Powered By Blogger

Jumat, 31 Mei 2013

di Syurga yang Tinggi

di Syurga anu luhur
Hanafi Anshory

وُجُوهٌ يَوْمَئِذٍ نَاعِمَةٌ (8) لِسَعْيِهَا رَاضِيَةٌ (9) فِي جَنَّةٍ عَالِيَةٍ (10) لَا تَسْمَعُ فِيهَا لَاغِيَةً (11) فِيهَا عَيْنٌ جَارِيَةٌ (12) فِيهَا سُرُرٌ مَرْفُوعَةٌ (13) وَأَكْوَابٌ مَوْضُوعَةٌ (14) وَنَمَارِقُ مَصْفُوفَةٌ (15) وَزَرَابِيُّ مَبْثُوثَةٌ (16) 
[8] Mangpirang-pirang beungeut dina eta poe guligah marahmay [9] lantaran lampahna aya dina kasaluyuan [10] di syurga anu luhur [11] di dinya anjeun moal ngadenge nu taya gunana [12] di dinya cur cor sungapan cai [13] di dinya aya tempat leleson anu luhur [14] jeung gelas-gelas anu diidangkeun [15] jeung pirang-pirang bantal panyarandean anu ngajajar [16] jeung permadani anu diamparkeun. ﴾Qs. alGhosiyah [88]﴿

فَأَمَّا مَنْ أُوتِيَ كِتَابَهُ بِيَمِينِهِ فَيَقُولُ هَاؤُمُ اقْرَءُوا كِتَابِيَهْ (19) إِنِّي ظَنَنْتُ أَنِّي مُلَاقٍ حِسَابِيَهْ (20) فَهُوَ فِي عِيشَةٍ رَاضِيَةٍ (21) فِي جَنَّةٍ عَالِيَةٍ (22) قُطُوفُهَا دَانِيَةٌ (23) كُلُوا وَاشْرَبُوا هَنِيئًا بِمَا أَسْلَفْتُمْ فِي الْأَيَّامِ الْخَالِيَةِ (24) ﴿الحاقة﴾
[19] Nya jalma-jalma anu dibere kitab ti katuhueunana, bakal nyarita: “Baraca ieuh kitab kaula!. [20] Saestuna kaula percaya yen bakal papanggih jeung balitungan kaula.” [21] Nya manehna dina kahirupan nu dipirido. [22] di syurga nu luhur. [23] bubuahan petikeunana teh mani ngagalangsar. [24] pek maraneh geura dalahar jeung ngarinum kalawan suka-bungah ku lantaran saniskara anu ku maraneh geus ditataharkeun dina mangsa-mangsa anu geus kalarung. ﴾Qs. al Haaqqah [69]﴿

عَنْ عَبْدِ اللهِ بْنِ عُمَرَ ، رَضِيَ اللَّهُ عَنْهُمَا ، قَالَ : : قَالَ رَسُولُ اللهِ صلى الله عليه وسلم : إِذَا مَاتَ أَحَدُكُمْ فَإِنَّهُ يُعْرَضُ عَلَيْهِ مَقْعَدُهُ بِالْغَدَاةِ وَالْعَشِيِّ فَإِنْ كَانَ مِنْ أَهْلِ الْجَنَّةِ فَمِنْ أَهْلِ الْجَنَّةِ وَإِنْ كَانَ مِنْ أَهْلِ النَّارِ فَمِنْ أَهْلِ النَّارِ. ﴿صحيح البخاري: 4: 141﴾
Ti ‘Abdulloh bin ‘Umar rodiyallohu ‘anhuma, anjeunna sasanggem: Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, “Upama seug salah saurang ti anjeun maot mangka satemena baris ditinggalikeun ka manehna tempat padumukanana dina waktu isuk-isuk jeung pasosore, upama seug ahli syurga mangka nu ditinggalikeun teh pipangeusi syurgaeun sarta upama seug ahli naraka mangka nu ditinggalikeun teh pipangeusi pinarakaeun.” ﴾Shohih Al Bukhori: 4: 141 ﴿

عَنْ سَهْلِ بْنِ سَعْدٍ السَّاعِدِيِّ قَالَ : قَالَ رَسُولُ اللهِ صلى الله عليه وسلم : مَوْضِعُ سَوْطٍ فِي الْجَنَّةِ خَيْرٌ مِنَ الدُّنْيَا وَمَا فِيهَا. ﴿صحيح البخاري: 4: 144﴾
Ti Sahl bin Sa’ad as Saa’idiy, anjeunna sasanggem: Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, “Tempat rawa-rawa di syurga leuwih hade batan dunya jeung eusina.”  ﴾Shohih Al Bukhori: 4: 144﴿
عَنْ أَبِي هُرَيْرَةَ ، رَضِيَ اللَّهُ عَنْهُ ، عَنِ النَّبِيِّ صلى الله عليه وسلم قَالَ : إِنَّ فِي الْجَنَّةِ لَشَجَرَةً يَسِيرُ الرَّاكِبُ فِي ظِلِّهَا مِئَةَ سَنَةٍ وَاقْرَؤُوا إِنْ شِئْتُمْ {وَظِلٍّ مَمْدُودٍ}. ﴿صحيح البخاري: 4: 144﴾
Ti Abi Huroiroh rodiyallohu ‘anhu, ti Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam anjeunna ngandika, “Satemena di syurga estu aya hiji tangkal anu dijugjug kalangkangna ku nu tutumpakan salila saratus taun. Sarta prak baca ku aranjeun ayat Qur’an: {sarta iuh-iuh nu ngampar lega. Qs. al Waaqi’ah [56]: 30}” ﴾Shohih Al Bukhori: 4: 144/ al Maktabah al Syamilah﴿

عَنْ سَهْلِ بْنِ سَعْدٍ ، رَضِيَ اللَّهُ عَنْهُ ، عَنِ النَّبِيِّ صلى الله عليه وسلم قَالَ : فِي الْجَنَّةِ ثَمَانِيَةُ أَبْوَابٍ فِيهَا بَابٌ يُسَمَّى الرَّيَّانَ لاَ يَدْخُلُهُ إِلاَّ الصَّائِمُونَ. ﴿صحيح البخاري: 4: 145﴾
Ti Sahl bin Sa’ad rodiyallohu ‘anhu, ti Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam anjeunna ngandika, “di syurga aya dalapan panto, aya hiji panto dingaranan ar Royyaan anu moal bisa ngasupanana kajaba ahli-ahli shaum.” ﴾Shohih Al Bukhori: 4: 145/ al Maktabah al Syamilah﴿

عَنْ أَبِي بَكْرِ بْنِ عَبْدِ اللهِ بْنِ قَيْسٍ ، عَنْ أَبِيهِ ، أَنَّ رَسُولَ اللهِ صلى الله عليه وسلم قَالَ : إِنَّ فِي الْجَنَّةِ خَيْمَةً مِنْ لُؤْلُؤَةٍ مُجَوَّفَةٍ عَرْضُهَا سِتُّونَ مِيلاً فِي كُلِّ زَاوِيَةٍ مِنْهَا أَهْلٌ مَا يَرَوْنَ الآخَرِينَ يَطُوفُ عَلَيْهِمُ الْمُؤْمِنُون. ﴿صحيح البخاري: 6: 182﴾
Ti Abi Bakar bin ‘Abdillah bin Qois, ti Ramana: Satemena Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, “Satemena di syurga aya hiji tempat sare (basa Indonesia: kemah) tina mutiara anu ngalengkob legana genep puluh mil dina unggal juruna pangeusina silih nalingakeun anu dikurilingan nu jalma-jalma mu’min.” ﴾Shohih Al Bukhori: 4: 182/ al Maktabah al Syamilah﴿

