Powered By Blogger

Rabu, 30 Maret 2011

R U Q Y A H


Tema: ‘Aqidah
R U Q Y A H
Ibnu Muharram al ‘Âmilu Muzārii
 1.    Naon Ruqyah těh?
إِنَّ الرُّقَى وَالتَّمَائِمَ وَالتِّوَلَةَ شِرْكٌ
“Sayaktosna ari ruqyah, tamimah kalih tiwalah těh syirik.” -HR. Ahmad, Abu Dawud, Ibnu Majah, Al Hakim ti ‘Abdullah bin Mas’ud,
قَوْلُهُ ,إِنَّ الرُّقَى- قَالَ المصَنَّفُ: (هِيَ الَّتِيْ تُسَمَّى العَزَائِمُ، وَ خَسَّ مِنْهُ الدَّلِيْلُ مَا خَلاَ مِنَ الشِّرْكِ، فَقَدْ رَخَّصَ فِيْهِ رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ مِنَ العَيْنِ وَ الحُمَةِ) يَشِيْرُ إِلَى أَنَّ الرُّقَى الموْصُوْفَةَ بِكَوْنِهَا شِرْكًا هِيَ الَّتِيْ يُسْتَعَانِ فِيْهَا بِغَيْرِ اللهِ، وَ أَمَّا إِذَا لَمْ يَذْكُرْ فِيْهَا إِلَّا أَسْمَاءِ اللهِ وَ صِفَاتِهِ وَ آيَاتِهِ، وَ المأْثُوْرُ عَنِ النَّبِيِّ  صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ، فَهذَا حَسَنٌ جَائِزٌ، أَيْ مُسْتَحَبٌّ. ,فتح المجيد شرح كتاب التوحيد: 126-
Dawuhan Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam: “Sayaktosna ruqyah . . .” anu nyusun Kitab Tauhid (Muhammad bin ‘Abdul Wahab) nguningakeun: ‘Ruqyah anu dimaksad (dina ěta hadits) nyaěta anu disebat jimat-jimat/mantera-mantera, sarta ieu dalil kalintang kerasna tina ěta perkara kajaba ka anu kosong tina syirik, mangka ěstu Rosululloh Shollallohu ‘alaihi wa sallam parantos masihan kaěntěngan dina perkara ruqyah tina alatan ‘ain sareng (dicoco) langir (Indonesia: kalajengking).’ Ngaisyaratkeun yěn sayaktosna ruqyah disifatan kaayaanana syirik nyaěta upanten dina ěta ruqyah nyuhunkeun pitulung těh lian ti ka Alloh. Anapon upanten dina ěta ruqyah henteu disebat-sebat kajaba asma Alloh, sifat-sifat-Na kalih ayat-ayat-Na, sarta diriwayatkeun ti Nabi Shollallohu ‘alaihi wa sallam mangka ruqyah ěta saě kalih dikěngingkeun, atanapi mustahab (dipicinta). -Fathul Majib syarh Kitab Tauhid: 126,
