagangan, tapi ‘sabab eta jelema boga kasab/pausahaan dagang.
     Mun kitu, tangtu nu keuna wajib zakat teh jelema anu dina sataun terus-terusan dagang; atuh pelayan took (nu buburuh ngaladangan) oge keuna kawajiban zakat.
     Mun kitu carana jauh pisan tina Nash hadits. Kusabab eta leuwih hade balik bae kana Nash hadits nu kasebut diluhur. Wallohu A’lam.   
           
c. Zakat Perhiasan
     Zakat perhiasan teh teu kudu saban taun, cukup ku sakali bae sabab ari anu kudu saban taun mah, nyaeta zakat emas, perak nu disimpen.
     Perhiasan anu geus kungsi dizakatan, najan disimpen, tegesna teu dipapake unggal poe, tetep hukumna mah perhiasan bae. Haditsna:

عَن أُمِّ سَلَمَةَ: كُنْتُ أَلْبَسُ أَوْضَاحًا مِنْ ذَهَبٍ فَقُلْتُ: يَا رَسُوْلَ اللهِ أَ كَنْزٌ هُوَ؟ قَالَ: إِذَا أَدَّيْتَ زَكَاتَهُ فَلَيْسَ بِكَنْزٍ.  ﴿أبو داود﴾

8
Saur Ummu Salamah: ‘Kuring make geulang emas, tuluy tumaros ka Rosululloh: ‘Ya Rosululloh, naha ieu geulang abdi teh kalebet kana barang simpenan?’ dawuhan Rosululloh: “Lamun anjeun geus ngazakatan, eta lain barang simpenan.” -HR. Abu Daud,
     Ari zakat perhiasan teh ageungna 2 ½ %.
  
d. Zakat Simpenan Emas atanapi Perak
     Zakat simpenan emas/perak tiap taun 2 ½ %.
     Ari nisabna simpenan emas teh nyaeta lamun boga 20 dinar (90 gram).
فَإِذَا كَانَتْ لَكَ مِائَتَا دِرْهَمٍ وَ حَالَ عَلَيْهَا الْحَوْلُ فَفِيْهَا خَمْسَةُ دَرَاهِمَ. وَ لَيْسَ عَلَيْكَ شَيْئٌ (يَعْنِيْ فِي الذَّهَبِ) حَتَّى يَكُوْنَ لَكَ عِشْرُوْنَ دِيْنَارًا، فَإِذَا كَانَ لَكَ عِشْرُوْنَ دِيْنَارًا وَ حَالَ عَلَيْكَ الْحَوْلُ فَفِيْهَا نِصْفُ دِيْنَارٍ. ﴿أبو داود﴾
“Lamun anjeun ngabogaan 200 dirham sarta geus sataun, anjeun wajib zakat ku 5 dirham. Henteu wajib pikeun anjeun ngaluarkeun zakat tina barang (nyaeta emas), samemeh anjeun ngabogaan 20 dinar (1 dinar = 4 ¼ gram emas) jeung lilana geus sataun, wajib zakatna ½ dinar.” -HR. Abu Daud,

9
     Ari pikeun perak lamun aya 5 uqiyyah (200 dirham = 60 gram).
وَ لاَ فِيْمَا دُوْنَ خَمْسِ أَوَاقٍ صَدَقَةٌ. ﴿مسلم﴾   
“Henteu kudu dizakatan pikeun perak anu kurang ti 5 uqiyyah mah.” -HR.Abu Daud,
     Janten perak anu kirang ti 600 gram beuratna, teu keuna ku zakat.
     Ari emas upami cekap beuratna 20 misqol atanapi satimbang sareng 20 dinar (90 gram emas), kakara wajib zakat.
Di zaman Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam parantos kauninga aya gaji (upah kerja) malihan  Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam nekenkeun sangkan padamel dibayar sateuacan kesangna garing, namung henteu kapendak dalil anu nangtoskeun zakat anu dicandak tina gaji (upah kerja) atanapi honor aranjeunna.
     Mangka pikeun aranjeunna anu gaduh harta banda di luar katangtosan zakat, tetep gaduh kawajiban pikeun ngaluarkeun sapalih harta bandana nyaeta ngalangkungan infaq anu ageungna diluyukeun dumasar kana kaayaan, waktos, tempat atanapi dumasar kana kabutuhan Islam kana eta harta. Umpamana infaq pikeun jihad fi sabilillah sareng sajabina.


