Jelema doraka nu bakal beungeutna maleukmeuk di akherat
Hanafi Anshory
وَالْفَجْرِ(1) وَلَيَالٍ عَشْرٍ(2) وَالشَّفْعِ وَالْوَتْرِ(3) وَاللَّيْلِ إِذَا يَسْرِ(4) هَلْ فِي ذَلِكَ قَسَمٌ لِذِي حِجْرٍ(5)
[1] Demi waktu balebat [2] Demi peuting anu sapuluh [3] Demi anu jangkep jeung anu ganjil [4] Demi peuting nalika liwat janari [5] Naha dina eta kajadian teh aya sumpah pikeun jalma anu boga akal? ﴾Qs. al Fajr [89]: 1-5﴿
عَنْ جَابِرٍ، قَالَ: صَلَّى مُعَاذٌ صَلاَةً، فَجَاءَ رَجُلٌ فَصَلَّى مَعَهُ فَطَوَّلَ، فَصَلَّى فِي نَاحِيَةِ الْمَسْجِدِ ثُمَّ انْصَرَفَ، فَبَلَغَ ذَلِكَ مُعَاذًا، فَقَالَ: مُنَافِقٌ، فَذُكِرَ ذَلِكَ لِرَسُولِ اللهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ، فَسَأَلَ الْفَتَى، فَقَالَ: يَا رَسُولَ اللهِ، جِئْتُ أُصَلِّي مَعَهُ فَطَوَّلَ عَلَيَّ، فَانْصَرَفْتُ وَصَلَّيْتُ فِي نَاحِيَةِ الْمَسْجِدِ، فَعَلَفْتُ نَاضِحِي، فَقَالَ رَسُولُ اللهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ لِمُعَاذٍ: أَفَتَّانًا يَا مُعَاذُ، فَأَيْنَ أَنْتَ مِنْ {سَبِّحِ اسْمَ رَبِّكَ الأَعْلَى}، {وَالشَّمْسِ وَضُحَاهَا}، {وَالْفَجْرِ}، {وَاللَّيْلِ إِذَا يَغْشَى}؟.﴿سنن الكبرى﴾
Ti Jabir, anjeuna sasanggem: Mu’adz (ngimaman) sholat, lajeng hiji jalma ngiring sholat, Mu’adz manjangkeun sholatna, mangka eta jalma sholat misah dina teras masjid lajeng mulang. Kajantenan eta dugi wartosna ka Mu’adz, anjeuna sasanggem: Munafiq (eta jalma nu misah tina sholat berjama’ah)!. Lajeng eta perkara didugikeun ka Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam, mangka eta jalma pamuda mariksa, “Wahey Rosululloh, simkuring sholat marengan anjeuna lajeng sholatna dipanjangkeun pikeun simkuring, mangka simkuring sholat misah dina teras masjid, simkuring mertahankeun (pamendak ieu). Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika ka Mu’adz, “Wahey Mu’adz, naha anjeun maksad midamel fitnah, naha anjeun henteu maos Sabbihisma Robbikal a’laa, Wasysyamsi wadluhaahaa, Wal Fajr, Wal laili idzaa yaghsyaa.” ﴾Sunan al Kubro An Nasai: 10: 332﴿
أَلَمْ تَرَ كَيْفَ فَعَلَ رَبُّكَ بِعَادٍ (6) إِرَمَ ذَاتِ الْعِمَادِ (7) الَّتِي لَمْ يُخْلَقْ مِثْلُهَا فِي الْبِلَادِ (8)
[6] Naha anjeun teu nitenan kumaha Pangeran anjeun nindak kaum ‘Ad [7] Pangeusi nagri Irom nu mibanda wangunan-wangunan luhur [8] Anu can aya tandinganana di saantero nagri. ﴾Qs. al Fajr [89]: 6-8﴿
فَأَمَّا عَادٌ فَاسْتَكْبَرُوا فِي الْأَرْضِ بِغَيْرِ الْحَقِّ وَقَالُوا مَنْ أَشَدُّ مِنَّا قُوَّةً أَوَلَمْ يَرَوْا أَنَّ اللَّهَ الَّذِي خَلَقَهُمْ هُوَ أَشَدُّ مِنْهُمْ قُوَّةً وَكَانُوا بِآيَاتِنَا يَجْحَدُونَ (15)
Anapon kaum ‘Ad maranehanana nyombongkeun diri di bumi padahal teu pantes pikeun sombong bari pok nyarita, “Saha deui anu leuwih kuat batan kami. Naha maraneh teu saladar yen Alloh anu geus nyiptakeun maranehanana, Mantena Alloh anu leuwih kuat batan maranehanana. Sarta kabuktian maranehanana ingkar kana tanda-tanda (kakawasaan) Kami.” ﴾Qs. Fushilat [41]: 15﴿
وَثَمُودَ الَّذِينَ جَابُوا الصَّخْرَ بِالْوَادِ (9) وَفِرْعَوْنَ ذِي الْأَوْتَادِ (10) الَّذِينَ طَغَوْا فِي الْبِلَادِ (11) فَأَكْثَرُوا فِيهَا الْفَسَادَ (12) فَصَبَّ عَلَيْهِمْ رَبُّكَ سَوْطَ عَذَابٍ (13) إِنَّ رَبَّكَ لَبِالْمِرْصَادِ (14)
[9] Jeung kaum Tsamud anu nalugar cadas di lengkob [10] jeung Fir’aun anu boga paseuk-paseuk [11] anu kumawasa sawenang-wenang di nagara [12] nu ngakibatkeun lobana karuksakan di eta nagara [13] Maka Pangeran anjeun nibankeun siksa anu pohara nyerina ka maranehanana [14] Satemena Pangeran anjeun tetep nalingakeun. ﴾Qs. al Fajr [89]: 9-14﴿
كَذَّبَتْ ثَمُودُ وَعَادٌ بِالْقَارِعَةِ (4) فَأَمَّا ثَمُودُ فَأُهْلِكُوا بِالطَّاغِيَةِ (5) وَأَمَّا عَادٌ فَأُهْلِكُوا بِرِيحٍ صَرْصَرٍ عَاتِيَةٍ (6) سَخَّرَهَا عَلَيْهِمْ سَبْعَ لَيَالٍ وَثَمَانِيَةَ أَيَّامٍ حُسُومًا فَتَرَى الْقَوْمَ فِيهَا صَرْعَى كَأَنَّهُمْ أَعْجَازُ نَخْلٍ خَاوِيَةٍ (7) فَهَلْ تَرَى لَهُمْ مِنْ بَاقِيَةٍ (8) وَجَاءَ فِرْعَوْنُ وَمَنْ قَبْلَهُ وَالْمُؤْتَفِكَاتُ بِالْخَاطِئَةِ (9) فَعَصَوْا رَسُولَ رَبِّهِمْ فَأَخَذَهُمْ أَخْذَةً رَابِيَةً (10) ﴿الحاقّة﴾
Ibadah angin-anginan, mopohokeun kahirupan akherat
Hanafi Anshory
فَأَمَّا الْإِنْسَانُ إِذَا مَا ابْتَلَاهُ رَبُّهُ فَأَكْرَمَهُ وَنَعَّمَهُ فَيَقُولُ رَبِّي أَكْرَمَنِ (15) وَأَمَّا إِذَا مَا ابْتَلَاهُ فَقَدَرَ عَلَيْهِ رِزْقَهُ فَيَقُولُ رَبِّي أَهَانَنِ (16)
[15] Mungguhing manusa, lamun dipaparin cocoba ku Pangeranna ku kamulyaan jeung kani’matan, manehna nyarita: “Pangeran kuring geus maparin kamulyaan ka kuring” [16] Jeung lamun Mantena maparin cocoba ka manehna ku jalan nyengker rejekina, manehna nyarita: “Pangeran kuring geus nyangsarakeun ka kuring.” ﴾Qs. al Fajr: 15-16﴿