 2.    Naha Rosulullloh shollallohu ‘alaihi wa sallam kantos ngaruqyah?

قَالَ الخَطَابِيُّ: وَ كَانَ عَلَيْهِ السَّلاَمُ قَدْ رَقَى وَ رُقِيَ، وَ أَمَرَ بِهَا وَ أَجَازَهَا؛ فَإِنَّهُ كَانَتْ بِالقُرْآنِ وَ بِأَسْمَاءِ اللهِ فَهِيَ مُبَاحَةٌ أَوْ مَأْمُوْرٌ بِهَا، وَ إِنَّمَا جَائَتِ الكَرَاهَةُ وَ المنْعُ فِيْمَا كَانَ مِنْهَا بِغَيْرِ لِسَانُ العَرَبِ، فَإِنَّهُ رُبَّمَا كَانَ كُفْرًا أَوْ قَوْلًا يَدْخُلُهُ شِرْكٌ. ,فتح المجيد شرح كتاب التوحيد: 126-
Al Khotōbiy sasauran: ‘Sarta kaayaan Rosululloh Shollallohu ‘alaihi wa sallam sayaktosna kantos ngaruqyah kalih kantos ogě diruqyah, anjeunna kantos miwarang sarta kantos ngawidian kana ěta perkara; alatan sayaktosna ruqyah Rosululloh Shollallohu ‘alaihi wa sallam mah ngagunakeun ayat al Qur’an sareng asma Alloh mangka ruqyah sapertos kitu dikěngingkeun atanapi diparěntah kedah kitu ruqyahna. Sarta taya lian ayana ruqyah anu dibenci kalih diwagel těh dina ruqyah anu henteu ngagunakeun lisanul ‘Arab (lafadz-lafadz/cariosan Arab nyaěta Qur’an-Hadits), alatan sayaktosna ruqyah anu henteu ngagunakeun lisanul ‘Arab tiasa janten/biasana nyandak kana kakufuran, atanapi cariosan ěta (sok sanaos lisanul ‘Arab) anu ngalebetkeun ěta ruqyah kana syirik (mangka tetep teu kěnging). -Fathul Majib syarh Kitab Tauhid: 126, 

قَالَ البُخَارِيُّ: حَدَّثَنَا مُسَدَّدٌ: حَدَّثَنَا عَبْدُ الوَارِثِ، عَنْ عَبْدِ العَزِيْزِ قَالَ: دَخَلْتُ أَنَا وَ ثَابِتٌ عَلَى أَنَسِ بْنِ مَالِكٍ، فَقَالَ ثَابِتٌ: يَا أَبَا حَمْزَةَ، اِشْتَكَيْتُ، فَقَالَ أَنَسٌ: أَلاَ أُرْقِيْكَ بِرُقْيَةِ رَسُوْلِ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ؟ قَالَ: بَلَى، قَالَ: (اَللّهُمَّ رَبَّ النَّاسِ، مُذْهِبَ الْبَاْسِ، اِشْفِ أَنْتَ الشَّافِيْ، لَا شَافِيَ إِلَّا أَنْتَ، شِفَاءً لَا يُغَادِرُ سَقَماً). ,موسوعة الحديث الشريف النبوي: صحيح البخاري: كتاب الطب: باب رقية النبي صلى الله عليه وسلم: 5410-
Al Bukhōriy sasauran: Parantos nerangkeun ka abdi sadaya Musaddad, saur Musaddad: parantos nerangkeun ka abdi sadaya ‘Abdul Wārits, Abdul Wārits nampi ti ‘Abdul ‘Aziz anjeunna sasanggem: ‘Sim abdi kalih Tsabit nepangan ka Anas bin Mālik,’ lajeng Tsabit cumarios: ‘Yeuh Abu Hamzah (kun-yah/landihan Anas bin Malik), aya anu parantos unjukan ka sim abdi.’ Lajeng Anas tumaros: ‘Salira uninga cara ruqyah sakumaha ruqyahna Rosululloh Shollallō ‘alaihi wa sallam?.’ Tsabit ngawaler: ‘Kantenan,’ lajeng (Tsabit) maoskeun: Allōhumma robban nāsi, mudzhibal ba-si, isyfi Antasy-Syāfīy, lā syāfiya illā Anta, Syifāan lā yughōdiru saqoman, Ya Alloh Anu ngurus sadaya manusa, mugia Anjeun nebihkeun ěta panyakit, mugia Anjeun ngadamangkeun anjeunna (anu teu damang). Anjeun Anu ngadamangkeun. Henteu aya landong lian ti landong Anjeun, landong anu henteu nyěsakeun deui kasakit.” -Mausū’atul Hadītsi asy Syrīfin Nabawiy: Shohih al Bukhoriy: Kitābut Tib: Babur Ruqyatun Nabiyyi Shollallōhu ‘alaihi wa sallam: 5410,    