10
Dawuhan Alloh:
وَ أَنْفِقُوْا فِى سَبِيْلِ اللهِ. ,البقرة:190-
“Sarta prak infaqkeun harta anjeun di jalan Alloh (fi sabilillah).” -QS.al-Baqoroh [2]: 190,

     aya terasna . . . Insya Alloh.
e. Zakat Barang Tambang Galian (Ma’adin)
Ma’adin teh nyaeta barang-barang anu dikaluarkeun (dikali) ti jero taneuh, saperti emas, perak, beusi, timah, bauksit, almunium, tambaga, batubara, jsb. Anu sadayana ngagaduhan nilai jeung harga.
Ari zakatna nyaeta 2 ½ %
إِنَّ رَسُوْلَ اللهِ صَلَّ اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ أَخَذَ مِنَ الْمَعَادِنِ الْقَبَلِيَّةِ الصَّدَقَةَ. ,أبو داود-
     “Saestuna Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam parantos nyandak zakat tina ma’adin qobaliyah.” -Hadits Riwayat Abu Daud,
وَ أَخَذَ عُمَرُ بْنُ عَبْدُ الْعَزِيْزِ مِنَ الْمَعَادِنِ مِنْ كُلِّ مِائَتَيْنِ خَمْسَةً. ,البخاري-
     “Saestuna ‘Umar bin ‘Abdul ‘Aziz parantos nyandak zakat ma’adin (barang tambang) tina tiap-tiap dua ratus teh, lima-lima.” -Hadits Riwayat al Bukhari,
11

f. Zakat Rikaz (Harta Karun)
Unggal rikaz (harta karun) anu kapendak boh seueur atanapi sakedik, boh emas, perak, artos, atanapi harta banda ‘berharga’ anu sanesna, wajib dikeluarkeun zakatna, dumasar kana hadits:
عَنْ اَبِيْ هُرَيْرَةَ رَضِيَ اللهُ عَنْهُ اَنَّ النَّبِيَّ صَلَّ اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ قَالَ وَفِى الرِّكَازِ الْخُمُسُ-رواه الجماعة-
     Hadits katampi ti Abu Hurairah rodiAllohu ‘anhu, sayaktosna Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh: “sarta dina rikaz (harta karun) zakatna saperlima.” -Hadits Riwayat Al Jama’ah,
     Rikaz (harta karun) zakatna saperlima atanapi 2 ½ %.
g. Zakat Ingon-Ingon
1) Onta
Onta upami jumlahna kurang ti 25, pikeun tiap-tiap 5 onta zakatna 1 domba. Namung upami jumlahna 25 ka luhur mah, tiap 25 onta zakatna teh 1 anak onta bikang umur dua taun jalan.



12
إِنَّ اَبَا بَكْرٍ كَتَبَ اَنَّ رَسُوْلَ اللهِ صَلَّ اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ فَرَضَ فِيْمَا دُوْنَ خَمْسٍ وَ عِشْرُيْنَ مِنَ الاِبِلِ الْغَنَمَ فِيْ كُلِّ خَمْسِ جَزُوْرٍ شَاةٌ، وَاِذَا بَلَغَتْ خَمْسًا وَ عِشْرِيْنَ فَفِيْهَا ابْنَةَ مَخَاضٍ-ر.الدرقطنى-
     “Abu Bakar nerangkeun yen Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam parantos ngawajibkeun (zakat) onta anu kurang ti 25, dizakatan ku domba; nyaeta tiap-tiap 5 onta zakatna 1 domba. Sarta lamun geus nepi kana 25 onta, zakatna 1 anak onta bikang umur dua taun jalan.” -Hadits Riwayat ad Daroqutni,

2) Sapi
Sapi, lamun jumlahna antara 30 nepi ka 39 zakatna 1 anak sapi umur dua taun jalan. Tapi lamun jumlahna nepi kana 40 ka luhur mah, zakatna tiap-tiap 40 sapi teh, 1 anak sapi umur tilu taun jalan. Hadits-na:
قَالَ مُعَاذٌ: بَعَثَنِيْ رَسُوْلَ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ إِلَى الْيَمَنِ فَأَمَرَنِيْ أَنْ آخُذَ مِنْ كُلِّ ثَلاَثِيْنَ مِنْ بَقَرَةٍ تَبِيْعًا أَوْ تَبِيْعَةً وَ مِنْ كُلِّ أَرْبَعِيْنَ مُسِنَّةً. ,الترمذي-
     Saur Mu’adz: “Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngutus kuring ka Yaman, sarta mantenna miwarang sangkan kuring nyokot (zakat) tina tiap-tiap 30 sapi, zakatna 1 anak sapi umur dua taun jalan, sarta tina tiap-tiap 40 sapi, zakatna 1 anak sapi umur 3 taun jalan.” -H.R. At-Tirmidzi,