عَنْ أَبِي هُرَيْرَةَ ، رَضِيَ اللَّهُ عَنْهُ ، قَالَ : قَالَ رَسُولُ اللهِ صلى الله عليه وسلم : قَالَ اللَّهُ: أَعْدَدْتُ لِعِبَادِي الصَّالِحِينَ مَا لاَ عَيْنَ رَأَتْ ، وَلاَ أُذُنَ سَمِعَتْ ، وَلاَ خَطَرَ عَلَى قَلْبِ بَشَرٍ فَاقْرَؤُوا إِنْ شئْتُمْ {فَلَا تَعْلَمُ نَفْسٌ مَا أُخْفِيَ لَهُمْ مِنْ قُرَّةِ أَعْيُنٍ جَزَاءً بِمَا كَانُوا يَعْمَلُونَ}.  ﴿صحيح البخاري: 4: 143﴾
Ti Abi Huroiroh rodiyallohu ‘anhu anjeunna sasanggem: Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, “Alloh ngadawuh: ‘Kaula nyadiakeun pikeun hamba Kaula anu sholeh perkara anu moal katinggali ku panon, moal kadangu ku cepil, sarta moal karampa ku hate jalma.’ Mangka baca ku aranjeun ayat Qur’an: {Nya moal aya hiji jalma oge nu nyahoeun naon anu disumputkeun keur maranehna tina perkara anu niiskeun panonna, minangka ganjaran pikeun saniskara anu ku maranehna geus dilampahkeun. Qs. as Sajdah [32]: 17}” ﴾Shohih Al Bukhori: 4: 143/ al Maktabah al Syamilah﴿



Wallohu A’lam bish-showab.

Bekerja KeraS Hingga LeuleuS

Digawé tihothat nepi ka lungsé
Hanafi Anshory

هَلْ أَتَاكَ حَدِيثُ الْغَاشِيَةِ (1) وُجُوهٌ يَوْمَئِذٍ خَاشِعَةٌ (2)
[1] Naha geus nepi ka anjeun beja ngeunaan kajadian anu rongkah? [2] Mangpirang-pirang beungeut dina eta poe ngeluk alum. ﴾Qs. al Ghosiyah [88]: 1-2﴿

عَنِ النُّعْمَانِ بْنِ بَشِيرٍ قَالَ كَانَ رَسُولُ اللَّهِ -صلى الله عليه وسلم- يَقْرَأُ فِى الْعِيدَيْنِ وَفِى الْجُمُعَةِ بِ (سَبِّحِ اسْمَ رَبِّكَ الأَعْلَى) وَ (هَلْ أَتَاكَ حَدِيثُ الْغَاشِيَةِ) قَالَ وَإِذَا اجْتَمَعَ الْعِيدُ وَالْجُمُعَةُ فِى يَوْمٍ وَاحِدٍ يَقْرَأُ بِهِمَا أَيْضًا فِى الصَّلاَتَيْنِ. ﴿صحيح مسلم: 3: 15﴾
Ti Nu’man bin Basyir anjeunna sasanggem: Kabuktosan Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam dina dua ‘Ied (‘Iedul Fitri kalih ‘Iedul Adha) oge dina Jum’at maos surat Sabbihisma Robbikal A’laa (Qs. al A’la [87]) kalih Hal ataaka hadiitsul ghoosyiyah (Qs. al Ghosiyah [88]). Oge Nu’man sasanggem: Sarta nalika momprok ‘Ied kalih Jum’at dina hiji dinten, anjeunna maos dua surat eta oge dina dua sholat (‘Ied kalih Jum’at). ﴾Shohih Muslim: 3: 15﴿

يَا أَيُّهَا النَّاسُ اتَّقُوا رَبَّكُمْ إِنَّ زَلْزَلَةَ السَّاعَةِ شَيْءٌ عَظِيمٌ (1) يَوْمَ تَرَوْنَهَا تَذْهَلُ كُلُّ مُرْضِعَةٍ عَمَّا أَرْضَعَتْ وَتَضَعُ كُلُّ ذَاتِ حَمْلٍ حَمْلَهَا وَتَرَى النَّاسَ سُكَارَى وَمَا هُمْ بِسُكَارَى وَلَكِنَّ عَذَابَ اللَّهِ شَدِيدٌ (2) ﴿الحجّ﴾
[1] Yeuh manusa! Geura taqwa ka Pangeran maraneh, karana saestuna lini kiamat teh kajadian anu kacida rongkahna. [2] Dina poean maraneh nenjo eta kajadian, nu nyarusuan lat paroho kanu disusuanana jeung awewe anu keur kakandungan jadi galugur  kakandunganana, jeung maneh bakal nenjo jalma-jalma marabok padahal henteu marabok, lantaran siksaan Alloh teh kacida bangetna. ﴾Qs. al Hajj [22]﴿

وَلَوْ تَرَى إِذِ الْمُجْرِمُونَ نَاكِسُو رُءُوسِهِمْ عِنْدَ رَبِّهِمْ رَبَّنَا أَبْصَرْنَا وَسَمِعْنَا فَارْجِعْنَا نَعْمَلْ صَالِحًا إِنَّا مُوقِنُونَ (12). ﴿السجدة﴾
Jeung upama maneh nenjo waktu jalma-jalma anu daroraka nungkulkeun sirahna di payuneun Pangeranna (pokna): “Nun Gusti Pangeran abdi sadaya! Abdi sadaya parantos ningal sareng nguping, ku kituna mugi Gusti mulangkeun abdi sadaya (ka dunya), tinangtos abdi sadaya ngalampahkeun amal sholeh, jalaran sayaktosna abdi sadaya parantos yakin.” ﴾Qs. as Sajdah﴿

وَتَرَاهُمْ يُعْرَضُونَ عَلَيْهَا خَاشِعِينَ مِنَ الذُّلِّ يَنْظُرُونَ مِنْ طَرْفٍ خَفِيٍّ وَقَالَ الَّذِينَ آمَنُوا إِنَّ الْخَاسِرِينَ الَّذِينَ خَسِرُوا أَنْفُسَهُمْ وَأَهْلِيهِمْ يَوْمَ الْقِيَامَةِ أَلَا إِنَّ الظَّالِمِينَ فِي عَذَابٍ مُقِيمٍ (45). ﴿الشورى﴾
Jeung maneh bakal nenjo maranehna digiring ka dinya (naraka) bari tarungkul, lantaran ngarasa hina sarta rurat-reret ku juru panonna maling-maling. Jeung jalma-jalma anu ariman nyarita: “Saestuna jalma anu rarugi dina poe kiamat teh nyaeta jalma-jalma anu ngarugikeun dirina katut kulawargana.” Sing inget yen saestuna jalma-jalma anu darolim teh pernahna dina siksaan nu langgeng. ﴾Qs. asy Syuro [42]﴿

