Powered By Blogger

Kamis, 02 Mei 2013

dimudahkan pada jalan syurga

Digampangkeun kana jalan anu gampang
Hanafi Anshory


وَاللَّيْلِ إِذَا يَغْشَى(1) وَالنَّهَارِ إِذَا تَجَلَّى(2) وَمَا خَلَقَ الذَّكَرَ وَالْأُنْثَى(3) إِنَّ سَعْيَكُمْ لَشَتَّى(4)
[1] Demi peuting nalika reup poek mongkleng. [2] Jeung demi beurang nalika caang ngempray. [3] Jeung demi Pangeran anu nyiptakeun lalaki jeung awewe. [4] Satemena pacabakan maraneh teh rupa-rupa.  ﴾Qs. al Lail [92]: 1-4﴿

Sabab turun surat di luhur sakumaha dijelaskeun ku Ibnu Abbas. Anjeunna ngisahkeun nalika hamba sahaya Bilal disiksa ku kaom musyriqin anu dikokojoan ku Umayyah bin Kholaf nu jadi dununganana anu kaluar tina biwir Bilal ngan ucapan kalimah tauhid: “Ahad! Ahad! Ahad!.” Nalika Bilal disiksa harita, Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam jeung Abu Bakar ngalangkung ka payuneun Bilal bari pok nyarita ka Abu Bakar: “Ya Abu Bakar! Satemenaa Bilal disiksa lantaran mertahankeun kayakinan.” Abu Bakar ngarti jeung surti kana ucapan kanjeng Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam. Anjeunna mah terus ka imahna nyokot sakantong duit dinar pikeun ngamerdekakeun Bilal bari langsung dipasrahkeun ka Umayyah bari pok nyarita: “Ya Umayyah! Bilal dibeuli ku kuring, tah ieu duitna.” “Wahey Abu Bakar! Naha bet meuli lidan (anjing begang jeung budug) padahal aya anu leuwih hade tur kuat,” ceuk Umayyah ka Abu Bakar. Bilal dihudangkeun ku Abu Bakar bari pok nyarita: “Y a Bilal! Anjeun ayeuna merdeka, bebas nangtukeun hirup.” Samemeh pisah, Bilal nalek ka Abu Bakar: “Ya Abu Bakar! Naha anjeun maparin bantuan ngamerdekakeun kuring teh motivasina sangkan kuring ngadunungan ka anjeun atawa karana Alloh?.” Abu Bakar ngajawab kalayan tandes: “Demi Alloh! Kuring ngabantu anjeun teu miharep naon-naon ti anjeun ngan wungkul miharep ridlo Allah Ta’ala.” ﴾Tafsir Ibnu ‘Athiyyah﴿

فَأَمَّا مَنْ أَعْطَى وَاتَّقَى (5) وَصَدَّقَ بِالْحُسْنَى (6) فَسَنُيَسِّرُهُ لِلْيُسْرَى (7)
[5] Sing saha anu berehan jeung taqwa. [6] Jeung ngabenerkeun ka nu hade (agama). [7] Tinangtu Kami bakal ngagampangkeun kana jalan anu gampang. ﴾Qs. al Lail [92]: 5-7﴿

أَخْرَجَهُ ابْنُ أَبِيْ حَاتِمٍ عَنْ أُبَيِّ بْنِ كَعْبٍ قَالَ: سَأَلْتُ رَسُوْلَ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ عَنِ الحُسْنَى قَالَ: "اَلْحُسْنَى: اَلْجَنَّةُ" (1). ﴿إبن كثير﴾
Ibnu Abi Hatim ngariwayatkeun ti Ubay bin Ka’ab, anjeunna sasanggem: Simkuring mariksa Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam perkara al husna. Anjeunna ngandika, “Al Husna teh Al Jannah (Syurga)” ﴾Tafsir Ibnu Katsir: 4: 519﴿
وَأَمَّا مَنْ بَخِلَ وَاسْتَغْنَى (8) وَكَذَّبَ بِالْحُسْنَى (9) فَسَنُيَسِّرُهُ لِلْعُسْرَى (10) وَمَا يُغْنِي عَنْهُ مَالُهُ إِذَا تَرَدَّى (11) 
[8] Anapon jalma anu koret tur agul ku kabeungharanana. [9] Jeung nganggap bohong ka nu hade. [10] Tinangtu Kami bakal ngagampangkeun kana jalan anu hese beleke. [11] Jeung teu aya tinulungna sakabeh pakayana nalika manehna cilaka.  ﴾Qs. al Lail [92]: 8-11﴿

وَنُقَلِّبُ أَفْئِدَتَهُمْ وَأَبْصَارَهُمْ كَمَا لَمْ يُؤْمِنُوا بِهِ أَوَّلَ مَرَّةٍ وَنَذَرُهُمْ فِي طُغْيَانِهِمْ يَعْمَهُونَ
Jeung Kami ngabalikkeun hate-hatena jeung panenjo-panenjona saperti maranehna hanteu ariman kana (al-Qur’an) basa mimitina, jeung Kami baris ngantep maranehna mandeg-mayong dina kasasaranana. ﴾Qs. al An’am [6]: 110﴿