أَيَحْسَبُونَ أَنَّمَا نُمِدُّهُمْ بِهِ مِنْ مَالٍ وَبَنِينَ نُسَارِعُ لَهُمْ فِي الْخَيْرَاتِ بَل لا يَشْعُرُونَ. ﴿المؤمنون:55، 56﴾
Naha maranehna boga pamadegan yen Kami maparin karunia nu mangrupa harta jeung turunan ngandung harti yen Kami bakal ngagancangkeun kana kahadean? Lain! Tapi maranehanana teu boga rasa jeung teu ngarti. ﴾Qs. al Mu’minun [23]: 55-56﴿
عَنْ أَبِي هُرَيْرَةَ ، عَنِ النَّبِيِّ صلى الله عليه وسلم قَالَ : لَيْسَ الْغِنَى عَنْ كَثْرَةِ الْعَرَضِ وَلَكِنَّ الْغِنَى غِنَى النَّفْسِ. ﴿صحيح البخاري﴾
Ti Abu Huroiroh, ti Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam, anjeuna ngandika, “Jalma beunghar teh lain jalma anu loba harta banda, tapi jalma beunghar teh jalma anu beunghar hate.” ﴾Shohih Al Bukhori﴿
يَعْلَمُونَ ظاهِراً مِنَ الْحَياةِ الدُّنْيا وَهُمْ عَنِ الْآخِرَةِ هُمْ غافِلُونَ ﴿الروم : 7﴾
Maranehanana ngan ukur nyaho sisi lahiriah kahirupan dunya tapi mopohokeun kahirupan akherat. ﴾Qs. ar Ruum [30]: 7﴿
وَمِنَ النَّاسِ مَنْ يَعْبُدُ اللَّهَ عَلَى حَرْفٍ فَإِنْ أَصَابَهُ خَيْرٌ اطْمَأَنَّ بِهِ وَإِنْ أَصَابَتْهُ فِتْنَةٌ انْقَلَبَ عَلَى وَجْهِهِ خَسِرَ الدُّنْيَا وَالْآخِرَةَ ذَلِكَ هُوَ الْخُسْرَانُ الْمُبِينُ (11)
Jeung ti antara manusa aya anu ibadahna angin-anginan, lamun kabeneran pangging jeung kabungah manehna tetep ibadah sarta lamun papanggih jeung kasusah manehna ngabalieurkeun beungeut. Karugian keur eta jalma di dunya jeung di akherat. Eta teh karugian anu tetela pisan. ﴾Qs. al Hajj [22]: 11﴿
عَنِ ابْنِ عَبَّاسٍ ، رَضِيَ اللَّهُ عَنْهُمَا ، قَالَ : {وَمِنَ النَّاسِ مَنْ يَعْبُدُ اللَّهَ عَلَى حَرْفٍ} قَالَ كَانَ الرَّجُلُ يَقْدَمُ الْمَدِينَةَ فَإِنْ وَلَدَتِ امْرَأَتُهُ غُلاَمًا وَنُتِجَتْ خَيْلُهُ قَالَ هَذَا دِينٌ صَالِحٌ وَإِنْ لَمْ تَلِدِ امْرَأَتُهُ وَلَمْ تُنْتَجْ خَيْلُهُ قَالَ هَذَا دِينُ سُوءٍ. ﴿صحيح البخاري﴾
Ti Ibnu Abbas rodiyallohu ‘anhuma, anjeuna sasanggem: ayat { Jeung ti antara manusa aya anu ibadahna angin-anginan }, kabuktosan aya hiji jalma linggih di Madinah, upama seug garwana ngababarkeun putra pameget sarta ngalahirkeun kudana, anjeuna cumarios, “Ieu agama teh hade.” Namung upama seug garwana henteu babar sarta ngalahirkeun kudana, anjeuna cumarios, “Ieu agama teh goreng.” ﴾Shohih Al Bukhori﴿. Wallohu A’lam bish-showab.
Jumat, 31 Mei 2013
Kamis, 02 Mei 2013
Menginfaqkan harta ketika kita pun masih memerlukan
Ngainfaqkeun harta nalika urang oge masih butuh
Hanafi Anshory
فَلَا اقْتَحَمَ الْعَقَبَةَ (11) وَمَا أَدْرَاكَ مَا الْعَقَبَةُ (12) فَكُّ رَقَبَةٍ (13) أَوْ إِطْعَامٌ فِي يَوْمٍ ذِي مَسْغَبَةٍ (14) يَتِيمًا ذَا مَقْرَبَةٍ (15) أَوْ مِسْكِينًا ذَا مَتْرَبَةٍ (16)
[11] Tapi maranehanana teu daekeun nyorang Aqobah (jalan tarahal). [12] Naha anjeun nyaho naon anu dimaksud Aqobah teh. [13] Nyaeta ngamerdekakeun hamba sahaya. [14] Atawa mere dahar dina mangsa kalaparan. [15] ka budak yatim anu masih aya tatali kabarayaan. [16] atawa jalma miskin anu malarat rosa. ﴾Qs. al Balad [90]: 11-16﴿
وَيُطْعِمُونَ الطَّعَامَ عَلَى حُبِّهِ مِسْكِينًا وَيَتِيمًا وَأَسِيرًا (8) إِنَّمَا نُطْعِمُكُمْ لِوَجْهِ اللَّهِ لَا نُرِيدُ مِنْكُمْ جَزَاءً وَلَا شُكُورًا (9). ﴿الإنسان﴾
[8] Maranehanana maparin dahareun anu masih keneh dipikaresep ka jalma miskin, yatim jeung tawanan perang. [9] Taya lian Kami maparin dahareun ka aranjeun samata-mata karana Allah, Kami teu miharep ti aranjeun balesan oge teu miharep ucapan hatur nuhun. ﴾Qs. al Insan﴿
ثُمَّ كَانَ مِنَ الَّذِينَ آمَنُوا وَتَوَاصَوْا بِالصَّبْرِ وَتَوَاصَوْا بِالْمَرْحَمَةِ (17) أُولَئِكَ أَصْحَابُ الْمَيْمَنَةِ (18)
[17] Tuluy manehna kaabus kana golongan jalma-jalma anu ariman tur silih wasiatan kana kasabaran jeung silih wasiatan kana silih pikaasih. [18] Maranehanana teh kaabus golongan katuhu. ﴾Qs. al Balad [90]: 17-18﴿
عَنِ ابْنِ عُمَرَ ، رَضِيَ اللَّهُ عَنْهُمَا ، عَنِ النَّبِيِّ صلى الله عليه وسلم قَالَ : دَخَلَتِ امْرَأَةٌ النَّارَ فِي هِرَّةٍ رَبَطَتْهَا فَلَمْ تُطْعِمْهَا وَلَمْ تَدَعْهَا تَأْكُلُ مِنْ خِشَاشِ الأَرْضِ.
Ti Ibnu Umar, rodiyallohu ‘anhuma, ti Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam, anjeunna ngandika: “Aya hiji awewe abus naraka dilantarankeun nyangcang ucing, teu dibere dahar atawa dileupaskeun sina neangan tina sesa dahareun.” ﴾Shohih Al Bukhori: 4: 157/ al Maktabah al Syamilah﴿
عَنْ عَبْدِ اللَّهِ بْنِ عَمْرِو بْنِ الْعَاصِ رَضِىَ اللَّهُ عَنْهُمَا أَنَّ رَسُولَ اللَّهِ -صلى الله عليه وسلم- قَالَ :« الرَّاحِمُونَ يَرْحَمُهُمُ الرَّحْمَنُ ارْحَمُوا مَنْ فِى الأَرْضِ يَرْحَمْكُمْ مَنْ فِى السَّمَاءِ ».