عَامِلَةٌ نَاصِبَةٌ (3) تَصْلَى نَارًا حَامِيَةً (4) تُسْقَى مِنْ عَيْنٍ آنِيَةٍ (5) لَيْسَ لَهُمْ طَعَامٌ إِلَّا مِنْ ضَرِيعٍ (6) لَا يُسْمِنُ وَلَا يُغْنِي مِنْ جُوعٍ (7)
[3] Digawe tihothat nepi ka lungse [4] Dipanggang luhureun seuneu nu panas liwat saking [5] Diinuman tina sungapan cai anu ngagolak [6] Taya dahareun pikeun  maranehanana salian ti cucuk-cucukan [7] Nu teu matak lintuh tur teu matak ngaleungitkeun rasa lapar. ﴾Qs. al Ghosiyah [88]: 3-7﴿

وَقَالَ ابْنُ عَبَّاسٍ {عَامِلَةٌ نَاصِبَةٌ} النَّصَارَى. وَقَالَ مُجَاهِدٌ {عَيْنٍ آنِيَةٍ} بَلَغَ إِنَاهَا وَحَانَ شُرْبُهَا.
Ibnu ‘Abbas sasanggem, dawuhan Alloh {Digawe tihothat nepi ka lungse} nyaeta Nasroni. Sarta Mujahid sasanggem, dawuhan Alloh {cai anu ngagolak} nyaeta caina asak bari ngabinasakeun. ﴾Shohih Al Bukhori: 6: 209/ al Maktabah al Syamilah﴿

{لَّيْسَ لَهُمْ طَعَامٌ إِلاَّ مِن ضَرِيعٍ} وهو نوع من الشوك يقال له : الشبرق. ﴿شرح السنة: 15: 237﴾
{Taya dahareun pikeun  maranehanana salian ti cucuk-cucukan} nyaeta tutuwuhan anu cucukan. Diuningakeun oge: Eta tutuwuhan teh matak ngajejewet (kana tikoro). ﴾Syarhus Sunnah: 15: 237/ al Maktabah al Syamilah﴿

فَلَيْسَ لَهُ الْيَوْمَ هَاهُنَا حَمِيمٌ (35) وَلَا طَعَامٌ إِلَّا مِنْ غِسْلِينٍ (36) لَا يَأْكُلُهُ إِلَّا الْخَاطِئُونَ (37)
[35] Ku kituna dina poe ieu di dieu henteu aya sobat keur manehna. [36] Jeung henteu aya dahareun salian ti getih campur nanah. [37] Henteu aya nu ngadaharna, salian ti nu darosa.   ﴾Qs.al Haaqqah﴿

إِنَّ شَجَرَتَ الزَّقُّومِ (43) طَعَامُ الْأَثِيمِ (44) كَالْمُهْلِ يَغْلِي فِي الْبُطُونِ (45) كَغَلْيِ الْحَمِيمِ (46) خُذُوهُ فَاعْتِلُوهُ إِلَى سَوَاءِ الْجَحِيمِ (47) ثُمَّ صُبُّوا فَوْقَ رَأْسِهِ مِنْ عَذَابِ الْحَمِيمِ (48) ذُقْ إِنَّكَ أَنْتَ الْعَزِيزُ الْكَرِيمُ (49) إِنَّ هَذَا مَا كُنْتُمْ بِهِ تَمْتَرُونَ (50). ﴿الدخان﴾
[43] Saestuna tangkal zaqqum teh, [44] kadaharan jalma-jalma anu kacida dosana. [45] Saperti minyak anu ngagolak dina beuteung, [46] Saperti ngagolakna cai panas, [47] “Gaura bawa manehna, gusur ka tengah naraka Jahannam. Tuluy banjur sirahna ku siksaan cai ngagolak. Pek geura rasakeun! Saestuna maneh teh anu (ngaku-ngaku) gagah jeung mulya. Saestuna nya ieu siksaan anu kana perkara ieu maraneh mangmang.” ﴾Qs. ad Dukhhon [45]﴿


Wallohu A’lam bish-showab.

