Powered By Blogger

Rabu, 30 Maret 2011

MUHARRAM


Tema : ‘Ibadah

MUHARRAM
Ibnu Muharram al Amilu Muzarii


 1. Muharram Kalebet Sasih anu Diharamkeun Ngayakeun Perang
        قَوْلُهُ تَعَالَى: "قُلْ قِتَالٌ فِيْهِ كَبِيْرٌ" ,البقرة: 217- اِبْتِدَاءٌ وَخَبَرٌ، أَيْ مُسْتَنْكِرٌ، لِأَنَّ تَحْريم القتال في الشهر الحرام كان ثابتا يومئذ إذ كان الابتداء من المسلمين. والشهر في الآية اسم جنس، وكانت العرب قد جعل الله لها الشهر الحرام قواما تعتدل عنده، فكانت لا تسفك دما، ولا تغير في الأشهر الحرم، وهي رجب وذو القعدة وذو الحجة والمحرم، ثلاثة سرد وواحد فرد.  ,تفسير القرطبي-
     Dawuhan Allah Ta’ala: “…Pok caritakeun (Muhammad): Perang dina bulan eta (Rajab) teh dosa gede…” (QS. al-Baqoroh [2]: 217) ieu teh katetepan jeung bewara. Nyaeta maksadna ieu teh waleran pikeun anu naros alatan henteu uninga. Alatan sayaktosna diharamkeun perang dina sasih-sasih anu diharamkeun teh mangrupikeun katetepan anu dinten eta dikawitan ti jalma-jalma muslim. Sarta lafadz asy-syahru dina eta ayat teh ismu jinsi (ngaran anu netelakeun jinis). Sarta pikeun bangsa Arab sayaktosna Alloh parantos ngajantenkeun sasih-sasih anu diharamkeun mangrupi katetepan anu ‘adil mungguhing Anjeunna. Mangka dina eta sasih-sasih teh teu kenging ngocorkeun getih, sarta teu kenging ngarobih ngeunaan sasih-sasih anu diharamkeun. Anapon sasih-sasih anu diharamkeun teh nyaeta Rajab, Dzulqo’dah, Dzulhijjah, sareng Muharram. Anu tilu mah ngaruntuy, anu hiji mah nyengceling. -Tafsir al Qurthubi /e-book,
   

 2. Shaum Kaping 1 Muharram

  Aya hadits anu nguningakeun yen sing saha anu shaum dina dinten kahiji sasih Muharram jeung dinten panungtung sasih Dzulhijjah, mangka anjeuna parantos nutup jeung muka taun ku shaum. Alloh swt. Ngajantenkeun shaum dina dua dinten eta kifarat pikeun sagala kalepatan anu dipilampah dina lima puluh taun:
عن بن عبّاس قال: قال رسول الله صلّى الله عليه و سلّم: من صام آخر يوم من ذي الحجّة و أوّل يوم من المحرّم، فقد ختم السّنة الماضية، و افتتح السّنة المستقبلة بصوم، فجعل الله كفّارة خمسين سنين. ,إبن الجوزي في الموضوعات 2: 198-   
     Ti Ibnu ‘Abbas radiAllohu ‘anhu, anjeunna sasanggem: Rasululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, “Sing saha anu shaum dina tungtung dintenan sasih Dzulhijjah sarta dina munggaran dintenan sasih Muharram, mangka estu anjeunna parantos nutup taun nu kalangkung jeung muka taun nu baris karandapan ku ngalaksanakeun shaum, mangka Alloh ngajantenkeun shaum eta kifarat pikeun lima puluh taun.” -Ibnul-Jauzi dina AL Maudlu’at II: 198,
  Hadits ieu dlaif pisan malihan maudlu’ (hadits palsu) alatan dina sanadna aya dua name rowi tukang bohong, nyaeta Al-Harowi atanapi Al-Juwaebari sareng Wahab. Dua jalma ieu tukang ngadamelan hadits palsu. -parios dina AL Maudlu’at II: 199,. Lepat upami disunatkeun pikeun nungtungan atanapi nutup taun sareng ngamimitian taun Hijriyah ku shaum, komo deui taun Masehi. Hal ieu mangrupikeun bid’ah dlolalah. -dicutat tina buku Risalah Shaum (Telaah Kritis atas Sunah-Sunah dan Bid’ah-Bid’ahnya) seratan al Ustadz Wawan Shofwan Sholehuddin, kaca. 107-108,