عَنْ عَلِيِّ بْنِ أَبِيْ طَالِبٍ قَالَ: كُنَّا مَعَ رَسُوْلِ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ فِيْ بَقِيْعِ الغَرْقَدِ فِيْ جَنَازَةٍ، فَقَالَ: "مَا مِنْكُمْ مِنْ أَحَدٍ إِلاَّ وَقَدْ كُتِبَ مَقْعَدُهُ مِنَ الجَنَّةِ وَمَقْعَدُهُ مِنَ النَّارِ". فَقَالُوْا: يَا رَسُوْلَ اللهِ، أَفَلاَ نَتَّكِلُ؟ فَقَالَ: "اِعْمَلُوْا، فَكُلٌّ مُيَسَّرٌ لِمَا خُلِقَ لَهُ". قَالَ: ثُمَّ قَرَأَ: { فَأَمَّا مَنْ أَعْطَى وَاتَّقَى وَصَدَّقَ بِالْحُسْنَى فَسَنُيَسِّرُهُ لِلْيُسْرَى } إِلَى قَوْلِهِ: { لِلْعُسْرَى }. ﴿إبن كثير﴾
Ti Ali bin Abi Tholib, anjeunna sasanggem: Abdi sadaya marengan Rosululloh shollallohu alaihi wa sallam  di dataran taneuh lega pikeun janazah (anu dikurebkeun), al Gorqod. Anjeunna ngandika: “Henteu aya hiji jalma oge ti antawis aranjeun anging estu parantos ditetepkeun tempat pangcalikanana di syurga sarta tempat pangcalikanana di naraka.” Sahabat mariksa: ‘Ya Rosululloh, abdi sadaya tawakkal bae?.’ Waler anjeunna: “Prak anjeun milampah amal, sayaktosna unggal jalma digampangkeun kana perkara anu anjeunna diyugakeun pikeun eta perkara.”  Kasauran Ali: Lajeng anjeunna maos ayat: Fa ammaa man a’thoo wat taqoo wa shoddaqo bil husna fasanuyassiruhuu lil yusro, dugikeun ka dawuhan Alloh: lil ‘usroo. Hr. Bukhori.

Wallohu A’lam bish-showab.

