Powered By Blogger

Selasa, 10 Maret 2015

Fadhilah Umroh (Keutamaan Umrah)

إِنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِينُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ ، وَنَعُوذُ بِهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا ، مَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ ، وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِىَ لَهُ ، وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَه إِلاَّ اللَّهُ وَأَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُولُهُ. أَمَّا بَعْدُ.

Puji kalih syukur mung wungkul kagungan Alloh subhanahu wa Ta’ala, ngalangkungan taqdir ti Mantenna, Alhamdulillah, urang sadaya tiasa ngariung mungpulung patepung lawung paamprok jonghok patepang wajah ku washilah-na walimatus safar Bapak Haji Komaludin Alamsyah kalih Ibu Haji Ai Maesaroh anu insya Alloh dina dinten Sabtu, ping 13 Maret 2015 baris ngalaksanakeun diantawis sunnah Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam nyaeta ibadah umroh ka tanah suci.
         
Anu ku sim kuring dipihormat oge mugia dimulyakeun ku Alloh Ta’ala, Bapak Haji kalih Ibu Haji sakulawargi!

          Anu ku sim kuring dipihormat oge mugia dimulyakeun ku Alloh Ta’ala, Bapak kalih Ibu, jajaka tur wanuja anu sami rawuh dina ieu waktos!

          Palawargi miwah para sepuh anu ku sim kuring dipihormat! Anu sami-sami miharep ridlo kalih maghfiroh ti Alloh Subhanahu wa Ta’ala!

          Bapak Haji kalih Ibu Haji ngariungkeun urang sadaya dina ieu patempatan tangtosna ngagaduhan an-niyyatu (niat), anu tangtosna aranjeuna sanes mung wungkul maksad ngatuangkeun atanapi ngajak botram urang sadaya, namung aya hiji paniatan anu suci tina ati sanubari nyaeta seja neda pidu’a ti palawargi sadaya kumargi aranjeuna duaan baris ngalasanakeun safar (nyanyabaan) anu cekap tebih ti kampung Laksanamekar Loscimaung mah nyaeta maksad janten musafir di negara jazirah Arab, langkung khususna nyaeta maksad ngadongkapan kota Makkah al-Mukarromah sareng panginten kota-kota anu lianna.

          Patali sareng kondisi safar, Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam kantos ngandika,
قال البخاري: حَدَّثَنَا عَبْدُ اللَّهِ بْنُ مَسْلَمَةَ حَدَّثَنَا مَالِكٌ عَنْ سُمَيٍّ عَنْ أَبِي صَالِحٍ عَنْ أَبِي هُرَيْرَةَ رَضِيَ اللَّهُ عَنْهُ عَنْ النَّبِيِّ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ قَالَ السَّفَرُ قِطْعَةٌ مِنْ الْعَذَابِ يَمْنَعُ أَحَدَكُمْ طَعَامَهُ وَشَرَابَهُ وَنَوْمَهُ فَإِذَا قَضَى نَهْمَتَهُ فَلْيُعَجِّلْ إِلَى أَهْلِهِ. صحيح البخاري: بَابٌ السَّفَرُ قِطْعَةٌ مِنْ الْعَذَابِ.
Imam Al-Bukhori sasauran: Haddatsana ‘Abdulloh ibnu Maslamah, Haddatsana Malik, ‘An Sumayyin, ‘An Abi Sholih, ‘An Abi Huroiroh rodiyallohu ‘anhu, ti Nabi sholallohu ‘alaihi wa sallam anjeuna kantos ngandika, “Nyanyabaan (safar) teh bagean tina ‘adzab (siksa), nalika safar saurang ti aranjeun baris sesah barangtuang, sesah barangleueut, kalih sesah kulem. Mangka nalika anjeun rengse tina kaperluanana (nalika safar) prak gura-giru geura mulang ka kulawargana”. Hr. Al-Bukhori, Shohih Al-Bukhori: Bab as-Safaru qith’atun minal-‘adzab.

Sok sanaos sakumaha canggihna teknologi jaman kiwari, tetep anu safar mah baris ngaraos susah dina safarna sakumaha anu digambarkeun ku Rosul dina eta hadits. Sapertos nalika di lembur nyalira mah barangtuang teh istilahna tiasa sateker kebek, sawaregna, saraosna, namung pan nalika safar mah kadang kala urang teh tuangna parantos ditaker, leueuteuna parantos ditaker.