 3. Shaum Salapan Dinten Munggaran dina Sasih Muharram

     Aya hadits anu nguningakeun yen sing saha anu shaum salapan dinten dina munggaran sasih Muharram, mangka Alloh baris mangdamelkeun qubah pikeun anjeunna di sawarga.
     “Sing saha anu shaum salapan dinten dina munggaran sasih Muharram, mangka Alloh baris mangdamelkeun pikeun anjeunna hiji qubah anu apung-apungan di luhur mang-mil-mil.” H.R. Abu Nuaim -
     Hadits ieu palsu, didamel ku rowi tukang bohong anu kakasihna Musa ath-Thowil. -parios dina Al-Fawaid Al-Majmu’ah: 96,.
     Ibnul Jauzi sasanggem, “Hadits ieu palsu sarta didamel ngaku-ngaku ti Rosululloh saw.” Ibnu Hibban sasanggem, “Musa ath-Thowil ngariwayatkeun perkara-perkara anu palsu (anjeunna Musa ath-Thowil ngangken) ti sahabat Anas. Henteu halal nyutat ieu hadits kajaba pikeun alakar mang-aneh-keun. -parios dina Al-Mu’jam al-Ausath, III: 45. No. 2086. Al-Faedh al-Qodir, IV: 212. -dicutat tina buku Risalah Shaum (Telaah Kritis atas Sunah-Sunah dan Bid’ah-Bid’ahnya) seratan al Ustadz Wawan Shofwan Sholehuddin, kaca. 108,

 
 4. Sunnah Shaum Tasyu’a - ‘Asyuro (Kaping 9-10 Muharram)
        عن أبي هريرة رضي الله عنه قال: قال رسول الله صلى الله عليه وسلم: "أفضل الصيام، بعد رمضان، شهر الله المحرم. وأفضل الصلاة، بعد الفريضة، صلاة الليل". ,موسوعة الحديث الشريف النبويّ: صحيح مسلم: 202-
            Ti Abu Hurairoh rodiAllohu ‘anhu, anjeunna sasanggem: Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, “Shaum anu pang utamina saba’da Romadhon nyaeta (shaum) sasih kagungan Alloh nyaeta Muharram. Sarta sholat anu pang utamina saba’da sholat fardlu nyaeta sholat lail (Tahajjud).” -Maushu’at al-Hadits asy-Syarif an-Nabawiy: Shohih Muslim: 202 /e-book,
     عن أبي قتادة الأنصاري رضي الله عنه ؛ أن رسول الله صلى الله عليه وسلم سئل عن صومه ؟ . . . قال: وسئل عن صوم يوم عاشوراء ؟ فقال "يكفر السنة الماضية".  ,موسوعة الحديث الشريف النبويّ: صحيح مسلم: 197-
   Ti Abu Qotadah al-Anshory rodiAllohu ‘anhu; sayaktosna Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam dipariksa ngeunaan shaumna. . . . (al-hadits) . . . Abu Qotadah sasauran: ‘lajeng Rosul ditaros ngeunaan shaum dinten ‘Asyuro. Mangka Rosul ngandika, “(shaum ‘Asyuro) mupus (dosa aralit) sataun kapengker.” -Maushu’at al-Hadits asy-Syarif an-Nabawiy: Shohih Muslim: 197 /e-book,
     عن عبدالله بن عباس رضي الله عنهما يقول:  حين صام رسول الله صلى الله عليه وسلم يوم عاشوراء وأمر بصيامه، قالوا: يا رسول الله ! إنه يوم تعظمه اليهود والنصارى. فقال رسول الله صلى الله عليه وسلم: "فإذا كان العام المقبل إن شاء الله، صمنا اليوم التاسع. قال: فلم يأت العام المقبل، حتى توفي رسول الله صلى الله عليه وسلم. ,موسوعة الحديث الشريف النبويّ: صحيح مسلم: 133-
     Ti ‘Abdullah bin ‘Abbas rodiAllohu ‘anhuma, anjeunna sasauran: ‘Nalika Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam shaum dina dintenan ‘Asyuro (Kaping 10 Muharram) sarta anjeunna miwarang (sahabat-sabahatna) pikeun ngalaksanakeunana. Aranjeunna cumarios: ‘Ya Rosululloh! Sayaktosna eta mangrupikeun dintenan anu diagungkeun ku Yahudi kalih Nasrani.’ Mangka Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, “Pami kitu mah, taun payun nu baris dongkap, Insya Alloh, urang shaum sareng dintenan kasalapana (Tasyu’a: Kaping 9 Muharram).” ‘Abdullah bin ‘Abbas sasauran: ‘Teu acan oge dongkap taun payun eta, Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam parantos tilar dunya.’ -Maushu’at al-Hadits asy-Syarif an-Nabawiy: Shohih Muslim: 133 /e-book,
        