Ti Abdulloh bin ‘Amr bin al ‘Ash, rodiyallohu ‘anhuma, satemena Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, “Jalma-jalma anu mibanda marhamah (kanyaah) bakal dipikanyaah ku Alloh anu Maha Heman. Prak geura pikanyaah sakumna makhluk anu aya di alam dunya tinangtu maraneh bakal dipikanyaah ku Nu di Luhur (Alloh Subhanahu wa Ta’ala).” ﴾Sunan al Kubro Al Baihaqi/ al Maktabah﴿
وَأَصْحَابُ الْيَمِينِ مَا أَصْحَابُ الْيَمِينِ (27) فِي سِدْرٍ مَخْضُودٍ (28) وَطَلْحٍ مَنْضُودٍ (29) وَظِلٍّ مَمْدُودٍ (30) وَمَاءٍ مَسْكُوبٍ (31) وَفَاكِهَةٍ كَثِيرَةٍ (32) لَا مَقْطُوعَةٍ وَلَا مَمْنُوعَةٍ (33) وَفُرُشٍ مَرْفُوعَةٍ (34) إِنَّا أَنْشَأْنَاهُنَّ إِنْشَاءً (35) فَجَعَلْنَاهُنَّ أَبْكَارًا (36) عُرُبًا أَتْرَابًا (37) لِأَصْحَابِ الْيَمِينِ (38) ثُلَّةٌ مِنَ الْأَوَّلِينَ (39) وَثُلَّةٌ مِنَ الْآخِرِينَ (40)
[27] Jeung jalma-jalma golongan katuhu. Saha golongan katuhu teh? [28] Manehna aya dina handapeun tangkal bidara anu henteu cucukan [29] jeung dihandapeun tangkal cau anu buahna pasusun-susun [30] Jeung dina iuh-iuh anu lega tur ngampar [31] jeung cai anu ngagolontor taya kendatna [32] Jeung di tempat bubuahan anu ceuyah [33] Anu taya eureun bubuahna bari henteu dilarang [34] Jeung dina amparan-amparan anu diluhurkeun [35] Saestuna Kami ngajadikeun para mojang dina kajadian anu istimewa [36] Nyaeta Kami ngajadikeun manehna parawan salalawasna [37] nu pinuh ku kacinta jeung sapantar [38] Pikeun manusa golongan katuhu tea [39] Loba ti nu ti heula [40] jeung loba ti nu pandeuri. ﴾Qs. al Waqi’ah [56]: 27-40﴿
وَالَّذِينَ كَفَرُوا بِآيَاتِنَا هُمْ أَصْحَابُ الْمَشْأَمَةِ (19) عَلَيْهِمْ نَارٌ مُؤْصَدَةٌ (20)
[19] Jeung jalma-jalma anu kufur kana ayat-ayat Kami, maranehanana teh kaabus jalma anu sial [20] Ka maranehanana seuneu naraka dirungkupkeun. ﴾Qs. al Balad [90]: 19-20﴿
وَأَصْحَابُ الشِّمَالِ مَا أَصْحَابُ الشِّمَالِ (41) فِي سَمُومٍ وَحَمِيمٍ (42) وَظِلٍّ مِنْ يَحْمُومٍ (43) لَا بَارِدٍ وَلَا كَرِيمٍ (44) إِنَّهُمْ كَانُوا قَبْلَ ذَلِكَ مُتْرَفِينَ (45) وَكَانُوا يُصِرُّونَ عَلَى الْحِنْثِ الْعَظِيمِ (46)
[41] Jeung jalma-jalma golongan kenca; saha jalma-jalma golongan kenca teh? [42] (Maranehna) dina angin samum (nu kacida panasna), jeung dina cai nu ngagolak, [43] Jeung kaiuhan haseup hideung, [44] Anu henteu tiis, sarta henteu pika ngeunaheun [45] Saestuna maranehna tea samemehna mah aya dina kamewahan. [46] Jeung maranehna tonggoy ngalampahkeun dosa nu gede. ﴾Qs. Al Waqi’ah [56]﴿
Wallohu A’lam bish-showab.

orang kafir pun diberi kecukupan rejeki
Nu kafir oge dipaparin kacukupan rezeki
Hanafi Anshory
لِإِيلَافِ قُرَيْشٍ (1) إِيلَافِهِمْ رِحْلَةَ الشِّتَاءِ وَالصَّيْفِ (2)
[1] Lantaran kabiasaan bangsa Quraisy [2] Nyaeta maranehanana biasa nyanyabaan usum ngijih jeung usum halodo ﴾Qs. Quraisy [106]: 1-2﴿
عَنْ أُمِّ هَانِئٍ بِنْتِ أَبِي طَالِبٍ رَضِيَ اللَّهُ عَنْهَا ، أَنَّ رَسُولَ اللهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ ، قَالَ : فَضَّلَ اللَّهُ قُرَيْشًا بِسَبْعِ خِلاَلٍ ؛ أَنِّي فِيهِمْ وَأَنَّ النُّبُوَّةَ فِيهِمْ ، وَالْحِجَابَةَ فِيهِمْ ، وَالسِّقَايَةَ فِيهِمْ ، وَأَنَّ اللَّهَ نَصَرَهُمْ عَلَى الْفِيلِ ، وَأَنَّهُمْ عَبَدُوا اللَّهَ عَشْرَ سِنِينَ لاَ يَعْبُدُهُ غَيْرُهُمْ ، وَأَنَّ اللَّهَ أَنْزَلَ فِيهِمْ سُورَةً مِنَ الْقُرْآنِ ثُمَّ تَلاَهَا رَسُولُ اللهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ ، بِسْمِ اللهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيمِ {لِإِيلاَفِ قُرَيْشٍ إِيلاَفِهِمْ رِحْلَةَ الشِّتَاءِ وَالصَّيْفِ ، فَلْيَعْبُدُوا رَبَّ هَذَا الْبَيْتِ الَّذِي أَطْعَمَهُمْ مِنْ جُوعٍ وَآمَنَهُمْ مِنْ خَوْفٍ}. هَذَا حَدِيثٌ صَحِيحُ الإِسْنَادِ وَلَمْ يُخَرِّجَاهُ. ﴿المستدرك: 2: 536﴾
Ti Ummu Hani binti Abi Tholib rodiyallohu ‘anha, satemena Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, “Allah maparin tujuh kaonjoyan ka kabilah Quraisy: [1] Satemena kami ti kabilah Quraisy, [2] Kanabian ti Quraisy, [3] nu ngamumule Ka’bah ti Quraisy, [4] nu maparin nginum zam-zam ti Quraisy, [5] Alloh nangtayungan Quraisy tina serbuan pasukan gajah, [6] satemena maranehanana ibadah salila sapuluh taun teu ibadah anging ka Alloh sarta [7] Alloh nurunkeun surat Al-Qur’an anu diantarana ngeusi pujian ka kabilah Quraisy. Saba’da ngajelaskeun tujuh kaonjoyan Quraisy Mantenna macakeun surat Quraisy”. ﴾Kitab Al Mustadrok: 2: 536/ al Maktabah al Syamilah﴿
فَلْيَعْبُدُوا رَبَّ هَذَا الْبَيْتِ (3) الَّذِي أَطْعَمَهُمْ مِنْ جُوعٍ وَآمَنَهُمْ مِنْ خَوْفٍ (4)
[3] Prak maraneh teh geura aribadah ka Pangeran nu mibanda ieu Ka’bah. [4] Anu maparin dahareun ka maranehanana keur ngaleungitkeun lapar tur ngariksa maranehanana tina kasieun. ﴾Qs. Quraisy [106]: 3-4﴿