Conto anu lianna nalika di bumi nyalira mah urang teh bebas lalangiran, jujumpalikan, gogoleran ngalempengkeun cangkeng, pan nalika safar mah contona nalika dina jero pesawat terbang pan teu tiasa urang saraosna lalangiran, komo saraosna muka jandela pesawat mah pedah ngaraos eungap kulantaran aya nu apos atanapi hitut di lebet eta pesawat. Tah ikhwatu iman! Ieu gambaran kasusah nalika safar, eta margina anu bade safar sok nyuhunkeun heula pangdu’a ti anu mukim (anu henteu angkat-angkatan).

Oge sok sanaos sakumaha canggihna teknologi jaman kiwari, tetep anu safar mah kahoyongna anu utama mah mung hiji, naon? Hoyong tiasa mulang deui ka tempat asal, ka lembur anu janten tempat panginditan.

Patali sareng hadits anu nembe, yen Rosul ngandika, “as-Safaru qith’atun minal-‘adzab”, safar teh bagean tina siksaan (adzab), ngeunaan ieu hadits para ulama nguningakeun, diantawisna Imam Ibnu Hajar dina kitabna Fathul Bari, yen anu dimaksad adzab dina eta hadits nyaeta rasa kanyeri atanapi kasusah anu sumping tina kasusah anu dipayunan nalika tutumpakan dugikeun ka kedah ngantunkeun perkara-perkara anu dipicinta kalih anu dipimeumeut.
Anapon Imam Ibnu Bathol nguningakeun dina Kitab Syarah Ibnu Bathol li Shohih Al-Bukhori, disebatkeun dina eta hadits musafir teh sesah barangtuang, sesah barangleueut, kalih sesah kulem. Alatan tilu perkara eta mangrupikeun rukun kahirupan anu nalika safar baris karasa susah jeung cape mangka eta anu jadi siksaanana. Mangka anu dimaksad safar teh bagean tina siksaan maksadna sanes anu safar disiksa ku Alloh tapi hartosna anu safar baris diuji ku mangrupa-rupa kacape kalih kasusah.

Oge dina eta hadits Nabi ngandika, فَإِذَا قَضَى نَهْمَتَهُ فَلْيُعَجِّلْ إِلَى أَهْلِهِ , Mangka nalika anjeun rengse tina kaperluanana (nalika safar) prak gura-giru geura mulang ka kulawargana . sakumaha Ibnu ‘Umar sasauran:
وَأَنَّهُ لَيْسَ لَهُ دَوَاء إِلَّا سُرْعَة السَّيْر
“Henteu aya landong tina kasusah safar kajaba gura-giru dina mulangna”. (Fathul Bari, Ibnu Hajar).

Hadits ieu oge nguningakeun yen nyanyabaan moal karasa genahna nalika nyanyabaan dina perkara anu henteu aya mangfaatna. (Fathul Bari, Ibnu Hajar).

Hadits ieu nguningakeun yen ngalamikeun dina nyanyabaan kinten ngabahayakeun kulawarga jeung agama mah kudu gura-giru mulang sarta leuwih hade cicing di hiji tempat nguatan jama’ah jeung ngamantepkeun ibadah. (Fathul Bari, Ibnu Hajar).

Hadits ini tidak bertentangan dengan hadits Ibnu ‘Umar yang marfu’ (sampai pada Nabi –shallallahu ‘alaihi wa sallam-),
سَافِرُوا تَصِحُّوا
Bersafarlah, maka kalian akan sehat.” Dikatakan tidak bertentangan karena sehat tidak selamanya harus dengan bersafar. (Fathul Bari, Ibnu Hajar).

Al Khottobi berdalil bahwa untuk menyiksa orang yang telah berbuat zina adalah mengasingkan dirinya, artinya memerintahkan dia pergi jauh dan ini tentu bagian dari siksa. Sebagaimana safar adalah bagian dari siksa (adzab). (Fathul Bari, Ibnu Hajar)

Imam Al Haromain pernah ditanya, “Kenapa safar dikatakan bagian dari adzab?” Beliau segera menjawab,
لِأَنَّ فِيهِ فِرَاق الْأَحْبَاب
Karena safar akan meninggalkan segala yang dicintai.” (Fathul Bari, Ibnu Hajar)

Benar juga kata Imam Al Haromain. Semuanya suka akan nikmatnya makan-minum dan tidur, juga senang berada di sisi keluarga, istri dan anak tercinta. Ketika bersafar, maka kenikmatan tersebut sementara akan hilang. Itulah bagian dari adzab (siksa).

Agar setiap safar kita menjadi mudah dan penuh berkah, jangan lupakan sunnah Nabishallallahu ‘alaihi wa sallam yang satu ini.

