Powered By Blogger

Rabu, 30 Maret 2011

NGAJAGA KAHORMATAN JALMA MUSLIM


Tema : Mu’amalah
NGAJAGA KAHORMATAN JALMA MUSLIM
Ibnu Muharram al-Amilu Muzarii


Saestuna taya lian mu’minin teh sadulur, ku kituna rapihkeun antara dua dulur maraneh, jeung masing tarakwa ka Allah, supaya maraneh dipaparin rahmat.   (QS. Al-Hujurat [49] : 10).

عَنْ أَبِيْ هُرَيْرَةَ رَضِيَ اللهُ عَنْهُ قَالَ : قَالَ رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ "لاَ تَحَاسَدُوْا وَ لاَ تَنَاجَسُوْا وَ لاَ تَبَاغَضُوْا وَ لاَ تَدَابَرُوْا وَ لاَ يَبِعْ بَعْدُكُمْ عَلَى بَيْعِ بَعْدٍ وَ كُوْنُوْا عِبَادَ اللهِ إِخْوَانًا, أَلْمُسْلِمُ أَخُوْ الْمُسْلِمِ, لاَ يَظْلِمُهُ وَ لاَ يَخْذُلُهُ وَ لاَ يَحْقِرُهُ. أَلتَّقْوَى هَاهُنَا – وَ يُشِيْرُ عَلَى صَدْرِهِ ثَلاَثَ مَرَّاتٍ – بِحَسْبِ امْرِىءٍ مِنَ الشَّرِّ أَنْ يَّحْقِرَ أَخَاهُ الْمُسْلِمَ. كُلُّ مُسْلِمٍ عَلَى الْمُسْلِمِ حَرَامٌ دَمُهُ وَ مَالُهُ وَ عِرْضُهُ." أَخْرَجَهُ مُسْلِمٌ. (بُلُوْغُ الْمَرَامِ : 304 : 1524).
Ti Abu Hurairah rodiallohu ‘anhu, anjeunna sasanggem: Rosulullah Shollalloohu ‘alahi wa sallam parantos ngadawuh: “Aranjeun ulah silih hasud, sarta aranjeun ulah ngalakukeun najasy1, sarta aranjeun ulah silih ceuceub, sarta aranjeun ulah silih balieur, sarta sawareh ti antara aranjeun ulah ngajual diluhureun dagangan anu liana2, sarta aranjeun sing jadi hamba-hamba Allah anu duduluran, hiji muslim dulur pikeun muslim anu sejenna,  anjeunna teu kenging dikaniaya, sarta anjeunna teu kenging dihaneueulkeun,  sarta anjeunna teu kenging dihina. Taqwa teh di dieu – sarta kanjeng Rosulullah Shollalloohu ‘alahi wa sallam nga-isyarat-keun kana dada-na tilu kali – cekap janten kaawonan hiji muslim nalika anjeunna ngahina dulurna anu muslim. Sakabeh muslim pikeun muslim anu sejen haram getihna, sarta harta bandana, sarta kahormatannana.” Ieu hadits diriwayatkeun ku Imam Muslim. )Bulughul Marom : 304 : 1524(.





 

 
 





Yeuh jalma-jalma anu ariman! Poma ulah pisan hiji kaom ngahinakeun kaom nu sejenna, lantaran boa-boa maranehna teh leuwih hade batan n ngahinakeun, pon kitu deui awewe-awewe ka awewe-awewe nu liana, lantaran boa-boa maranehna teh leuwih hade batan nu ngahinakeunnana, jeung poma maraneh ulah moyok jalma-jalma ti antara maraneh, jeung poma maraneh ulah silih sebut julukan-julukan (nu goreng), panggoreng-gorengna julukan teh “si pasek” keur nu geus airman. Jeung sing saha anu henteu tarobat nya saestuna maranehna teh jalma anu darolim. Yeuh jalma-jalma anu airman! Geura singkahan kalolobaan sangkaan, lantaran saestuna sabagian ti antara sangkaan-sangkaan teh dosa, jeung poma maraneh ulah ngintip-ngintip kagorengan batur, jeung poma sabagian ti antara maraneh ulah ngupat anu sawarehna deui; naha salah saurang ti antara maraneh teh hayang ngadahar daging mayit dulurna? Nya tanwande maraneh jiji kana eta perkara teh. Jeung masing tarakwa ka Allah, lantaran saestuna Allah teh Maha Jembar Pangampura, Maha Asih. (QS. Al-Hujurat [49] : 11-12).                                                                                         
أَللَّهُمَّ جَنِّبْنِيْ مُنْكَرَاتِ اْلأَخْلاَقِ وَ اْلأًعْمَالِ وَ اْلأَهْوَاءِ وَ اْلأَدْوَاءِ. (أَخْرَجَهُ التِّرْمِذِيُّ وَ صَحَّحَهُ الْحَاكِمُ, وَ اللَّفْظُ لَهُ)
Ya Allah! Mugia Anjeun nebihkeun abdi tina akhlaq anu awon, sarta amal-amal, sarta kahoyong-kahoyong, sarta panyakit-panyakit.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar