Powered By Blogger

Rabu, 30 Maret 2011

IMAN KANA QADLA JEUNG QADAR ALLAH ‘AZZA WA JALLA


Tema: Aqidah
IMAN KANA QADLA JEUNG QADAR ALLAH ‘AZZA WA JALLA
Ibnu Muharram al Amilu Muzarii


Henteu tumiba bahaya (musibat) di bumi jeung kitu deui henteu di diri maraneh, anging anu (geus titis tulis) dina kitab, samemeh Kami ngajadikeunana. Saestuna anu kitu teh gampang keur Allah mah. (QS. al Hadid [57]: 22)


Saestuna saban perkara oge ku Kami geus diyugakeun kalawan make ukuran. (QS. al Qamar [54]: 49)
                                                 
Jeung saestuna manusa teh moal meunang naon-naon salian ti anu ku maranehna geus diusahakeun. (QS. an Najm [53]: 39)
                                                                   
أنْ تأمِنَ باللهِ وَ مَلائِكتِهِ وَ كتبهِ وَ رُسُلِهِ وَ اليَوْمِ اللآخِرِ وَ تؤْمِنَ بالقدَرِ خَيْرِهِ وَ شَرِّهِ. (أحمد، مسلم، أبو داود، التّرمذيّ، النّسائيّ، إبن ماجه)
Anjeun iman ka Allah, malaikat-Na, kitab-kitab-Na, rosul-rosul-Na, kana poe akhir, sarta iman kana qodar nu hade jeung nu gorengna. (HR. Ahmad, Muslim, Abu Daud, al Tirmidzi, Al Nasai, Ibnu Majah, Kutub al Tis’ah/CD)

قالَ عَبْدُ اللهِ حَدّثنَا رَسُوْلُ اللهِ صَلىَّ اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ وَ هُوَ الصَّادِقُ المَصْدُوْقُ قالَ إِنَّ أحَدَكُمْ يُجْمَعُ خَلْقهُ فِيْ بَطْن أمِّهِ أرْبَعِيْنَ يَوْمًا ثمَّ يَكُوْنُ عَلقة مِثلَ ذلِكَ ثمَّ يَكُوْنُ مُضْغة مِثلَ ذلِكَ ثمَّ يَبْعَثُ اللهُ مَلكًا فيُؤْمَرُ بأرْبَعِ كَلِمَاتٍ وَ يُقالُ لهُ أكتبْ عَمَلهُ وَ رِزْقهُ وَ أجَلهُ وَ شَقِيٌّ أوْ سَعِيْدٌ ثمَّ يُنْفخُ فِيْهِ الرّوْحُ فإنَّ الرَّجُلَ مِنْكُمْ ليَعْمَلَ حَتَّى مَا يَكُوْنُ بَيْنَهُ وَ بَيْنَ الجَنَّةِ إلاَّ ذِرَاعٌ فيَسْبقُ عَليْهِ كِتابُهُ فيَعْمَلُ بعَمَل أهْل النَّارِ وَ يَعْمَلُ حَتَّى مَا يَكُوْنُ بَيْنَهُ وَ بَيْنَ النَّارِ إلاَّ ذِرَاعٌ فيَسْبقُ عَليْهِ الكِتابُ فيَعْمَلُ بعَمَل أهْل الجَنَّةِ. (أحمد، البخاريّ، مسلم، التّرمذيّ، النّسائيّ)
Abdullah ibn Mas’ud rodiyallohu ‘anhu anjeuna sasauran, parantos nerangkeun ka kami Rosululloh shollallahu ‘alaihi wa sallam anu anjeunna jalma bener sarta dipandang bener, Rosululloh ngadawuh, “Saestuna masing diri ti antara aranjeun dikumpulkeun dina nyiptakeunana dina rahim indungna 40 poe, tuluy jadi sekeupeul getih dina harita oge (40 poe), tuluy jadi sakeupeul daging dina harita oge (40 poe). Lajeng Allah ngutus malaikat nu diparentah ku opat hal. Difirmankeun ka malaikat eta: “Catet amalna, rizkina, ajalna, sarta cilaka atawa bagjana.” Sanggeus eta ditiupkeun ka manehna ruh. Saestuna aya hiji jalma diantara aranjeun anu milampah amal tepikeun ka euweuh lolongkrang antara manehna jeung surga kajaba ngan sahasta, tuluy manehna kapiheulaan ku katetepan Allah, anu antukna manehna jadi milampah amal ahli naraka. Sarta aya hiji jalma diantara aranjeun anu milampah amal tepikeun ka euweuh lolongkrang antara manehna jeung naraka kajaba ngan sahasta, tuluy manehna kapiheulaan ku katetepan Allah, anu antukna manehna jadi milampah amal ahli surga. (HR. Ahmad, al Bukhari, Muslim,           al Tirmidzi, al Nasai, Kutub al Tis’ah/CD)
       