Jika sudah berada di atas kendaraan untuk melakukan perjalanan, hendaklah mengucapkan, “Allahu akbar, Allahu akbar, Allahu akbar.” Setelah itu membaca,
سُبْحَانَ الَّذِى سَخَّرَ لَنَا هَذَا وَمَا كُنَّا لَهُ مُقْرِنِينَ وَإِنَّا إِلَى رَبِّنَا لَمُنْقَلِبُونَ اللَّهُمَّ إِنَّا نَسْأَلُكَ فِى سَفَرِنَا هَذَا الْبِرَّ وَالتَّقْوَى وَمِنَ الْعَمَلِ مَا تَرْضَى اللَّهُمَّ هَوِّنْ عَلَيْنَا سَفَرَنَا هَذَا وَاطْوِ عَنَّا بُعْدَهُ اللَّهُمَّ أَنْتَ الصَّاحِبُ فِى السَّفَرِ وَالْخَلِيفَةُ فِى الأَهْلِ اللَّهُمَّ إِنِّى أَعُوذُ بِكَ مِنْ وَعْثَاءِ السَّفَرِ وَكَآبَةِ الْمَنْظَرِ وَسُوءِ الْمُنْقَلَبِ فِى الْمَالِ وَالأَهْلِ
Mahasuci Allah yang telah menundukkan untuk kami kendaraan ini, padahal kami sebelumnya tidak mempunyai kemampuan untuk melakukannya, dan sesungguhnya hanya kepada Rabb kami, kami akan kembali. Ya Allah, sesungguhnya kami memohon kepada-Mu kebaikan, taqwa dan amal yang Engkau ridhai dalam perjalanan kami ini. Ya Allah mudahkanlah perjalanan kami ini, dekatkanlah bagi kami jarak yang jauh. Ya Allah, Engkau adalah rekan dalam perjalanan dan pengganti di tengah keluarga. Ya Allah, sesungguhnya aku berlindung kepada-Mu dari kesukaran perjalanan, tempat kembali yang menyedihkan, dan pemandangan yang buruk pada harta dan keluarga. (HR. Muslim no. 1342).

          Kulantaran nyanyabaan anu baris dilakonan sakitu panjangna, mangka anjeuna neda pidu’a ti urang sadayana. Sakumaha Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam nalika aya rombongan shohabat anu baris nyanyabaan, mangka Nabi ngadu’akeun ku lafadz sapertos kieu:
عَنْ حَنْظَلَةِ بْنِ أَبِي سُفْيَانَ ، أَنَّهُ سَمِعَ الْقَاسِمَ بْنَ مُحَمَّدٍ ، يَقُولُ : كُنْتُ عِنْدَ ابْنِ عُمَرَ فَجَاءَهُ رَجُلٌ ، فَقَالَ : أَرَدْتُ سَفَرًا ، فَقَالَ عَبْدُ اللهِ : انْتَظِرْ حَتَّى أُوَدِّعَكَ كَمَا كَانَ رَسُولُ اللهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ يُوَدِّعُنَا : أسْتَوْدِعُ اللَّهَ دِينَكَ ، وَأَمَانَتَكَ ، وَخَوَاتِيمَ عَمَلِكَ .المستدرك.
Ti Handholah bin Abi Sufyan, satemena anjeuna nguping Al-Qosim bin Muhammad sasauran: Sim kuring kantos marengan Ibnu ‘Umar lajeng sumping saurang jalma bari pokna: “Sim kuring maksad safar”. Mangka ‘Abdulloh sasauran: “Antosan dugikeun ka sim kuring ngadu’akeun anjeun sakumaha Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadu’akeun ka abdi sadaya: ‘Abdi nitipkeun ka Alloh, agama anjeun, ka-amanahan anjeun, sarta tungtung amal anjeun’.Hr. Al-Hakim dina Kitab Al-Mustadrok ‘ala Ash-Shohihain.

          Ikhwatu iman rohimakumulloh! Pala wargi miwah para sepuh anu ku sim kuring dipihormat, anu sami-sami miharep ridlo kalih maghfiroh ti Alloh Subhanahu wa Ta’ala!.
         
          Eta pangiten anu janten paniatan Bapak kalih Ibu Haji ngariungkeun urang sadaya dina ieu patempatan, nyaeta seja neda pidu’a mugia safarna janten safar anu pinuh ku pitulung ti Alloh, umrohna sing ditampi ku Alloh, sarta kulawargi anu dikantunkeunana sing tetep aya dina hidayah Alloh. Aamiin.