عَنْ عَائِشَةَ رَضِيَ اللهُ عَنْهَا قَالَتْ: كَانَ رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ إِذَا أَوَى إِلَى فِرَاشِهِ، نَفَثَ فِيْ كَفَّيْهِ بِـ {قُلْ هُوَ اللهُ أَحَدٌ} وَ بِالمعَوِّذَتَيْنِ جَمِيْعاً، ثُمَّ يَمْسَحُ بِهِمَا وَجْهَهُ، وَ مَا بَلَغَتْ يَدَاهُ مِنْ جَسَدِهِ، قَالَتْ عَائِشَةُ: فَلَمَّا اشْتَكَى كَانَ يَأْمُرُنِيْ أَنْ أَفْعَلُ ذلِكَ بِهِ. قَالَ يُوْنُسَ: كُنْتُ أَرَى ابْنُ شِهَابٍ يَصْنَعُ ذلِكَ إِذَا أَتَى إِلَى فِرَاشِهِ. ,موسوعة الحديث الشريف النبوي: صحيح البخاري: كتاب الطب: باب النفث في الرقية: 5416-
Hadits katampi ti ‘Aisyah RodiAllohu ‘anhā, anjeunna sasanggem: ‘Kabuktosan Rosululloh Shollallō ‘alaihi wa sallam upanten ngalinggihan kana amparan-na (samak anu biasa dianggo kulem), anjeunna niupkeun kana dua dampal pananganana ku surah Qul huwaLLōhu Ahad kalih surah mu’awwidzatain (al-Falaq kalih an-Nās) sadayana, lajeng anjeunna ngusapkeun dua dampal pananganana kana rarai-na sareng kana (samudaya) anu kahontal ku dua pananganana tina jasadna.’ ‘Aisyah sasanggem: ‘Nalika hiji jalma unjukan, Rosululloh Shollallōhu ‘alaihi wa sallam miwarang ka sim abdi supados midamel sapertos kitu.’ Yunus sasanggem: ‘Sim abdi nyaksěni Ibnu Syihab midamel sapertos kitu upanten badě ngalinggihan kana amparan-na. -Mausū’atul Hadītsi asy Syrīfin Nabawiy: Shohih al Bukhoriy: Kitābut Tib: Babun Naftsi fir Ruqyati: 5416,    
عَنْ عُثْمَانَ بْنِ العَاصِ أَنَّهُ شَكَا إِلَى رَسُوْلِ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ وَجَعَا يَجِدُهُ فِيْ جَسَدِهِ. فَقَالَ لَهُ رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ: ضَعْ يَدَكَ عَلَى الَّذِيْ يَأْلَمُ مِنْ جَسَدِكَ وَ قُلْ: بِسْمِ اللهِ، وَ قُلْ سَبْعَ مَرَّاتٍ: أَعُوْذُ بِعِزَّةِ اللهِ وَ قُدْرَتِهِ مِنْ شَرِّ مَا أَجِدُ وَ أُحَاذِرُ. ,رواه مسلم-
 Hadits katampi ti ‘Utsman bin al-‘Âsh sayaktosna anjeunna unjukan ka Rosululloh Shollallōhu ‘alaihi wa sallam yěn aya kanyeri dina salira. Dawuh Rosululloh Shollallō ‘alaihi wa sallam a anjeunna: “Simppen panangan-panangan anjeun palebah anu nyeri dina salira anjeun, lajeng prak aos: Bismillah. Lajeng aos tujuh uihan: A’udzu bi ‘izzatiLLāhi wa qudrotiHi min syarri mā ajidu wa uhādziru.-HR. Muslim,. Dina riwayah Tirmidzi aya tambahan:
ثُمَّ ارْفَعْ يَدَكَ ثُمَّ أَعَدَّ ذلِكَ وِتْرًا
“Lajeng angkat panangan anjeun, lajeng uihan deui sababaraha kali kalawan gangsal.”