وَإِذْ قَالَ إِبْرَاهِيمُ رَبِّ اجْعَلْ هَذَا بَلَدًا آمِنًا وَارْزُقْ أَهْلَهُ مِنَ الثَّمَرَاتِ مَنْ آمَنَ مِنْهُمْ بِاللَّهِ وَالْيَوْمِ الْآخِرِ قَالَ وَمَنْ كَفَرَ فَأُمَتِّعُهُ قَلِيلًا ثُمَّ أَضْطَرُّهُ إِلَى عَذَابِ النَّارِ وَبِئْسَ الْمَصِيرُ (126)
Jeung prak geura titenan nalika Nabi Ibrohim ngadu’a: “Ya Alloh! Jadikeun ieu nagri (Makkah) nagri anu aman sarta paparin kacukupan rezeki padumukna mangrupa buah-buahan anu ariman ka Alloh diantara maranehanana jeung kana poe akhir.” Alloh ngadawuh: “Ka nu kafir oge dipaparin kacukupan rezeki sementara terus Kami paksa maranehanana pikeun ngarasakeun adzab Naraka anu panggoreng-gorengna pangbalikan.” ﴾Qs. al Baqoroh [2]: 126﴿

mengapa jalan neraka yang lebih disukai
Naha bet jalan pinarakaeun anu leuwih dipikaresep
Hanafi Anshory
لَا أُقْسِمُ بِهَذَا الْبَلَدِ (1) وَأَنْتَ حِلٌّ بِهَذَا الْبَلَدِ (2) وَوَالِدٍ وَمَا وَلَدَ (3)
[1] Kami bener-bener sumpah ku ieu nagri (Mekah). [2] jeung anjeun dihalalkeun matuh di ieu nagri. [3] jeung demi hiji bapa katut rundayanana. ﴾Qs. al Balad [90]: 1-3﴿
{لاَ أُقْسِمُ} أَيْ أَقْسَمُ {بِهَذَا الْبَلَدِ} أَقْسَمَ تَعَالَى بِالبَلَدِ الحَرَامِ؛ وَهُوَ مَكَّةَ شَرَّفَهَا اللهُ تَعَالَى. ﴿أوضح التفسير﴾
{Kami bener-bener sumpah} nyaeta Kami sumpah. {ku ieu nagri (Mekah)} Alloh Ta’ala sumpah ku nagri al harom, nyaeta Makkah anu ku Alloh dimulyakeun. ﴾Kitab Audlohu at Tafsir/ al Maktabah al Syamilah﴿
لَقَدْ خَلَقْنَا الْإِنْسَانَ فِي كَبَدٍ (4) أَيَحْسَبُ أَنْ لَنْ يَقْدِرَ عَلَيْهِ أَحَدٌ (5) يَقُولُ أَهْلَكْتُ مَالًا لُبَدًا (6) أَيَحْسَبُ أَنْ لَمْ يَرَهُ أَحَدٌ (7)
[4] Kami estu geus nyiptakeun manusa dina kaayaan ripuh. [5] Naha manehna nyangka yen taya pisan nu ngawasa ka dirina?. [6] Manehna nyarita: “Kuring cilaka geus meakeun pakaya nu kacida lobana.” [7] Manehna nyangka yen taya pisan anu nalingakeun manehna. ﴾Qs. al Balad [90]: 4-7﴿
Ayat kalima jeung kagenep turun sahubungan jeung hiji jalma anu ngarana Abu Asyad bin Kaldah al-Jumahi manehna mibanda fisik kuat sarta mibanda kakayaan anu kacida pisan lobana. Manehanana nu ngawaragadan preman Quraisy pikeun nandasa jeung mareuman dakwah Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam tapi batan pareum dakwah nabi kalah dana jeung umur anu beak nepi ka kaluar ucap: “Ahlaktu maalan lubadaa” cilaka! Kuring geus ngaluarkeun pakaya saloba-loba tapi taya hasil anu dipiharep. Ngaliwatan ayat kalima nepi katujuh Alloh ngelingan sakabeh manusa nu mibanda laku lampah kawas Abu Asyad ulah boga rasa taya kakuatan sejen anu bakal ngabales ayahsabu naha maraneh nyangka Allayyaqdiro yen taya nu kumawasa ‘alaihi pikeun ngeureunkeun kabengisan manehna ahadun saurang oge?. Yaquulu manehna nyarita pinuh kahanjakalan ahlaktu maalan lubadaa kuring cilaka geus meakeun harta saloba-loba malah teu bisa ngahontal naon anu dipiharep. ﴾Tafsir Al-Razi Juz ‘Amma jeung Al-Fatihah: 104﴿
أَلَمْ نَجْعَلْ لَهُ عَيْنَيْنِ (8) وَلِسَانًا وَشَفَتَيْنِ (9) وَهَدَيْنَاهُ النَّجْدَيْنِ (10)
[8] Naha lain Kami geus nyieun dua panon keur maranehna?. [9] jeung hiji letah katut dua biwir [10] jeung Kami maparin ka maranehna dua jalan. ﴾Qs. al Balad [90]: 8-10﴿
عَنْ أَبِي أُمَامَةَ، قَالَ: قَالَ رَسُولُ اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ:"أَيُّهَا النَّاسُ، هَلُمُّوا إِلَى رَبِّكُمْ إِنَّ مَا قَلَّ وَكَفَى خَيْرٌ مِمَّا كَثُرَ وَأَلْهَى، يَا أَيُّهَا النَّاسُ إِنَّمَا هُمَا نَجْدُ خَيْرٍ، وَنَجْدُ شَرٍّ، فَمَا جَعَلَ نَجْدَ الشَّرِّ أَحَبَّ إِلَيْكُمْ مِنْ نَجْدِ الْخَيْرِ". ﴿المعجم الكبير للطبراني: 7: 301﴾
Ti Abi Umamah, anjeunna sasanggem: Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, “Wahey sakumna manusa geuwat geura baralik ka Pangeran aranjeun, satemena rejeki saeutik tapi mahi leuwis alus batan loba mawa doraka. Wahey sakumna manusa satemena aya dua jalan anu bakal diliwatan ku manusa: jalan kahadean pisyurgaeun jeung jalan goreng pinarakaeun. Naha bet jalan pinarakaeun anu leuwih dipikaresep ku aranjeun batan jalan pisyurgaeun.” ﴾Mu’jam al Kabir ath Thobroni: 7: 301﴿

Dosa itu mengotori jiwa
Dosa téh Ngotoran Jiwa
Hanafi Anshory
وَالشَّمْسِ وَضُحَاهَا (1) وَالْقَمَرِ إِذَا تَلَاهَا (2) وَالنَّهَارِ إِذَا جَلَّاهَا (3) وَاللَّيْلِ إِذَا يَغْشَاهَا (4) وَالسَّمَاءِ وَمَا بَنَاهَا (5) وَالْأَرْضِ وَمَا طَحَاهَا (6) وَنَفْسٍ وَمَا سَوَّاهَا (7)
[1] Demi panon poe katut cahayana di waktu isuk. [2] Demi bulan nalika nuturkeunana. [3] Jeung demi beurang nalika brayna caang. [4] jeung demi peuting nalika reupna poek. [5] Jeung demi langit katut Anu ngadegkeunana. [6] Jeung demi bumi katut Anu ngamparkeunana. [7] Demi jiwa katut anu nyampurkeunana. ﴾Qs. asy Syamsu [91]: 1-7﴿