          Ikhwatu iman rohimakumulloh! Lian ti neda pidu’a, tangtos Pa Haji kalih Ibu oge neda pangampura ti papada jalma, boh bilih aya anu kantos kakoet manahna, kasintreuk ati sanubarina ku Pa Haji, atanapi perkara anu katugenah anu lianna, panginten dina ieu waktos Bapak kalih Ibu Haji neda sihapunten anu saageung-ageungna, tiasa engke dina akhir ieu acara, mapay mushofahah (sasalaman) silih du’akeun silih ngahapunten. Naha ieu peryogi? Kulantaran Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam kantos ngandika,

عَنْ أَبِى صَالِحٍ سَمِعَ أَبَا هُرَيْرَةَ رَفَعَهُ مَرَّةً قَالَ « تُعْرَضُ الأَعْمَالُ فِى كُلِّ يَوْمِ خَمِيسٍ وَاثْنَيْنِ فَيَغْفِرُ اللَّهُ عَزَّ وَجَلَّ فِى ذَلِكَ الْيَوْمِ لِكُلِّ امْرِئٍ لاَ يُشْرِكُ بِاللَّهِ شَيْئًا إِلاَّ امْرَأً كَانَتْ بَيْنَهُ وَبَيْنَ أَخِيهِ شَحْنَاءُ فَيُقَالُ ارْكُوا هَذَيْنِ حَتَّى يَصْطَلِحَا ارْكُوا هَذَيْنِ حَتَّى يَصْطَلِحَا ».
Ti Abu Sholih, anjeuna ngadangu Abu Huroiroh nga-marfukeunana, anjeuna nguningakeun, “Amalan-amalan baris diuningakeun dina unggal dinten kemis kalih dinten senen, mangka Alloh ‘Azza wa Jalla baris ngahapunten dina dintenan eta unggal jalma anu henteu musyrik ka Alloh sakedik oge kajaba saurang jalma anu antara dirina jeung dulurna aya syahna (mumusuhan, pacekcokan), mangka diuningakeun: ‘Keun antepkeun heula amalan dua jalma ieu (henteu waka ditarima) dugikeun ka aranjeuna ishlah (damai)! Keun antepkeun heula amalan dua jalma ieu (henteu waka ditarima) dugikeun ka aranjeuna ishlah (damai)!’.” Hr. Muslim.

        Hadits kasebat tangtos karaos abot ku Pa Haji kalih Ibu, sok sieun pahala ibadah umroh janten henteu katampi alatan masih aya keneh pacengkadan sareng papada jalma, mangka ayeuna waktosna silih ngalubarkeun kasalahan, slih ngahampura kakhilafan, sarta silih ngadu’akeun dina kahadean.

          Pantes upami dina katerangan anu lian, Rosululloh ngawagel mumusuhan langkung ti tilu dinten, umpamana upami pacengkadan kajantenanna dinten ayeuna, dinten Rebo, mangka dinten Jum’at teh kedah tos damai deui, malih pami emut kana hadits anu nembe mah unggal mayunan dinten kemis kalih senen mah wayahna ulah aya papaseaan anu teu acan rengse, papaseaan dina masalah naon bae jeung papada umat Islam.

          Ikhwatu iman rohimakumulloh! Pala wargi miwah para sepuh anu ku sim kuring dipihormat, anu sami-sami miharep ridlo kalih maghfiroh ti Alloh Subhanahu wa Ta’ala!.

          Eta pangiten, dua perkara anu janten paniatan Pa Haji kalih Ibu Haji ngariungkeun urang. Anu kahiji, neda pidu’a mugia safarna aya dina hidayah Alloh kalih pitulungna. Sarta anu kaduana, neda sihapunten anu saageung-ageungna boh bilih aya kalepatan anu kantos dipilampah ku Pa Haji atanapi Bu Haji ka Bapak atanapi Ibu oge palawargi sadaya. Sim kuring yakin, Bapak kalih Ibu tangtos siap leah manah pikeun ngadu’akeun sarta ngahapunten kana kalepatan Bapak kalih Ibu Haji kumargi urang oge peryogi kana du’a kalih pangapunten ti papada jalma. Mugia ku urang ngadu’akeun kalih ngahampura batur, urang janten didu’akeun ku malaikat-malaikat Alloh sarta dihapunten ku Alloh anu Maha ngahapunten. Aamiin yaa Robbal’Aalamiin.

          Ikhwatu iman rohimakumulloh! Pala wargi miwah para sepuh anu ku sim kuring dipihormat, anu sami-sami miharep ridlo kalih maghfiroh ti Alloh Subhanahu wa Ta’ala!.