di belakang menjelekkan, di hadapan membangkang

Satukangeun ngupat, hareupeun nyawad
Hanafi Anshory
وَيْلٌ لِكُلِّ هُمَزَةٍ لُمَزَةٍ (1)
[1] Cilaka pikeun tukang ngupat jeung tukang nyawad ﴾Qs. al Humazah [105]: 1﴿
عَنْ حُذَيْفَةَ سَمِعْتُ النَّبِيَّ صلى الله عليه وسلم يَقُولُ لاَ يَدْخُلُ الْجَنَّةَ قَتَّاتٌ. ﴿صحيح البخاري: 8: 21﴾
Ti Khudzaifah, Simkuring nguping Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, “Moal asup syurga tukang megatkeun (tatali wargi).” ﴾Shohih Al Bukhori: 8: 21/ al Maktabah al Syamilah﴿
عَنْ أَبِيْ سَعِيْدٍ الخُدْرِيِّ رَضِيَ اللهُ عَنْهُ : { وَيْلٌ لِّكُلِّ هُمَزَةٍ لُّمَزَةٍ } قَالَ : اَلْوَيْلُ وَادٍ فِيْ جَهَنَّمَ يَهْوِي فِيْهِ الكَافِرُ أَرْبَعِيْنَ خَرِيْفًا قَبْلَ أَنْ يَفْرُغَ مِنْ حِسَابِ النَّاسِ. ﴿المستدرك: 2: 583﴾
Ti Abi Sa’id al Khudriy rodiyallohu ‘anhu, dawuhan Alloh: {Cilaka pikeun tukang ngupat jeung tukang nyawad} Abi Sa’id sasauran: al Wail teh hiji lengkob di naraka jahannam anu jalma kafir cicing di dinya opat puluh usum sateuacan pangbalitungan manusa rengse. ﴾al Mustadrok﴿
عَنْ أَبِي العَالِيَةِ ، فِيْ قَوْلِهِ : وَيْلٌ لِّكُلِّ هُمَزَةٍ لُّمَزَةٍ (1) قَالَ : اَلْهُمَزَةُ الَّذِيْ يَلْمِزُكَ فِيْ وَجْهِكَ ، وَاللُّمَزَةُ الَّذِيْ يَلْمِزُكَ مِنْ خَلْفِكَ. ﴿معجم ابن المقرئ: 1: 467﴾
Ti Abi ‘Aliyah, ngeunaan dawuhan Alloh: {Cilaka pikeun tukang ngupat jeung tukang nyawad} Abi ‘Aliyah sasauran: al humazah nyaeta jalma anu ngagogoreng anjeun di hareupeun. Al lumazah nyaeta jalma anu ngagogoreng anjeun di satukangeun. ﴾Mu’jam Ibnu al Muqri: 1: 467﴿
{وَيْلٌ لِكُلِّ هُمَزَةٍ لُمَزَةٍ} قِيْلَ : اَللُّمَزَةُ : اَلَّذِيْ يَعِيْبُكَ فِيْ وَجْهِكَ ، وَالْهُمَزَةُ : اَلَّذِيْ يَعِيْبُكَ بِالغَيْبِ ، وَقِيْلَ : هُمَا شَيْءٌ وَاحِدٌ. ﴿شرح السنة: 13: 138﴾
{Cilaka pikeun tukang ngupat jeung tukang nyawad}, diuningakeun: al lumazah nyaeta jalma anu ngagogoreng anjeun di hareupeun. Al humazah nyaeta jalma anu ngagogoreng anjeun di satukangeun. Sarta diuningakeun: dua sifat eta hakekatna mah hiji. ﴾Syarhu as Sunnah: 13: 138﴿
. . . وَ لاَ تَلْمِزُوْا أَنْفُسَكُمْ . . . ﴿الحجرات: 11﴾
. . . sarta anjeun ulah nyawad diri-diri anjeun . . . ﴾Qs. al Hujurot [49]: 11﴿
. . . وَلاَ يَغْتَبْ بَعْضُكُمْ بَعْضاً . . . ﴿الحجرات: 12﴾
. . . jeung poma sabagian ti antara maraneh ulah ngupat anu sawarehna deui . . . ﴾Qs. al Hujurot [49]: 12﴿
هَمَّازٍ مَشَّاءٍ بِنَمِيمٍ. ﴿القلم: 11﴾
Tukang nyawad, anu ka ditu ka dieu ngupat-ngafitnah. ﴾Qs. al Qolam [68]: 11﴿
الَّذِي جَمَعَ مَالًا وَعَدَّدَهُ (2) يَحْسَبُ أَنَّ مَالَهُ أَخْلَدَهُ (3)
[2] Nyaeta jalma anu numpuk-numpuk jeung ngitung-ngitung harta banda [3] Manehna boga pamadegan yen pakayana bakal ngalanggengkeun hirupna. ﴾Qs. al Humazah [105]: 2-3﴿
زُيِّنَ لِلنَّاسِ حُبُّ الشَّهَوَاتِ مِنَ النِّسَاءِ وَالْبَنِينَ وَالْقَنَاطِيرِ الْمُقَنْطَرَةِ مِنَ الذَّهَبِ وَالْفِضَّةِ وَالْخَيْلِ الْمُسَوَّمَةِ وَالْأَنْعَامِ وَالْحَرْثِ ذَلِكَ مَتَاعُ الْحَيَاةِ الدُّنْيَا وَاللَّهُ عِنْدَهُ حُسْنُ الْمَآبِ.
Geus dipapaeskeun ka sakumna manusa micinta kasenangan napsu ka awewe, anak incu, emas-perak (duit) anu digunduk-gunduk, kuda tunggangan peutingan (kendaraan), ingon-ingon (peternakan) jeung tatanen. Eta teh pangabutuh jeung pangabetah hirup di dunya. Sedengkeun Alloh mah mibanda tempat mulang anu hade taya hinggana. ﴾Qs. Ali Imron [3]: 14﴿
عَنْ أَبِى هُرَيْرَةَ أَنَّ رَسُولَ اللَّهِ -صلى الله عليه وسلم- قَالَ « يَقُولُ الْعَبْدُ مَالِى مَالِى إِنَّمَا لَهُ مِنْ مَالِهِ ثَلاَثٌ مَا أَكَلَ فَأَفْنَى أَوْ لَبِسَ فَأَبْلَى أَوْ أَعْطَى فَاقْتَنَى وَمَا سِوَى ذَلِكَ فَهُوَ ذَاهِبٌ وَتَارِكُهُ لِلنَّاسِ ».
Ti Abi Huroiroh, satemena Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, “Hiji hamba nyarita: Harta kuring! Harta kuring! Taya lian hakekat harta anu dipimilik ku manehna mah ngan tilu rupa: [1]Naon anu geus dihuapkeun kana jero beuteung nepi ka beak, atawa  [2]naon anu geus dipake nepi ka ruksak, atawa [3]naon anu geus dibikeun nepi ka anjeun sugema. Salian anu tilu mah pakaya teh ngan ukur ngaliwat wungkul sarta jadi titinggal keur manusa.” ﴾Shohih Muslim: 8: 211﴿
عَنْ أَنَسٍ قَالَ جَاءَتْ بِى أُمِّى أُمُّ أَنَسٍ إِلَى رَسُولِ اللَّهِ -صلى الله عليه وسلم- وَقَدْ أَزَّرَتْنِى بِنِصْفِ خِمَارِهَا وَرَدَّتْنِى بِنِصْفِهِ فَقَالَتْ يَا رَسُولَ اللَّهِ هَذَا أُنَيْسٌ ابْنِى أَتَيْتُكَ بِهِ يَخْدُمُكَ فَادْعُ اللَّهَ لَهُ. فَقَالَ « اللَّهُمَّ أَكْثِرْ مَالَهُ وَوَلَدَهُ ». قَالَ أَنَسٌ فَوَاللَّهِ إِنَّ مَالِى لَكَثِيرٌ وَإِنَّ وَلَدِى وَوَلَدَ وَلَدِى لَيَتَعَادُّونَ عَلَى نَحْوِ الْمِائَةِ الْيَوْمَ. ﴿صحيح مسلم: 7: 159﴾
Ti Anas, anjeunna sasanggem: Pun biang nepangan Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam, estu harita sabeulah tina kudungna nutupan simkuring -nuju budak alit keneh-, pun biang cumarios: Wahey Rosululloh, ieu pun anak, Anas leutik, maksad ngabantosan (janten khodam) anjeun mangka pamugi anjeun ngadu’a ka Alloh pikeun kahadeanana. Rosululloh ngadu’a, “Ya Alloh, jembarkeun harta bandana sarta rundaykeun palaputrana.” Anas sasanggem: Demi Alloh, satemena harta banda simkuring bener-bener jembar sarta satemena palaputra kalih putu simkuring saperti itungan saratus poe. ﴾Shohih Muslim: 7: 159﴿
لَنْ تَنَالُوا الْبِرَّ حَتَّى تُنْفِقُوا مِمَّا تُحِبُّونَ وَمَا تُنْفِقُوا مِنْ شَيْءٍ فَإِنَّ اللَّهَ بِهِ عَلِيمٌ ﴿آل عمران: 92﴾
Maraneh moal meunang kahadean kajaba lamun maraneh ngadermakeun sabagian tina saniskara anu dipikanyaah ku maraneh; jeung saniskara anu didermakeun ku maraneh teh, Alloh uningaeun. ﴾Qs. Ali Imron [3]: 92﴿
عَنِ الْحَسَنِ : {يَوْمَئِذٍ يَتَذَكَّرُ الإِنْسَاْن وَأَنَّى لَهُ الذِّكْرَى يَقُولُ يَا لَيْتَنِي قَدَّمْت لِحَيَاتِي} قَالَ : عُلِمَ وَاللهِ، أَنَّهُ صَادِفٌ هُنَاكَ حَيَاةٌ طَوِيلَةٌ لاَ مَوْتَ فِيهَا آخر مَا عَلَيْهِ.
Ti Al Hasan, dawuhan Alloh: {[23] jeung dijagragkeun dina eta poe naraka jahannam. Dina eta poe pisan manusa kakara eling, padahal taya gunana eling dina eta poe. [24] Maranehanana nyarita: “Duh Gusti hayang teuing lamun seug kuring baheula bebekelan keur hirup ayeuna} saur Al Hasan: Demi Alloh, baris diuninga. Satemena jalma (anu asup naraka) ngabenerkeun kahirupan anu lana eta anu di dinya teu aya maot anu jadi akhir tina siksa manehna. ﴾Mushonnaf Ibnu Abi Syaibah: 13: 522﴿
أَنَّ عَذَابَ الدُّنْيَا أَهْوَنُ مِنْ عَذَابِ الآخِرَةِ. صحيح مسلم: 4: 206.
“Satemena siksa dunya teh pangentengna tina siksa akherat.” Hr. Muslim: 4: 206/ al Maktabah.
Wallohu A’lam bish-showab.
قَالَ مُحَمَّدٌ : قَالَ اللهُ تَبَارَكَ وَتَعَالَى : ( نَارُ اللهِ الْمُوقَدَةُ ( 6 ) الَّتِي تَطَّلِعُ عَلَى الأَفْئِدَةِ ( 7 ) ) [ الهمزة : 6 ، 7 ] ؛ قَالَ : تَأْكُلُهُ النَّارُ حَتَّى تَبْلُغَ فُؤَادَهُ وَهُوَ حَيٌّ . ﴿المجالسة و جواهر العلم: 2: 269﴾