عَنْ أَبِي هُرَيْرَةَ ، رَضِيَ اللَّهُ عَنْهُ ، أَنَّ رَسُولَ اللهِ صلى الله عليه وسلم قَالَ : نَارُكُمْ جُزْءٌ مِنْ سَبْعِينَ جُزْءًا مِنْ نَارِ جَهَنَّمَ. ﴿صحيح البخاري: باب صفة النار و أنّها مخلوقة: 4: 147﴾
Ti Abu Huroiroh rodiyallohu ‘anhu, satemena Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, “Panasna seuneu aranjeun teh sapertujuh puluh panasna naraka jahannam.” ﴾Kitab Shohih Al-Bukhori/ al Maktabah al Syamilah﴿
فَأَلْهَمَهَا فُجُورَهَا وَتَقْوَاهَا (8) قَدْ أَفْلَحَ مَنْ زَكَّاهَا (9) وَقَدْ خَابَ مَنْ دَسَّاهَا (10)
[8] Tuluy dibejakeun ka manehna (jiwa) jalan pidorakaeun jeung jalan katakwaan. [9] Kacida pisan bagjana jalma anu meresihan jiwana. [10] jeung kacida pisan rugina jalma anu ngotoran jiwana. ﴾Qs. asy Syamsu [91]: 8-10﴿
عَنْ زَيْدِ بْنِ أَرْقَمَ قَالَ لاَ أَقُولُ لَكُمْ إِلاَّ كَمَا كَانَ رَسُولُ اللَّهِ -صلى الله عليه وسلم- يَقُولُ كَانَ يَقُولُ « اَللَّهُمَّ إِنِّى أَعُوذُ بِكَ مِنَ الْعَجْزِ وَالْكَسَلِ وَالْجُبْنِ وَالْبُخْلِ وَالْهَرَمِ وَعَذَابِ الْقَبْرِ اللَّهُمَّ آتِ نَفْسِى تَقْوَاهَا وَزَكِّهَا أَنْتَ خَيْرُ مَنْ زَكَّاهَا أَنْتَ وَلِيُّهَا وَمَوْلاَهَا اللَّهُمَّ إِنِّى أَعُوذُ بِكَ مِنْ عِلْمٍ لاَ يَنْفَعُ وَمِنْ قَلْبٍ لاَ يَخْشَعُ وَمِنْ نَفْسٍ لاَ تَشْبَعُ وَمِنْ دَعْوَةٍ لاَ يُسْتَجَابُ لَهَا ». ﴿صحيح مسلم﴾
Ti Zaid bin Arqom rodiyallohu ‘anhu, anjeunna sasanggem: Simkuring henteu ngadugikeun ka aranjeun anging sakumaha Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam anjeunna ngadu’a, “Ya Alloh! Satemena abdi nyalindung ka Gusti sangkan ditebihkeun tina sifat lemah, ngedul, pikun, koret, borangan jeung siksa kubur. Ya Alloh! Mugia maparin kataqwaan kana jiwa abdi sareng mugia Gusti ngabersihkeun jiwa abdi (tina sifat-sifat anu sok ngotoran jiwa). Anjeun Gusti anu panghade-hadena anu bisa ngabersihkeun jiwa. Gusti anu ngatur jeung anu mibanda jiwa. Ya Alloh! Satemena abdi nyalindung ka Gusti tina elmu anu teu mangfaat, tina hate anu teu saregep (malaweung), tina kahayang (libido) anu teu pernah seubeuh (sugema) jeung tina du’a anu teu diijabah.” ﴾Kitab Shohih Muslim/ al Maktabah al Syamilah﴿
عَنْ أَبِي هُرَيْرَةَ رَضِيَ اللَّهُ عَنْهُ ، أَنَّ رَسُولَ اللهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ ، قَالَ : إِنَّ الْمُؤْمِنَ إِذَا أَذْنَبَ ذَنْبًا كَانَتْ نُكْتَةٌ سَوْدَاءُ فِي قَلْبِهِ ، فَإِنْ تَابَ وَنَزَعَ وَاسْتَغْفَرَ سُقِلَ مِنْهَا قَلْبُهُ ، وَإِنْ زَادَ زَادَتْ حَتَّى يَعْلَقَ بِهَا قَلْبُهُ فَذَالِكَ الرَّانُ الَّذِي ذَكَرَ اللَّهُ فِي كِتَابِهِ {كَلاَّ بَلْ رَانَ عَلَى قُلُوبِهِمْ مَا كَانُوا يَكْسِبُونَ}.
Ti Abu Huroiroh rodiyallohu ‘anhu, satemena Rosululloh Shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, “Satemena mu’min upama milampah hiji dosa, hiji titik hideung bukti dina hatena. Upama anjeunna tobat, nebihan tur ngeureunan, istighfar, hatena digurilapkeun dileungitkeun tina karat dosa. Sarta upama nambahan (milampah dosa) mangka nambahan (titik hideungna) dugikeun ka hatena ngonci alatan titik hideung-titik hideung eta. Eta teh ar-rôn anu Alloh nguningakeun dina kitab-Na: ‘Lain kitu! Malah narutupan hatena sakur nu geus diusahakeun ku maranehna teh.’ -Qs. al Muthoffifin [83]: 14-.” ﴾Al-Mustadrok: 2: 517/ al Maktabah﴿
كَذَّبَتْ ثَمُودُ بِطَغْوَاهَا (11) إِذِ انْبَعَثَ أَشْقَاهَا (12) فَقَالَ لَهُمْ رَسُولُ اللَّهِ نَاقَةَ اللَّهِ وَسُقْيَاهَا (13) فَكَذَّبُوهُ فَعَقَرُوهَا فَدَمْدَمَ عَلَيْهِمْ رَبُّهُمْ بِذَنْبِهِمْ فَسَوَّاهَا (14) وَلَا يَخَافُ عُقْبَاهَا (15)
[11] Kaum Tsamud geus ngabarohongkeun (ka Nabina) lantaran ku kabedegonganana. [12] Nalika cengkat jalma anu pangjahatna ti antara maranehanana. [13] Rosul Alloh nyarita ka maranehanana: “Eta onta Alloh ulah diganggu anggur mah bere nginum!.” [14] Tapi maranehanana nganggap bohong kana dawuhan Rosulna malah eta onta teh dipareuncit ku maranehanana maka Alloh ngabinasakeun maranehanana dilantarankeun dosa maranehanana nepi ka rata jeung taneuh. [15] jeung Mantena mah teu sieun akibat tina kaputusanana. ﴾Qs. asy Syamsu [91]: 11-15﴿
وَثَمُودَ الَّذِينَ جَابُوا الصَّخْرَ بِالْوَادِ (9)
Jeung kaum Tsamud anu ngangkat batu-batu gunung nu galedé ka léngkob (lembah). ﴾Qs. al Fajr [89]﴿
فَعَقَرُوهَا فَقَالَ تَمَتَّعُوا فِي دَارِكُمْ ثَلَاثَةَ أَيَّامٍ ذَلِكَ وَعْدٌ غَيْرُ مَكْذُوبٍ (65)
Tapi maranehna meuncit eta onta. Pok Sholeh nyarita: “Prak arandika sakabeh geura sukan-sukan di imah arandika tilu poe lilana, eta teh jangji anu henteu bisa dibohongkeun.” ﴾Qs. Hud [11]﴿
