Powered By Blogger

Rabu, 30 Maret 2011

BADE NGAWARISKEUN NAON KA ANAK-INCU TEH?


Tema : Tarbiyyah/Pendidikan

BADE NGAWARISKEUN NAON KA ANAK-INCU TEH?
Ibnu Muharram al Amilu Muzarii

 أَيَوَدّ أَحَدُكُمْ أَن تَكُونَ لَهُ جَنّةٌ مّن نّخِيلٍ وَأَعْنَابٍ تَجْرِي مِن تَحْتِهَا الأنْهَارُ لَهُ فِيهَا مِن كُلّ الثّمَرَاتِ وَأَصَابَهُ الْكِبَرُ وَلَهُ ذُرّيّةٌ ضُعَفَآءُ فَأَصَابَهَآ إِعْصَارٌ فِيهِ نَارٌ فَاحْتَرَقَتْ كَذَلِكَ يُبَيّنُ اللّهُ لَكُمُ الاَيَاتِ لَعَلّكُمْ تَتَفَكّرُونَ. ﴿البقرة: ٢٦٦
Naha ti antara maraneh aya anu hayang boga kebon korma jeung anggur anu di handapna cur-cor walungan, anu di dinyana raweuy ku rupa-rupa bubuahan; tuluy manehna jadi kolot ropoh sarta reuay ku anak-incu anu bilatung dulang, ti dinya eta kebon teh katarajang angin puyuh anu mawa seuneu nepi ka kahuruan? Tah kitu Allah nerangkeun ayat-ayat-Na ka maraneh, supaya maraneh malikir. QS. al Baqarah [2]: 266﴿   

عَنْ أَبِيْ هُرَيْرَةَ رَضِيَ اللهُ عَنْهُ قالَ: قالَ رَسُوْلُ اللهِ صَلىَّ اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ: "إذا مَاتَ ابْنُ آدَمَ انْقطعَ عَمَلهُ إلاَّ مِنْ ثلاثٍ: صَدَقة جَاريَة، أوْ عِلمِ يُنْتفعُ بهِ، أوْ وَلدٍ صَالِحٍ يَدْعُوْلهُ". رواه مسلم و غيره. ﴿الترغيب و الترهيب: ٤٦
Ti Abu Hurairah radiallahu ‘anhu anjeunna sasauran: Rasulullah shallallahu ‘alaihi wa sallam ngadawuh, “Nalika ibnu Adam (manusa) tilar dunya, sadaya amalna pegat kajaba tina tilu perkara: shadaqah jariyah, elmu anu dimangfaatkeun, atanapi putra shaleh anu ngadu’akeun ka anjeunna.” Hadits Riwayat Muslim sareng anu sanesna.) at Targhib wat Tarhib : 45)
وَأنَّ العُلمَاءَ هُمْ وَرَثة الأنْبيَاءِ، وَرِثوْا العِلْمَ، مَنْ أخَذَهُ بحَظّ وَافِرٍ، وَمَنْ سَلكَ طرِيْقاً يَطلبُ بهِ عِلمًا سَهَلَ اللهُ لَهُ طَرِيْقاً إلىَ الجَنَّةِ. ﴿صحيح البخاري، كتاب العلم، باب العلم قبل القول والعمل
Sarta saestuna para ulama, aranjeunna teh mangrupikeun ahli waris para nabi, anu mana aranjeunna para nabi ngawariskeun teh mangrupa elmu. Pikeun saha anu nyandak bagian tina warisan eta mangka anjeunna parantos nyandak kauntungan tur kabagjaan anu kalintang seueurna. Sarta sing saha anu nyukcruk jalan dina raraga milari elmu, mangka Allah baris ngagampilkeun pikeun anjeunna jalan pikeun ka sawarga. Shahih al Bukhari: Kitabu al ‘Ilmi: Babu al ‘Ilmi qabla al qauli wa al ‘amali/e-book﴿