13
3) Domba
Domba, lamun jumlahna geus 40 nepi ka 120, zakatna 1 domba; ti 120 nepi ka 200, zakatna 2 domba; ti 200 nepi ka 300, zakatna 3 domba; tapi lamun leuwih ti sakitu mah, zakatna dina tiap-tiap 100 domba 1 domba. Hadits-na:
وَ فِيْ الصَّدَقَةِ الغَنَمِ فِيْ سَائِمَتِهَا إِذَا كَانَتْ أَرْبَعِيْنَ فَفِيْهَا شَاةٌ إِلَى عِشْرِيْنَ وَ مِائَةٍ فَإِذَا زَادَتْ فَفِيْهَا شَاتَانِ، فَإِذَا زَادَتْ وَاحِدَةً فَفِيْهَا ثَلاَثُ شِيَاهٍ إِلَى ثَلاَثِمِائَةٍ فَإِذَا زَادَتْ فَفِيْ كُلِّ مِائَةٍ شَاةٌ. ,البخاري-
     “Jeung dina sabubuhan domba, lamun jumlahna antara 120 nepi ka 200 domba, zakatna 2 domba. Lamun 40 nepi ka 120 domba, zakatna 1 domba. Lamun leuwih ti sakitu, zakatna tiap-tiap 100 domba, 1 domba.” -H.R. Bukhori,

h. Zakat fitrah
Zakat fitrah teh lobana 1 sho’ (kurang leuwih 3 ½ kati atawa 3 ¼ liter), dikaluarkeun dina poe Lebaran Shaum/ Idul Fitri, ba’da shubuh samemeh sholat Idul Fitri. 
قَالَ ابْنُ عُمَرَ : فَرَضَ رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى الله ُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ زَكَاةَ الْفِطْرِ صَاعًا مِنْ تَمْرٍ اَوْ صَاعًا مِنْ شَعِيْرٍ عَلَى اْلعَبْدِ وَالْحُرِّ وَالذَّكَرِ وَالأُنْثَىْ وَالصَّغِيْرِ وَالْكَبِيْرِ مِنَ الْمُسْلِمِيْنَ وَاَمَرَ اَنْ تُؤَدَّي قَبْلَ خُرُوْجِ النَّاسِ اِلَى الصَّلاَةِ . - رواه البخاري
     Ti Ibnu ‘Umar: “Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam parantos ngawajibkeun zakat fitrah sa-sho’ tina korma atawa sa-sho’ tina kacang, ka budak beulian, jelema merdeka, lalaki jeung awewe, budak leutik rejeung kolot, ti golongan kaom Muslimin, sarta anjeunna miwarang supaya dibagikeun samemeh jelema-jelema kaluar rek sholat (Idul Fitri).” -H.R. Bukhori,


14
     Sing saha anu ngaluarkeun zakat fitrah ba’da sholat Idul Fitri, zakat fitrah-na teu sah. Hadits-na:
وَمَنْ أَدَّاهَا بَعْدَ الصَّلاَةِ فَهِيَ صَدَقَةٌ مِنَ الصَّدَقَاتِ. ,أبو داود-
     “Sing saha anu ngaluarkeun zakat fitrah ba’da sholat Idul Fitri, eta mah kaabus kana sidkah biasa bae.” -H.R. Abu Daud,
     Jadi tetela yan zakat fitrah teh kaabus kana ibadah anu make wates waktu (muwaqqot). Kulantaran eta, pikeun ngentengkeun, ku urang teu halangan ti anggalna urang geus masrahkeun (nitipkeun) zakat fitrah urang ka Jami’ Zakat (‘Amilin) sangkan dipasrahkeun ka mustahiq anu boga hak narima dina waktuna geus ditangtukeun ku Qur’an jeung Hadits, sakumaha anu sok dilampahkeun ku para sohabat baheula. Hadits-na:
إِنَّ عَبْدَ اللهِ بْنَ عُمَرَ كَانَ يَبْعَثُ بِزَكَاتِ الفِطْرِ إِلَى الَّذِيْ تَجْمَعُ عِنْدَهُ قَبْلَ الفِطْرِ بِيَوْمَيْنِ أَوْ ثَلاَثٍ. ,مالك-
     “Saestuna ‘Abdullah bin ‘Umar kungsi ngirimkeun zakat fitrah ka nu sok ngumpulkeunana, samemeh Idul Fitri, piduapoeeun atawa pitilu poeeun deui.” -Hadits Riwayat Imam Malik,
     Ari anu kudu pangdipentingkeunana dibere zakat fitrah teh nyaeta fakir miskin. Tegesna, dina poe eta mah (Idul Fitri), maranehna teh ulah sina udar-ider nareangan dahareun. Hadits-na:
أَغْنُوْهُمْ عَنْ طَوَّافِ هذَا اليَوْمِ. ,الدارقطني و البيهقي-
     “Cukupkeun maranehanana (fakir miskin) ku aranjeun, sangkan ulah udar-ider (neangan dadahareun) dina poe ieu (poe Idul Fitri).” -H.R. Ad-Daroqutni jeung Al-Baihaqi,.