فَعَقَرُوا النَّاقَةَ وَعَتَوْا عَنْ أَمْرِ رَبِّهِمْ وَقَالُوا يَا صَالِحُ ائْتِنَا بِمَا تَعِدُنَا إِنْ كُنْتَ مِنَ الْمُرْسَلِينَ (77) فَأَخَذَتْهُمُ الرَّجْفَةُ فَأَصْبَحُوا فِي دَارِهِمْ جَاثِمِينَ (78)
Tuluy maranehna meuncit eta onta, jeung baha kana parentah Pangeranna, sarta pokna: “Yeuh Sholeh! Pek geura tibankeun saniskara anu ku andika dijangjikeun ka kaula sarerea teh, upama enya mah andika ti antara jalma-jalma anu diutus.” Nya tuluy digenjlongkeun lini ka maranehna, nepi ka maranehna jadi jalengker di imah-imahna. ﴾Qs. al A’rof [7]﴿
وَ فِي ثَمُودَ إِذْ قِيلَ لَهُمْ تَمَتَّعُوا حَتَّى حِينٍ(43) فَعَتَوْا عَنْ أَمْرِ رَبِّهِمْ فَأَخَذَتْهُمُ الصَّاعِقَةُ وَ هُمْ يَنْظُرُونَ(44)
Jeung nya kitu deui di Tsamud, nalika didawuhkeun ka maranehna: “Pek geura sarukan-sukan maraneh teh nepi ka hiji mangsa.” Tapi maranehna teu daraekeun nurut kana timbalan Pangeranna, tuluy weh maranehna disamber gelap bari maranehna narenjo. ﴾Qs. adz Dzariyat﴿

Pendusta Agama
Ngabohongkeun kana agama
Hanafi Anshory
أَرَأَيْتَ الَّذِي يُكَذِّبُ بِالدِّينِ (1) فَذَلِكَ الَّذِي يَدُعُّ الْيَتِيمَ (2) وَلَا يَحُضُّ عَلَى طَعَامِ الْمِسْكِينِ (3)
[1] Naha anjeun nitenan hakekat jalma anu ngabohongkeun kana agama. [2] Nyaeta jalma anu sok nyentak budak yatim. [3] jeung teu malire kahirupan jalma miskin. ﴾Qs. al Ma’un [107]: 1-3﴿
عَنْ سَهْلٍ قَالَ رَسُولُ اللهِ صلى الله عليه وسلم : أَنَا وَكَافِلُ الْيَتِيمِ فِي الْجَنَّةِ هَكَذَا وَأَشَارَ بِالسَّبَّابَةِ وَالْوُسْطَى وَفَرَّجَ بَيْنَهُمَا شَيْئًا. ﴿صحيح البخاري﴾
Ti Sahl rodiyallohu ‘anhu, Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, “Kaula jeung nu ngurus budak yatim di syurga bakal ngarendeng saperti kieu.” Jeung Rosululloh maparin isyarat ku curuk jeung jajangkung bari sakedik ngajegangkeun dua remana eta. ﴾Kitab Shohih Al-Bukhori/ al Maktabah al Syamilah﴿
عَنْ أَبِي ذَرٍّ ، قَالَ : أَوْصَانِي خَلِيلِي صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ ، بِخِصَالٍ مِنَ الْخَيْرِ : أَوْصَانِي : بِأَنْ لاَ أَنْظُرَ إِلَى مَنْ هُوَ فَوْقِي ، وَأَنْ أَنْظُرَ إِلَى مَنْ هُوَ دُونِي ، وَأَوْصَانِي بِحُبِّ الْمَسَاكِينِ وَالدُّنُوِّ مِنْهُمْ ، وَأَوْصَانِي أَنْ أَصِلَ رَحِمِي وَإِنْ أَدْبَرَتْ ، وَأَوْصَانِي أَنْ لاَ أَخَافَ فِي اللَّهِ لَوْمَةَ لاَئِمٍ ، وَأَوْصَانِي أَنْ أَقُولَ الْحَقَّ وَإِنْ كَانَ مُرًّا ، وَأَوْصَانِي أَنْ أُكْثِرَ مِنْ قَوْلِ لاَ حَوْلَ وَلاَ قُوَّةَ إِلاَّ بِاللَّهِ ، فَإِنَّهَا كَنْزٌ مِنْ كُنُوزِ الْجَنَّةِ. ﴿صحيح ابن حبان﴾
Ti Abu Dzar rodiyallohu ‘anhu, anjeunna sasanggem: “Kakasih kuring kanjeng Nabi Muhammad maparin sababaraha wasiat pikeun ngahontal kasuksesan hirup: [1] kanjeng Nabi ngawasiatan ka simkuring sangkan ulah tatanggahan dina kahirupan ka jalma anu rezekina saluhureun kuring sarta mantena marentahkeun sangkan tungkul ka jalma anu sahandapeun kuring. [2] kanjeng Nabi ngawasiatan sangkan mikacinta ka jalma miskin jeung ngabantu kahirupanana. [3] kanjeng Nabi ngawasiatan sangkan ngawangun silaturahim sok sanajan eta jalma geus nukangan hese diajak wawuh. [4] kanjeng Nabi ngawasiatan sangkan ulah epes meer pamoyok nu moyok nalika ngalampahkeun parentah Alloh. [5] kanjeng Nabi ngawasiatan ka kuring sangkan salawasna ngomong bener jeung jujur sok sanajan karasana pait pada dijauhan ku batur. [6] mah mantena ngawasiatan sangkan mindeng ngucapkeun kalimah thayyibah Laa haula wa laa quwwata illaa billaah lantaran eta ucapan bakal jadi investasi cengcelengan keur ahli syurga.” ﴾Hr. Ath-Thobroni jeung Ibnu Hibban﴿
فَوَيْلٌ لِلْمُصَلِّينَ (4) الَّذِينَ هُمْ عَنْ صَلَاتِهِمْ سَاهُونَ (5) الَّذِينَ هُمْ يُرَاءُونَ (6) وَيَمْنَعُونَ الْمَاعُونَ (7)
[4] Cilaka pikeun jalma anu sok sholat. [5] Nyaeta jalma-jalma anu ngalalaworakeun kana sholatna. [6] Jalma-jalma anu riya (hayang pamuji manusa). [7] jeung maranehna teu daek silih tulungan. ﴾Qs. al Ma’un [107]: 4-7﴿
إِنَّ الْمُنَافِقِينَ يُخَادِعُونَ اللَّهَ وَهُوَ خَادِعُهُمْ وَإِذَا قَامُوا إِلَى الصَّلَاةِ قَامُوا كُسَالَى يُرَاءُونَ النَّاسَ وَلَا يَذْكُرُونَ اللَّهَ إِلَّا قَلِيلًا (142)
Satemena jalma-jalma munafeq salawasna nipu ka Alloh padahal maranehanana anu katipu mah jeung nalika rek ngadegkeun sholat maranehanana talalangke lantaran hayang katingali ku sakumna manusa jeung teu eling ka Alloh anging ngan kakapeungan. ﴾Qs. an Nisa [4]: 142﴿
عَنْ مَحْمُودِ بْنِ لَبِيدٍ رضي الله عنه قَالَ: قَالَ رَسُولُ اَللَّهِ صلى الله عليه وسلم ( إِنَّ أَخْوَفَ مَا أَخَافُ عَلَيْكُمْ اَلشِّرْكُ اَلْأَصْغَرُ اَلرِّيَاءُ ) أَخْرَجَهُ أَحْمَدُ بِسَنَدٍ حَسَنٍ
Ti Mahmud bin Labid rodiyallohu ‘anhu, anjeunna sasanggem: Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, “Satemena perkara anu pangdipika sieun ku kuring ti aranjeun nyaeta syirik leutik, riya.” Hr. Ahmad kalayan sanad anu hasan. ﴾Kitab Bulughul Marom﴿