    
 3.    Pami urang kěnging ngaruqyah/diruqyah?
وَ قَالَ السُّيُوْطِيُّ: وَ قَدْ أَجْمَعَ العُلَمَاءُ عَلَى جَوَازِ الرُّقَى عِنْدَ إِجْتِمَاعِ ثَلَاثَ شُرُوْطٍ: أَنْ تَكُوْنَ بِكَلَامِ اللهِ أَوْ بِأَسْمَائِهِ وَ صِفَاتِهِ، وَ بِاللِّسَانِ العَرَبِيِّ وَ مَا يُعْرَفُ مَعْنَاهُ، وَ أَنْ يَعْتَقِدَ أَنَّ الرُّقْيَةَ لَا تُؤَثِّرُ بِذَاتِهَا بَلْ بِتَقْدِيْرِ اللهِ تَعَالَى. ,فتح المجيد شرح كتاب التوحيد: 127-  
Sarta as-Suyuthiy cumarios: ‘Sarta ěstu para ulama (salaf/shahabiy) parantos ijma’ (mufakat) kana kěngingna ruqyah nalika ngempel dina ěta ruqyah tilu syarat: ěta ruqyah ngagunakeun kalamuLLōh atanapi ku Asma Mantenna sarta Sifat-sifat-Na, ngagunakeun lisānul ‘Arab anu kauninga ma’na-ma’na-na, sarta kedah ngagaduhan kayakinan yěn sayaktosna ruqyah těh henteu kěnging tapak (nyaěta kadamangan alatan) ku dzat (lafadz)-na tapi (kadamangan tina hasil ěta ruqyah) mung wungkul alatan taqdir Alloh Ta’ala. -Fathul Majib syarh Kitab Tauhid: 126,  
كُنَّ نَرْقِي فِي الْجَاهِلِيَّةِ فَقُلْنَا: يَا رَسُوْلَ اللهِ، كَيْفَ تَرَى فِي ذَلِكَ؟ فَقَالَ: اعْرِضُوْا عَلَيَّ رُقَاكُمْ لاَ بَأْسَ بِالرُّقَى مَا لَمْ يَكُنْ فِيْهِ شِرْكٌ
Kapungkur nalika zaman jahiliyyah abdi sadaya sok biasa ngaruqyah, lajeng (saatos lebet Islam) abdi sadaya mariksa (Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam): . Nun Rosululloh, kumaha pamendak salira ngeunaan hal ěta? Anjeunna ngawaler: “Tinggalikeun ka kami kumaha ruqyah aranjeun těh, ruqyah henteu nanaon upanten dina ěta ruqyah henteu aya syirik.” -HR. Muslim ti ‘Auf bin Malik al Asyja’i,
نَهَى رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ عَنِ الرُّقَى فَجَاءَ آلُ عَمْرِو بْنِ حَزْمٍ إِلَى رَسُوْلِ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ، فَقَالُوا: إِنَّهُ كَانَتْ عِنْدَنَا رُقْيَةٌ نَرْقِي مِنَ الْعَقْرَبِ وَإِنَّكَ نَهَيْتَ عَنِ الرُّقَى. قَالَ: فَعَرَضُوْهَا عَلَيْهِ. فَقَالَ: مَا أَرَى بَأْسًا، مَنِ اسْتَطَاعَ مِنْكُمْ أَنْ يَنْفَعَ أَخَاهُ فَلْيَنْفَعْهُ
Rosululloh Shallallohu ‘alaihi wa sallam kantos ngawagel tina segala rupi ruqyah. Lajeng kulawarga ‘Amr bin Hazm nyumpingan Rosululloh Shallallahu ‘alaihi wa sallam. Lajeng aranjeunna cumarios: “Ya Rosululloh, sayaktosna abdi sadaya kapungkur kagungan ruqyah anu sok rajeun ku abdi sadaya dianggo ngaruqyah tina (alatan dicoco) langir. Namung salira (ayeuna mah) parantos ngawagel tina sagala rupi ruqyah.” Lajeng aranjeunna ninggalikeun ěta ruqyah ka Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam. Mangka anjeunna ngadawuh: “Henteu nanaon, sing saha diantawis aranjeun anu tiasa masihan mangfaat ka wargina anu lian mangka prak pasihan anjeunna mangfaat.” -HR. Muslim ti Jabir bin ‘Abdillah,