15
6.      Mustahiq (Jalma-Jalma anu Layak Nampi) Zakat
إِنَّمَا الصَّدَقَاتُ لِلْفُقَرَاءِ وَ الْمَسَاكِيْنِ وَ الْعَامِلِيْنَ عَلَيْهَا وَ الْمُؤَلَّفَةِ قُلُوْبُهُمْ وَ فِيْ الرِّقَابِ وَ الْغَارِمِيْنَ وَ فِيْ سَبِيْلِ اللهِ وَابْنِ السَّبِيْلِ فَرِيْضَةً مِنَ اللهِ وَ اللهُ عَلِيْمٌ حَكِيْمٌ. -التوبة:٦٠-
“Ari eta sidekah-sidekah (zakat) teh, taya lian ngan pikeun faqir-faqir jeung anu masakat (nu mariskin), jeung para amilin anu ngurus eta sidekah, jeung para mu’allaf anu keur dililindeuk hatena, pikeun (ngamerdakeun) ‘abid-‘abid, jeung pikeun anu baroga hutang (pailit) jeung pikeun (kaperluan) dina jalan Allah, jeung pikeun jalma-jalma anu beakeun bekel di panyabaan. Eta teh kawajiban ti Allah, karana Allah Maha Uninga, Maha Wijaksana.” QS. at-Taubah [9]: 60﴿











16
a) Faqir
عَنْ اَبِيْ هُرَيْرَةَ قَالَ قَالَ رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى الله ُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ : لَيْسَ الْمَسَاكِيْنِ الَّذِىْ تَرُدُّهُ التَّمْرَةُ وَ التَّمْرَتَانِ وَ لاَ اللُّقْمَةِ وَ اللُّقْمَتَانِ اِنَّمَا الْمَسَاكِيْنِ الَّذِىْ يَتْعَنِفُ إِقْرَؤُوْا اِنْ شِئْتُمْ (...لاَ يَسْئَلُوْنَ النَّاسَ إِلْحَافًا...) ﴿البقرة: ٢٧٣﴾ وَ فِيْ لَفْظٍ لَيْسَ الْمَسَاكِيْنِ الَّذِىْ يُطَوِّفُ عَلَى النَّاسِ وَلَكِنَّ الْمَسَاكِيْنِ الَّذِىْ لاَ يَجِدُ غَنِيٌّ يَغْنِيْهِ وَلاَ يَفْطِنُ بِهِ فَيَتَصَدَّقَ عَلَيْهِ وَلاَ يَقُوْمُ فَيَسْأَلُ النَّاسَ. -متفق عليه-
Hadits katampi ti Abu Hurairoh, anjeunna sasanggem,Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh,  ‘Jalma miskin teh sanes anu ka-usir bari nyandak sasiki atawa dua siki korma sarta oge sanes ku sahuap atawa dua huap, namung jalma miskin teh nyaeta jalma anu ngaraos isin kanggo barangsungkeun ka batur. Upami bade anjeun tiasa maos ayat:        (لا يسألون الناس إلحافا) ‘…(jalma faqir teh nyaeta) tara barangpenta ka jalma-jalma kalawan keukeureuweut…’ QS. al-Baqoroh [2]: 273﴿. Sarta dina lafadz hadits anu sanes: ‘Jalma miskin teh sanes anu kukurilingan (punta-penta) ka jalma-jalma, namung jalma miskin teh nyaeta anu henteu ngengingkeun harta banda pikeun nyukupan anjeunna sarta anjeunna henteu kaperhatoskeun kanggo dipasihan shodaqoh oge anjeunna henteu wantun kanggo barangsungkeun ka jalma lian.’” Muttafaq ‘Alaih﴿