Allah tidak akan meninggalkan orang yang bertaqwa

Alloh moal ninggalkeun jalma taqwa
وَالضُّحَى (1) وَاللَّيْلِ إِذَا سَجَى (2) مَا وَدَّعَكَ رَبُّكَ وَمَا قَلَى (3)
[1] Demi waktu dluha. [2] jeung demi peuting keur sepi jempling [3] Pangeran anjeun teu pisan-pisan ninggalkeun tur mikabenci ka anjeun. ﴾Qs. adl Dluha [93]: 1-2﴿
أَخْرَجَهُ الإِمَامُ البُخَارِيُّ وَمُسْلِمٌ وَغَيْرُهُمَا عَنْ جُنْدَبِ بْنِ سُفْيَانَ قَالَ : اِشْتَكَى رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ فَلَمْ يَقُمْ لَيْلَةً أَوْ لَيْلَتَيْنِ ، فَأَتَتْ اْمرَأَةٌ - وَفِيْ رِوَايَةٍ أَنَّهَا أُمُّ جَمِيْلٌ امْرَأَةُ أَبِىْ لَهَبٍ - فَقَالَتْ : يَا مُحَمَّدُ ، مَا أَرَى شَيْطَانَكَ إِلاَّ قَدْ تَرَكَكَ. فَأَنْزَلَ اللهُ - تَعَالَى - : وَالضُّحَى وَاللَّيْلِ إِذَا سَجَى ، مَا وَدَّعَكَ رَبُّكَ وَمَا قَلَى .
Imam Al Bukhori, Imam Muslim kalih anu sanesna ngariwayatkeun ti Jundab bin Sufyan, anjeunna sasanggem: Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam sababaraha dinten teu nampi wahyu, Ummu Jamil datang (bari ngaledek): ‘Ya Muhammad! Kamana sobat anjeun nu sok nurunkeun wahyu, sugan geus ninggalkeun?’. Mangka Alloh nurunkeun: Wadl dluhaa, Wallaili idzaa sajaa, Maa wadd’aka Robbaku wa maa qolaa. ﴾Tafsir Al Wasith: 15: 426﴿
وَلَلْآخِرَةُ خَيْرٌ لَكَ مِنَ الْأُولَى (4) وَلَسَوْفَ يُعْطِيكَ رَبُّكَ فَتَرْضَى (5)
[4] Jeung satemena akherat teh leuwih hade pikeun anjeun batan dunya. [5] Jeung satemena Pangeran anjeun bakal maparin ka anjeun nepi ka anjeun sugema. ﴾Qs. adl Dluha [93]: 4-5﴿
وَقَوْلُهُ : ( ^ وَلَلْآخِرَةُ خَيْرٌ لَّكَ مِنَ الأُوْلَى ) يَعْنِيْ : ثَوَابُ اللهِ خَيْرٌ لَّكَ مِنْ نَعِيْمٍ الدُّنْيَا ، وَقَدْ رُوِيَ أَنَّ عُمَرَ - رَضِيَ اللهُ عَنْهُ - دَخَلَ عَلَى النَّبِيَّ فَرَآهُ مُضْجِعًا عَلَى حَصِيْرٍ ، قَدْ أَثَرَ الحَصِيْرُ فِيْ جَنْبِهِ ، فَبَكَى عُمَرُ - رَضِيَ اللهُ عَنْهُ - فَقَالَ رَسُوْلُ اللهِ : ' وَمَا يَبْكِيْكَ يَا عُمَرَ ؟ فَقَالَ : ذُكِرْتُ كِسْرَى وَقَيْصَرَ وَمَا هُمَا فِيْهِ مِنَ النَّعِيْمِ ، وَذُكِرْتُ حَالَكَ وَأَنْتَ رَسُوْلُ اللهِ . فَقَالَ لَهُ النَّبِيُّ : أَمَّا تَرْضَى أَنْ تَكُوْنَ لَهُمُ الدُّنْيَا ' . ﴿تفسير السمعاني: ٦: ٢٤﴾
Dawuhan Alloh: (Wa lal-Aakhirotu khoirul laka minal uula) nyaeta: Pahala ti Alloh langkung hade pikeun anjeun tibatan kani’matan dunya. Sarta estu parantos diriwayatkeun sayaktosna Umar rodiyallohu ‘anhu nepangan Nabi, anjeunna ninggali Nabi nuju nyangkere dina luhureun samak, estu tapak eta samak katawis dina tonggong Nabi, mangka Umar rodiyallohu ‘anhu nangis. Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam tumaros: “Kunaon salira nangis, wahey Umar?”  umar ngawaler: ‘Simkuring merhatoskeun kaisar kalih raja sarta kani’matan anu aya di aranjeunna, sarta simkuring merhatoskeun di sabudeureun anjeun sedengkeun anjeun teh rosul Alloh’. Mangka Nabi ngandika ka anjeunna: “Anapon aranjeunna mah ridlo kana dunya”. ﴾Kitab Tafsir As Sam’aani: 6: 24﴿
عَنْ أَنَسٍ ، أَنَّ رَسُولَ اللهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ عَادَ رَجُلاً مِنَ الْمُسْلِمِينَ قَدْ صَارَ كَالْفَرْخِ ، فَقَالَ لَهُ رَسُولُ اللهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ : مَا كُنْتَ تَدْعُو بِشَيْءٍ أَوْ تَسْأَلُهُ ؟ قَالَ : نَعَمْ كُنْتُ أَقُولُ : اللَّهُمَّ مَا كُنْتَ مُعَاقِبِي بِهِ فِي الآخِرَةِ فَعَجِّلْهُ لِي فِي الدُّنْيَا ، فَقَالَ النَّبِيُّ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ : أَفَلاَ قُلْتَ اللَّهُمَّ رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً ، وَفِي الآخِرَةِ حَسَنَةً ، وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ [البقرة: 201] قَالَ : فَدَعَا اللَّهَ فَشَفَاهُ اللَّهُ. ﴿السنن الكبر للنسائي: ٧: ٥٨﴾
Ti Anas bin Malik, sayaktosna Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam nyalukan salah sawios sahabat anu tas lemah, mangka Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam tumaros ka anjeunna: “Naha anjeun henteu ngadu’a ngeunaan hiji perkara atanapi anjeun nyuhunkeun ka Mantenna?.” Anjeunna ngawaler: ‘Muhun, sim abdi ngadu’a: Ya Alloh, pamugi Anjeun henteu nyiksa abdi di akherat mangka payunkeun bae siksa pikeun abdi di dunya.’ Mangka Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika: “Naha anjeun henteu ngadu’a: Alloohumma Robbanaa aatinaa fid dunyaa hasanah, wa fil aakhiroti hasanah, wa qinaa adzaaban-naar.” Mangka eta sahabat ngadu’a ka Alloh, lajeng Alloh ngadamangkeun anjeunna. ﴾Kitab as Sunan al Kubro An Nasai: 7: 58﴿