Wallohu A’lam bish-showab.

Wahai Jiwa yang Tentram!

Wahey jiwa anu tengtrem
Hanafi Anshory
يَقُولُ يَا لَيْتَنِي قَدَّمْتُ لِحَيَاتِي(24) فَيَوْمَئِذٍ لَا يُعَذِّبُ عَذَابَهُ أَحَدٌ(25) وَلَا يُوثِقُ وَثَاقَهُ أَحَدٌ(26)
[24] Maranehanana nyarita: “Duh Gusti hayang teuing lamun seug kuring baheula bebekelan keur hirup ayeuna [25] Dina eta poe teu aya anu bisa nyiksa cara siksaan Mantenna [26] Sarta moal aya anu ngaborogod cara pangborogod Mantenna. ﴾Qs.89: 24-26﴿
عَنِ الْحَسَنِ : {يَوْمَئِذٍ يَتَذَكَّرُ الإِنْسَاْن وَأَنَّى لَهُ الذِّكْرَى يَقُولُ يَا لَيْتَنِي قَدَّمْت لِحَيَاتِي} قَالَ : عُلِمَ وَاللهِ، أَنَّهُ صَادِفٌ هُنَاكَ حَيَاةٌ طَوِيلَةٌ لاَ مَوْتَ فِيهَا آخر مَا عَلَيْهِ.
Ti Al Hasan, dawuhan Alloh: {[23] jeung dijagragkeun dina eta poe naraka jahannam. Dina eta poe pisan manusa kakara eling, padahal taya gunana eling dina eta poe. [24] Maranehanana nyarita: “Duh Gusti hayang teuing lamun seug kuring baheula bebekelan keur hirup ayeuna} saur Al Hasan: Demi Alloh, baris diuninga. Satemena jalma (anu asup naraka) ngabenerkeun kahirupan anu lana eta anu di dinya teu aya maot anu jadi akhir tina siksa manehna. ﴾Mushonnaf Ibnu Abi Syaibah: 13: 522﴿
عَنْ عَبْدِ اللَّهِ بْنِ عَمْرٍو ، عَنِ النَّبِيِّ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ ، قَالَ : دَخَلْتُ الْجَنَّةَ فَإِذَا أَكْثَرُ أَهْلِهَا الْفُقَرَاءُ ، وَاطَّلَعْتُ فِي النَّارِ فَإِذَا أَكْثَرُ أَهْلِهَا النِّسَاءُ ، وَرَأَيْتُ فِيهَا ثَلاَثَةً يُعَذَّبُونَ : امْرَأَةً مِنْ حِمْيَرَ طُوَالَةً رَبَطَتْ هِرَّةً لَهَا لَمْ تُطْعِمْهَا ، وَلَمْ تَسْقِهَا ، وَلَمْ تَدَعْهَا تَأْكُلُ مِنْ خَشَاشِ الأَرْضِ ، فَهِيَ تَنْهَشُ قُبُلَهَا وَدُبُرَهَا وَرَأَيْتُ فِيهَا أَخَا بَنِي دَعْدَعٍ الَّذِي كَانَ يَسْرِقُ الْحَاجَّ بِمِحْجَنِهِ فَإِذَا فُطِنَ لَهُ ، قَالَ : إِنَّمَا تَعَلَّقَ بِمِحْجَنِي ، وَالَّذِي سَرَقَ بَدَنَتَيْ رَسُولِ اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ. ﴿صحيح ابن حبان: 16: 534﴾
Ti Abdillah bin ‘Amr, ti Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam anjeunna ngandika, “Simkuring lebet ka syurga, ahli-na anu pangseueurna nyaeta jalma faqir. Sarta simkuring ninggali ka naraka, ahli-na anu pangseueurna nyaeta istri, simkuring ninggali dina eta naraka tilu jalma anu disiksa: [1]Istri ti Himyar nyangcang ucing dina tangkal bari henteu dibere dahar, henteu dibere nginum, oge henteu dikencarkeun sangkan bisa ngadahar tina tutuwuhan, mangka (istri eta) manehna ngegel rarangan jeung imbitna. Sarta simkuring ninggali dina eta naraka [2]dulur ti Bani Da’da pinter anu maok anu ibadah hajji ku iteukna anu ngeluk, manehna cumarios: ‘Taya lian ngait kana iteuk kuring’. Sarta [3]jalma nu maok dua sapi kagungan Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam.” ﴾Ibnu Hibban﴿
أَنَّ عَذَابَ الدُّنْيَا أَهْوَنُ مِنْ عَذَابِ الآخِرَةِ. صحيح مسلم: 4: 206.
“Satemena siksa dunya teh pangentengna tina siksa akherat.” Hr. Muslim: 4: 206/ al Maktabah.
يَا أَيَّتُهَا النَّفْسُ الْمُطْمَئِنَّةُ (27) ارْجِعِي إِلَى رَبِّكِ رَاضِيَةً مَرْضِيَّةً (28) فَادْخُلِي فِي عِبَادِي (29) وَادْخُلِي جَنَّتِي (30)
[27] Wahey jiwa anu tengtrem [28] Baeu geura mulang ka Pangeran anjeun kalayan ridlo jeung dipikaridlo [29] Prak geura abus bareng jeung hamba-hamba Kami [30] jeung baeu, geura abus ka syurga Kami. ﴾Qs. al Fajr [89]: 27-30﴿
قَالَ الْحَسَنُ [يَا أَيَّتُهَا النَّفْسُ الْمُطْمَئِنَّةُ] إِذَا أَرَادَ اللهُ عَزَّ وَجَلَّ قَبْضَهَا اطْمَأَنَّتْ إِلَى اللهِ وَاطْمَأَنَّ اللهُ إِلَيْهَا وَرَضِيَتْ عَنِ اللهِ وَرَضِيَ اللهُ عَنْهَا فَأَمَرَ بِقَبْضِ رُوحِهَا وَأَدْخَلَهَا اللهُ الْجَنَّةَ وَجَعَلَهُ مِنْ عِبَادِهِ الصَّالِحِينَ.