عَنْ عَلِيّ قالَ كُنَّا جُلوْسًا مَعَ النَّبيِّ صَلىَّ اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ وَ مَعَهُ عُوْدٌ يَنْكُتُ فِي الأرْض وَ قالَ مَا مِنْكُمْ مِنْ أحَدٍ إلاَّ قدْ كُتِبَ مَقعَدُهُ مِنَ النَّارِ أوْ مِنَ الجَنَّةِ فقالَ رَجُلٌ مِنَ القوْمِ ألاَ نتّكِلُ يَا رَسُوْلَ اللهِ قالَ لا إعْمَلوْا فكُلّ مُيَسَّرٌ ثمَّ قرَأ]                           ] الآية (           
                                                                                                                                        
                   ). (أحمد، البخاريّ، مسلم، أبو داود، التّرمذيّ، النّسائيّ، إبن ماجه، مالك، الدارميّ)
Ti ‘Ali rodiyallohu ‘anhu anjeuna sasauran, nalika kami nuju calik nyarengan Rosululloh shollallahu ‘alaihi wa sallam anu anjeuna nyepeng iteuk anu diteunggeul-teunggeul (bari ngemutan) kana taneh sarta anjeuna ngadawuh, “Henteu aya hiji oge ti antara aranjeun kajaba tempatna geus ditetepkeun, naha di naraka atawa di surga. Hiji jalma naros, “Upami kitu mah kami teh pasrah wae ya Rosululloh?” Waler Rosul: “Henteu kenging, aranjeun kudu beramal, alatan sakabeh jalma eta dientengkeun.” Lajeng anjeuna ngaoskeun ayat (Sing saha anu berehan jeung taqwa…) {Lengkepna: Sing saha anu berehan jeung taqwa. Jeung anu ngabenerkeun kana anu harade (agama) . Nya ku Kami baris digampangkeun kana (jalan) anu gampang. Tapi sing saha anu koret turta ngarasa pangbeungharna. Jeung ngabohongkeun kana nu harade (agama). Nya ku Kami baris digampangkeun kana jalan  hese beleke}. (HR. Ahmad, al Bukhari, Muslim, Abu Daud, al Tirmidzi, al Nasai, Ibnu Majah, Malik, al Darimi, Kutub    al Tis’ah/CD)

 
Jeung bakal ngomong jalma-jalma musrik teh: “Upama Allah ngersakeun, tanwande kaula sarerea jeung karuhun-karuhun moal nyarekatkeun ka Anjeunna, jeung kaula sarerea moal ngaharamkeun naon-naon.” Pon kitu deui jalma-jalma anu saheulaeun maranehna geus ngabohongkeun (ka Rasul-rasul) nepika maranehna ngarasakeun siksaan Kami. Pok caritekeun: “Naha arandika boga elmu-elmu anu bisa ditembongkeun ka kaula sarerea? Arandika henteu nurut salian ti nurut kana sangkaan wungkul, jeung arandika teh taya lian iwal ti tukang barohong.” (QS. al An’am [6]: 148)   

Tidak ada komentar:

Posting Komentar