خَطَبَنَا أَبُو مُوسَى الأَشْعَرِيُّ فَقَالَ : خَطَبَنَا رَسُولُ اللهِ صلى الله عليه وسلم ذَاتَ يَوْمٍ فَقَالَ : أَيُّهَا النَّاسُ ، اتَّقُوا هَذَا الشِّرْكَ فَإِنَّهُ أَخْفَى مِنْ دَبِيبِ النَّمْلِ ، فَقَالَ مَنْ شَاءَ أَنْ يَقُولَ : وَكَيْفَ نَتَّقِيهِ وَهُوَ أَخْفَى مِنْ دَبِيبِ النَّمْلِ يَا رَسُولَ اللهِ ؟ قَالَ قُولُوا : اللَّهُمَّ إنَّا نَعُوذُ بِكَ مِنْ أَنْ نُشْرِكَ بِكَ شَيْئًا نَعْلَمُهُ وَنَسْتَغْفِرُك لِمَا لاَ نَعْلَمُ. ﴿مصنّف ابن أبي شيبة﴾
Abu Musa al Asy’ari rodiyallohu ‘anhu, anjeunna khutbah payuneun abdi sadaya: dina hiji dinten Rosululloh shollallohu ‘alaihi sa wa sallam khutbah ka abdi sadaya anjeunna ngandika, “Wahey sakumna manusa! Ati-ati aranjeun bisi kakeunaan ieu syirik (riya) lantaran syirik enu ieu mah nyamuni jeung hampang leuwih hampang batan lengkah sireum.” Aya diantara sahabat anu naroskeun ka kanjeng Nabi: ‘Kumaha ngariksa diri tina eta syirik anu leuwih hampang batan lengkah sireum?.’ Kanjeng Nabi ngawaler: “Prak geura maca du’a: ‘Alloohumma innaa na’uudzu bika min an nusyrika bika syaian na’lamuhu wa nastaghfiruka limaa laa na’lamu -Ya Alloh! Satemena abdi sadaya nyalindung ka Gusti sangkan abdi teu milampah syirik saeutik oge anu dilampahkan kalayan sadar sarta abdi nyuhunkeun pangampura tina dosa syirik anu abdi teu terang yen eta teh laku lampah syirik-’.” ﴾Kitab Mushonnaf Ibnu Abi Syaibah: 10: 337/ al Maktabah al Syamilah﴿
قُلْ إِنَّ صَلَاتِي وَنُسُكِي وَمَحْيَايَ وَمَمَاتِي لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِينَ. لَا شَرِيكَ لَهُ وَبِذَلِكَ أُمِرْتُ وَأَنَا أَوَّلُ الْمُسْلِمِينَ.
[162] Pok caritakeun: “Saestuna salat kaula, ibadah kaula, hirup kaula jeung pati kaula, kagungan Alloh, Pangeran anu murbeng alam. [163] Teu aya sarekat pikeun Anjeunna, jeung nya kitu kaula ditimbalan, jeung kaula teh muslim anu pangmimitina.” ﴾Qs. al An’am [6]﴿

Allah tidak akan mencabut rahmat kecuali dari orang yang durhaka
Alloh moal nyabut rahmat anging ti jalma anu doraka
Hanafi Anshory
إِنَّ عَلَيْنَا لَلْهُدَى (12) وَإِنَّ لَنَا لَلْآخِرَةَ وَالْأُولَى (13) فَأَنْذَرْتُكُمْ نَارًا تَلَظَّى (14)
[12] Satemena ngan Kami anu maparin pituduh mah. [13] Jeung kagungan Kami akherat jeung dunya. [14] Ku kituna Kami ngelingan maraneh ku seuneu anu ngentab-ngentab. ﴾Qs. al Lail [92]: 12-14﴿
عَنِ النُّعْمَانِ بْنِ بَشِيرٍ يَقُولُ : سَمِعْتُ رَسُولَ اللهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ يَخْطُبُ ، يَقُولُ : أَنْذَرْتُكُمُ النَّارَ ، أَنْذَرْتُكُمُ النَّارَ حَتَّى لَوْ أَنَّ رَجُلاً كَانَ بِالسُّوقِ لَسَمِعَهُ مِنْ مَقَامِي هَذَا حَتَّى وَقَعَتْ خَمِيصَةٌ كَانَتْ عَلَى عَاتِقِهِ عِنْدَ رِجْلَيْهِ . ﴿المستدرك: 1: 287﴾
Ti Nu’man bin Basyir rodiyallohu ‘anhu, anjeunna sasanggem: Simkuring nguping Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam khutbah, anjeunna ngandika: “Kami ngelingan maraneh ku seuneu, kami ngelingan maraneh ku seuneu, dugikeun ka estu upama seug hiji jalma aya dina hiji parahu pinasti manehna baris ngadangu ngentab-ngentabna eta seuneu tina tempat nangtungna kami ieu. Dugikeun (siksa naraka teh) hiji jalma nyimpen dua dampal sampeanana luhureun pundukna.” ﴾Kitab al-Mustadrok: 1: 287/ al Maktabah al Saymilah﴿
لَا يَصْلَاهَا إِلَّا الْأَشْقَى (15) الَّذِي كَذَّبَ وَتَوَلَّى (16) وَسَيُجَنَّبُهَا الْأَتْقَى (17)
[15] Teu aya anu asup ka eta naraka anging jalma anu pangcilakana. [16] nyaeta jalma anu nganggap bohong jeung ngabalieur. [17] jeung rek dijauhkeun eta naraka teh ti jalma-jalma anu pangtakwana. ﴾Qs. al Lail [92]: 15-17﴿
عَنْ أَبِى هُرَيْرَةَ قَالَ سَمِعْتُ أَبَا الْقَاسِمِ الصَّادِقَ الْمَصْدُوقَ -صلى الله عليه وسلم- صَاحِبَ هَذِهِ الْحُجْرَةِ يَقُولُ « لاَ تُنْزَعُ الرَّحْمَةُ إِلاَّ مِنْ شَقِىٍّ ». ﴿سنن أبو داود﴾
Ti Abu Huroiroh rodiyallohu ‘anhu, anjeunna sasanggem: Simkuring nguping Abu al-Qosim ash-Shodiq al-Masduq (anu bener tur ngabenerkeun) shollallohu ‘alaihi wa sallam –anu nyandak ieu al hujroh, agama- anjeunna ngandika, “Moal dicabut rohmat anging ti jalma anu doraka.” ﴾Kitab Sunan Abu Daud: 4: 441/ al Maktabah al Syamilah﴿
عَنْ أَبِي هُرَيْرَةَ ، قَالَ : قَالَ رَسُولُ اللهِ صَلَّى الله عَليْهِ وسَلَّمَ : لاَ يَدْخُلُ النَّارَ إِلاَّ شَقِيٌّ ، قِيلَ : يَا رَسُولَ اللهِ ، وَمَنِ الشَّقِيُّ ؟ قَالَ : مَنْ لَمْ يَعْمَلْ لِلَّهِ بِطَاعَةٍ ، وَلَمْ يَتْرُكْ لَهُ مَعْصِيَةً. ﴿مسند أحمد﴾