أَنَّهَا كَانَتْ تُرْقِي فِي الْجَاهِلِيَّةِ، فَلَمَّا جَاءَ اْلإِسْلاَمُ، قَالَتْ: لاَ أَرْقِي حَتَّى اسْتَأْذَنَ رَسُوْلَ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ. فَأَتَيْتُهُ فَاسْتَأْذَنْتُهُ. فَقَالَ عَنْهَا رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ: ارْقِي مَا لَمْ يَكُنْ فِيْهَا شِرْكٌ
“Wangkid zaman jahiliyyah kapungkur sim abdi (Syifa binti ‘Abdillah) kantos ngaruqyah. Saatosna Islam sumping, anjeunna (Syifa binti ‘Abdullah) cumarios: ‘Sim abdi henteu ngaruqyah dugikeun ka sim abdi nyuhunkeun izin ka Rosululloh Shollallohu ‘alaihi wa sallam.’ Mangka anjeunna nepangan Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam maksad nyuhunkeun izin anjeunna. Rosululloh Shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh ka anjeunna: ‘Prak anjeun ngaruqyah salami dina ěta ruqyah henteu aya syirik’.” -HR. Al-Hakim, Ibnu Hibban, sareng anu saněsna ti Syifa binti ‘Abdillah,
لاَ رُقْيَةَ إِلاَّ مِنْ عَيْنٍ أَوْ حُمَةٍ
“Henteu aya ruqyah kajaba alatan ‘ain (teuteupan mata anu jahat) atanapi tina humah (dicoco langir).” HR. Ahmad, Abu Dawud, At-Turmudzi, dan Ibnu Majah ti ‘Imron bin Hushain)

Dumasar kana sababaraha pamendak yěn ruqyah hanteu kěnging kajaba alatan dua perkara anu parantos disebatkeun dina hadits di luhur. -parios Fathul Bāri,
Pamendak di luhur kirang leres alatan Rosululloh Shollallōhu ‘alaihi wa sallam ku sabdana di luhur saněs maksad ngawagel kana ruqyah lian ti dua perkara ěta. Anu dimaksad ku anjeunna nyaěta ruqyah anu pang utamina sareng anu pang ageung mangfaatna těh nyaěta ruqyah tina alatan ‘ain atanapi humah. Ieu istinbath dicandak ku ninggal runtuyan ěta hadits. Nalika Sahl bin Hunaif katarajang ‘ain, anjeunna tumaros: “Naha aya anu pangsaěna dina ruqyah?” Rosululloh Shollallōhu ‘alaihi wa sallam ngadawuh:
لاَ رُقْيَةَ إِلاَّ مِنْ نَفْسٍ أَوْ حُمَةٍ
“Henteu aya ruqyah kajaba alatan ‘ain (teuteupan mata anu jahat) atanapi tina humah (dicoco langir).” Kitu ogě hadits-hadits anu saněsna, boh anu umum atanapi khusus, sadayana ngamaksad kana ma’na di luhur. -parios Zādul Ma’ād,

Al-Imam An-Nawawi rohimahullohu cumarios: “Para ulama cumarios: ‘Rosululloh Shollallōhu ‘alaihi wa sallam henteu ngamaksad kanggo masihan watesan ruqyah mungwungkul dina dua perkara ěta sarta ngawagel lian ti dua ěta. Anu dipimaksad ku anjeunna nyaěta henteu aya ruqyah anu langkung leres kalih langkung ageung alabatan ruqyah disababkeun ‘ain kalih hummah kumargi kacilakaan tina dua perkara ěta kalintang rohakana.” -Syarh Shahih Muslim,