17
Anu dimaksad faqir teh nyaeta jalma anu henteu ngapimilik harta banda sarta kamampuan neanganana pikeun nganafkahan hirupna. Upami anjeunna ngapimilik tuangeun anu nyekapan kanggo sadinten sawengi sarta ngapimilik raksukan anu tiasa dianggo, mangka anjeunna sanes fakir tapi miskin.
Sarta upami kaperyogian hirup jalma faqir eta ditanggung ku sepuh, wargi atanapi barayana anu mampu mangka anu kitu mah sanes kelebet faqir.
  
b) Miskin
Jalma miskin teh nyaeta jalma anu gaduh pakasaban namung henteu tiasa nyekapan kana kaperyogian hirupna.

c) ‘Amilin/’Amil (Anu Ngurus Zakat)

Anu dimaksad ‘amilin/’amil nyaeta jalma-jalma anu dipaparin pancen pikeun ngempelkeun zakat. Kholifah (pamingpin di hiji nagri/tempat) sareng qodli (hakim) henteu kalebet ‘amil. Anu kagolongkeun ‘amil zakat nyaeta jubat (anu nyandakan zakat), khazanah (anu ngajaga zakat), ru’at (anu ngangon sato zakat), qossam (anu ngabagikeun zakat) jeung katabat (anu nulis-nuliskeun/sekretaris zakat).

18
عَنْ بِشْرِ بْنِ سَعِيْدٍ اَنَّ ابْنَ السَّعْدِىِّ الماَلِكِى قَالَ: اِسْتَعْمَلَنِىْ عُمَرَ عَلَى الصَّدَقَةِ فَلَمَّا فَرَغْتُ مِنْهَا وَاَدَّيْتُهَا اِلَيْهِ اَمَرَ لِىْ بِعَمَالَةٍ, فَقُلْتُ: إِنَّمَا عَمِلْتُ لِلَّهِ فَقَالَ: خُذْ بِمَا اَعْطَيْتُ فَإِنِّيْ عَمِلْتُ عَلَى عَهْدِ رَسُوْلِ اللهِ صَلَّى الله ُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ فَعَمَلَنِيْ. فَقُلْتُ مِثْلَ ذَالِكَ. فَقَالَ لِيْ رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى الله ُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ : اِذَا اَعْطَيْتَ شَيْئًا مِنْ غَيْرِ تُسْأَلُ فَكُلْ وَ تَصَدَّقْ -متفق عليه-
Hadits katampi ti Bisr bin Sa’id, sayaktosna ibnu sa’di al-Maliki anjeunna sasanggem, “Umar kantos ngutus sim abdi pikeun nyandakan zakat, nalika sim abdi parantos ngarengsekeun eta padamelan sareng masrahkeun eta zakat ka anjeunna, lajeng anjeunna miwarang sangkan sim abdi nyandak bagean amilin’. Mangka sim abdi cumarios, ‘Mung wungkul sim abdi midamel ieu teh alatan miharep ridlo Allah’. Umar sasanggem, ‘Prak candak naon anu dipasihkeun ka anjeun, alatan sayaktosna sim abdi oge didamel (janten ‘amil) dina wangkid Rasululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam masih jumeneng, anjeunna Rasululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam oge masihan bagean ‘amilin ka sim abdi mangka sim abdi cumarios sakumaha anu ku anjeun nembe dicarioskeun, lajeng ka sim abdi Rasululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, ‘Upama seug anjeun dipasihan hiji perkara anu anjeun henteu nyungkeun, mangka prak tuang sarta shodaqohkeun.’Muttafaq ‘Alalih﴿









19
     Nalika ngangkat ‘amilin, hiji pamingpin peryogi merhatoskeun sababaraha syarat-syarat ‘amilin, diantawisna:
  1. Mukallaf (parantos baligh/dewasa)
  2. seorang muslim
  3. jujur (amanah)
  4. faham kana hukum zakat
  5. ahli kana ngurus zakat
6. henteu kalebet jalmi anu haram nampi zakat.