          Lian ti dua perkara anu janten pamaksadan Bapak kalih Ibu Haji eta, urang oge peryogi ngodok anu jero ngoreh anu deet, naon margina Pa Haji kalih Bu Haji oge umat Islam anu lianna anu parantos ngalaman, kajurung manahna pikeun ngalaksanakeun ibadah hajji kalih umroh? Malihan kaseuseueuran anu parantos angkat ka tanah suci mah sok deudeuieun, hoyong deui, hoyong deui, padahal mah artos anu dikaluarkeun henteu sakedik, da upami dijantenkeun modal usaha mah lumayan eta teh. Mangka sakali deui, urang peryogi uninga, naon fadhilah atanapi kautamaan ngalaksanakeun ibadah hajji katut umroh? Anu mana dina ieu waktos pa Haji kalih Ibu anu baris dilaksanakeun teh nyaeta ibadah umroh.
         
          Ikhwatu iman rohimakumulloh! Pala wargi miwah para sepuh anu ku sim kuring dipihormat, anu sami-sami miharep ridlo kalih maghfiroh ti Alloh Subhanahu wa Ta’ala!.
         
          Khususna hajji, pikeun jalma muslim anu mampuh mah hukumna wajib, nyaeta dumasar dawuhan Alloh dina Al-Qur’an surat al-Baqoroh ayat 196, anu unina:
وَأَتِمُّواْ الْحَجَّ وَالْعُمْرَةَ لِلّهِ
“Jeung prak geura sampurnakeun ibadah hajji katut umroh mung wungkul niat karana milari ridlo Alloh”.
         
          Mangka dumasar eta ayat, anu kahiji anu hajji katut umroh wajib ikhlas, sarta anu kadua wajib dumasar aturan Alloh kalih Rosul-Na.

          Dina ayat anu sanes, langkung tandes deui Alloh ngadawuh:
ولله على الناس حج البيت من استطاع إليه سبيلا ومن كفر فإن الله غني عن العالمين ) ! [ آل عمران : 97 ] .
          Jeung Alloh parantos ngawajibkeun pikeun manusa anu iman sangkan ibadah hajji ka baitulloh pikeun saha bae anu mampuh di jalana, sarta sing saha anu kufur mangka saenyana Alloh Maha Beunghar tina sakumna alam. Qs. Ali Imron ayat 97.

          Diantawis jalma anu kufur anu dimaksad dina eta ayat nyaeta jalma anu parantos mampuh pikeun ibadah hajji namung henteu angkat wae, mangka eta jalma kalebet jalma anu kufur ka Alloh.

          Aya patarosan sapertos kieu: Nalika saurang jalma parantos mampuh hajji, namung tatanggi atanapi barayana aya keneh anu kalaparan, mana anu kedah langkung dipayunkeun? Waleran sim kuring: duanana. Janten ulah alesan henteu hajji pedah aya keneh nu miskin, da miskin mah sunnatulloh, moal aya seepna, urang mah mung sakadar usaha pikeun mantuan. Janten saena, ibadah hajji geura jung, oge tetep berehan ka tatangga tur baraya, pan nu disebat berehan teh teu kedah seueur, Rosul oge parantos maparin pangwawadi yen urang moal bisa ngawaregkeun manusa ku pamere harta ti urang, tapi manusa anu liana baris dipuaskeun ku urang ngalangkungan budi parangi akhlaq mulya tina diri urang.

          Ikhwatu iman rohimakumulloh! Pala wargi miwah para sepuh anu ku sim kuring dipihormat, anu sami-sami miharep ridlo kalih maghfiroh ti Alloh Subhanahu wa Ta’ala!.

          Dina ieu waktos, sim kuring bade ngakhususkeun sakedik ngadadar ngaguar kautamaan umroh, mudah-mudahan ku diuningakeunana fadhilah atanapi kautamaan umroh, pikeun urang anu teu acan ngalaman janten sumanget pikeun ngalaksanakeunana sarta mugia janten du’a tiasa angkatna. Khususna sim kuring, umumna bapak kalih ibu sadaya mugia urang tiasa ngalaksanakeun ibadah umroh, komo deui hajji, Aamiin.
Soalan : Apakah perbezaan di antara haji dan umrah ?
Jawapan :
Perbedaan antara umrah dan haji :
1.        Haji dilaksanakan pada bulan-bulan haji, yaitu Syawal, Dzulqa’dah, dan Dzulhijjah. (Q.S. Al Baqarah : 1970. Sedangkan umrah dilaksanakan pada setiap saat.
2.        Umrah hanya dilaksanakan di sekitar Masjidil Haram,  sedangkan haji dilaksanakan bukan hanya di sekitar Masjidil Haram, tetapi juga di Mina, Arafah, dan Muzdalifah.
3.        Pada ibadah umrah tidak ada hadyu, wukuf, jumrah dan mabit.