Ti Abu Huroiroh rodiyallohu ‘anhu, anjeunna sasanggem: Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, “moal asup ka naraka anging jalma anu syaqiyyun.” Sahabat tumaros: “Wahey Rosululloh, saha ari syaqiyyun teh?.” Anjeunna ngandika, “Nyaeta jalma anu teu milampah kataatan karana Alloh jeung teu bisa ninggalkeun maksiat karana Alloh.” ﴾Musnad Ahmad: 2: 349﴿
عَنْ أَبِي هُرَيْرَةَ ، أَنَّ رَسُولَ اللهِ صلى الله عليه وسلم قَالَ : كُلُّ أُمَّتِي يَدْخُلُونَ الْجَنَّةَ إِلاَّ مَنْ أَبَى قَالُوا : يَا رَسُولَ اللهِ ، وَمَنْ يَأْبَى قَالَ مَنْ أَطَاعَنِي دَخَلَ الْجَنَّةَ ، وَمَنْ عَصَانِي فَقَدْ أَبَى. ﴿صحيح البخاري﴾
Ti Abu Huroiroh rodiyallohu ‘anhu, satemena Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, “Sadaya umat kami baris arasup ka syurga anging jalma anu nolak.” Sahabat tumaros: Wahey Rosululloh! Saha anu nolak eta teh?. Anjeunna ngandika, “Saha bae anu taat ka kami baris asup syurga, sarta saha bae anu ma’siyat ka kami mangka satemena manehna parantos nolak diasupkeun ka syurga.” ﴾Shohih Al-Bukhori: 9: 114/ al Maktabah al Syamilah﴿
الَّذِي يُؤْتِي مَالَهُ يَتَزَكَّى (18)
[18] Jeung jalma anu ngadermakeun hartana lantaran hayang beresih dirina. ﴾Qs. al Lail [92]:18﴿
عَنْ مَحْمُودِ بْنِ لَبِيدٍ رضي الله عنه قَالَ: قَالَ رَسُولُ اَللَّهِ صلى الله عليه وسلم ( إِنَّ أَخْوَفَ مَا أَخَافُ عَلَيْكُمْ اَلشِّرْكُ اَلْأَصْغَرُ اَلرِّيَاءُ ) أَخْرَجَهُ أَحْمَدُ بِسَنَدٍ حَسَنٍ
Ti Mahmud bin Labid rodiyallohu ‘anhu, anjeunna sasanggem: Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika, “Satemena perkara anu pangdipika sieun ku kuring ti aranjeun nyaeta syirik leutik, riya.” Hr. Ahmad kalayan sanad anu hasan. ﴾Kitab Bulughul Marom﴿
وَمَا لِأَحَدٍ عِنْدَهُ مِنْ نِعْمَةٍ تُجْزَى (19) إِلَّا ابْتِغَاءَ وَجْهِ رَبِّهِ الْأَعْلَى (20) وَلَسَوْفَ يَرْضَى (21)
[19] Jeung teu aya saurang oge anu dipiharep ngabales kana kahadeanana. [20] anging ngan wungkul miharep ridlo Pangeranana anu Maha Luhung. [21] jeung bener-bener jaga manehna bakal ridlo (kana ganjaran ti Mantena). ﴾Qs. al Lail [92]: 8-18﴿
عَنْ مَعْمَرٍ ، قَالَ : أُخْبِرْتُ عَنْ سَعِيدٌ فِي قَوْلِهِ : {وَمَا لِأَحَدٍ عِنْدَهُ مِنْ نِعْمَةٍ تُجْزَى}. قَالَ : نَزَلَتْ فِي أَبِي بَكْرٍ ، أَعْتَقَ نَاسًا لَمْ يَلْتَمِسْ مِنْهُمْ جَزَاءً وَلاَ شُكُورًا ، سِتَّةً أَوْ سَبْعَةً ، مِنْهُمْ بِلاَلٌ ، وَعَامِرُ بْنُ فُهَيْرَةَ. ﴿الطبري﴾
Ti Ma’mar, anjeunna sasanggem: Sa’id nguningakeun ka simkuring ngeunaan dawuhan Alloh Ta’ala: { Jeung teu aya saurang oge anu dipiharep ngabales kana kahadeanana }. Sa’id sasanggem: Ayat eta turun ngeunaan Abu Bakar, anjeunna ngamerdekakeun budak beulian bari henteu miharep walesan kalih kedalan hatur nuhun ti aranjeunna, genep atanapi tujuh budak beulian, diantawisna nyaeta Bilal kalih ‘Amir bin Fuhairoh. ﴾Kitab Tafsir Ath-Thobari﴿
حدَّثَنا هشامُ بنُ عروة عن أبيهِ : أنَّ أبَا بَكْرٍ رضي الله عنه أعْتَقَ سَبْعَةً ، كُلُّهُمْ كَانُوا يُعَذبُونَ فِي اللهِ تَعَالَى ، وَهُمْ : بلاَلُ ؛ وَعَامِرُ بْنُ فُهَيْرَةَ شَهِدَ بَدْراً وَأُحُداً وَقُتِلَ يَوْمَ بئْرِ مَعُونَةَ شَهِيداً. وأمُّ عُمَيس وَزَنِيرَةَ ، فَأُصِيبَ بَصَرُهَا حِينَ أعْتَقَهَا ، فَقَالَتْ قُرَيْشُ : مَا أذْهَبَ بَصَرَهَا إلاَّ اللاَّتُ وَالْعُزَّى! فَقَالَتْ : كَذبُوا وَثَبَّتَها اللهُ ، فَرَدَّ اللهُ بَصَرَهَا. وَأعْتَقَ النَّهْدِيَّةَ وَابْنَتَهَا ، وَكَانَتَا لاِمْرَأةٍ مِنْ بَنِي عَبْدِ الدَّار ، وَمَرَّ بجَاريَةِ بَنِي مُؤَمَّلٍ حَيّ مِنْ بَنِي عَدِيِّ بْنِ كَعْبٍ ، وَكَانَتْ مُسْلِمَةً ، وَعُمَرُ بْنُ الْخَطَّاب يُعَذِّبُهَا لِتَرْكِ الإسْلاَمِ وَهُوَ يَوْمَئِذٍ مُشْرِكٌ ، فَاشْتَرَاهَا أبُو بَكْرٍ فَأَعْتَقَهَا. . . . . الحديث ﴿تفسير القرآن العظيم المنصوب للإمام الطبراني﴾
Parantos nguningakeun ka abdi sadaya hisyam bin ‘Urwah ti ramana: Sayaktosna Abu Bakar rodiyallohu ‘anhu ngamerdekakeun budak beulian tujuh jalmi, sadayana disiksa alatan mertahankeun agama Alloh Ta’ala, aranjeunna nyaeta: [1] Bilal, [2] ‘Amir bin Fuhairoh, pejuang perang Badar kalih perang Uhud sarta syahid nalika dintenan Bi’ri Ma’unah. [3] Ummu ‘Umais kalih [4] Zabiroh, anu harita dina kaayaan teu tiasa ninggali. Kaum Quroisy cumarios: “Henteu aya anu ngaleungitkeun paninggalina kajaba Latta jeung ‘Uzza!.” Waler Zabiroh: “Aranjeun ngabohong!.” Mangka Alloh ngamulihkeun deui paninggalina. Oge Abu Bakar ngamerdekakeun [5] an Nahdiyyah kalih [6] putrana anu istri, anjeunna duaan mangrupikeun dua istri ti Bani ‘Abdi ad-Dar. Oge Abu Bakar ngalangkung ka [7] hiji jariyah, budak beulian awewe Bani Muammal Hayy ti Bani ‘Adi bin Ka’ab, anjeunna muslimah, harita nuju disiksa ku ‘Umar bin Khoththob anu masih musyriq sangkan kaluar tina Islam, mangka ku Abu Bakar dibeuli kalih dimerdekakeun. . . . ﴾Kitab Tafsir Al Qur’an Al ‘Adzim Al Mansub Al Imam Ath Thobroni/ al Maktabah al Syamilah﴿

Langganan:
Postingan (Atom)