قُلْ إِن كَانَ آبَاؤُكُمْ وَأَبْنَآؤُكُمْ وَإِخْوَانُكُمْ وَأَزْوَاجُكُمْ وَعَشِيرَتُكُمْ وَأَمْوَالٌ اقْتَرَفْتُمُوهَا وَتِجَارَةٌ تَخْشَوْنَ كَسَادَهَا وَمَسَاكِنُ تَرْضَوْنَهَا أَحَبَّ إِلَيْكُم مِّنَ اللَّهِ وَرَسُولِهِ وَجِهَادٍ فِي سَبِيلِهِ فَتَرَبَّصُواْ حَتَّى يَأْتِيَ اللَّهُ بِأَمْرِهِ وَاللَّهُ لاَ يَهْدِي الْقَوْمَ الْفَاسِقِينَ
Pok caritakeun: “Upama bapa-bapa arandika, jeung anak-anak arandika, jeung dulur-dulur arandika, jeung bojo-bojo arandika, jeung baraya-baraya arandika, jeung harta-banda anu ku arandika diusahakeun, jeung perdagangan anu ku arandika dipikarempan bisi rugi, jeung padumukan-padumukan anu ku arandika dipikabetah, ku arandika leuwih dipicinta ti batan Alloh jeung Rosul-Na jeung jihad dina jalan-Na, nya pek geura tunggu nepi ka Alloh ngadatangkeun siksa-Na. Jeung Alloh henteu maparin pituduh ka kaom anu parasek.” ﴾Qs. at Taubah [9]: 24﴿
أَلَمْ يَجِدْكَ يَتِيمًا فَآوَى (6) وَوَجَدَكَ ضَالًّا فَهَدَى (7) وَوَجَدَكَ عَائِلًا فَأَغْنَى (8)
[6] Naha lain Mantena anu manggihan anjeun dina kaayaan yatim, tuluy Mantena nangtayungan anjeun? [7] Jeung Mantena manggihan anjeun dina kaayaan bingung, tuluy Mantena maparin pituduh? [8] Jeung Mantena anu manggihan anjeun dina kaayaan miskin, tuluy Mantena anu nyukupkeun. ﴾Qs.adl Dluha: 6-8﴿
عَنْ ابْنِ عَبَّاسٍ رَضِيَ اللهُ تَعَالَى عَنْهُمَا قَالَ: قَالَ رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ: «سَأَلْتُ رَبِّيْ مَسْأَلَةً وَوَدَدْتُ إِنِّيْ لَمْ أَكُنْ سَأَلْتُهُ، قُلْتُ: يَا رَبِّ إِنَّكَ آتَيْتَ سُلَيْمَانَ بْنَ دَاوُدَ مَلَكًا عَظِيْمًا، وَآتَيْتَ فُلاَنًا كَذَا وَآتَيْتَ فُلَانًا كَذَا؟ قَالَ: يَا مُحَمَّدُ أَلَمْ أَجِدْكَ يَتِيْمًا فَآوَيْتَكَ؟ قُلْتُ: بَلَى أَيَّ رَبِّ، قَالَ: أَلَمْ أَجِدْكَ ضَالاً فَهَدَيْتُكَ؟ قُلْتُ: بَلَى أّيَّ رَبِّ، قَالَ: أَلَمْ أَجِدْكَ عَائِلاً فَأَغْنَيْتَكَ؟ قُلْتُ: بَلَى أَيَّ رَبِّ». ﴿تفسير البغوي: ٥:٢٦٧﴾
Ti Ibnu Abbas rodiyallohu ‘anhuma, anjeunna sasanggem: Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika: “Simkuring mariksa Pangeran simkuring hiji masalah anu sayaktosna simkuring langkung resep henteu naroskeun, simkuring mariksa: ‘Y a Robbi, sayaktosna Anjeun maparin ka Sulaiman bin Daud karajaan anu agung, Anjeun oge maparin ka si anu, anu, Anjeun oge maparinkeun ka si anu, anu?’ Alloh ngadawuh: ‘Wahey Muhammad, naha lain Kami anu manggihan anjeun dina kaayaan yatim, tuluy Kami nangtayungan anjeun?’ simkuring ngadawuh: ‘Kantenan ya Robbi,’ Alloh ngadawuh deui: ‘Naha lain Kami manggihan anjeun dina kaayaan bingung, tuluy Kami maparin pituduh?’ simkuring ngawaler: ‘Kantenan ya Robbi,’ Alloh ngadawuh deui: ‘Naha lain Kami manggihan anjeun dina kaayaan miskin, tuluy Kami anu nyukupkeun?’ simkuring ngawaler: ‘Kantenan ya Robbi’.” ﴾Kitab Tafsir Al Maroghi: 5: 267﴿
فَأَمَّا الْيَتِيمَ فَلَا تَقْهَرْ (9) وَأَمَّا السَّائِلَ فَلَا تَنْهَرْ (10) وَأَمَّا بِنِعْمَةِ رَبِّكَ فَحَدِّثْ (11)
[9] Ku kituna, ari ka budak yatim ulah rek dihina [10] Jeung ka nu barang penta ulah rek disentak [11] jeung kana saniskara ni’mat anu dipaparinkeun ku Pangeran anjeun sing bisa dilarapkeun. ﴾Qs.adl Dluha: 9-11﴿
عَنْ أَبِيْ هُرَيْرَةَ قَالَ: قَالَ رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ: «لَيْسَ الغِنَى عَنْ كَثْرَةِ العَرَضِ، وَلَكِنَّ الغِنَى غِنَى النَّفْسِ».
Ti Abu Huroiroh rodiyallohu ‘anhu, anjeunna sasanggem: Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam: “Jalma beunghar sanes jalma anu seueur harta banda, namung jalma beunghar teh jalma anu beunghar hate.” Hr. Muslim.
« إِنَّ اللَّهَ يُحِبُّ إِذَا أَنْعَمَ عَلَى عَبْدٍ نِعْمَةً أَنْ يُرَى أَثَرُ نِعْمَتِى عَلَيْهِ ». ﴿لسنن الكبرى للبيهقي: ٣: ٢٧١﴾
Rosululloh shollalohu ‘alaihi wa sallam ngandika: “Satemena Alloh mikaresep ka jalma anu ngalarapkeun jeung nembongkeun ni’matna dina kahirupan.” ﴾Kitab Sunan al Kubro Al Baihaqi: 3: 271﴿
عَنْ عَبْدِ اللَّهِ بْنِ مَسْعُودٍ عَنِ النَّبِىِّ -صلى الله عليه وسلم- قَالَ « لاَ يَدْخُلُ الْجَنَّةَ مَنْ كَانَ فِى قَلْبِهِ مِثْقَالُ ذَرَّةٍ مِنْ كِبْرٍ ». قَالَ رَجُلٌ إِنَّ الرَّجُلَ يُحِبُّ أَنْ يَكُونَ ثَوْبُهُ حَسَنًا وَنَعْلُهُ حَسَنَةً. قَالَ « إِنَّ اللَّهَ جَمِيلٌ يُحِبُّ الْجَمَالَ الْكِبْرُ بَطَرُ الْحَقِّ وَغَمْطُ النَّاسِ ». ﴿صحيح مسلم: ١: ٦٥﴾
Ti Abdulloh bin Mas’ud, ti Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam, anjeunna ngandika: “Moal abus ka syurga jalma anu dina hatena aya saeutik (komo loba) tina sifat adigung.” Sahabat tumaros: ‘Aya jalma anu sok make baju alus jeung sandal anu alus (naha eta kaabus adigung)?.’ Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika: “Satemena Alloh Maha Endah mikacinta ka nu endah. Ari anu dimaksud adigung mah nolak bebeneran jeung ngahina teu ngajenan ka manusa.” ﴾Kitab Shohih Muslim: 1: 65﴿