          Atuh upami saba’da dibahas ieu kautamaan umroh, bilih maksad bade nyusul Pa Haji kalih Bu Haji atanapi nyusulkeun sim kuring, mangga, tiasa nepangan Pa Haji Asep Mulyana, anjeuna petugas penerimaan pendaftaran hajji kalih umroh di Pimpinan Cabang Persatuan Islam Pangalengan, atuh anu istri tiasa nepangan Ibu Haji Wiwin (garwana Pa Haji Asep Mulyana). Nya bilih kabita bari aya rizqina, mangga, da umroh mah tiasa iraha wae, upami hajji mah aya usumna.

Ikhwatu iman rohimakumulloh! Pala wargi miwah para sepuh anu ku sim kuring dipihormat, anu sami-sami miharep ridlo kalih maghfiroh ti Alloh Subhanahu wa Ta’ala!.      

          Kantos aya patarosan ka sim kuring, “Ustadz, utami mana, ngahajjikeun atanapi ngaumrohkeun sepuh? Atanapi urang heula anu hajji atanapi umroh salaku putrana?”. Waler sim kuring: “Langkung utami urang heula hajji atanapi umroh, naha? Eta sanes hartosna calutak ka nu janten sepuh, justru eta teh buktos babakti ka sepuh, kumaha itunganana? Nyaeta upama hiji budak ngalaksanakeun amal sholeh hasil didikan kolotna, mangka kolotna ge kabagean pahalana, kalebet ibadah hajji jeung umroh, janten mangga we anjeun hajji atanapi umroh heula lajeng ikhtiar sangkan sepuh tiasa hajji atanapi umroh, eta langkung sae, kantenan upami ninggal kana kaidah ushul fiqih mah, urang diwagel mayunkeun batur dina ibadah, anapon upami mayunkeun batur dina mu’amalah mah dianjurkeun, al-iitsaaru fil-ibaadah mamnuu’un (mayunkeun batur dina ibadah teh diwagel), sapertos upami berjama’ah teu kenging ngajujurung batur sangkan lebet kana shaf kahiji ari anjeuna cicing di tukang, anapon dina mu’amalah mah al-iitsaaru fil-mu’aamalati mathluubun (mayunkeun batur dina mu’amalah/ sosial/ ekonomi/ jrrd. mah dianjurkeun), sapertos upami aya pibatieun dipasihkeun ka batur tah eta mah dianjurkeun, mung saha jalmina anu siap cigah kitu? Pibatieun kalah dibikeun ka batur, mung wungkul jalma anu iman anu siap ngalaksanakeunana”.
         
      3.1. Apakah hukum menghajikan orang yang telah meninggal dunia ?
Jawapan :
Dalam Islam tidak ada/tidak boleh menghajikan atau mengumrahkan orang lain, termasuk orang tua sendiri, baik karena tua/uzur, sakit atau meninggal dunia.
وَللهِ عَلَى النَّاسِ حِجُّ الْبَيْتِ مَنِ اسْتَطَاعَ إِلَيْهِ سَبِيْلاً { أل عمران : 97}
Dan karena Allah, setiap manusia wajib melaksanakan haji ke Baitullah (yaitu) bagi yang mampu pergi ke sana.” - Q.S. Ali Imran:97 -
وَأَنْ لَيْسَ للإِنْسَانِ إِلاَّ مَا سَعَى { النجم : 39}
“Dan sesungguhnya manusia tidak akan dapat (pahala atau siksa) melainkan dari apa yang pernah ia lakukan.” - Q.S. An Najm : 39 -

          Ikhwatu iman rohimakumulloh! Pala wargi miwah para sepuh anu ku sim kuring dipihormat, anu sami-sami miharep ridlo kalih maghfiroh ti Alloh Subhanahu wa Ta’ala!.

          Diantawis kautamaan ibadah ‘umroh nyaeta:
Anu kahiji, hajji kalih umroh kalebet kana amalan jihad fi sabilillah, pangandika Nabi:
أَنْ تُجَاهِدَ الْكُفَّارَ إِذَا رَأَيْتَهُمْ ، ثُمَّ لاَ تَغِلَّ ، وَلاَ تَجْبُنْ ، ثُمَّ عَمَلاَنِ هُمَا مِنْ أَفْضَلِ الأَعْمَالِ إلا كَمِثْلِهِمَا ، ثَلاَثَ مَرَّاتٍ ، حَجَّةٌ مَبْرُورَةٌ أَوْ عُمْرَةٌ
“Jihad teh nyaeta merangan jalma kufur tuluy henteu khianat, henteu dengki, henteu haranga, lajeng ngamalkeun dua amalan anu pangutamana kajaba amalan anu samisilna, (Nabi nyebatna tilu kali), nyaeta hajji anu mabrur atanapi umroh”.
         