Al Hasan sasanggem, dawuhan Alloh [Wahey jiwa anu tengtrem] nyaeta pama seug Alloh ngapimaksad nyabutna, dijadikeun tengtrem ka Alloh sarta Alloh oge tengtrem ka manehna. Eta jiwa anu tengtrem ridlo tina katetepan Alloh sarta Alloh oge ridlo ka manehna mangka diparentahkeun sangkan nyabut ruh-na tuluy ruh-na eta ku Alloh diasupkeun ka syurga sarta digolongkeun diantara jalma-jalma anu sholeh. ﴾Qs. An Naba [79]: 38﴿
عَنْ أَبِي هُرَيْرَةَ، أَنّ رَسُولَ اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ، قَالَ:"إِنَّ الْمُؤْمِنَ إِذَا حُضِرَ، أَتَتْهُ الْمَلائِكَةُ بِحَرِيرَةٍ مِنْ مِسْكٍ، وَمِنْ ضَبَائِرَ الرَّيْحَانِ، وتُسَلُّ رُوحُهُ كَمَا تُسَلُ الشَّعَرَةُ مِنَ الْعَجِينِ، وَيُقَالُ: يَا أَيَّتُهَا النَّفْسُ الْمُطْمَئِنَّةُ، اخْرُجِي رَاضِيَةً مَرْضِيَّةً، مَرْضِيًّا عَنْكِ، وطُوِيَتْ عَلَيْهِ الْحَرِيرَةُ، ثُمَّ يَبْعَثُ بِهَا إِلَى عِلِّيِّينَ، وَإِنَّ الْكَافِرَ إِذَا حُضِرَ، أَتَتِ الْمَلائِكَةُ بِمِسْحٍ فِيهَا جَمْرَةٌ، فَتُنْزَعُ رُوحُهُ انْتِزَاعًا شَدِيدًا، وَيُقَالُ: أَيَّتُهَا النَّفْسُ الْخَبِيثَةُ، اخْرُجِي سَاخِطَةً مَسْخُوطًا عَلَيْكِ إِلَى هَوَانٍ وَعَذَابٍ، وَإِذَا خَرَجَتْ رُوحُهُ، وَوُضِعَتْ عَلَى تِلْكَ الْجَمْرَةِ، فَإِنَّ لَهَا نَشِيشًا، فَيُطْوَى عَلَيْهَا الْمَسْحُ، وَيُذْهَبُ بِهَا إِلَى سِجِّينٍ".
Ti Abi Huroiroh rodiyallohu ‘anhu, sayaktosna Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, “Satemena jalma mu’min nalika disumpingkeun ajalna, nyumpingan ka anjeunna malaikat  bari nyandak lir kaen sutra anu seungit kesturi sarta diseungitan oge tina tutuwuhan anu sareungit. Dicabut ruh-na sakumaha dicabutna buuk tina adonan tipung, dicalukan eta ruh: ‘Wahey jiwa anu tengtrem, baeu geura mulang anjeun kalayan ridlo jeung dipikaridlo, Alloh mokaridlo ka anjeun’. Dirungkupan eta ruh ku lir kaen sutra lajeng ngirimkeunana ka ‘Illiyyin. Sarta satemena jalma kafir nalika disumpingkeun ajalna, nyumpingan ka anjeunna malaikat bari nyandak lir kaen anu aya ruhak seuneuan, mangka ruh-na didudut ku pangdudut anu kacida tarikna, dicalukan eta ruh: ‘Wahey jiwa anu jahat, baeu geura mulang anjeun ka Anu Maha Murka murka ka anjeun baris ngahinakeun sarta nyiksa,’ sarta nalika ruh-na kaluar lajeng disimpen dina luhureun ruhak seuneu bari diaping, lajeng dibuntelkeun ka manehna kaen anu aya ruhak seuneuan lajeng diinditkeun ka Sijjin.” ﴾Mu’jam al Kabir Ath Thobroni: 19: 134﴿
عَنْ سَعِيدٍ بن جُبَيْرٍ، فِي قَوْلِهِ تَعَالَى {كَلَّا إِنَّ كِتَابَ الْفُجَّارِ لَفِي سِجِّينٍ} [المطففين: 7] قَالَ: «تَحْتَ خَدِّ إِبْلِيسَ». ﴿حلية الأولياء و طبقات الأصفياء: 4: 288﴾
Ti Sa’id bin Jubair, ngeunaan dawuhan Alloh Ta’ala, {Kahade ulah kitu! Satemena catetan amal jalma jahat aya dina sijjin} [Qs. al Muthoffifin: 7], saur Sa’id: “handapeun liang iblis.” ﴾Hilyatul Auliya wa Thobaqotul Ashfiya﴿
قال صلى الله عليه وسلم: إِنَّ الرُّوحَ إِذَا قُبِضَ تَبِعَه الْبَصَرُ. مسلم عن أم مسلمة "أحكام الجنائز" "ص25".
Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, “Satemena ruh nalika dicabut, panempo baris nuturkeunana.” Hr. Muslim ti Ummu Salamah. ﴾Syarah Ath Thohawiyah: 1: 393﴿
عَنْ أَبِيْ أُمَامَةَ، أَنّ النَّبِيَّ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمْ، قَالَ لِرَجُلٍ:"اللَّهُمَّ إِنِّي أَسْأَلُكَ نَفْسًا بِكَ مُطْمَئِنَّةً، تُؤْمِنُ بِلِقَائِكَ، وَتَرْضَى بِقَضَائِكَ، وَتَقْنَعُ بِعَطَائِكَ". ﴿معجم الكبير للطبراني: 7: 150﴾
Ti Abi Umamah, satemena Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam ngajarkeun du’a ka salah saurang sahabat, “Ya Alloh, satemena abdi neda ka Gusti mibanda hate anu tumaninah: Reugreug nalika ibadah ka Gusti, ridlo kana papasten Gusti sareng ngarasa sugema kana karunia Gusti.” ﴾Mu’jam Kabir Ath Thobroni﴿