kesulitan diiringi kemudahan

Kasusah bareng jeung kabungah
Hanafi Anshory
أَلَمْ نَشْرَحْ لَكَ صَدْرَكَ (1)
[1] Naha lain Kami geus ngajembarkeun dada anjeun. ﴾Qs. asy Syarh [94]: 1﴿
يَا أَيُّهَا الْمُزَّمِّلُ (1) قُمِ اللَّيْلَ إِلَّا قَلِيلًا (2) نِصْفَهُ أَوِ انْقُصْ مِنْهُ قَلِيلًا (3) أَوْ زِدْ عَلَيْهِ وَرَتِّلِ الْقُرْآنَ تَرْتِيلًا (4) إِنَّا سَنُلْقِي عَلَيْكَ قَوْلًا ثَقِيلًا (٥). ﴿73 : ١-5﴾
[1] Yeuh, nu disimbut! [2] Geura hudang (sholat) ti peuting, kajaba sakeudeung; [3] Satengah peuting atawa kurang saeutik ti sakitu; [4] Atawa leuwih ti sakitu; geura baca al-Qur’an kalawan anca. [5] Saestuna Kami rek nurunkeun pidawuh nu beurat ka anjeun. ﴾Qs. al Muzzammil [73]: 1-5﴿
لَوْ أَنْزَلْنَا هَذَا الْقُرْآنَ عَلَى جَبَلٍ لَرَأَيْتَهُ خَاشِعًا مُتَصَدِّعًا مِنْ خَشْيَةِ اللهِ وَتِلْكَ الْأَمْثَالُ نَضْرِبُهَا لِلنَّاسِ لَعَلَّهُمْ يَتَفَكَّرُونَ). ﴿الحشر (59): 21﴾
Upama Kami nurunkeun ieu al-Qur’an dina luhur gunung, tanwande baris katinggalina ku anjeun eta gunung teh tunduk turta barejad lantaran sieun ku Alloh. Sarta eta misil teh ku Kami diayakeun sangkan manusa malikir. ﴾Kitab al Qoulu asy Syadiidu syarh Kitab at Tauhid: 1: 52﴿
وَلَقَدْ نَعْلَمُ أَنَّكَ يَضِيقُ صَدْرُكَ بِمَا يَقُولُونَ (97) فَسَبِّحْ بِحَمْدِ رَبِّكَ وَكُنْ مِنَ السَّاجِدِينَ (98) وَاعْبُدْ رَبَّكَ حَتَّى يَأْتِيَكَ الْيَقِينُ (99). ﴿الحجر﴾
Sarta Kami saenyana uninga yen dada anjeun janten sumpeg alatan pok-pokan aranjeunna. Nya geura tasbih ku muji ka Pangeran anjeun, sarta anjeun masing janten ti antawis jalma-jalma anu sujud. Sarta prak geura ibadah ka Pangeran anjeun dugikeun ka sumping ka anjeun mangsa anu dipiyakin. ﴾Qs. al Hijr [15]: 97-99﴿
فَمَنْ يُرِدِ اللَّهُ أَنْ يَهدِيَهُ يَشْرَحْ صَدْرَهُ لِلإِسْلامِ وَمَنْ يُرِدْ أَنْ يُضِلَّهُ يَجْعَلْ صَدْرَهُ ضَيِّقًا حَرَجًا كَأَنَّمَا يَصَّعَّدُ فِي السَّمَاءِ كَذَلِكَ يَجْعَلُ اللَّهُ الرِّجْسَ عَلَى الَّذِينَ لَا يُؤْمِنُونَ. ﴿الأنعام:125﴾
Sing saha anu dikersakeun ku Alloh dipaparin pituduh, eta jalma dijembarkeun dadana pikeun nampi agama Islam. Sarta sing saha anu dikersakeun ku Alloh janten sasar, anjeunna baris diheureutkeun dadana tur bingung, lir anu ngahegak nanjak ka langit. Tah kitu Alloh nibankeun kokotor ka jalma-jalma anu henteu ariman. ﴾Qs. al An’am: 125﴿
رَبِّ اشْرَحْ لِي صَدْرِي * وَيَسِّرْ لِي أَمْرِي * وَاحْلُلْ عُقْدَةً مِنْ لِسَانِي * يَفْقَهُوا قَوْلِي. ﴿طه:25-28﴾
Pok anjeunna (Nabi Musa) ngadu’a: “Nun Gusti Pangeran abdi, mugi Gusti ngajembarkeun dada abdi. Sareng mugi Gusti ngagampilkeun urusan abdi. Sareng mugi Gusti ngudar cangreud letah abdi (bentes nyariosna). Supados aranjeunna ngartoseun kana cariosan abdi.” ﴾Qs. Thoha [20]: 25-28﴿
رَوَى الضَّحَاكُ عَنِ ابْنِ عَبَّاسٍ قَالَ : قَالُوْا يَا رَسُوْلَ اللهِ ، أَيُنْشَرَحُ الصَّدْرُ ؟ قَالَ : "نَعَمْ وَيُنْفَسَحُ" . قَالُوْا : يَا رَسُوْلَ اللهِ ، وَهَلْ لِذَالِكَ عَلَامَةٌ ؟ قَالَ : "نَعَمْ، اَلتَّجَافِيْ عَنْ دَارِ الغُرُوْرِ ، وَالإِنَابَةُ إِلَى دَارِ الخُلُوْدِ . وَالاِعْتِدَادُ لِلْمَوْتِ ، قَبْلَ نُزُوْلَ الْمَوْتِ" . ﴿تفسير القرطبي:٢٠:١٠٤﴾
Adl Dlohak ngariwayatkeun ti Ibnu Abbas, anjeunna sasanggem: Sahabat-sahabat tumaros: ‘Ya Rosululloh! Naha dada tiasa dijembarkeun?.’ Anjeunna ngandika: “Muhun, tiasa dijembarkeun.” Aranjeunnna tumaros deui: ‘Ya Rosululloh, naha aya cirina hate anu dijembarkeun (ku Alloh)?.’ Anjeunna ngandika: “Aya, [1] upama seug hiji jalma tiasa nebihan tina kahirupan anu pinuh panipuan sarta nyanghareupkeun hatena kana piakherateun. Sarta [2] upama seug hiji jalma sadar yen dirina bakal maot sarta siap-siap pikeun nyanghareupan maot.” ﴾Tafsir Al Qurthubi﴿