          Dina hadits anu sanesna, Nabi ngandika:
عَنْ عَائِشَةَ قَالَتْ: قُلْتُ: يَا رَسُولَ اللهِ، عَلَى النِّسَاءِ جِهَادٌ؟ قَالَ: نَعَمْ، عَلَيْهِنَّ جِهَادٌ لاَ قِتَالَ فِيهِ: الْحَجُّ وَالْعُمْرَةُ.
Ti ‘Aisyah rodiyallohu ‘anha anjeuna sasanggem: Sim kuring tumaros: “Wahey Rosululloh, pikeun istri aya jihad?”. Waler Nabi, “Muhun, aya. Pikeun aranjeuna jihad anu teu aya pangperangan dina jihad eta, nyaeta hajji kalih ‘umroh.” Sunan Ibnu Majah, juz 4, kaca 146, hadits no.2901﴿

          Upami hajji atanapi umroh kalebet jihad, mangka nalika urang ngantunkeun dina ngalaksanakeunana, mangka urang aya dina kaayaan mati syahid. Subhanalloh.

          Kautamaan umroh anu kadua, ti umroh ka umroh tiasa janten kifarat dosa (pamupus dosa), Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika,
عَنْ أَبِي هُرَيْرَةَ رَضِيَ اللَّهُ عَنْهُ أَنَّ رَسُولَ اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ قَالَ الْعُمْرَةُ إِلَى الْعُمْرَةِ كَفَّارَةٌ لِمَا بَيْنَهُمَا وَالْحَجُّ الْمَبْرُورُ لَيْسَ لَهُ جَزَاءٌ إِلَّا الْجَنَّةُ. صحيح البخاري.
Ti Abu Huroiroh rodiyallohu ‘anhu, satemena Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, “Umroh ka umroh mangrupikeun kifarat dosa antawis duanana, sarta hajji anu mabrur henteu aya wawalesna anging syurga”. Hr. Al-Bukhori dina Kitab-na Shohih Al-Bukhori.

          Naon anu dimaksad mupus dosa dina eta hadits? Naha sadayana dosa? Tangtos henteu, kumargi aya dosa anu kahapusna kedah ku tobat, sapertos musyrik, ngukut batu akik sangkan usaha lancar umpamana. Oge aya dosa anu kahapusna kedah ku neda pangampura nyaeta contona doraka ka indung bapa eta mah moal tiasa kahapus ku umroh tapi kedah neda pangampura sepuh.    

Nu kumaha hajji kalih umroh anu mabrur teh? Ringkesna nyaeta jalma anu samulihna ti hajji atanapi umroh, kualitas amal sholehna langkung ningkat, pami sholat langkung soson-soson, pami tahajjud langkung getol, pami zakat langkung jujur, pami shodaqoh langkung diperhatoskeun, pami akhlaq langkung mulya, jeung sajabana, mangka eta hajji atanapi umroh anu mabrur. Mabrur nyaeta ngadatangkeun kahadean.

          Kautamaan umroh anu katilu, ibadah umroh khususna oge safar umumna mangrupikeun waktos anu langkung mungkin pikeun diijabahna du’a, pangandika Nabi:
اَلْغَازِيْ فِيْ سَبِيْلِ اللَّهِ وَالْحَاجُّ وَالْمُعْتَمِرُ, وَفْدُاللَّهِ, دَعَاهُمْ فَأجَابُوهُ. وَسَألُوْهُ فَأعْطَاهُمْ
“Orang yang berperang di jalan Allah dan orang yang menunaikan haji dan umrah, adalah delegasi (perutusan) Allah. (ketika) Allah menyeru mereka, maka mereka memenuhi panggilan-Nya. Dan (ketika) mereka meminta kepada-Nya, maka Allah mengabulkan (permintaan mereka).” (Hadist Hasan, dalam Shahih al Jaami’ish Shaghiir dan Sunan Ibnu Majah).

          Subhanalloh, kalintang pikabitaeunana, kondisi dimana du’a-du’a urang langkung ngamungkinkeun pikeun diijabah.