d) Muallaf

Al Mu’allafatu qulubuhum teh nyaeta jalma anu dililindeuk hatena, aranjeunna anu kalebet golongan ieu nyaeta:
a) Jalma anu diharepkeun sangkan lebet Islam
b) Jalma anu sangkan tetep kiat ‘aqidahna dina Islam
c)    Jalma anu sangkan kaum muslimin henteu diganggu ku anjeunna.
عَنْ صَفْوَانَ بْنِ اُمَيَّةَ قَالَ: اَعْطَانِيْ رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى الله ُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ يَوْمَ حُنَيْنٍ وَ اَنَّهُ لاَ بُغْضُ النَّاسِ اِلَيَّ فَمَا زَالَ يُعْطِيْنِيْ اَنَّهُ لَأَحَبَّ النَّاسِ إِلَيَّ -رواه احمد-
Hadits katampi ti Shofwan bin Umayyah anjeunna sasanggem, “Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam kantos masihan ka sim abdi (nalika sim abdi masih kafir) dina wangkid dintenan (perang) Hunain, sarta sayaktosna wangkid harita anjeunna jalma anu kacida dipiceuceubna ku sim abdi, lajeng anjeunna henteu kendat-kendat masihan ka abdi, (ayeuna mah) anjeunna jalma anu pangdipikacinta ku sim abdi.” H.r. Ahmad﴿


20
Dumasar hadits riwayat Ahmad kalih Al-Bukhori, Rosulullah shollallohu ‘alaihi wa sallam kantos masihan ka hiji muallaf kalintang seueurna, sarta jalma anu henteu dipasihan ngaraos sirik, mangka Rosulullah shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadugikeun dina khutbahna, dinatawisna:
اِنِّيْ لَاَعْطَى الرَّجُلَ وَ اَدْعُ الرَّجُلَ وَ الَّذِىْ اَدْعُ اَحَبَّ اِلَيَّ مِنَ الَّذِىْ اَعْطَى… رواه احمد و البخارى-
“Sayaktosna kami parantos masihan ka hiji jalma sarta anu lian mah henteu dipasihan, sarta jalma anu ku sim abdi henteu dipasihan teh langkung dipikacinta tibatan jalma anu ku sim abdi dipasihan….” H.r. Ahmad dan Al-Bukhori﴿ 
    
e) Fīr-Riqōb (Budak/Hamba sahaya anu dijangjian bade dibebaskeun)

Bagěan zakat pikeun aranjeunna dipasihkeun ka dunungan-dununganana pikeun mayar sangkan kalaksanana jangji badě ngamerděkakeun ěta budak/hamba sahaya. Tiasa ogě ěta bagěan zakat dipasihkeun ka budak/hamba sahayana pikeun dibayarkeun ka dunungan-dununganana. Namung henteu sah zakatna hiji dunungan anu mayar zakat ka budak/hamba sahayana nyalira sangkan ěta hamba sahayana tiasa mayar ka anjeunna alatan dina waktos harita status ěta hamba sahaya kagungan si anu mayar zakat. 

21
f) Ghōrimīn (Jalma anu seueur sametan tilas jihad fi sabilillah)
Anu dimaksad nyaěta jalma anu teu mampuh/miskin anu seueur sametan alatan ngajalankeun kataatan ka Alloh ‘Azza wa Jalla. Anapon upami sametan tilas maksiat mah henteu kalebet al-Ghŏrimĭn.

g) Fī SabīliLLāh (Anu bajoang/jihad dina agama Alloh)
Jalma-jalma anu bajoang dina raraga nanjeurkeun agama Alloh, jihad fi sabīliLLāh, bari aranjeunna henteu kenging gaji ti nagara. Aranjeunna kěnging dipasihan bagěan zakat sok sanaos jalma beunghar, pikeun janten pangjurung sangkan aranjeunna tetep tumetep dina jihad fī sabīliLLāh.

h) Ibnus-Sabīl (Jalma anu dina angkat-angkatan sěěpeun bekel)
Nyaěta jalma anu sumping ka hiji nagri atanapi mung alakadar ngalangkung dina kaayaan musafir (angkat-angkatan), saněs pulang kampung, anu mana anjeunna henteu maksad badě maksiat dina ěta safar. Anjeunna kěnging dipasihan zakat upami anjeunna fakir (sěěpeun ongkos). Anapon upami anjeunna kagungan harta di tempat anjeunna badě mulih nya anjeunna dipasihan alakadarna kanggo anjeunna tiasa mulih. 
22

Tidak ada komentar:

Posting Komentar