أَفَمَنْ شَرَحَ اللَّهُ صَدْرَهُ لِلْإِسْلامِ فَهُوَ عَلَى نُورٍ مِنْ رَبِّهِ. ﴿الزمر:٢٢﴾
Nya naha anu dijembarkeun dadana ku Alloh kana (nampi) Islam teh anjeunna lumampah dina cahaya ti Pangeranna (sami sareng anu teu kagungan emutan)?. . . . ” ﴾Qs. az Zumar: 22﴿
وَوَضَعْنَا عَنْكَ وِزْرَكَ (2) الَّذِي أَنْقَضَ ظَهْرَكَ (3)
[2] Jeung Kami geus ngalesotkeun bangbaluh anjeun. [3] Anu ngabeungbeuratan tonggong anjeun.
لِيَغْفِرَ لَكَ اللَّهُ مَا تَقَدَّمَ مِنْ ذَنْبِكَ وَمَا تَأَخَّرَ. ﴿الْفَتْحِ -2﴾
“Pikeun Alloh ngahapunten anjeun tina dosa anu tipayun kalih anu tipengker . . . .” ﴾Qs. al Fath: 2﴿
وَرَفَعْنَا لَكَ ذِكْرَكَ (4)
[4] Jeung Kami geus ngangkat ngaran anjeun.  ﴾Qs. Asy Syarh [94]: 4﴿
عَنْ مُجَاهِدٍ , فِي قَوْلِهِ تَعَالَى : { وَرَفَعْنَا لَكَ ذِكْرَكَ } قَالَ : لاَ أُذْكَرُ إِلاَّ ذُكِرْتَ مَعِي : أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللَّهُ , وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا رَسُولُ اللَّهِ. ﴿تفسير عبد الرزاق الصنعاني: ٣:٤٣٧﴾
Ti Mujahid, perkawis dawuhan Alloh Ta’ala: {Jeung Kami geus ngangkat ngaran anjeun} maksadna: ‘Kami henteu nyebatkeun –hiji nami oge- kajaba anjeun disebat marengan Kami’: Asyhadu allaa ilaaha ilaaha illaLlooh, wa asyhadu anna Muhammadar rosuulullooh. ﴾Kitab Tafsir Abdur Rozzaq ash Shon’ani: 3: 437﴿
تِلْكَ الرُّسُلُ فَضَّلْنَا بَعْضَهُمْ عَلَى بَعْضٍ مِّنْهُمْ مَّن كَلَّمَ اللَّهُ وَرَفَعَ بَعْضَهُمْ دَرَجَاتٍ. ﴿البقرة: 253﴾
Sabagian Rosul-rosul ku Kami dipunjulkeun ti nu sapalihna deui . . . . ﴾Qs. al Baqoroh [2]: 253﴿
فَإِنَّ مَعَ الْعُسْرِ يُسْرًا (5) إِنَّ مَعَ الْعُسْرِ يُسْرًا (6)
[5] Satemena kasusah teh bareng jeung kabungah. [6] jeung satemena karipuh teh bareng jeung kasenengan. ﴾Qs. Asy Syarh [94]: 5-6﴿
الْمُلْكُ يَوْمَئِذٍ الْحَقُّ لِلرَّحْمَنِ وَكَانَ يَوْمًا عَلَى الْكَافِرِينَ عَسِيرًا (26) ﴿الفرقان﴾
“Karajaan anu hak dina dinten eta teh kagungan Pangeran Nu Maha Murah, sarta dinten eta teh nya dinten anu pinuh ku kasusah pikeun jalma-jalma kafir mah.” ﴾Qs. al Furqon [25]:26﴿
يُرِيدُ اللَّهُ بِكُمُ الْيُسْرَ وَلَا يُرِيدُ بِكُمُ الْعُسْرَ. ﴿البقرة﴾
. . . . sabab Alloh seja ngentengkeun aranjeun sarta moal rek ngabeungbeuratan . . . . ﴾Qs. al Baqoroh [2]: 185﴿
فَإِذَا فَرَغْتَ فَانْصَبْ (7) وَإِلَى رَبِّكَ فَارْغَبْ (8)
[7] Ku kituna upama anjeun geus salse prak geura nangtung digawe deui. [8] jeung ka Pangeran anjeun geura miharep. ﴾Qs. Asy Syarh [94]: 7-8﴿
عَنِ ابْنِ عُمَرَ -رَضِيَ اَللَّهُ عَنْهُمَا- قَالَ: أَخَذَ رَسُولُ اللهِ صلى الله عليه وسلم بِمَنْكِبِي فَقَالَ: ( كُنْ فِي اَلدُّنْيَا كَأَنَّكَ غَرِيبٌ أَوْ عَابِرُ سَبِيلٍ )  وَكَانَ ابْنُ عُمَرَ يَقُولُ: إِذَا أَمْسَيْتَ فَلَا تَنْتَظِرِ الصَّبَاحَ وَإِذَا أَصْبَحْتَ فَلَا تَنْتَظِرِ الْمَسَاءَ وَخُذْ مِنْ صِحَّتِكَ لِسَقَمِك وَمِنْ حَيَاتِكَ لِمَوْتِكَ. أَخْرَجَهُ اَلْبُخَارِيُّ.
Ti Ibnu Umar rodiyallohu ‘anhuma, anjeunna sasanggem: Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam nyepeng dua taktak simkuring, anjeunna ngadawuh: “Anjeun hirup di dunya lir ibarat turis atawa anu keur nyaba.” Ibnu Umar sasanggem: ‘Upama seug anjeun aya dina waktos sonten poma ulah ngadaweung ngantos-ngantos waktos enjing-enjing sarta upama seug anjeun aya dina waktos enjing-enjing poma ulah ngantos waktos sonten. Mangfaatkeun sehat anjeun sateuacan teu damang sarta mangfaatkeun hirup anjeun sateuacan anjeun maot.’ Hr. Al Bukhori.