Kautamaan umroh anu kaopat, Umroh ngaleungitkeun kafakiran jeung dosa.
Ti Abdullah, Rasulullah shallallahu ‘alaihi wa sallam ngandika,
تَابِعُوا بَيْنَ الْحَجِّ وَالْعُمْرَةِ فَإِنَّهُمَا يَنْفِيَانِ الْفَقْرَ وَالذُّنُوبَ كَمَا يَنْفِى الْكِيرُ خَبَثَ الْحَدِيدِ وَالذَّهَبِ وَالْفِضَّةِ وَلَيْسَ لِلْحَجَّةِ الْمَبْرُورَةِ ثَوَابٌ إِلاَّ الْجَنَّةُ
Ikutkanlah umrah kepada haji, karena keduanya menghilangkan kemiskinan dan dosa-dosa sebagaimana pembakaran menghilangkan karat pada besi, emas, dan perak. Sementara tidak ada pahala bagi haji yang mabrur kecuali surga.” (HR. An Nasai no. 2631, Tirmidzi no. 810, Ahmad 1/387. Kata Syaikh Al Albani hadits ini hasan shahih).
          Kafakiran dina ieu hadits maksadna kafakiran hate, mangka jalma anu umrohna mabrur estu hatena baris dibeungharkeun. Oge lepat upami angkat umroh niatna hoyong beunghar harta, tapi kudu niat anu suci lillahi ta’ala, da dibeungharkeun hate mah eta wawalesna ti Alloh sanes paniatan anu kedah aya dina manah.

          Kautamaan umroh anu kalima nyaeta, umroh mangrupikeun ibadah anu dimulyakeun ku Rosul, dumasar panalungtikan para ulama, Rosululloh nalika jumeneng kantos hajji mung sakali, anapon umroh dugikeun ka 4 kali. Ieu hartosna kalintang merhatoskeunna Rosul kana ibadah umroh.
          Ust Dedi Rahman, pengasuh Kajian Islam dina Radio Garuda FM kantos ditaros kumaha upami anu getol umroh tapi pedit ka tatangga jeung baraya?. Waleran anjeuna nya umroh kedah getol dibarengan ku sifat berehan.
Terdapat juga hikmah-hikmah hajji kalih umroh yang lain, sebagai berikut:
a. Hikmah pakaian ihram: lebih menonjolkan kesederhanaan diri, kesucian hati dan jiwa (dimana warna putih sangat dianjurkan), rendah hati, dan tidak ada unsur sombong serta berlebihan.
b. Hikmah thawaf: dalam thawaf kegiatan berputar yang melambangkan perputaran alam semesta, juga jumlah putaran sebanyak 'tujuh' yang melambangkan bilangan 7 hari, 7 lapis langit dan bumi, dan 7 lapis surga dan neraka. Ka'bah sebagai pusat thawaf adalah miniatur bangunan suci Baitul Maqdis yang ada di atas langit dengan dikelilingi puluhan ribu malaikat (sebagian riwayat menyebutkan 70.000 malaikat) yang berthawaf setiap harinya.
c. Hikmah wuquf di Arafah: perenungan diri atas segala amal perbuatan manusia, miniatur digiringnya manusia di padang mahsyar dengan amalan yang dilakukan ketika di dunia, keinsyafan sebagai hamba Allah yang penuh dosa       hingga harus dibersihkan, dan sebagai simbol pembebasan manusia.
d. Hikmah sa'i: lambang kasih sayang seorang ibu pada anaknya. Jama'ah haji diingatkan perjuangan Siti Hajar (istri nabi Ibrahim as) ketika mencari air dengan berlari antara bukit Shafa dan Marwah sebanyak 7 kali.
e. Melempar jamrah: simbol penentangan manusia terhadap setan. Melempar jamrah (kerikil) adalah simbol yang di dalamnya mengingatkan manusia untuk melempar (nafsu setan) sejauh-jauhnya dari jiwa mereka.
          Ikhwatu iman rohimakumulloh! Pala wargi miwah para sepuh anu ku sim kuring dipihormat, anu sami-sami miharep ridlo kalih maghfiroh ti Alloh Subhanahu wa Ta’ala!.
Sakitu anu kapihatur, mugia urang tiasa ngadu’akeun kalawan ikhlas sarta silih ngahapunten kalepatan sewang-sewangan. Oge mugia 5 kautamaan umroh tiasa janten motivasi urang sumanget ngalaksanakeun umroh. Aamiin.
Sakitu anu kapihatur, hapunten tina sagala rupi kakirangan,

أَقُوْلُ قَوْلِيْ هذَا وَاسْتَغْفِرُ اللهَ لِيْ وَ لَكُمْ. وَ السَّلَامُ عَلَيْكُمْ وَ رَحْمَةُ اللهِ وَ بَرَكَاتُهُ.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar