Powered By Blogger

Rabu, 30 Maret 2011

ATOS-ATOS KANA AMANAT, UPAMI KHIANAT TANGTOS BAKAL KIAMAT


Tema : Mu’amalah
ATOS-ATOS KANA AMANAT, UPAMI KHIANAT TANGTOS BAKAL KIAMAT
Ibnu Muharram al-Amilu Muzari’i

“Saestuna Kami geus nawarkeun eta amanat ka langit jeung ka bumi katut ka gunung-gunung, tapi maranehna embungeun nanggungna jeung aringgiseun dina narimana, tapi eta amanat teh ditanggung ku manusa; saestuna manusa teh kaayaanana darolim jeung jarahil pisan.” (QS. al-Ahzab [33] : 72)
“Yeuh jalma-jalma anu ariman! Ulah pisan maraneh khianat ka Allah katut ka Rasul-Na, jeng maraneh ulah khianat kana amanat-amanat (anu dipercayakeun) ka maraneh, padahal maraneh nyaraho.” (QS. al-Anfal [8] : 27)
ياَ أَبَا ذَرٍّ إِنَّكَ ضَعِيْفٌ وَ إِنَّهَا أَمَانَةٌ وَ إِنَّهَا يَوْمَ الْقِيَامَةِ خِزْيٌ وَ نَدَامَةٌ إِلاَّ مَنْ أَخَذَهَا بِحَقِّهَا وَ أَدَّى الَّذِيْ عَلَيْهِ فِيْهَا. (رواه مسلم)
“Yeuh Abu Dzar, saestuna anjeun teh laip (lemah) sarta saestuna ieu jabatan teh amanat, sarta ieu jabatan teh dina poe kiamat bakal jadi kahina sarta kahandeueul kajaba pikeun jalma anu nyokot ku hakna sarta bisa ngalaksanakeun eta amanat.” (Hadits Riwayat Muslim)
عَنْ أَبِيْ هُرَيْرَةَ رَضِيَ اللهُ عَنْهُ قَالَ قَالَ رَسُوْلُ اللهُ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ إِذاَ ضُيِّعَةِ الأَمَانَةُ فَانْتَظِرِ السَّاعَةَ قَالَ كَيْفَ إِضَاعَتُهَا يَا رَسُوْلَ اللهِ قَالَ إِذَا أُسْنِدَ اْلأَمْرُ إِلَى غَيْرِ أَهْلِهِ فَانْتَظِرِ السَّاعَةَ. (رواه البخاري)
Ti Abu Hurairah radiallahu ‘anhu anjeunna sasanggem, Rasulullah shallallahu ‘alaihi wasallam ngadawuh, “Nalika amanat geus dimomorekeun mangka dagoan kiamat,” Abu Hurairah tumaros, “Kumaha ngamomorekeun eta amanat teh, ya Rasulullah?” Pidawuhna, “Nalika hiji urusan dibikeun ka anu lain ahlina, mangka dagoan kiamat.” (Hadits Riwayat al-Bukhari)
عَنْ أَنَسِ بْنِ مَالِكٍ قَالَ مَا خَطَبَنَا نَبِيُّ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ إِلاَّ قَالَ لاَ إِيْمَانَ لِمَنْ لاَ أَمَانَةَ لَهُ وَ لاَ دِيْنَ لِمَنْ لاَ عَهْدَ لَهُ. (رواه أحمد)
Ti Anas bin Malik radiallahu ‘anhu anjeunna sasanggem, “Rasulullah shallallahu ‘alaihi wasallam henteu khutbah ka kami kajaba anjeunna ngadawuh, “Henteu aya iman pikeun jalma anu teu amanat, sarta henteu aya agama pikeun jalma anu jalir jangji.” (Hadits Riwayat Ahmad)
عَنْ أَبِيْ هُرَيْرَةَ رَضِيَ اللهُ عَنْهُ قَالَ قَالَ رَسُوْلُ اللهُ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ أَدِّ الأَمَانَةَ إِلىَ مَنِ ائْتَمَنَكَ وَ لاَ تَخُنْ مَنْ خَانَكَ. (و صحيح سنن أبو داود)
Ti Abu Hurairah radiallahu ‘anhu anjeunna sasanggem, Rasulullah shallallahu ‘alaihi wasallam ngadawuh, “laksanakeun amanat ka jalma anu ngaamanatkeun ka anjeun, sarta anjeun ulah khianat ka jalma anu ngakhianatan anjeun.” (Hadits Riwayat Abu Daud)

“Jeung maneh ulah silih debat (pikeun ngabela) jalma-jalma anu khianat ka dirina sorangan. Saestuna Allah henteu micinta jalma-jalma tukang khianat, nu gede dosana.” (QS. an-Nisa [4] : 107) 
قََالَ أَبوا هُرَيْرَةَ قََالَ رَسُوْلُ اللهُ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ كَيْفَ أَنْتَ يَا عَبْدِ اللهِ بْنِ عَمْرٍو فَيْ حِثَالَةِ مِنَ النَّاسِ؟ قَالَ وَذَاكَ مَا هُمْ يَا رَسُوْلَ اللهِ؟ قَالَ ذَاكَ إِذَا مَرَّجَتْ أَمَانَتَهُمْ وَ عُهُوْدَهُمْ وَ صَارُوْا هَكَذَا وَ شَبَّكَ بَيْنَ أَصَابِعِهِ. قَالَ فَكَيْفَ تَرَى يَا رَسُوْلَ اللهِ؟ قَالَ تَعْمَلُ مَا تَعْرِفُ وَ تَدَعُ مَا تُنْكِرُ وَ تَعْمَلُ بِخَاصَّةِ نَفْسِكَ وَ تَدَعُ عَوَامَّ النَّاسِ.(إبن حبّان)
Abu Hurairah radiallahu ‘anhu anjeunna sasanggem, Rasulullah shallallahu ‘alaihi wasallam kantos tumaros, “Yeuh Abdullah bin ‘Amr, bakal kumaha anjeun upami aya dina masyarakat anu awon (tina sagala hal)? Anjeunna malik naros, “Saha maranehna teh, ya Rasulullah?” Mantenna ngawaler, “Maranehna teh nyaeta upami jalir tina amanat sarta jangji maranehna, tuluy maranehna cigah kieu.” Mantenna ngaraketkeun rema-remana. Anjeunna tumaros deui, “Lajeng kumaha pamendak salira, ya Rasulullah?.” Mantenna ngawaler, “Amalkeun naon anu ku anjeun kauninga sarta kantunkeun naon anu anjeun ingkar. Sarta anjeun ngalaksanakeun amalan ku kakhususan diri anjeun sarta kantunkeun jalma-jalma anu awam.” (Shahih Ibnu Hibban, bab ma ja’a fil-fitan).

Tidak ada komentar:

Posting Komentar