telaga al kautsar

Antawis Talaga al Kautsar sareng Bahaya Bid’ah
Hanafi Anshory
إِنَّا أَعْطَيْنَاكَ الْكَوْثَرَ (١)
[1] Satemena Kami geus maparin ka anjeun pirang-pirang kani’matan. ﴾Qs. al Kautsar [108]: 1﴿
وَرَوَى مُسْلِمٌ فِيْ " صَحِيْحِهِ " عَنْ أَنَسِ بْنِ مَالِكٍ رَضِيَ اللهُ عَنْهُ؛ قَالَ : ( أَغْفَى رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ إِغْفَاءَةً، ثُمَّ رَفَعَ رَأْسَهُ مُتَبَسِّمًا، فَقَالَ إِنَّهُ أَنْزَلَتْ عَلَيَّ آنِفًا سُوْرَةٌ، فَقَرَأَ { بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ } { إِنَّا أَعْطَيْنَاكَ الكَوْثَرَ } حَتَّى خَتَمَهَا؛ قَالَ هَلْ تَدْرُوْنَ مَا الكَوْثَرَ ؟ قَالُوْا اَللهُ وَرَسُوْلُهُ أَعْلَمُ قَالَ هُوَ نَهْرٌ أَعْطَانِيْهِ رَبِّيْ فِيْ الجَنَّةِ، عَلَيْهِ خَيْرٌ كَثِيْرٌ، تَرِدُ عَلَيْهِ أُمَّتِيْ يَوْمَ القِيَامَةِ، آنِيَتُهُ عَدَدُ الكَوَاكِبِ، يُخْتَلَجُ العَبْدُ مِنْهُمْ، فَأَقُوْلُ يَا رَبِّ ! إِنَّهُ مِنْ أُمَّتِيْ فَيُقَالُ إِنَّكَ لَا تَدْرِيْ مَا أَحْدَثَ بَعْدَكَ ) ﴿الإرشاد إلى الصحيح: ١:٢٧٥﴾
Sarta Imam Muslim ngariwayatkeun dina “Kitab Shohih-na” ti Anas bin Malik rodiyallohu ‘anhu, anjeunna sasanggem: Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam nundutan, lajeng anjeunna ngangkat mastakana bari keom, anjeunna ngandika, “saestuna nembe parantos turun ka kami hiji surat,” mangka anjeunna maoskeun al Qur’an surat al Kautsar dugika rengse. Anjeunna tumaros: “Naha aranjeun uninga naon anu dimaksad al Kautsar?” para sahabat ngawaler: ‘Alloh kalih rosul-Na langkung uninga.’ Anjeunna ngandika, “al Kautsar teh walungan anu disadiakeun keur kami ku Alloh di syurga. Di eta walungan aya kani’matan anu loba. Umat kami bakal daratang ka eta tempat dina poe Qiyamah. Di eta sagara aya pirang-pirang wadah anu loba saperti lobana bentang di langit. Aya jalma anu (rek nyiuk cai sagara al Kautsar) dijewang ku malaikat. Kami ngagorowok: ‘Ya Robbi, satemena manehna teh umat kami.’ Mangka dijelaskeun: ‘Anjeun teu apal Muhammad naon anu dipilampah (tina rupa-rupa bid’ah) saba’da anjeun teu aya’.” ﴾Kitab al Irsyad ilaa ash Shohih: 1: 275/ al Maktabah al Syamilah﴿
عَنْ عَلِيٍّ رَضِيَ اللهُ عَنْهُ قَالَ : حَدَّثَنِيْ رَسُوْلَ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ : بِأَرْبَعِ كَلِمَاتٍ : « لَعَنَ اللهُ مَنْ ذَبَحَ لِغَيْرِ اللهِ ، لَعَنَ اللهُ مَنْ لَعَنَ وَالِدَيْهِ ، لَعَنَ اللهُ مَنْ آوَى مُحْدِثًا ، لَعَنَ اللهُ مَنْ غَيَّرَ مَنَارُ الأَرْضِ » . رَوَاهُ مُسْلِمٌ. ﴿القول الشديد شرح كتاب التوحيد:١:٥٢﴾
Ti Ali rodiyallohu ‘anhu, anjeunna sasanggem: Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam nguningakeun ka sim abdi: ku opat kalimat: “[1] Alloh ngala’nat jalma anu meuncit lian ti karna Alloh, [2] Alloh ngala’nat jalma anu ngala’nat ibu ramana, [3] Alloh ngala’nat jalma anu maparin panyalindungan ka tukang nambih-nambih, [4] Alloh ngala’nat jalma anu ngaruksak eusi bumi.” Hr. Muslim. ﴾Kitab al Qoulu asy Syadiidu syarh Kitab at Tauhid: 1: 52﴿
اَللَّعْنَةُ هِيَ: اَلطَّرْدُ وَالإِبْعَادُ مِنْ رَحْمَةِ اللهِ. ﴿إعانة المستفيد بشرح كتاب التوحيد:١:٢٨٧﴾
La’nat teh nyaeta: kausir sarta katebihkeun tina rohmat Alloh. ﴾Kitab I’anatu al Mustafid syarh Kitab at Tauhid: 1: 287﴿
أَنَّ الرَّحْمَةَ هِيَ الوَصِلَةُ بَيْنَهُمْ وَبَيْنَهُ عَزَّ وَجَلَّ. ﴿تجريد التوحيد للمقريزي: ١: ١﴾
Sayaktosna rohmat teh washilah, anu nyambungkeun antawis aranjeun sareng Mantenna Anu Maha Mulya tur Maha Gagah. ﴾Kitab Tajrid at Tauhid seratan al Maqriizii: 1: 1﴿
اَلرَّحْمَةُ : هِيَ الرِّقْةُ وَالتَّعَطُّف. ﴿النور اللأسنى في شرح الأسماء الله الحسنى: ١: ٤٣﴾
Rohmat nyaeta: ar rifqu, kadeudeuh, kanyaah kalih at ta’attuf, kakarunya, kaasih. ﴾Kitab an Nur al Asna fi Syarh al Asma Alloh al Husna: 1: 43﴿
{هُوَ الَّذِي أَرْسَلَ رَسُولَهُ بِالْهُدَى وَدِينِ الْحَقِّ لِيُظْهِرَهُ عَلَى الدِّينِ كُلِّهِ} [التوبة: 33]. ﴿شرح الطحاوية:١:٣٥٥﴾
Nya Anjeunna anu geus ngutus rosul-Na kalawan (mawa) pituduh (Qur’an) jeung agama anu hak, pikeun Anjeunna ngabuktikeun kaunggulan tina sakabeh agama, . . . . [Qs. at Taubah/ 9 : 33]. ﴾Kitab Syarh ath Thohawiyah: 1: 355﴿
فَفِى مُحْكَمِ التَّنْزِيلِ «إِنَّا نَحْنُ نَزَّلْنَا الذِّكْرَ وَإِنَّا لَهُ لَحَافِظُونَ»، وَفِى الصَّحِيحِ الْمُتَوَاتِرِ عَنْهُ صَلَّى الله عَلَيْهِ وَسَلَّمَ قال: «إِنَّ كَذِبًا عَلَيَّ لَيْسَ كَكَذِبٍ عَلَى أَحَدٍ، مَنْ كَذَبَ عَلَيَّ مُتَعَمِّدًا فَلْيَتَبَوَّأْ مَقْعَدَهُ مِنَ النَّارِ». ﴿أركان اللإسلام و دعائمه عند الرافض اللإمامية:١:٢٦﴾