 4.    Kumaha upanten ngaruqyah dijantenkeun profesi (padamelan)?
عَنْ أَبِيْ سَعِيْدٍ الخُدْرِيِّ رَضِيَ اللهُ عَنْهُ: أَنَّ نَاساً مِنْ أَصْحَابِ النَّبِيِّ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ أَتَوْا عَلَى حَيٍّ مِنْ أَحْيَاءِ العَرَبِ فَلَمْ يَقِرُّوْهُمْ، فَبَيْنَمَا هُمْ كَذلِكَ، إِذْ لُدِغَ سَيِّدُ أُولئِكَ، فَقَالُوْا: هَلْ مَعَكُمْ مِن دَوَاءٍ أَوْ رَاقٍ؟ فَقَالُوْا: إِنَّكُمْ لَمْ تَقِرُّوْنَا، وَلَا نَفْعَلُ حَتَّى تَجْعَلُوْا لَنَا جُعْلاً، فَجَعَلُوْا لَهُمْ قَطِيْعاً مِنَ الشَّاءِ، فَجَعَلَ يَقْرَأُ بِأُمِّ القُرْآنِ، وَ يَجْمَعُ بِزَاقِهِ وَ يَتْفِلُ، فَبَرَأَ فَأَتَوْا بِالشَّاءِ، فَقَالُوْا: لَا نَأْخُذُهُ حَتَّى نَسْأَلُ النَّبِيَّ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ فَسَأَلُوْهُ فَضَحِكَ وَ قَالَ: (وَ مَا أَدْرَاكَ أَنَّهَا رُقْيَةٌ، خُذُوْهَا وَاضْرِبُوْا لِيْ بِسَهْمٍ). ,موسوعة الحديث الشريف النبوي: صحيح البخاري: كتاب الطب: باب الرقى بفاتحة الكتاب: 5404-
Hadits katampi ti Abu Sa’id al Khudriy RodiAllohu ‘anhu: Sayaktosna sababaraha jalmi ti shohabat Rosululloh Shollallohu ‘alaihi wa sallam nyumpingan ka sababaraha urang ‘Arab namung henteu diajěnan, nalika kaayaan aranjeunna sapertos kitu, wangkid harita pamingpin aranjeunna dicoco langir/kala, mangka aranjeunna tumaros (ka abringan shohabat): ‘Naha di antawis salira aya anu kagungan landong atanapi anu tiasa ngaruqyah?’ para shohabat ngawaler: ‘Sayaktosna aranjeun henteu ngajěnan abdi sadaya, kumargi kitu abdi sadaya ogě moal midamel (nulungan) nanaon dugikeun ka aranjeun nyayogikeun buruhna kanggo abdi sadaya.’ Mangka aranjeunna nyayogikeun kanggo para shohabat hiji embě. Lajeng para shohabat ngaruqyah ku maoskeun ummul qur’an (surah al Fatihah), sarta ngempelkeun (racun ěta langir) kana wadah (tina kulit embě) ogě nyocokan (tilas anu dipacokna), dugika damangna, mangka para shohabat dipasihan hiji embě. Para shohabat cumarios: ‘Abdi sadaya moal nyandak (nampi) ěta embě dugikeun ka abdi sadaya naroskeun ka Nabi Shollallohu ‘alaihi wa sallam.’ Mangka para shohabat naroskeun perkara ěta, Rosululloh Shollallohu ‘alaihi wa sallam gumujeng lajeng  ngadawuh: “Anjeun naha (tiasa) uninga yěn sayaktosna surah (al Fatihah) ěta tiasa dianggo ruqyah?. Mangga waě candak ěta embě (buruh) těh sarta tetepkeun kanggo kami bagěan (tina ěta embě).” -Mausū’atul Hadītsi asy Syrīfin Nabawiy: Shohih al Bukhoriy: Kitābut Tib: Babur Ruqō bi Fatihatil Kitab: 5404,. Wallohu a’lam bish-showab.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar