Powered By Blogger

Rabu, 30 Maret 2011

SILATURAHMI, NEPUNGKEUN TATALI WARGI


Tema: Mu’amalah

SILATURAHMI, NEPUNGKEUN TATALI WARGI
Ibnu Muharram al Âmilu Muzārii*

يأَيّهَا النّاسُ اتّقُواْ رَبّكُمُ الّذِي خَلَقَكُمْ مّن نّفْسٍ وَاحِدَةٍ وَخَلَقَ مِنْهَا زَوْجَهَا وَبَثّ مِنْهُمَا رِجَالاً كَثِيراً وَنِسَآءً وَاتّقُواْ اللّهَ الّذِي تَسَآءَلُونَ بِهِ وَالأرْحَامَ إِنّ اللّهَ كَانَ عَلَيْكُمْ رَقِيباً.
Yeuh manusa! Maraneh kudu takwa ka Alloh anu ngayugakeun maraneh tina hiji jiwa (Adam) jeung ti manehna Alloh ngayugakeun bojona (Hawa), jeung Alloh ngarundaykeun ti eta dua manusa pirang-pirang lalaki jeung pirang-pirang awewe. Jeung masing takwa maraneh ka Alloh anu sok dipentaan ku maraneh kalayan asma-Na, jeung piara tatali wargi, karana saestuna Alloh teh nu nalingakeun maraneh. QS. an Nisa [4]: 1﴿.

عَنِ ابْنِ شِهَابٍ قَالَ: أَخْبَرَنِيْ أَنَسُ بْنُ مَالِكٍ: أَنَّ رَسُوْلَ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ قَالَ: (مَنْ أَحَبَّ أَنْ يُبْسَطَ لَهُ فِيْ رِزْقِهِ، وَ يُنْسَأَ لَهُ فِيْ أَثَرِهِ، فَلْيَصِلْ رَحِمَهُ).
Ti Ibnu Syihab anjeunna cumarios: Parantos nguningakeun ka sim abdi Anas ibn Malik: Saestuna Rosululloh shallallahu ‘alaihi wa sallam ngadawuh: “Sing saha anu mika hoyong sangkan rizqina dijembarkeun, sarta sangkan yuswana dipanjangkeun mangka prak tepungkeun tatali wargi.” Shahih al Bukhari: Kitab al Adab: Bab Bastun lahu fir rizqi bi sillatir rahmi: 5640/e-book﴿ 
   
عَنِ النَّبِيِّ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ قَالَ: (لَيْسَ الوَاصِلُ بِالْمُكَافِئِ، وَلَكِنَّ الوَاصِلُ الَّذِيْ إِذَا قَطَعَتْ رَحِمَهُ وَصَلَهَا).
Ti Nabi shallallahu ‘alaihi wa sallam anjeunna ngadawuh: “Sanes anu nepungkeun tatali wargi teh jalma anu sok ngabales, namung anu nepungkeun tatali wargi teh nyaeta jalma anu nalika pegat rasa tatali wargina mangka ku anjeunna ditepungkeun deui.”  Shahih al Bukhari: Kitab al Adab: Bab Laila al wasilu bi al mukafii: 5645/e-book﴿    
  
أَنَّ مُحَمَّدَ بْنَ جُبَيْرِ بْنِ مُطْعِمٍ قَالَ: أَنَّ جُبَيْرَ بْنَ مُطْعِمٍ أَخْبَرَهُ: أَنَّهُ سَمِعَ النَّبِيَّ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ يَقُوْلُ: (لَا يَدْخُلُ الجَنَّةَ قَاطِعٌ).
Saestuna Muhammad ibn Jubair ibn Muth’im cumarios: Yen Jubair ibn Muth’im ngadugikeun ka anjeunna: Saestuna anjeunna ngadangu Nabi shallallahu ‘alaihi wa sallam ngadawuh: “Moal tiasa lebet ka sawarga jalma anu sok megatkeun (tatali wargi).” Shahih al Bukhari: Kitab al Adab: Bab Itsmu al qati’: 5638/e-book﴿    
           
وَ لِلْمُصَنَّفِ فِيْ الأَدَابِ الْمُفْرَدِ مِنْ حَدِيْثِ أَبِيْ هُرَيْرَةَ رَفَعَهُ أَنّ أَعْمَالَ بَنِيْ آدَمَ تُعْرَضُ كُلَّ عَشِيَّةَ خَمِيْسِ لَيْلَةَ جُمُعَةٍ فَلَا يُقْبَلُ عَمَلُ قَاطِعَ رَحِمٍ.
Sarta Penulis (al Bukhari) dina Kitab Adabul Mufrad hadits marfu’ ti Abu Hurairah, “Saestuna amalan-amalan Bani Adam (manusa) disodorkeun dina unggal dinten Kemis wengian Juma’ah, mangka henteu ditarima amalan jalma anu sok megatkeun tatali wargi.” Fathul Bari syarh Shahih al Bukhari: Kitab al Adab: Bab Itsmu al qati’: 5638/e-book﴿ 
    

Diantawis kasimpulan ieu makalah:

1. Silaturahmi teh ayana silih ngingetan sangkan milampah kahadean sarta silih ngingetan sangkan nebihan tina mangrupa-rupa kagorengan anu kadituna bisa ngawujudkeun amal shaleh.
2. Ngajagi tatali wargi hukumna wajib.
3. Moal tiasa lebet ka sawarga jalma anu megatkeun tatali wargi.
4.  Sanes anu nepungkeun tatali wargi teh jalma anu sok ngabales, namung anu nepungkeun tatali wargi teh nyaeta jalma anu nalika pegat rasa tatali wargina mangka ku anjeunna ditepungkeun deui.

wAllōhu A’lam bish-showab.

*Hp: 022 919 983 02 / e-Mail: hanafi_anshory@yahoo.com

Tidak ada komentar:

Posting Komentar