 5. ‘Aqidah Syi’ah Rafidhoh ngeunaan Dintenan ‘Asyuro teh Sasar Pisan
 
  Dina sapuluh dinten anu munggaran tina sasih Muharram unggal taunna, jalma-jalma syi’ah sok ngayakeun upacara kasedih bari aluk-alukan, nalika harita aranjeunna abring-abringan di jalan-jalan jeung lapang-lapang, bari nganggo raksukan sagala hideung, pikeun ngalambangkeun kasedih aranjeunna, hal ieu ku aranjeunna dipilampah maksadna pikeun mieling ngantunkeunna Al-Husain RodiAllohu ‘anhu (incu Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ti ‘Ali bin Abi Tholib RodiAllohu ‘anhu anu nikah sareng putra Rosul anu kakasihna Zainab az-Zahro radiAllohu ‘anha). Jalma-jalma syi’ah ngagaduhan pamadegan yen eta upacara teh jalan pikeun ngadeukeutkeun diri ka Alloh anu paling agung.
  Dina acara ieu aranjeunna ngagebugan pipi, dada kalih tonggong ku panangan aranjeunna nyalira. Saku disosoeh, nangis gogoakan bari aluk-alukan, “Ya Husain, Ya Husain!!!.”
  Langkung-langkung nalika kaping 10 Muharram, aranjeunna sok ngalakukeun anu langkung ti anu kasebat di luhur, aranjeunna ngagebugan dirina nyalira ku pecut kalih pedang, sakumaha anu biasa dilaksanakeun di nagri anu dikawasaan ku Syi’ah Rafidhoh kayaning Iran.
  Malihan gegeden-gegeden aranjeunna ngajurungkeun pikeun ngalaksanakeun paripolah ieu, anu mana ieu paripolah anu hina teh sok rajeun dilelece ku bangsa sejen.
  Salah sawios ulama aranjeunna anu kakasihna Muhammad Hasan Ali Kasyiful Ghitho’ kantos dipariksa ngeunaan padamelan-padamelan kaomna anus ok ngagebugan pipi kalih anu sanesna, mangka aranjeunna ngawaler yen eta sadaya mangrupikeun syiar ajaran Alloh Subhanahu wa Ta’ala, sakumaha dawuhan Mantenna:

ذلك ومن يعظم شعائر الله فإنها من تقوى القلوب
   Eta teh (timbalan Alloh), jeung sing saha anu ngahormat kana syi’ar-syi’ar Alloh, nya saestuna eta teh medal tina takwaning ati.” -QS. al-Hajj [22]: 32,. -dicutat tina buku Menyingkap Kesesatan Aqidah Syi’ah, seratan Syaikh Abdullah bin Muhammad, Kaca. 57-58,

Tidak ada komentar:

Posting Komentar