SADAR YANG TIDAK ADA GUNANYA

Éling nu taya gunana
Hanafi Anshory
كَلَّا إِذَا دُكَّتِ الْأَرْضُ دَكًّا دَكًّا (21) وَجَاءَ رَبُّكَ وَالْمَلَكُ صَفًّا صَفًّا (22) وَجِيءَ يَوْمَئِذٍ بِجَهَنَّمَ يَوْمَئِذٍ يَتَذَكَّرُ الْإِنْسَانُ وَأَنَّى لَهُ الذِّكْرَى (23)
[21] Poma ulah kitu! Nalika bumi digenjlongkeun sagenjlong-genjlongna [22] jeung datang Pangeran anjeun sedengkeun para Malaikat ngajajar baris [23] jeung dijagragkeun dina eta poe naraka jahannam. Dina eta poe pisan manusa kakara eling, padahal taya gunana eling dina eta poe. ﴾Qs. al Fajr [89]: 21-23﴿
وَحُمِلَتِ الأرْضُ وَالْجِبَالُ فَدُكَّتَا دَكَّةً وَاحِدَةً. [سورة الحاقة: 14]
Jeung bumi katut gunung-gunung diangkat tuluy dibeubeutkeun sakaligus. ﴾Qs. al Haqqah [69]: 14﴿
يَوْمَ يَقُومُ الرُّوحُ وَالْمَلَائِكَةُ صَفًّا لَا يَتَكَلَّمُونَ إِلَّا مَنْ أَذِنَ لَهُ الرَّحْمَنُ وَقَالَ صَوَابًا.
Dina poean roh (Jibril) jeung malaikat ngadeg ngabaris, taya nu wasa unjukan salian anu dipaparin widi ku Pangeran Nu Maha Murah, jeung nu ngomongna bener. ﴾Qs. an Naba [79]: 38﴿
عَنْ عَبْدِاللهِ بْنِ مَسْعُوْدٍ قَالَ : قَالَ رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ : "يُؤْتِىْ بِجَهَنَّمَ ، لَهَا سَبْعُوْنَ أَلْفُ زِمَامٍ ، مَعَ كُلُّ زِمَامٍ سَبْعُوْنَ أَلْفُ مَلَكٍ يَجُرُّوْنَهَا" . ﴿صحيح مسلم﴾
Ti Abdulloh bin Mas’ud anjeunna sasanggem, Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, “Naraka jahannam dijagragkeun, ngabogaan tujuh puluh rebu cangreudan, dina unggal cangreudan aya tujuh puluh rebu malaikat anu metot (nyekelan)na.” ﴾Shohih Muslim﴿
وَفِي صَحِيحِ مُسْلِمٍ عَنْ أَبِي هُرَيْرَةَ قَالَ قَالَ رَسُولُ اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ: (ثَلَاثٌ إِذَا خَرَجْنَ لَا يَنْفَعُ نَفْسًا إِيمَانُهَا لَمْ تَكُنْ آمَنَتْ مِنْ قَبْلُ أَوْ كَسَبَتْ فِي إِيمَانِهَا خَيْرًا: طُلُوعُ الشَّمْسِ مِنْ مَغْرِبِهَا وَالدَّجَّالُ وَدَابَّةُ الْأَرْضِ. ﴿تفسير القرطبي: 7: 145﴾
Sarta dina shohih Muslim, ti Abu Huroiroh anjeunna sasanggem, Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, “Tilu perkara pama seug geus bijil mangka moal mangpaat pikeun hiji diri kaimananana anu henteu iman saacan kajadian eta (Qiyamat) atawa manehna anu acan ngusahakeun kahadean nalika imanna: [1]panon poe bijil ti belah kulon, [2]bijilna Dajjal, sarta [3]bijilna hiji sato anu ngarayap.” ﴾Tafsir Al Qurthubiy: 7: 145﴿
وَهُمْ يَصْطَرِخُونَ فِيهَا رَبَّنَا أَخْرِجْنَا نَعْمَلْ صَالِحًا غَيْرَ الَّذِي كُنَّا نَعْمَلُ أَوَلَمْ نُعَمِّرْكُمْ مَا يَتَذَكَّرُ فِيهِ مَنْ تَذَكَّرَ وَجَاءَكُمُ النَّذِيرُ فَذُوقُوا فَمَا لِلظَّالِمِينَ مِنْ نَصِيرٍ (37) فاطر
Jeung maranehna ting koceak di dinyana: “Nun Gusti Pangeran abdi sadaya! Mugi Gusti ngaluarkeun abdi sadaya supados abdi sadaya tiasa ngalampahkeun amal sholeh anu benten ti amal-amal anu kantos ku abdi sadaya dilampahkeun.” Padahal naha lain Kami teh geus maparin umur ka maraneh hiji mangsa anu cukup geusan inget ka dinya pikeun jalma-jalma anu aringet, jeung geus datang ka maraneh nu ngawawadian? Ku kituna pek geura rasakeun ku maraneh! Jeung moal aya anu nulungan saurang oge ku nu darolim teh. ﴾Qs. Fathir [35]: 37﴿

Wallohu A’lam bish-showab.

BERINFAQLAH WALAU DENGAN KUKU YANG DIBAKAR

“Sok sanajan ku kuku anu meunang ngaduruk”
Hanafi Anshory
كَلَّا بَلْ لَا تُكْرِمُونَ الْيَتِيمَ (17) وَلَا تَحَاضُّونَ عَلَى طَعَامِ الْمِسْكِينِ (18) وَتَأْكُلُونَ التُّرَاثَ أَكْلًا لَمًّا (19)  وَتُحِبُّونَ الْمَالَ حُبًّا جَمًّا (20)
[17] Sama sakali lain kitu! Malahan maraneh anu teu daek ngamumule budak yatim [18] Jeung maraneh teu malire kana kahirupan jalma miskin [19] jeung maraneh ngadalahar harta warisan kalawan sarakah. [20] jeung maraneh kadedemes mikacinta kana pakaya. ﴾Qs. al Fajr [89]: 17-20﴿
عَنْ أَبِي هُرَيْرَةَ ، عَنِ النَّبِيِّ صلى الله عليه وسلم قَالَ : اجْتَنِبُوا السَّبْعَ الْمُوبِقَاتِ قَالُوا : يَا رَسُولَ اللهِ وَمَا هُنَّ قَالَ الشِّرْكُ بِاللَّهِ وَالسِّحْرُ وَقَتْلُ النَّفْسِ الَّتِي حَرَّمَ اللَّهُ إِلاَّ بِالْحَقِّ وَأَكْلُ الرِّبَا وَأَكْلُ مَالِ الْيَتِيمِ وَالتَّوَلِّي يَوْمَ الزَّحْفِ وَقَذْفُ الْمُحْصَنَاتِ الْمُؤْمِنَاتِ الْغَافِلاَتِ. ﴿صحيح االبخاري و مسلم﴾
Ti Ai Huroiroh, ti Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam, anjeunna ngandika, “Tebihan ku anjeun tujuh perkara anu di lanakeun (siksaanana)” sahabat tumaros: Perkara naon bae eta teh wahey Rosululloh?. Anjeunna ngadika, “[1]Syirik ka Alloh, [2]sihir, [3]mateni manusa anu diharamkeun ku Alloh kajaba ku jalan anu haq, [4]nuang harta riba, [5]nuang harta budak yatim, [6]nyogok dina mangsa nyedek, [7]nuduh zina ka mu’minat anu kapiara dirina.”
عَنْ أَبِيْ هُرَيْرَةَ ، رَضِيَ اللَّهُ عَنْهُ ، عَنِ النَّبِيِّ صلى الله عليه وسلم قَالَ : لَيْسَ الْمِسْكِينُ الَّذِي تَرُدُّهُ الأُكْلَةُ وَالأُكْلَتَانِ وَلَكِنِ الْمِسْكِينُ الَّذِي لَيْسَ لَهُ غِنًى وَيَسْتَحْيِي ، أَوْ لاَ يَسْأَلُ النَّاسَ إِلْحَافًا
Ti Abi Huroiroh rodiyallohu ‘anhu, ti Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam, anjeunna ngandika, “Jalma miskin teh lain anu anjeun maparin ka manehna hiji atawa dua tuangeun tapi jalma miskin teh anu teu boga rasa cukup sarta teu boga kaera, atawa (jalma miskin teh nyaeta) anu henteu punta-penta ka manusa bari maksa.”﴾Shohih Bukhori﴿
عَنِ الحَارِثِي عَنْ جَدَّتِهِ أَنَّ رَسُوْلَ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ قَالَ :رُدُّوْا الْمِسْكِيْنَ وَلَوْ بِظِلْفٍ مُحْرِقٍ.
Ti Al Haritsi ti ninina, satemena Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, “Paparin ku aranjeun jalma-jalma miskin sok sanajan ku kuku anu meunang ngaduruk.” ﴾al Muwaththo: 2: 923﴿
لَيْسَ الْبِرَّ أَنْ تُوَلُّوا وُجُوهَكُمْ قِبَلَ الْمَشْرِقِ وَالْمَغْرِبِ وَلَكِنَّ الْبِرَّ مَنْ آمَنَ بِاللَّهِ وَالْيَوْمِ الآخِرِ وَالْمَلاَئِكَةِ وَالْكِتَابِ وَالنَّبِيِّينَ وَآتَى الْمَالَ عَلَى حُبِّهِ ذَوِي الْقُرْبَى وَالْيَتَامَى وَالْمَسَاكِينَ وَابْنَ السَّبِيلِ وَالسَّائِلِينَ وَفِي الرِّقَابِ وَأَقَامَ الصَّلاَةَ وَآتَى الزَّكَاةَ وَالْمُوفُونَ بِعَهْدِهِمْ إِذَا عَاهَدُوا وَالصَّابِرِينَ فِي الْبَأْسَاءِ وَالضَّرَّاءِ وَحِينَ الْبَأْسِ أُولَئِكَ الَّذِينَ صَدَقُوا وَأُولَئِكَ هُمُ الْمُتَّقُونَ.
Ari kahadean teh lain pedah maraneh nyanghareupkeun beungeut ka wetan atawa ka kulon, tapi ngaran kahadean mah nyaeta iman ka Alloh, kana poe akhir, ka malaikat, kana kitab jeung ka Nabi-nabi. Jeung ngadermakeun hartana anu dipicinta ka kulawarga anu dareukeut, ka barudak yatim, ka jalma-jalma miskin, ka nu nyaba beakeun bekel, ka nu jajalukjeung ka abid-abid anu narebus dirina. Jeung nu ngaradegkeun sholat, anu nyarumponan zakat, anu narohonan jangjina mun seug maranehna jangji; jeung salabar dina mangsa kokoro nyoso, dina mangsa lara balangsak, jeung dina mangsa peperangan. Nya maranehna jalma-jalma anu balener, jeung nay maranehna jalma-jalma anu taqwa. ﴾Qs. Al Baqoroh [2]: 177﴿                               Wallohu A’lam bish-showab.