Mangka dina hukum turunna al Qur’an: “Satemenna Kami anu parantos nurunkeun adz Dzikru (al Qur’an) sarta satemenna Kani anu baris ngajagi (kaaslianana).” Sarta dina hadits shohih anu mutawatir, Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika: “Satemenna jalma anu ngabohong atas nami kami henteu sapertos jalma anu ngabohong ka hiji jalma anu lian. Saha bae anu ngahaja ngabohong atas nami kami, mangka anjeunna parantos nyiapkeun tempat pangcalikanana tina seuneu naraka.” ﴾Kitab Arkanul Islam wa Da’a-imihi inda ar Rofidh al Imamiyyah: 1: 26﴿
فَصَلِّ لِرَبِّكَ وَانْحَرْ (٢)
[2] Prak geura sholat demi Pangeran anjeun  jeung prak geura meuncit (qurban). ﴾Qs. al Kautsar [108]: 2﴿
قُلْ إِنَّ صَلَاتِي وَنُسُكِي وَمَحْيَايَ وَمَمَاتِي لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِينَ. لَا شَرِيكَ لَهُ وَبِذَلِكَ أُمِرْتُ وَأَنَا أَوَّلُ الْمُسْلِمِينَ.
[162] Pok caritakeun: “Saestuna salat kaula, ibadah kaula, hirup kaula jeung pati kaula, kagungan Alloh, Pangeran anu murbeng alam. [163] Teu aya sarekat pikeun Anjeunna, jeung nya kitu kaula ditimbalan, jeung kaula teh muslim anu pangmimitina.” ﴾Qs. al An’am [6]﴿
وَفِي مُسْنَدِ الْإِمَامِ أَحْمَدَ رَحِمَهُ اللَّهُ عَنْ طَارِقِ بْنِ شِهَابٍ -رَضِيَ اللَّهُ عَنْهُ- أَنَّ رَسُولَ اللَّهِ -صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ- قَالَ: "دَخَلَ الْجَنَّةَ رَجُلٌ فِي ذُبَابٍ, وَدَخَلَ النَّارَ رَجُلٌ فِي ذُبَابٍ" قَالُوا: وَكَيْفَ ذَلِكَ يَا رَسُولَ اللَّهِ؟ قَالَ: "مَرَّ رَجُلَانِ عَلَى قَوْمٍ لَهُمْ صَنَمٌ لَا يُجَاوِزُهُ أَحَدٌ حَتَّى يُقَرِّبَ لَهُ شَيْئًا, فَقَالُوا لِأَحَدِهِمَا: قَرِّبْ قَالَ: لَيْسَ عِنْدِي شَيْءٌ أُقَرِّبُ. فَقَالُوا لَهُ: قَرِّبْ وَلَوْ ذُبَابًا, فَقَرَّبَ ذُبَابًا فَخَلَّوْا سَبِيلَهُ فَدَخَلَ النَّارَ. فَقَالُوا لِلْآخَرِ: قَرِّبْ قَالَ: مَا كُنْتُ لِأُقَرِّبَ لِأَحَدٍ شَيْئًا دُونَ اللَّهِ عَزَّ وَجَلَّ, فَضَرَبُوا عُنُقَهُ فَدَخَلَ الْجَنَّةَ" ﴿معارج القبول بشرح سلم الوصول: ٢:٤٥٤﴾
Sarta dina Kitab Musnad Imam Ahmad rohimahulloh, ti sahabat Thoriq bin Syihab rodiyallohu ‘anhu, sayaktosna Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika: “Lebet ka syurga hiji pameget alatan laleur, sarta lebet ka naraka hiji pameget oge alatan laleur.” Aranjeunna sahabat mariksa: ‘Naha tiasa kitu ya Rosululloh?.’ Anjeunna ngandika: “Parantos ngalangkung dua pameget ka hiji kaum anu nyembah hiji patekong, teu kenging ngalangkung hiji jalma oge dugikeun ka qurban pikeun eta patekong sok sanaos sakedik. Mangka aranjeunna cumarios ka salahsawios ti dua pemeget tea: ‘Prak anjeun qurban!.’ Pameget eta ngawaler: ‘Simkuring henteu kagungan nanaon kanggo qurban.’ Mangka aranjeunna cumarios deui ka eta pameget: ‘Prak anjeun qurban sok sanaos ku hiji laleur!.’ Mangka eta pameget qurban ku hiji laleur lajeng aranjeunna maparin jalan pikeun eta pameget, mangka Alloh ngalebetkeun eta pameget ka naraka. Lajeng aranjeunna cumarios ka pameget anu hiji deui:  ‘Prak anjeun qurban!.’ Pameget anu kadua ngawaler: ‘Simkuring moal qurban ku hiji perkara sakedik oge lian ti ka Alloh anu Maha Mulya anu Maha Gagah.’ Mangka aranjeunna neunggeul pundukna (dipateni), lajeng Alloh ngalebetkeun pameget anu kadua eta ka syurga’.” ﴾Kitab Ma’arijul Qabul bi Syarh Salimul Wushul: 2: 454﴿
إِنَّ شَانِئَكَ هُوَ الأبْتَرُ (٣)
[3] Satemena jalma anu ceuceub ka anjeun nu bakal cilaka. ﴾Qs. al Kautsar [108]: 3﴿
وَأَخْرَجَ أَحْمَدُ وَالتِّرْمِذِيُّ وَحَسَّنَهُ ، وَابْنُ مَاجَهٍ عَنْ أَبِيْ هُرَيْرَةَ رَضِيَ اللهُ عَنْهُ قَالَ : قَالَ رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ : قَالَ اللهُ : ابْنَ آدَمَ تَفَرَّغْ لِعِبَادَتِيْ أَمْلَأْ صَدْرَكَ غِنًى وَأَسُدَّ فَقْرَكَ وَإِنْ لَا تَفْعَلْ مَلَأْتُ صَدْرَكَ شُغْلَا وَلَمْ أَسُدَّ فَقْرَكَ. ﴿الدر المنثور في التفسير بالمأثور للسيوطي:١٣:٦٧٥﴾
Sarta Imam Ahmad kalih at Tirmidzi nga-hasan-keun, Ibnu Majah ti Abu Huroiroh rodiyallohu ‘anhu, anjeunna sasanggem: Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngandika: “Alloh ngadawuh: Wahey Ibnu Adam! rinehkeun (waktu, tempat jeung hate) pikeun ibadah ka Kami (ulah rurusuhan) tinangtu Kami bakal minuhan hate anjeun ku kasugemaan jeung Kami bakal nutup panto kasusah anjeun. Lamun aranjeun teu milampah kitu mangka Kami bakal minuhan kahirupan aranjeun ku kasibukan jeung Kami moal nutup panto kasusah anjeun.” ﴾Ad Durul Mantsur fi Tafsir bil Ma-tsur seratan As Suyuti: 13: 675﴿