إنَّمَا يَخْشى اللهُ مِنْ عِباَدِهِ العُلَمَاءُ. ﴿الفاطر: ٢۸﴾
…Taya lian anu wedi ku Allah ti antara abdi-abdi-Na teh ngan ‘ulama…. QS. Fathir [35]: 28﴿ 
قالَ رَسُوْلُ اللهِ صَلىَّ اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ: "مُرُوا أوْلادَكُمْ بالصَّلاةِ وَ هُمْ أبْنَاءُ سَبْعِ سِنِيْنَ وَ اضْرِبُوْهُمْ عَلَيْهَا وَ هُمْ أبْنَاءُ عَشْرَ سِنِيْنَ". (رواه أحمد و أبو داود و الحاكم)
Rasulullah shallallahu ‘alaihi wa sallam ngadawuh, “Parentah ku aranjeun anak-incu anjeun pikeun ngadegkeun salat nalika maranehna yuswa tujuh taun, sarta bere maranehna teunggeul kadeudeuh sangkan ngadegkeun salat nalika maranehna yuswa sapuluh taun.” (Hadits Riwayat Ahmad, Abu Daud, sareng al Hakim)
حَدَّثنَا أبُوْ قتَادَةَ قَالَ: خَرَجَ عَلَيْنَا النَّبِيُّ صلىّ الله عليه وسلّم، وَأُمَامَةُ بِنْتُ أَبِيْ العَاصِ عَلَى عَاتِقِهِ، فَصَلَّى، فَإِذَا رَكَعَ وَضَعَهَا، وَإِذَا رَفَعَ رَفَعَهاَ.  ﴿صحيح البخاري، كتاب الأدب، باب رحمة الولد وتقبيله ومعانقته، رقم ٥٦٤۹﴾  
Parantos nerangkeun ka kami Abu Qatadah, anjeunna sasauran: Rasulullah shallallahu ‘alaihi wa sallam nyumpingan kami sareng Umamah bintu Abi al ‘Ash dina luhureun taraju anjeunna, lajeng anjeunna salat, mangka nalika anjeunna ruku, anjeunna nyimpen heula eta budak, lajeng eta budak dicengkatkeun nalika anjeunna ngadeg.  Shahih al Bukhari: Kitabu al ‘Adabi: Babu Rahmati al Waladi wa Taqbilihi wa Mu’anaqatihi : 5649/e-book﴿     
وَالّذِينَ يَقُولُونَ رَبّنَا هَبْ لَنَا مِنْ أَزْوَاجِنَا وَذُرّيّاتِنَا قُرّةَ أَعْيُنٍ وَاجْعَلْنَا لِلْمُتّقِينَ إِمَاماً. أُوْلَـَئِكَ يُجْزَوْنَ الْغُرْفَةَ بِمَا صَبَرُواْ وَيُلَقّوْنَ فِيهَا تَحِيّةً وَسَلاَماً. خَالِدِينَ فِيهَا حَسُنَتْ مُسْتَقَرّاً وَمُقَاماً *. قُلْ مَا يَعْبَاُ بِكُمْ رَبّي لَوْلاَ دُعَآؤُكُمْ فَقَدْ كَذّبْتُمْ فَسَوْفَ يَكُونُ لِزَاماً.﴿الفرقان: ۷٤-۷۷﴾  
Jeung maranehna anu nyarita: “Nun Gusti Pangeran abdi sadaya! Mugi Gusti ngajadikeun bojo katut anak-incu abdi sadaya jadi buah panon, sareng mugi Gusti ngajantenkeun abdi sadaya jadi pamingpin keur jalmi-jalmi anu tarakwa. Nya maranehna nu bakal diganjar ku darajat anu luhung lantaran kasabaranana, jeung maranehna bakal dipapag di dinya ku panghormat sarta diwilujengkeun. Kaayaan maranehna langgeng di dinyana, jeung eta teh tempat tumetep jeung padumukan anu panghade-hadena. Pok caritakeun: “Pangeran kaula moal mirosea arandika upama henteu aya pangdo’a arandika; tapi saestuna arandika geus ngabarohongkeun; ku kituna siksaan nu langgeng pasti tumiba. QS. al Furqan [25]: 74-77﴿
فَخَلَفَ مِن بَعْدِهِمْ خَلْفٌ أَضَاعُواْ الصّلاَةَ وَاتّبَعُواْ الشّهَوَاتِ فَسَوْفَ يَلْقُونَ غَيّا. ﴿مريم: ٥۹﴾
Ti dinya datang sabada maranehna gagantina, jalma anu naringgalkeun salat, jeung anu narurut kana hawa napsuna; ku kituna maranehna bakal digebruskeun ka naraka jahannam.  QS. Maryam [19]: 59﴿

Tidak ada komentar:

Posting Komentar