SOMBONG DENGAN KEKAYAAN TIDAK AKAN MENYELAMATKAN

Jugala ku pakaya moal matak walakaya nyanghareupan adzab Alloh Ta’ala
Hanafi Anshory
أَلَمْ تَرَ كَيْفَ فَعَلَ رَبُّكَ بِأَصْحَابِ الْفِيلِ (1) ﴿الفيل (105)﴾
[1] Naha anjeun teu nitenan, kumaha Pangeran anjeun nindak pasukan gajah?.
لِإِيلَافِ قُرَيْشٍ (1) إِيلَافِهِمْ رِحْلَةَ الشِّتَاءِ وَالصَّيْفِ (2) فَلْيَعْبُدُوا رَبَّ هَذَا الْبَيْتِ (3) الَّذِي أَطْعَمَهُمْ مِنْ جُوعٍ وَآمَنَهُمْ مِنْ خَوْفٍ (4) ﴿المستدرك: 2: 536﴾
[1] Lantaran kabiasaan bangsa Quraisy [2] Nyaeta maranehanana biasa nyanyabaan usum ngijih jeung usum halodo [3] Prak maraneh teh geura aribadah ka Pangeran nu mibanda ieu Ka’bah. [4] Anu maparin dahareun ka maranehanana keur ngaleungitkeun lapar tur ngariksa maranehanana tina kasieun. ﴾Qs. Quraisy [106]: 1-4﴿
أَلَمْ يَجْعَلْ كَيْدَهُمْ فِي تَضْلِيلٍ (2)
[2] Naha tipu daya maranehna lain geus digagalkeun ku Mantena?. ﴾Qs. al Fiil [105]: 2﴿
وَ مَا لَهُمْ أَلاَّ يًعَذِّبَهُمُ اللهُ وَهُمْ يَصُدُّونَ عَنِ الْمَسْجِدِ الْحَرَامِ وَمَا كَانُوا أَوْلِيَاءَهُ إِنْ أَوْلِيَاؤُهُ إِلَّا الْمُتَّقُونَ وَلَكِنَّ أَكْثَرَهُمْ لا يَعْلَمُونَ} [الأنفال: 34]
Naha Alloh henteu ngaadzab maranehna padahal maranehna ngahalangan jalma pikeun (nyumpingan) Masjidil Harom, sarta maranehna lain jalma-jalma anu hak pikeun ngawasana? Jalma-jalma anu hak pikeun ngawasana mung wungkul jalma-jalma anu taqwa. Tapi kalolobaan ti maranehna henteu nyaraho. ﴾Qs. al Anfal [8]: 34﴿
عَنِ النَّبِيِّ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ : مَنْ قَرَأَ سُوْرَةَ الفِيْلِ أَعْفَاهُ اللهُ تَعَالَى أَيَّامُ حَيَاتِهِ مِنَ الخَسْفِ وَالْمَسْخِ. ﴿تفسير أبي سعود: 7: 59﴾
Ti Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam, “Saha wae anu maos surat al Fiil, Alloh Ta’ala baris ngahapunten kahirupanana tina kakirangan (aib) kalih kaawonan.” ﴾Tafsir Abi Su’ud: 7: 59﴿
Hadits di luhur kirang jentre sahabat kalih mukhorrij anu ngariwayatkeunana, oge henteu jentre shohih, hasan atanapi dloif-na eta hadits mangka langkung sae dikantunkeun eta hadits.
وَمَا كَيْدُ الْكَـافِرِينَ إِلا فِى ضَلَـالٍ.
. . . Sarta henteu aya tipu daya jalma-jalma kafir anging dina kasasaran. ﴾Qs. Ghofir [40]: 25﴿
وَأَرْسَلَ عَلَيْهِمْ طَيْرًا أَبَابِيلَ (3) تَرْمِيهِمْ بِحِجَارَةٍ مِنْ سِجِّيلٍ (4) فَجَعَلَهُمْ كَعَصْفٍ مَأْكُولٍ (5)
[3] Jeung Mantena ngeprakkeun manuk abrul-abrulan keur ngabinasakeun maranehana [4] nu ngabaledogan maranehanana ku batu-batu tina sijjil [5] Maka Mantena ngajadikeun maranehanana ancur lir daun dihakan hileud. ﴾Qs. al Fiil [105]: 3-5﴿
وَ أَخْرَجَ أَبُوْ نُعَيْمِ وَ البَيْهَقِيُّ عَنِ ابْنِ عَبَّاسٍ قَالَ: وَلَدَ النَّبِيُّ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ عَامَ الفِيْلِ.
Sarta Abu Nu’aim kalih Al Baihaqi ngariwayatkeun ti Ibnu ‘Abbas, anjeunna sasanggem, “Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam dibabarkeun dina taun gajah.” ﴾Fathul Qodir: 5: 668﴿
Wallohu A’lam bish-showab.